Sabtu, 13 Desember 2008

DAKWAH : TARTIB SHALAT JUM'AT

Bismillaahirahmaannirrahiim.
Assalaamu ‘alaikum warahmatullaahi wabarakaatuh.
Alhamdu lillaahilladzii idzaa araada li’abdihii khairaa, razaqahut tafaqquhu fiddiin, wa ayyadahu bil iimaani wa kamaalil yaqiin. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahu laa syariikalah, syahaadatal awwaliin wal aakhiriin. Wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu warasuuluh, arsalahu ta’aalaa rahmatal lil ‘aalamiin. Wash shalaatu wassalaamu ‘alaa asy rafil ambiyaa-i wal mursaliin, wa ‘alaa aalihii wa ash haa bihii ajma’iin. Amma ba’du. Fayaa ‘ibaadallaah. –uu shiikum wa iyyaaya bitaqwallaah faqad faazal muttaaquun.

Hadirin ikhwatul iman rahimakumullah.

Puji syukur urang sanggakeun ka hadirat Illahi Rabbi Anu Maha Welas tur Maha Asih, anu parantos maparin mangpirang-pirang kani’matan ka urang sadaya, utamina ni’mat iman sareng kasehatan, dugi ka urang sadaya tiasa kempel silaturahmi wangkid ieu ditempat anu dimulyakeun mungguh Allah, dina waktos ibadah Jum’at, dinten ieu. shalawat miwah salam kawilujengan mugia salamina diwuwuhkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, ka para shahabatna, para kulawargana sareng ka sadaya umatna anu satia satuhu ka anjeunna tug dugi ka poe kiamah jaga.

Khatib umajak, khusus pikeun diri pribadi heulaanan, atuh umumna pikeun urang sadaya bae, sangkan sami-sami sasarengan ningkatkeun, kaimanan katut kataqwaan urang ka Allah SWT.

Maasyiral muslimin rahimakumullah.

Kantos Rasulullaah SAW, sasauran, dina Hadits Riwayat Abu Dawud, :

“Qaala rasuulullaahu ‘alaihi wasallam, Yah dhurul jum ‘ata stalaasatu nafarin, Fa ra julun hadhara haa, yal ghuu fadzaalika hazh-zhu hu min haa, wa rajulun hadhara haa, bidu ‘aa –in fahaadzaa, rajulun da ‘allaaha, insyaa –a, -a’ thaahu, wa insyaa-a mana ’ahu. Wa rajulun hadhara haa, bi in shaa tin, wasukuutin, wa lam yatakhath tha, raqabata muslimin, wa lam yu- dzi ahadan fahiya kaffaa ratun, ilal jum ‘atil latii taliihaa, wa ziyaa datu, tsalaatsatu ayyaam, wa dzaalika annallaaha yaquulu, man jaa –a bil hasanati falahu ‘asyru amtsaa lihaa”.

Hartosna eta hadits kirang langkung kieu, Saur Rasul :”Aya tilu golongan anu ngalaksanakeun shalat jum’ah, Hiji lalaki ngalaksanakeun shalat Jum’at, bari ngalakukeun pagawean anu teu aya guna, ngan ukur eta-etana hasil tina shalat Jum’at na teh, Jeung hiji lalaki anu ngalaksanakeun shalat Jum’at bari ngadu’a, Saestuna ieu lalaki ngadu’a ka Allah, upama Allah ngabulkeun, mangka Allah bakal ngabulkeun du’ana, tapi upama Allah nolak kana du’ana, pasti Allah moal ngabulkeun kana du’ana, jeung hiji lalaki anu ngahadiran ibadah Jum’at na, bari saregep ngupingkeun khatib khutbah, bari henteu ngalengkahan taktak jamaah sanesna, bari henteu nguciwakeun kaum muslimin sanesna, mangka shalat Jum’ah na, bakal ngalebur dosa-dosana, nepi ka Jum’at anu bakal datang, ditambah ku tilu poe.
sakumaha Firman Allah:
“man jaa –a bil hasanati falahu ‘asyru amtsaa lihaa”.

Sing saha anu datang bari mawa kahadean, pikeun manehna aya balesan sapuluh tikeleun kahadeanana.

Hadirin sadaya, utamina para rumaja rahimakumullah

Dina hadits anu nembe, Rasulullah SAW ngajentrekeun, yen aya tilu golongan, anu ngalaksanakeun shalat Jum’at, sapertos urang ayeuna teh, nu kahji, upama urang shalat Jum’at bari midamel padamelan nu teu aya manfaatna, saur Nabi, ganjaranana ngan saukur padamelan anu teu aya mangfaatna tea.

Upami nengetan kana hadits anu nembe, atuh komo, mun urang shalat Jum’at teh, bari ngobrol, komo bari diselang ku ngadon ngaroko sagala rupi mah, diselang ku bari ngagayem “Koaci” sagala rupa mah, ganjaranana ge, jigana, ngan ukur pangaji sabatang rokoeun, anu keur diududna, atanapi sahargaeun koaci anu keur digayemna.

Lebar, lebar temenan, lengkah urang ti bumi, niat mah rek Shalat Jum’at, berjamaah nanging buktosna, saur Nabi tea, mung ukur kenging ganjaran sabatang rokoeun wungkul, atanapi mung ukur sahargaeun koaci wungkul. sakitu-kituna

Hal ieu didugikeun teh, margi sok aya keneh di urang di dieu, di Masjid Baitul Muttaqin, masih keneh aya nu ngadon Juma’ahan, nalika khatib khutbah teh, bari ngobrol mani meh balap sareng nu khutbah teh, malah masih keneh aya nu diselang bari ngaroko sagala rupa, malah kadangkala bari jongjon ngagayem “Koaci” sagala rupa.

Kumargi kitu, dina kasempetan anu mulya ieu, khatib umajak, utamina ka para rumaja, adi-adi anu masih keneh resep ngaroko bari ngupingkeun khutbah Jum’at teh, yu urang omean ibadah urang teh, sing langkung tarapti kapayun mah, dina ibadah Jum'at mah antawis shalat Jum'at sareng khutbah teh sapaket, lebet kana ibadah duanana ge, ku margi kitu tahan heula satengah jam mah, nafsu hoyong ngaroko, atanapi hoyong ngagayem ‘Koaci” teh, moal, moal paeh langlayeuseun, jigana, ari ngan ukur satengah jam mah liren tina ngaroko teh.

Melang, malah janten kamelang, ti para sepuh jeung kolot-kolot urang keneh, upama teu digeuing teh.

Hadirin ikhwatul iman rahimakumullah,

Anu kadua, saur Nabi, hiji lalaki anu shalat Jum’at na bari ngadu’a ka Allah SWT, nanging saur Rasul sok sanaos aranjeunana shalat Jum’at na bari ngadu’a ka Allah SWT, nu bakal ngabul keun, sareng nu bakal nolak kana eta du’a, teu aya deui anging Allah SWT, upama du’a na dikabul, anging Allah nu ngabulkeun eta du’a, upama du’ana ditolak, anging Allah nu nolak eta du’a.

Anu katilu saur Nabi, hiji lalaki anu ngahadiran shalat Jum’at, bari saregep ngupingkeun khutbah khatib, henteu seseleket nepi ka ngalengkahan taktak batur, bari henteu ngajaheutkeun manah muslim anu lian, saur Rasul ibadah Jum’atna, bakal ngalebur dosa dugi ka dinten Jum’at nu bakal dongkap, ditambih ku tilu dinten deui, sakumaha Firman Allah :

” man jaa –a bil hasanati falahu ‘asyru amtsaa lihaa”.

Sing saha anu datang bari mawa kahadean, pikeun manehna, aya balesan sapuluh tikeleun kahadeanana..

Ma-asyiral Muslimin rahimakumullah.

Saterasna dina Hadits Riwayat Bukhari sareng Muslim

‘an abii hurairata radhiyallaahu ‘anhu, annan nabiyya, shallallaahu ‘alahi wasallam qaala :” Idzaa qultu lishaa hibika yaumal jum ‘ati, wal imaamu yakh thubu, faqad laghaut”.

Ti Abu Hurairah Radhiyallahu ‘anhu, Saur Nabi :” Saupama dina poean Jumaah, diantara aranjeun, aya nu nyarita ka gigireunana, ku ucapan “ Cicing anjeun” padahal harita Imam keur khutbah, mangka Jum’atna mubadzir”.

Ma-asyiral muslimin rahimakumullah.

Saur Nabi dina hadits anu nembe, saupama urang nuju Jumaahan model kieu, ngupingkeun khutbah sapertos ayeuna, mun tea mah kaleresan, aya murangkalih gigireun urang, ngobrol bae, atanapi ngan ukur heureuy bae, ana heg teh, digeunggeureuhkeun ku urang, sok sanaos ngan ukur ku ucapan “Jarempe maraneh”. Saur Rasul, Jum’ahananna mubadzir, sia-sia.

Malah kadangkala mun urang ngageunggeureuhkeun murangkalih, budak na mah teu naon-naon, tapi kolot-kolot na, ramana atanapi eyangna, anu henteu tarima, putu kakasihna, atanapi putra nu “semata wayang” na aya nu ngageunggeureuhkeun teh.

Margi anu wajib ngageunggeureuhkeun murangkalih atanapi saha bae anu ngobrol nalika khatib nuju khutbah, anging khatibna ku anjeun, mung ukur khatibna ku anjeun anu tiasa ngageunggeureuhkeun teh, jamaah nu sanes mah, upami ngiring ngageunggeureuhkeun teh, keuna kana “faqad laghaut” ibadah anu sia-sia, padamelan anu mubadzir.

Kumargi kitu, ngajagi ibadah Jum’at urang bilih mubadzir, shalat Jum’at urang bilih sia-sia, khatib umajak, khusus pikeun diri pribadi heulaanan, pikeun sadaya para jamaah umumna, urang aping deui, putra-putu urang dina ngajalankeun ibadah Jum’at na, bilih putra-putu urang, ngajantenkeun mubadzir ka jamaah anu sanes, urang aping deui sangkan putra-putu urang henteu matak janten sia-sia kanu sanes.

Rupina bakal langkung pantes tur merenah, mun putra-putu urang nalika Jumaahan teh, ngarendeng sareng sepuhna, sok lingsem geuning ari ku sepuhna mah murangkalih teh, utamina pikeun ngabiasakeun para murangkalih, tartib di masjid, pibekeleun maranehanana, dina ngojayayan kahirupan, putra-putu urang keneh, jaga.

Bangor jeung nalaktakna mah, ngaranna ge budak, kadangkala urang baheula, nalika sapantaran maranehanana ayeuna, langkung ti kitu boa, urang mah, bangorna teh.

Nanging upami diaping digendeng ku sepuh mah, moal kajongjonan teuing rupina, dan puguh aya elesna, puguh aya nu nalingakeunanana.

Barakallaahu lii walakum fil qur aanil 'adhiim, wa nafa 'anii wa iyyaa kum bimaa fiihi minal aayaati wadz dzikril hakiim, wa taqabbala minnii wa mingkum tilaa watahuu innahuu huwas samii 'ul 'aliim. Aquulu qaulii haadzaa, was tagh firullaahal 'adhimaa lii walakum, wa lisaa iril muslimiina wal muslimaat, wal mu' miniina wal mu'minaat, fastagh firuuhuu, innahuu huwal ghafuurur rahiim.


KHUTBAH KADUA


Alhamdulillaahil ladzii waf faqanaa li adaa il jumu'i wal jamaa'aah, wahadaanaa ilaa sabiilik tisaabi akmalis sa'aa daah. Asyhadu allaa ilaaha ilaallaahu wahdahu laa syariikalah, rabbul 'araadhiina wa samaawaat, wa asyhadu anna muhammadan 'abduhu warasuluhul mu ayyadu bi af dhalil aayaati wal mu'jizaat. Allaahumma shalli wasallim 'alaa muhammadin, wa 'alaa aalihi mashah bihii maa ta 'aa qabatil auqaatu was saa 'aah. Amma ba'du. Fayaa ayyuhannaas, ittaqullaaha wahaa fidhuu 'alaat thaa 'aati wa hudhuuril jumu 'i wal jamaa 'aah. Qalallaahu ta 'aalaa, yaa ayyuhal ladziina aamanuu idzaa nuu diya lish shalaati miy yaumil jumu 'ati fas 'au ilaa dzikrillah, wa dzarul bai 'a dzaalikum khairul lakum ing kuntum ta' lamuun, fa idzaa qudhiyatish shalaatu faan tasyiruu fil ardhi, wab taghii mim fadh lillaahi wadz kurullaaha katsiiraa, la 'allakum tuf lihuun.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum'at rahimakumullah.

Kanggo mungkas khutbah kadua ieu, urang sami-sami bae ngadu’a, mugia du’a urang sadaya ieu diijabah ku ka Allah SWT,

Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mugi Gusti ngahapunten kalepatan abdi sadaya, kalepatan saminggu kapengker sareng kalepatan saminggu nu bade dongkap, sareng mugi Gusti ngajantenleun abdi sadaya, janten jamaah anu pageuh sabilulungan, anu sabobot sapihanean, sapertos geugeut pageuhna, silaturahmi antawis kaum Anshar sareng kaum Muhaajirin.

Allaahumma Yaa Allaah, sembaheun abdi sadaya, teu aya deui Rabb nu wajib di sembah ku abdi sadaya, anging anjeun Yaa Rabbanaa, anu tunggal sahiji, Anjeun Nu Maha Gagah Tur Kawasa, sedengkeun abdi sadaya, makhluq Gusti anu kalintang dha’ifna.

Yaa Rabbanaa, mugi Gusti masihan taufiq sareng hidayah ka abdi sadaya, sangkan iman abdi sadaya tetep kiat. Sareng mugi Gusti, ngajantenkeun abdi sadaya muslimin-muslimat, anu daek silih pikacinta kalayan didadasaran ku Lillaahi Ta ‘aalaa.

Allaahumma Yaa Allah, pasihan widi abdi sadaya, iraha wae sareng dimana wae, maot aya dina kaislaman, maot aya dina husnul khatimah, sareng mugi Gusti nebihkeun ka abdi sadaya, tina sagala godaan sareng cobaan, anu baris nyababkeun lemahna iman ka Gusti.

Allahumma shalli wasallim 'alaa sayyidinaa muhammadin, shalaatan tun jinaa bihaa min jamii 'il ahwaali wal afaati wa taqdhii lanaa bihaa min jamii 'al haajaati wa tuthah hirunaa bihaa min jamii 'is sayyi-aati wa tar fa'unaa bihaa 'indaka a'lad darajaat, watuballighunaa bihaa aqshal ghaayaati min jamii 'il khairaati fil hayaati wa ba'dal mamaat. Innaka 'alaa kulli syai-ing qadiir.
Allahumma arinal haqqa haqqa, war zuqnat tibaa 'ahu, wa arinal baathila baathila, war zuqnaj tinaabah.
Allaahumma innaa nas-aluka 'ilmaan naa fii 'aan, wa 'amalan mutaqabbalaa, wa rizqaan halaalaan thayyibaa.
Allaahumma innaa na 'uu dzubika min 'ilmin laa yan fa'u, wa qalbin laa yakh sya'u, wa du 'aa in laa yus ma 'uu, wa 'amalin laa yur fa 'u.
Allaahummaj 'alnaa wa aulaa danaa, wa dzurriy yaa tinaa min ahlil 'ilmi wa ahlil khaiir, walaa taj 'alnaa wa iyyaahum min ahlisy syarri wadh dhaiir.
Allaahummar zuqnaa mutaa ba 'atan nabiyyi shalallaahu 'alaihi wasallam, awwalan wa aakhirran, wa dhaa hiraan, wabaa thinan, wa qaulan, wa fi' laan, wa thaa 'atan, wa 'ibaa datan, wa 'amalaan shaalihan wa 'adah.
Allaahumma ahyinaa bihayaatil 'ulamaa-i, wa amitnaa bimautisy syuhadaa-i, wah syurnaa yaumal qiyaamati fii zumratil auliyaa-i. Wa ad khilanal jannata ma 'al ambiyaa-i 'alaihimu salaam.
Rabbanaa laa tuzigh quluu banaa ba'da idz hadaitanaa, wa hablanaa mil ladungka rahmah, innaka antal wahhaab. Rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah, wa fil aakhirati hasanah, wa qinaa 'adzaa ban naar.
Subhaana rabbika rabbil 'izzati 'ammaa yashifuun wasalaamun 'alal mursaliin.

Walhamdulillaahi rabbil 'aalamiin.

'ibaadallah, innallaaha ya'muru bil 'adli wal ihsaan, wa itaa idzil qurbaa wayanhaa 'anil fahsyaa-i wa mungkaari wal bagh, ya 'idhukum la 'allakum tadzak karuun, fadz kurullaahal adhiimal jaliila yadz kurkum, wasy kuruuhu 'alaa ni'amihi yazidkum, walaa dzikrullaahi akbar.
Astaghfirullaahal 'adhim, lii walakum.
Wasalam mu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.

Tidak ada komentar: