Senin, 08 Desember 2008

NU HAYANG NYANDUNG

Poe Senen ieu mah, ngahaja ti lembur teh rada beurang, geus menta idzin ka urang kantor, rek ngalongok heula si bungsu nu keur kuliah di Jatinangor, pedah kamari aya beja gering, ti batur kuliahna, nu kabeneran balik ka Suci, ngahaja cenah, merlukeun nyimpang heula ka Sukaregang.

Komo indungna mah dibejaan si bungsu gering teh, mani geus langsung hayang indit harita keneh, bari jeung garo-singsat, melang pajar teh, si Eulis mah sok jiga nu sahoseun ari kabeneren panyakit asma-na kambuh teh.

Teu kana "Elf" deuih ka Bandung teh, da jeung indung budak tea, ngahaja rek kana beus we, ngarah lalega pangpangna ongkoh, da indung mah budak sok meakkeun alas batur ari diuk dina "Elf" teh, ngarumasakeun maneh ti dituna mah, pedah awakna geus kaasup kelas berat.

Ngahaja ngadon megat beusna ge di Guntur, sok hayang udud heula bari maca koran, meunang ngecer, pedah keur rame koran teh, ku berita anggota DPR anu salingkuh jeung biduan dangdut, jeung berita da'i kondang anu ngawayuh, nepi ka presiden ge kolu pipilueun, nguruskeun, nepi ka manggil menteri-menteri na, keur memeres deui aturan soal poligami tea cenah mah.

Ngahaja diuk dina beus teh milih korsi anu duaneun, kuring milih tempat gigireun jandela, pamajikan di sisi beh dieu, lebah jajalaneun, angkanan mah, mun kuring nu lebah jajalaneun mah, sok tara tega mun pareng aya ibu-ibu nu ngadon nangtung di lebah gigireun pisan, jadina teh sok ngelehan, kuring nu nangtung, tempat diuk teh sok dibikeun ka nu keur nangtung, teu ka awewe teu ka lalaki, da ka lalaki ge sok tara tega, ari katingalina geus kolot mah.

Ari kitu mah kuring sisieun jandela, pamajikan nu dina jajalaneun, moal kaganggu nepi ka Bandung ge, da moal aya nu menta tempat diuk ka pamajikan mah, mawa awakna sorangan ge pikarunyaeun batur, da eta tea, geus kaasup kelas berat pamajikan mah, awak tangihgul, jangkung gede jiga Arimbi, jaba parabot calik mah, geus hese neangan bandingna, bakat ku gede.

Di lebah korsi nu tiluaneun, gigireun pamajikan geus aya nu ngeusi, tiluan, ibu-ibu sorangan, saluhureun katingalina mah, nu duaan deui mah, nu rek di garawe di Bandung jigana, pedah poe Senen tea we meureun, sarua jeung kuring ngadon balik ka lembur poe Juma'ah, ngantor deui poe Senen teh, didugdag we ti Garut.

Bari ngarayap beus teh neangan keneh panumpang, kondektur jeung kenek teu eureun-eureun gogorowokan : "Bandung, Bandung - Cicaheum, Cicaheum"

"Mang rek ka Cicaheum tah" ! ceuk kondektur ti panto hareup.

Kenek ti panto tukang, ukur nolol kaluar, bari ngalieukan panumpang, tapi teu wudu ngagorowok "Lain...., rek ka Tarogong eta mah, Cicaheum - Cicaheum Neng, kamana ? lain ... terus......., euuuuh maneh mah.......". Bari mukakeun panto tukang, tukang koran, jeung tukang jajaneun, blas-blus ka jero beus aya kana tiluanana.

"Koran ! koran ! berita hangat, Aa Gym ber-poligami, penyanyi dangdut mengaku pernah hamil, koran ! koran, Pa bade koran-na, dua rebu lima ratus, ibu bade koran ! "Tukang koran gogorowokan nawarkeun koranna.

Geus puguheun nu dagang dahareun mah, mani saheng ku duaan ge beus teh rarasaan mah, nawarkeun goreng tahu jeung ulen, silih tempas teh lain bobohongan, ngan euweuh nu meulina, jigana pada-pada sarapan heula ti imahna para panumpang teh, nepi ka nu dagang jajaneun teh euweuh pisan nu ngaharu-biru.

Bari kukulutus, tukang asong teh ka tukang, jigana rek turun deui :"Teu barogaeun duit jigana euy panumpang teh, dagangan urang euweuh nu nawar-nawar acan, teuing nyareri huntu panumpang teh, barade yeuh........ nyeri waos !". bari seseleket ka tukang, rek turun.

"Lain nyeri huntu, Ceng, keur paruasa, Nyenen-kemis" Ceuk kenek bari mukakaeun panto tukang.

Tukang koran mah can turun, nanawarkeun koran keneh, meh ka unggal jalma, pamajikan ge ditawaran, ngan di jawab : "Tuh aya keneh di si Bapa can kabaca kabeh".

"Ibu bade koran ? Aa Gym poligami ! Maria Eva mengaku pernah hamil !, bade ibu ? " nawaran ka si ibu gigireun pamajikan.

"Sangheuk siah meulina ge, sarua narurustunjung wungkul lalaki teh, hayang ngeunahna wungkul, teu sudi siah....... aing mah, engke ge moal datang-datang deui ka pangajiannana ge". Si Ibu jol ngawakwak, jiga nu keur nafsu pisan.

Budak ngora gigireunana miceun beungeut, jiga nu kaeraan pura-pura ningali ka jalan luareun jandela. Si Ibu can tamat ngawakwakna. Bari ngalieuk ka pamajikan.

"Geuleuh ibu mah Eneng, nurustunjung geura, keur susah, keur sangsara mah jeung nu kolot, kapan dahar ge dibelaan huap didua-ditilukeun, ari ayeuna kari senangna, kalah der ngadon nyandung, geura, lain picontoeun ari kitu. Enyaan ! Ibu mah moal-moal acan, ka Darrud Tauhid deui, moal we cadu jigana, geuleuh...., sebel.......".

"Aa Gym mah, Ibu ngawayuh soteh, boa janten ibadah kanggo anjeunna mah, kapan saurna ge nulungan ka randa nu gaduh putra tilu, pan ngawayuhna ge, jaba ku Teh Ninih-na oge pan diidzinan, sanes ?" Pamajikan nembrong.

"Akh......., diidzinan, diidzinan tujuh puluh, memangna nyaho jeroeun hate Teh Ninih-na, ieu yeuh....... nu nyahoeun mah" Cek si Ibu bari nepakan hariguna.

"Ibu ! nu teu kenging teh, eta jiga anggota DPR anu ngadon salingkuh tea, malah nepi ka ngagugurkeun kandungan hasil jinahna tea kapan, dosana ge manglipet-lipet geura, jaba jinah, jaba maehan jabang bayi, pantes ku pulisi dikerewek ge, komo panginten di akherat.........." Ceuk pamajikan.

"Heueuh....., nurustunjung wungkul lalaki teh, keur ngeunahna mah ku duaan, ari geugeuleuhna diteumbleuhkeun ka awewena wungkul, dasar lebok-keun tetelo wungkul".

Teu karasa beus, keur apeng-apengan dina jalan anu lempeng antara Pangkalan ka Nagrog-keun, ngalieuk kaluar teh lebah Restorant "Ma Ecot", kuring beberes, sakeudeung deui turun, rek eureun teh di Parakan Muncang, naek angkot ka Jatinangor.

Pamajikan geus nangtung dina jajalaneun, kuring ge geus nangtung gigireun si Ibu, ayeuna mah, siap-siap rek turun tea, bari malik ka si Ibu : "Kunaon ibu ? Mani bet jiga nu ngewa-ngewa teuing ka Aa Gym teh " Ceuk kuring

Bari ngusiwel kana loket nu keur dikeukeuweukna, si Ibu ngaluarkeun kertas, :"Tah tingali....., saruana ceuk Ibu ge, salaki ibu ge, dasar jurig, ieu teh surat panggilan ti Depag, dikabulkeun cenah, ibu diserahkeun teh, da embung ari kudu dicandung mah, ngadon menta diserahkeun we, teu uyahan atuda, rido keneh jadi randa, tibatan jadi nu kolot mah, pangsiunan ngan sajuta dua ratus, bebeja rek kawin deui, jaba cicilan ka Bank Jabar can beres, kajeun anggeus-anggeusan ibu mah, rido keneh jadi randa ceuk Ibu ge........".

"Muhun...... nya ibu !, paingan aya babasan cenah, kajeun teuing.... Euceu mah, teu boga mesin cuci, teu boga televisi berwarna ge, asal ........ si eta ....., ulah ku duaan" Ceuk kuring bari keom.

"Tah... heueuh kitu, Euceu ge sarua". nga-euceukeun ayeuna mah, teu nga-ibukeun deui

"Kiriiiiii ...." pamajikan ngagorowok, beus eureun lebah pertelon Parakan Muncang.

Bari ngajak sasalaman ka si Ibu :"Ibu punten..... kapayunan ku abdi".

Di kantor ngahaja didongengkeun ka babaturan, mani ngaguruh nu saleuseurian, eureun-eureun teh pedah katingali mobil kepala keur mundur, rek parkir.

Pa Heryana ngagorowok : "Dongeng Pa Adang mah sok rame bae teh, tuda eta, sok bari jeung ditambahan... teu aneh.....".

"Da lain ngewa ka Aa Gym-na eta mah, ngewa ka salakina nu kabeneran hayang nyandung" Ceuk kuring.

"Padahal abdi mah, cita-cita ti bubudak, hayang nyandung.... teh" Ceuk Pa Suta.

"Dasar saruana !..... nurustunjung !" Ceuk Ibu Haji, bari ngaleos kana mejana











-----mmd-----

Tidak ada komentar: