Selasa, 03 Maret 2009

ESSAY : TAUBATAN NASHUHA

TAUBATAN NASHUHA

Gusti ....... geuning umur abdi teh ngolotan, teu karaos ujug-ujug terang tos kieu we, tanaga ngirangan kalah beuki suda, buuk mah tos puguh, sanes paselang deui antara hideung jeung bodas, ayeuna mah meh rata bodas teh pacampur jeung hawuk.

Careham ge nungtutan coplok ku maneh, nu nyesa ukur tuturusna, kitu ge tos teu mampu deui pikeun nyapek nu rada teuas, hiji-hijieun aya nu walagri keneh ge, tapi saeutik-saeutik marekplekan, sisina heula, lami-lami ngalegaan ka beh tengah.

Mondok tos teu kaur reup, ayeuna mah, ku seringna pulang anting ka paturasan, ngadon miceun jeung kahampangan, beser teh sanes babasaan, estu kaalaman ayeuna.

Panuyun Nabi, mun pareng mondok teu tibra teh, gunakeun saurna pikeun qiyamul lail, sanes……, sanes teu emut eta ge, nanging diri pinuh ku kokotor keneh, rereged nafsu dunyawiyah nyangkaruk keneh na hate, malah pasolengkrah jeroeun dada. Waktos pikeun qiyamul lail teh udag-udagan jeung nongton maen bola.

Memeh madep kapayuneun Gusti teh, kahoyong mah meresihan hate heula, da piraku mun abdi madep teh jiwa raga masih lamokot dosa, teu sae mayunan Gusti dina kaayaan abdi nu masih keneh jiga kieu.

Sok sanaos, saur Gusti dina Al Qur-an, surat Al baqarah ayat nu 222 :

Innallaaha yuhibbut tawaa biina wa yuhibbul mutathah hiriin

Saestuna Allah mikacinta jalma-jalma anu tarobat sareng mikacinta jalma-jalma anu suci.

Atanapi dina surat An Nur ayat nu 31 :

Wa tuubuu ilallaahi jamii an, ayyuhal mu-minuuna la ‘allakum tuflihuun.

Jeung mangka tarobat anjeun sakabeh ka Allah, he..… jalma-jalma anu ariman, supaya aranjeun meunang kauntungan.

Ari nu janten marga lantaran, mun ditataan gemet, satincak saparipolah ti awit abdi sawawa, tug dugi ka kiwari, sangkan manjing timbanganana, beurat mana beurat mendi, mun ditimbang di Yaumal jaza, jaga.

Asana teu aya pupurieunana pisan, teu kedah dietang ku para malaikat, utusan Gusti, anu pamohalan kaliruna, ieu mah etangan jisim abdi wae, nu sok masih keneh hoyong genahna tea, natrat katingali, malah eces, dengdek na teh seueur ka kenca.

Nya kitu deui, ibadah abdi ka Gusti, upami ditataan mah, teu aya juru-jerena - juru-jerena acan, asa pamohalan kana ditampi, mun tea mah teu aya rahmat Gusti, Anu Maha Welas Asih tur Maha Heman ka makhluq-Na, jigana jisim abdi teh ngan wungkul jadi caduk naraka.

Sanes........, sanes wungkul pedah panggoda setan laknatullah, atanapi pangbibita iblis, da eta mah tos ebreh, natrat, nu puguh mah nafsu we nu teu weleh dipiara, dimumule, sina nyangkaruk dina kalbu. Sangkan batur jenuk balarea ngauluh-uluh salalawasna, paling copel matak hookeun nu lian.

Hapunten Gusti......., saur Nabi ge, nu kitu teh kapan riya tea, hoyong katangar, pada ngabageakeun ku batur salembur, sanes deuih...... sanes teu dugi panggeuing ti Nabi ka jisim abdi, malah ku pun biang ku pun bapa ge, tos karuhan ku para ulama ge, nu janten warasatul anbiya, panggeuing mah teu kirang-kirang, mung ieu hate, estu teuas tanding batu.

Hoyong...., hoyong pisan malah, jisim abdi madep ka payuneun Gusti teh, nanging sateuacanna, hoyong nembrakkeun heula kaabot hate, hoyong meresihan heula diri, bilih kamari seueur keneh ngagugulung dosa sareng kalepatan.

Komo nu dipikapaur teh sieun aya tincak sareng lengkah nu harib-harib midua Gusti, alatan jisim abdi nu teu sadar, malah teu mustahil dilakukeunana bari pinuh ku kasadaran.

Nu mawi, dina mitembeyanana madep ka Gusti teh, jisim abdi neda sih hapunten-Na tina samudaya kalepatan sareng kaluluputan, ti awit jisim abdi nincak sawawa, tug dugi ka danget ieu, tos puguhing nu teu
karaosna, da ieu mah seuseueurna ge, nu karaosna pisan, malah seueur nu bari dihajana pisan.

Da saleresna atuh, upami teu aya rahmat Gusti, jigana..... jisim abdi mah kalebet ka jalmi nu pangrugi-rugina, boa janten eusi naraka-na ge beh ditueun ti kerak na.

Oge dina ibadah, tadi ge dipayun disebatkeun, teu satai-kukueunana, ari margina, teu ngabibisani, seueur ibadah anu dilakukeun teh estuning ngan ukur puraga tamba kadenda we wungkul, shalat ge pimanaeun khusyu teh, atuh tartib-tartib we heula-anan, teu acan...., teu acan dugi jigana.

Bari apal kituna teh, kana tungtunan Nabi ge, margi kapan saur Nabi : “Mun anggota badanna teu daek khusyu, hatena ge mo jauh ti kitu”. saurna teh.

Tapi, hih... da keukeuh we dipaju deui, dipaju deui, shalat teh ngan ukur acong-aconganana wungkul, inti-sari na mah duka teuing disimpen dimana.

Aya eta ge usaha hoyong khusyu shalat teh, boh nu wajibna nya kitu deui nu sunatna, tapi sanes keur munfarid kituna teh, tapi mun bade berjamaah, ngarah katingali batur yen abdi shalatna bangun nu khusyu tea, padahal hate mah kamana boa cus-cosna.

Hoyong katangar batur we wungkul nu puguh mah, ngarah katingali khusyu, padahal kapan saur Gusti ge, shalat nu samodel kieu nu bakal dipalengpengkeun kana beungeutna jaga teh.

Malah embohna, mun pareng ku jamaah dipercanten jadi imam deuih, nu sok sering hoyong kapeunteun khusyu teh, mani ngahaja shalat teh ditartib-tartib, tumaninah sing nepi ka katingali tumaninahna, bacaan shalat ge ngahaja ku abdi teh dianca-anca sangkan katingali tartibna.
Malah lebah bacaan surat mah ngahaja di rorompok teh, ngapalkeun surat-surat nu rada panjang, da aya harepan mun waktosna engke ngimaman, maca surat anu panjang mah, sok pada ngeuleuh-ngeuleuh tea.

Dina waktos Jumaahan mah komo deui, ti awal keneh abdi teh mandi beberesih, diangir sagala, da kitu sunatna saur Nabi, teu hilap malah diminyak seungit sagala.

Tapi ana jung teh ngalengkah, lagu paamprok sareng dulur-dulur abdi nu masih keneh kukurilingan milarian pangupa jiwa, eta hate teu tiasa dipaling, make jeung sok ngagerentes, aing mah geus jung indit Jumaahan, na ari ilaing kalah kukurilingan keneh neangan sahuap sakopeun, neangan keneh teureuyeun. Dasar caduk naraka.

Padahal kapan saur Gusti ge, saha nu terang malah itu nu janten pangawasa surga-na, jisim abdi mah bagean caduk naraka-na, kumargi hate tos wantun milah-milah nu janten hak Gusti, boa teuing itu mah ditungguan ku anak pamajikan nu keur barongkeakan, nungguan nu keur usaha, sedeng abdi ngan ukur boga angkeuhan wungkul. Asa aing nu bakal ka sorga teh, henteu deungeun, aku-aku angga.

Shaum, nya kitu keneh, boh shaum wajibna pon nya kitu nu sunatna, da mung ukur janten angkeuhan wungkul nu puguh mah, pedah nuju shaum, ngarah katangar batur siga jalma shaleh, padahal hate mah Gusti ge uninga.

Buktina we geura mraktekkeun hadits ge janten tibalik lemah, pedah saur Nabi : “Sarena nu keur shaum, sarua jeung ibadah”. Da kolu atuh jisim abdi mah, sapoe jeput ngagoler gegelehean ngadon sare, malah tepi ka emper masjid jiga kitu, jeung sok bari agul deuih kitu na teh, ditembong-tembong kanu lian, basana ge, geura tingali kulit beuteung abdi yeuh, nepi ka meh adek kana tulang tonggong, pedah dibawa shaum.

Komo shaum sunat mah, kentel ngagebleg hoyong katangar teh, eta we geura, shaum Syawal nu genep dinten tea, da ceuk nafsu mah, ka hoyong unggal jalma terang yen abdi nuju shaum Syawal.

Aya weh nu sanes ngomentaran : “ Emh..... Bagja temen salira mah, parantos ngalaksanakeun shaum Syawal, kapan sami eta teh pahalana sareng shaum sataun campleng, eta teh saur Nabi”.

Ngucapkeun Alhamdulillaah mah leres bari digerendengkeun, tapi da karaos ku sorangan oge, cukang irung mah ngabeukahaan langkung ti meber.

Shaum Daud nya kitu keneh, satadina mah emut kana tungtunan Nabi dina sunnahna, saur nabi : “Uhyuu quluu bakum biqillatidh dhahki wa qillatisy syab ‘i wa thah hiruuhaa bil juu ‘i tash fuu wa taraq qu”.

Obahkeun hate aranjeun, ulah loba teuing seuri jeung seubeuh teuing, sucikeun ku ngarasa lapar, tanwande hate aranjeun bakal bersih tur lemes.

Dina hadits nu sanes malah dijentrekeun ku Nabi : “Sing saha nu sering ngalaparkeun beuteungna, hartina sering shaum, tanwande pikiranana caang jeung qalbuna cerdas”.
Bari ditataan geuning, rupi-rupi shaum sunatna, ti awit Shaum Senen – Kemis, Shaum Syawal, Shaum tiap tanggal 13, 14 sareng 15, oge Shaum Daud-na, Shaum anu selang-sekar unggal dinten.

Tapi da aneh atuh jisim abdi mah, nu masih keneh kandel hayang katangarna ku batur tea, malah sok aya rasa agul dina hate, mun sakalieun aya nu naros : “Tos sabaraha lami salira ngadawamkeun shaum Daud teh ?” Ngawaler teh sok rada bari jeung semu agul diri teh : “Genep taun dugi ka danget ieu teh, alhamdulillah……”

Alhamdulillah mah leres ku jisim abdi teh diucapkeun, tapi da eta, hate mah teu kapalingan, nalika nu naros ngauluh-uluh mah, hate teh ngagerentes : ”Aing tea……………”

Munggah haji ge teu bina ti kitu, estu hoyong katangar ti awal keneh mula, ti memeh jung keneh ge, ondang-ondang ngahaja maparin iber ka tatangga, yen jisim abdi kalih pun bojo aya niat ngalaksanakeun ibadah haji, lisan mah kitu, tapi ieu hate teu kapalingan, sugan we jaga samulangna ti ditu, ka jisim abdi seueur nu nyebat Pa Haji, sangkan katangar, yen diri aya dina kashalehan.

Dongkap teh ka di Mekah nya kitu keneh, ngahaja di Multazam ngadon ngado’a kapayuneun Gusti harita, margi kapan saur Gusti, Multazam hiji tempat lamun dipake ngado’a, do’ana bakal langsung diijabah.

Jisim abdi ge kitu, di Multazam teh ngadon ngado’a, hoyong bisa pidato harita teh, margi ti lemah cai keneh jisim abdi mah harita, boro-
boro bisa pidato, sakalieun kedah nyarios payeuneun adi-adi katut dulur-dulur ge teu metu, da tuur kabujeng ngeleter, lilinieun.

Janji Gusti henteu mencog, do’a jisim abdi tinekanan, da aneh mulang ti Mekah teh, enyaan bisa pidato teh, najan teu jiga batur ge pidatona, ari nu jadi marga lantaran, pidato jisim abdi mah dugi ka ayeuna ge, ukur dibaca, teu acan robah.

Jaba aya embohna, mulang ngado’a di Multazam teh, ayeuna mah make jeung bisa ngajar di sakola jeung di mahasiswa sagala, da tadina mah boro-boro ngajar sagala, tadi ge disebatkeun, sakalieun sasanggem ukur jeung dulur sareng baraya teh, kesang tiis mah tos mayunan ngagarajag saawak-awak.

Komo mun satutasna pidato, nalika turun ti mimbar aya jamaah nu ngauluh-uluh bari muji teh, najan lisan nu kaluar mah : Alhamdulillah…., tapi da natrat, rengkak katut polah mah persis jiga nu keur ngucapkeun : “Aing tea…….

Padahal kapungkur mah, salah saurang shahabat Nabi, nalika lungsur ti mimbar bari naros ka para shahabat anu sanesna : ”Kumaha pidato kuring bieu ?” ukur naros kitu.

Pan pada ngarentog, yen ucapan sapertos kitu teh kalebet riya, pedah hoyong kenging komentar, bari teu acan tangtos hoyong katangar anjeunna mah, tapi mani enggal teras taubat ka Salira, bari teras ngusrukkeun anjeun, ngadon nyuuh ngumbar cisoca ka payuneun Gusti.

Ari jisim abdi harita, ........... akh teu rengrot-rengrot, boro-boro ngumbar cimata, pimanaeun bari jeung nyuuh sagala, kalah beregegeh nu puguh mah, legeg nu ieu asa aing uyah kidul tea.

Allaahu Akbar !, hapunten abdi Gusti............

Eta teh nu karaosna wungkul tos sakitu, nu teu karaosna ku jisim abdi mah, jigana langkung ti kitu. Salaput sirah kawasna. Enyaan mun ngetang sapertos kitu mah teu pantes mun jisim abdi miharep surga ka payuneun Gusti teh.

Teu acan kaetang, nu hubunganana sareng sasama mah, boh sareng papada jalma, sareng tatangga, sareng dulur-dulur, sareng baraya nu deuheus, nu laer, sareng nu saiman nu saikhwan, atuh beh dituna sareng papada makhluq.

Ngaleuya kalepatan teh, natrat, ti awit nu kenging katugenah alatan kalakuan sareng talajak jisim abdi, nu kanyenyerian alatan omongan jeung ucapan jisim abdi, malah teu sakedik nu kanyenyerian pedah dicarekanana ku jisim abdi.

Bakal ngantay panjang mun ditataan mah, sok komo mun nu nataanana Malaikat nu janten Utusan Gusti, jigana moal bakal nyesa kasaean ka papada makhluk mah, da kalindes ku talajak anu minculak tea.

Ulah ku Malaikat leresan dinyana mah, da ieu mah kapan ku dulur-dulur abdi ge, anu saiman-anu saikhwan, anu sagulung-sagalang sareng jisim abdi dugi danget ieu, kapan nyarebatna ge “Si Engang” ka jisim abdi teh, ku gampang nyeureud tea, gampang teuing ngumbar amarah.

Teu acan....... jisim abdi teh, teu acan lemes hate mah, masih keneh sering ngumbar amarah tea, heuras keneh genggerong, padahal ti awal keneh ge tadi disebatkeun, umur mah teras nambihan, harib-harib cueut ka hareup, kantun sesana, teu bade disebat sengserang padung ge, ngan nu pasti tos sariak layung umur teh.

Manawi eta ge, manawi tiasa, hoyong neda sih hapunten teh, dikempelkeun we sadayana ayeuna didieu, da teu sanggem upami kedah ditatatan hiji-hiji mah, ku moal sanggem nataanana, alatan ku seueur teuing tea.

Kum we ka sadayana, dulur-dulur jisim abdi, baraya katut tatangga, babaturan, sapantar, saluhureun sahandapeun, utamana ka pun bojo, ka pun anak, tiluannana.

Bisi pernah kaciwit kulit, katodel hate, atanapi kasigeung manah, ku ucapan, paripolah miwah kalakuan jisim abdi kamari, mugi kersa ngahapuntenna, manawi tiasa dilubarkeun tina sagala rupi kalepatan sareng katalingeuhan jisim abdi. Sangkan jisim abdi longsong mun hoyong madep ka payuneun Gusti Nu Murbeng Alam.

Kantos eta ge diwartosan ku Nabi Gusti dina haditsna, malah ku para ulama nu janten warasatul anbiya tea, yen dosa sareng kalepatan ka Gusti mah, tiasa langsung neda si hapuntenna sareng Gusti, tapi ari dosa sareng kalepatan sareng papada makhluq mah, moal waka dihampura ku Gusti lamun ku papada makhlukna dihampura.
Leresan dieu, anu moal sanggem abdi ngalaksanakeunnana teh, alatan seueur teuing kalepatanana, sareng nu puguh mah seueur teuing nu kantos kenging katugenahna ku jisim abdi, kumargi kitu, nyanggakeun sadaya-daya we kapayuneun Gusti.

Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mun ngimeutan kalakuan abdi tadi, hapunten Gusti, rumaos abdi teh sasar, ana kitu mah boa-boa abdi teh kalebet jalmi nu dibendon ku Gusti, nu bakal janten eusi naraka Salira. Sakumaha pidawuh Gusti :

"A'udzubillaahi minasy syaithaanirrajiim. Walaqad dara-naa lii jahannama katsiiram minal jinni wal insi, lahum quluubul laa yafqahuuna bihaa, walahum a'yunul laa yub shiruuna bihaa, walahum aadzaa nul laa yas ma -'uuna bihaa, ulaa-ika kal an 'aami bal hum adhal lu, ulaa-ika humul ghaafiluun".

Jeung saestuna Kami geus netepkeun eusi naraka teh kalolobaanana, tina sabangsaning Jin jeung manusa, maranehanana boga hate, tapi eta hate teh teu dipake neuleuman ayat-ayat Kami, maranehanana boga mata, tapi henteu dipake nenjo, maranehanana boga ceuli tapi henteu dipake ngadenge, nu saperti kitu teh lir ibarat sato, malah leuwih hina batan sato, maranehanana kaasup jalma-jalma anu talobeh tur balangah.

Allaahu Akbar Walilllaahil hamd.

Nanging sok sanaos kitu, harepan mah aya sakolepat, mugia wae dina sakitu kakirang nu tan wilangan teh, langkung seueur rahmat Gusti nu dilimpahkeun ka jisim abdi, sareng manawi aya sakotret mah diantawisna, anu dilaksanakeun ku jisim abdi teh kalayan Ikhlas Lillaahi Ta ‘Alaa, anu diharep teh taya sanes, mugi-mugi we, sok sanaos ukur sakotret, tapi tiasa janten wasilah pikeun jisim abdi janten kakasih Gusti. Margi jisim abdi yakin, rahmat Gusti langkung seueur nu katampi ku jisim abdi.

Dina niat hoyong madep nyaketkeun diri ka Gusti teh, hoyong mitembeyan midamel deui eunteung kahirupan anu ageung, sangkan tiasa dicaangkeun deui, obor -obor kahirupan nu kungsi pareum, tiasa deui nyiapkeun pakakas kahirupan, pikeun meresihan hate, da tadi ge ti awal mula estu nembrak nonggerak, lampah jisim abdi nu kamari, boh nu awon na, pimanaeun nu saena mah.

Lamun tea mah aya nu saena, hoyong tiasa disipuh deui, sangkan langkung ngagurilap, sangkan tiasa dipasieup deui, ku amal-amal sae sanesna. Atuh nu awon na, niat mah bade enggal-enggal digosok, ku elap "taubatan nashuuha" bari diniatan, ti awit ayeuna kapayun mah, ieu hate teh bade dirumat, supados henteu keuna ku kekebul nu ngadagleg, carana ngahaja di elap, diberesihan ku tobat saban usik, margi ari dosa tea, nu karaos mah da jentre, eces malah nembrak, tapi nu teu karaos ku jisim abdi, estu lemes lir ibarat kekebul nu teu patos katingal, terang-terang tos ngadagleg.

-----mmd-----

DAKWAH : SILATURAHMI JEUNG BATUR ULIN JAMAN KEUR BUDAK

SILATURAHMI JEUNG BATUR ULIN MANGSA KEUR BUDAK

Bismillaahirrahmaanir rahiim.
Assalaamu'alaikum Warahmatullaahi Wabarakaatuh.
Alhamdu lillaahil ladzii arsala rasuulahuu bil hudaa, wadiinil haq, liyudh hirahuu 'aladdiini kullihii wakafaa billaahi syahiidaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan 'abduhu warasuluhu laa nabiyaa ba'dah. Allaahumma shalli wasallim wabaarik 'alaa Muhammaddin, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihii wa manit taqaa. Amma ba'du.

Para wargi, dulur-dulur nu sasama, utamina nu saluhureun sim kuring rahimakumullah .
Hapunten, Sateuacan diteraskeun, sareret tadi teh ningal Neng Elly ti Bogor, putra Tante Emin, kalinglap, eta ku geulis keneh wae nini-nini teh, ceuk pujangga mah kieu eta teh :
Duh pameunteu,
teuteupeun awaking,
deudeuh raray implengan sorangan,
palataran hejo lembok,

moal ah, moal diteruskeun, engke we ku Ceu Iin teruskeun, bisi ribut engke Ceu Iin menta dipangnyawerkeun deuih mun ngawinkeun teh, eh aya ketang hiji deui.
Mun nyana pikieueun mah,
moal kojongjonan teuing,
Ku tina rasa mokaha,
Tungtungna jadi panyakit.
Nu puguh mah nyiksa diri,
Nyangsara saumur-umur.
Teu ngemutkeun ka payunna,
Kaburu teuing ku asih.
Geuning bukti, geuning bukti.
Kieu kajadianana.

Intermezzo-na eta mah.
Hadirin ikhwatul iman rahimakumullah.
Asa nganteng keneh dina emutan, asa nembe cikeneh, urang riung mungpulung bari huhujanan di emper masjid Al-Falah, baheula, garogonjakan jaman keur budak, mangsa-mangsa opat puluh taunan kapengker, ayeuna urang kempel deui didieu, di tempatna Haji Wawan Hudori, Wawan galing, baheula mah urang nyebut-na teh, kempel saanak bojo, saputra putu, ngiring hempak sasarengan, silaturahmi, bari maksud mah urang ngantengkeun deui tali silaturahmi, nu meh pareum, urang guar deui obor-obor kahirupan urang mangsa keur budak, urang teh akrab geuning harita mah, raket, lir dulur pet ku hinis urang teh harita, bari tangtu harita ge sok aya urang teh pagetrengna, abong budak, mumusuhan, tapi da tara lila, isukna mah urang teh geus silih akod deui, silih gandong deui, maen "Gampar", maen "Hujan angin", katut "Ucing Kaleng" geuning urang harita, ngan Emma nu jalingkak teh harita mah, Kang Suha !, da kabisa na teh hayoh we maen "Kobak Kolong" jeung Haji Empon tah maenna teh.
Nanging dina dinten ieu, urang tiasa kempel model kieu, lamun tea mah Si Maman bisa ngobet hate urang sewang-sewangan, ieu geterna, hate lir aya nu ngacak-ngacak jeroeun dada, duka kabungah, duka kasedih, ngan nu jelas, estu pagaliwota jadi hiji, Opat puluh taun katukang, urang pernah babarengan, kiwari dina mangsa-mangsa nu geus cueut ka hareup, malah geus jadi nini-aki Kang Atang mah jeung Ceu Empon, oge nu sejen, si Maman encan, da beger keneh ayeuna ge, bareng malah begerna ge jeung anak nu cikal.
Teu karaos memang, nalika ngariung model kieu mah, opat puluh taun teh asa cikkeneh pisan. Rupina, betah teuing urang teh, anteng teuing urang teh, dina kahirupan dunya, ti waktos ka waktos teh, nu digugulung, mung ukur haliyah dunya we wungkul, nepi ka dug hulu pet nyawa, ngabelaan kapentingan dunya.
Teu tiasa dipungkir, memang, urang teh saleresna mah, parantos kalebet jalma-jalma anu materialistis, kalebet jalma, nu mung ukur nyeepkeun waktos kanggo kapentingan dunya wungkul, duka sabaraha prosen boa, kahirupan akherat nu nyangsang dina agenda emutan urang teh, margi tampolana, sok sering hilap, urang teh babakuna mah, kana agenda nu paling pasti, nyaeta maot.
Bari jeung tos pada terang urang teh saleresna mah, yen Allah kantos ngemutan :"A'udzubillaahi minasy syaithaan nirrajiim. Wabtaghii fiimaa aatakallaahu daarul aakhirati, wa laa tansa nashiibaka minad dun-yaa". Pek, geura sungsi kahirupan akherat, nu dipikaridha ku Allah, ngan omat kade poho, urusan anjeun didunya.
Ngan aneh, urang mah bet sawalerna, sanes nabung kanggo bekel mayunan hirup nu langgeng di akherat jaga, tapi dagdag-degdeg, sieun seepeun bekel, sahuap-sakopeun di panyabaan, bawaning ku kasieunan, dugi ka angkaribung sagala rupi disayagikeun pikeun kahirupan saayeunaeun, di panyabaan. Padahal urang ge pada yakin, nu langkung peryogi mah, bekel kanggo hirup nu saendeng-endeng tea, jaga. Anumawi pantes, urang mah sok disindiran bae ku Allah teh :"A'udzubillaahi minasy syaithaan nirrajiim. Wal ashri, innal insaana lafii khusr, illal ladziina aamanuu wa 'amilush shaalihaati, watawaa shaubil haqqi, watawaa shaubish shabr".
Demi waktu, saestuna sakur manusa pinanggih jeung karugian, kajaba jalma-jalma anu ariman, jeung milampah amal shaleh, jeung anu silih wasiatan dina jalan anu haq, jeung anu silih wasiatan dina jalan kashabaran.
Leres, rugi temenan urang teh, ari ngan ukur ngagugulukeun kanggo dinten ieu wungkul mah, dinten enjing mah kumaha behna, kumaha engke bae, temahna, sagala rupi sok hoyong disakalikeun, disugemakeun saayeunaeun, tara ngemut kana waktos nu bakal kaalaman jaga, padahal tos jelas nembe, Allah SWT mepelingan ka urang, supados meryogikeun bebekelan pikeun akherat, bari ulah hilap kana kaperyogian hirup di dunya, kedah zuhud, nanging henteu fatalis, henteu kabina-bina ngumpulkeun dunya, nanging oge, henteu ninggalkeun dunya, kedah sineger tengah saur Kang Atang mah.

Ti taun ka taun, urang mah seuseueurna teh kajongjonan, duka teh teuing naon margina, cepil urang teh bet sapertos nu torek, henteu nguping kana panyaur Allah sareng RasulNa, hate urang mah bet ngabagel, teuas nandingan batu, teu ieuh katodel ku Ayat-ayat Allah, sareng panuyun Rasulullah teh, noyod we, tunggul dirarud catang dirumpak, seuseueurna mah kalah ka nabung dosa, timbangan nu sakedahna abot ka palih katuhu teh, bet dengdek ngenca, urang teh popohoan teuing nguruskeun dunya, kempal-kempil teh ngan urusan dunya we wungkul, urusan eusi peujit wungkul, urusan teureuyeun wungkul, keukeuh wae, dina emutan teh, kabutuh sapopoe janten nu utami, kabutuh anak-pamajikan janten nu nomer hiji. Padahal urang baheula teh dididik sareng dibina tiap ba'da shalat Ashar teh ku Pa Oma, ku Ustadz Hidzkil, tapi ayeuna, urang teh arang langka, jigana, ngemutan, kumaha shaum urang, tos leres atanapi teu acan, kumaha zakat urang, tos dibayar atanapi teu acan, kumaha ibadah urang, tos merenah atanapi teu acan, kumaha atikan anak incu urang, tos merenah atanapi teu acan, keukeuh we nu diemutan teh, hurung-herangna haliah dunya.

Yaa Allah Yaa Rabbanaa, hapunten Gusti, rumaos abdi teh sasar, nu sunat dianggap wajib, nu wajib kaluli-luli, boa-boa abdi teh kalebet jalmi nu dibendon ku Gusti, nu bakal janten eusi naraka Salira, sakumaha pidawuh Gusti :"A'udzubillaahi minasy syaithaanirrajiim. Walaqad dara-naa lii jahannama katsiiram minal jinni wal insi, lahum quluubul laa yafqahuuna bihaa, walahum a'yunul laa yub shiruuna bihaa, walahum aadzaa nul laa yas ma -'uuna bihaa, ulaa-ika kal an 'aami bal hum adhal lu, ulaa-ika humul ghaafiluun". Jeung saestuna Kami geus netepkeun eusi naraka teh kalolobaanana, tina sabangsaning Jin jeung manusa, maranehanana boga hate, tapi eta hate teh teu dipake neuleuman ayat-ayat Kami, maranehanana boga mata, tapi henteu dipake nenjo, maranehanana boga ceuli tapi henteu dipake ngadenge, nu saperti kitu teh lir ibarat sato, malah leuwih hina batan sato, mara nehanana kaasup jalma-jalma anu talobeh tur balangah.
Allaahu Akbar, Subhanallaah.

Hadirin rahimakumullah.
Dina kasempetan urang ngempel model kieu, urang silih emutan, urang sasarengan deui jiga baheula, urang caangkeun deui, obor -obor kahirupan nu kungsi pareum teh, urang siapkeun deui pakakas kahirupan teh, pikeun meresihan hate, piraku henteu nembrak nonggerak, lampah urang nu kamari, boh nu awon na, pimanaeun nu saena mah. Lamun tea mah aya nu saena, urang sipuh deui, sangkan langkung ngagurilap, urang pasieup deui, ku amal-amal sae sanesna. Atuh nu awon na, urang enggal-enggal gosok, ku elap "taubatan nashuuha" bari urang niatan, ti awit ayeuna kapayun mah, ieu hate teh urang rumat, supados henteu keuna ku kekebul nu ngadagleg, carana taya sanes, kedah di elap, kedah diberesihan ku tobat saban usik, margi ari dosa mah, lir ibarat kekebul nu teu patos katingal, terang-terang tos ngadagleg.

Hadirin para wargi Rahimakumullah.
Dinten ieu urang tiasa kempel model kieu, silaturahmi, niat dina hete mah, didieu, di Cibiru, emut kapungkur saur Enok, saur Ibu Haji Zaenal Abidin, urang ayakeun deui silaturahmi cenah, antawis babaturan urang ba heula jaman keur di Masjid Al Falah, ku riungan nu sapertos kieu, margi tina hubungan silaturahmi nu model kieu teh, urang tiasa silih seblokkan informasi, ngeunaan kaayaan diri urang masing-masing, silih perhatoskeun, silih asih, silih asah tur silih asuh, malah embohna,
nu teu kawon pentingna, urang tiasa silih emutan, bilih urang nuju pareng aya dina jalan nu teu dipikaridha ku Allah SWT.

Malah dina Hadits Qudsi, Firman Allah : "Kami teh, Arrahmaan, tur Rahiim, Kami pisahkeun tina Asma Kami, sing saha nu ngalaksanakeun silaturahmi, tangtu Kami bakal ngantengkeun Diri jeung manehna, tapi sing saha jalma nu megatkeun silaturahmi, tangtu Kami bakal megatkeun hubungan jeung maranehanana.
Saur Rasul :"Panghade-hadena jalma, nyaeta nu pangtaqwana ka Allah SWT, nu paling rajin silaturahmi, jeung nu sok ngajurungkeun kana pagawean-pagawean hade, sarta nu sok nyegah kamungkaran.
Dugi ka Allah SWT ngajangjikeun :"Sing saha jalma nu resep ngalaksanakeun silaturahmi, bakal dipaparin rizki nu saseueur-seueurna, tur dipanjangkeun umurna, tapi sabalikna, sing saha jalma nu mutuskeun silaturahmi, sok sanajan maranehanana ahli ibadah, Allah SWT bakal nyayagikeun siksa pikeun maranehanana, tur moal bisa asup ka syorga.
Saur Nabi :"Laa yad khulul jannata, qathaa 'ah" Moal bakal asup syurga, jalma-jalma nu mutuskeun silaturahmi.
Mugia bae urang sadaya, kalebet jalma nu nembe dijanjikeun ku Allah SWT.

Hadirin rahimakumullah.
Sakitu rupina anu tiasa didugikeun, dina raraga deudeul sambutan ti si Maman tea, sugan kapayun mah silaturahmi urang tiasa langkung euyeub deui, ti awit kulawargana si Prakash ti Siti Munigar palih kaler nepi ka kulawarga Uung, Mansyu Ahmad, Mudi Mahyul ti Siti Munigar palih kidul, pamungkas hoyong nutup ku du'a, mugia bae du'a urang sadaya ieu tiasa diijabah ku Allah SWT.

Amiin Yaa Allah Yaa Rabbal Alaamiin.
Kalayan asma Allah Nu Maha Welas tur Nu Maha Asih.
Mung ka Allah wungkul sadaya puji abdi sadaya, nu ngalimpahkeun pirang-pirang kani'matan, kani'matan di dunya katut kani'matan di akherat
Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mugi Gusti ngalimpahkeun rahmat pikeun jungjunan abdi sadaya, Nabi Muhammad SAW, rahmat anu tiasa nyalametkeun abdi sadaya tina sagala rupi cocoba sareng ujian, rahmat anu tiasa ngalimpahkeun sagala kabutuh abdi sadaya, rahmat anu tiasa ngaberesihan kalepatan abdi sadaya, rahmat anu tiasa ngaronjatkeun kaayaan abdi sadaya kana darajat anu paling luhur mungguh Anjeun, Yaa Rabbanaa.
Allahumma Yaa Allah, tembrakkeun ka abdi sadaya, perkara nu hak teh, dugi ka eces hakna, sangkan abdi sadaya tiasa nuturkeunnana, sareng tembrakkeun ka abdi sadaya perkara anu bathil teh dugi ka jentre bathilna, sangkan abdi sadaya tiasa nebihanana.
Yaa Rabbanaa, limpahkeun ka abdi sadaya ku elmu nu mangfaat, limpahkeun ka abdi sadaya ku amal shaleh anu ditampi mungguh Allah, limpahkeun ka abdi sadaya rizki anu halal tur sae mungguh Anjeun Yaa Rabbanaa.
Allaahumma Yaa Allah, abdi sadaya nyuhunkeun pitulung mung ka Allah wungkul, tina elmu nu teu aya mangfaatna, tina hate nu henteu khusyu, tina do'a nu henteu dugi, sareng tina amal shaleh abdi sadaya nu henteu ditampi.
Yaa Rabbanaa, jantenkeun abdi sadaya, jantenkeun anak-anak abdi sadaya, katut katurunan abdi sadaya kalebet kana ahli elmu sareng kasaean, mugi Gusti henteu ngajantenkeun abdi sadaya, kana golongan anu mengpar tina agama.
Allaahumma Yaa Allah, mugi Gusti maparin karunia jalan anu lempeng ka abdi sadaya, sangkan abdi sadaya tiasa nuturkeun ajaran Nabi Muhammad SAW, ti awal dugi ka akhir, lahiriahna sareng bathiniahna, ucapan lisanna katut rengkak polah sadidintenna, tina taatna ka Allah, tina ngalaksanakeun ibadahna sareng tina amal shaleh nu dijalankeun sadidintenna.
Yaa Allah Yaa Rabbanaa, jantenkeun kahirupan abdi sadaya sapertos kahirupanana para ulama, jantenkeun maot abdi sadaya jaga, sapertos maotna para syuhada, sareng mugi Gusti tiasa nungtun abdi sadaya di Yaumal Jazaa jaga, kana golongan para aulia, mugi Gusti ngabingbing abdi sadaya dilebet syurga, disarengkeun sareng para Nabi, nu diraksa salalamina ku Salira.
Yaa Allah, mugi Gusti henteu ngajantenkeun hate abdi sadaya monteng kana ka kufuran, saparantos Gusti maparin barakah ka abdi sadaya, sareng mugi Gusti ngalimpahkeun ka abdi sadaya rahmat miwah karunia nu dipimilik ku Salira.

Alhamdulillaahi rabbil 'aalamiin, hamday yuwaafii ni 'amahu wa yukaa fi-u maziidah, yaa rabbanaa lakal hamdu kamaa yambaghii lijalaali waj hika wa 'adhiimi sulthaanik. Allahumma shalli wasallim 'alaa sayyidinaa muhammadin, shalaatan tun jinaa bihaa min jamii 'il ahwaali wal afaati wa taqdhii lanaa bihaa min jamii 'al haajaati wa tuthah hirunaa bihaa min jamii 'is sayyi-aati wa tar fa'unaa bihaa 'indaka a'lad darajaat, watuballighunaa bihaa aqshal ghaayaati min jamii 'il khairaati fil hayaati wa ba'dal mamaat. Innaka 'alaa kulli syai-ing qadiir.
Allahumma arinal haqqa haqqa, war zuqnat tibaa 'ahu, wa arinal baathila baathila, war zuqnaj tinaabah. Allaahumma innaa nas-aluka 'ilmaan naa fii 'aan, wa 'amalan mutaqabbalaa, wa rizqaan halaalaan thayyibaa.Allaahumma innaa na 'uu dzubika min 'ilmin laa yan fa'u, wa qalbin laa yakh sya'u, wa du 'aa in laa yus ma 'uu, wa 'amalin laa yur fa 'u.
Allaahummaj 'alnaa wa aulaa danaa, wa dzurriy yaa tinaa min ahlil 'ilmi wa ahlil khaiir, walaa taj 'alnaa wa iyyaahum min ahlisy syarri wadh dhaiir.
Allaahummar zuqnaa mutaa ba 'atan nabiyyi shalallaahu 'alaihi wasallam, awwalan wa aakhirran, wa dhaa hiraan, wabaa thinan, wa qaulan, wa fi' laan, wa thaa 'atan, wa 'ibaa datan, wa 'amalaan shaalihan wa 'adah.
Allaahumma ahyinaa bihayaatil 'ulamaa-i, wa amitnaa bimautisy syuhadaa-i, wah syurnaa yaumal qiyaamati fii zumratil auliyaa-i. Wa ad khilnal jannata ma 'al ambiyaa-i 'alaihimu salaam.
Rabbanaa laa tuzigh quluu banaa ba'da idz hadaitanaa, wa hablanaa mil ladungka rahmah, innaka antal wahhaab. Rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah, wa fil aakhirati hasanah, wa qinaa 'adzaa ban naar.
Allahumma innii as aluka mujiibaati rahmatika wa 'azaa imaa maghfiratika, wassalaamata ming kulli itsmin wal ghaniimata ming kulli birrin, wal fauza bil jannah, wannajata minan naar.
Rabbi qani'ni bima rajaqtanii wa bariklii fimaa 'a thaitanii, wakhluf alayya kulla ghaa ibaatin lii ming ka bi khaiir. Subhaana rabbika rabbil 'izzati 'ammaa yashifuun wasalaamun 'alal mursaliin.
Subhaanaka allaahuma rabbanaa wa bihamdika, asyhadu allaa ilaaha ilaa anta, wa astaghfiruka wa aatubu ilaiih.
Walhamdulillaahi rabbil 'aalamiin.
Billahit taufiq wal hidayah, wal ibadah, wal inayah.
Wasalamu 'alaikum warahmatullaahi wabarakaatuh

Senin, 02 Maret 2009

Essay : Buruan Batur mah Sok Leuwih Lendo

BURUAN BATUR MAH SOK LEUWIH LENDO


Dua bulan campleng asana Abah teh teu ngeusian blog deui, teu ngabibisani eta ge sakapeung mah sok aya mangsa-mangsa anu karasana teh, hambar, teu aya eusian, keur teu parurun, malah sok diplesetkeun ku barudak mah “sedang tidak mood” cenah. Abah ge nya kitu kamari teh.
Ari pangpangna mah waktuna ngahaja dipake ningalian blog batur, ti mimiti blog nu aya patula-patalina jeung elmu pangaweruh umum, agama, basa Sunda, malah anu patula-patalina jeung hobi ge ngahaja ku Abah teh dilongokkan, jadi pulsa telpon teh hamburna dipake ngacacang jalan-jalan didunya maya.
Kacindekan anu bisa kacatet saheulaanan, persis nu jadi jejer dina ieu tulisan, “Buruan Batur Mah Sok Leuwih Lendo” ieu teh hiji ungkapan anu sabanerna mah, tapi anu rek ditulis ku Abah lain ungkapanana tapi estudina harti anu hakikina, lantaran nyaeta kitu, waktu ngalongokan blog nu lian teh, disidik-sidik mah enya buruan blog na teh nu batur mah harade nakeran, ti mimiti buruannana katut eusi blog anu diturilisna oge, estu harade pisan, nepi ka lamun ningali “Template” Abah dina blog ieu, asa matak jadi “rendah diri” cenah, pedah ari blog Abah ti mimiti buruanana nepi ka eusi tulisanana ge, asa teu sataikukueun tulisan-tulisan nu lian.
Da eta we sakali mah ngalongok blog nu hobi nguseup, teu ngahaja awalna mah, pedah aya sobat Abah ti bubudak nu hobina nguseup, jorojoy weh hayang ngalongok blog nu hobina nguseup tea, na ari dilongok teh blog-na enyaan lain gawe iseng jiga Abah, da ieu mah istimewa we ceuk Abah, ti mimiti buruanana nepi ka eusi artikelna, geura we waktu nerangkeun kumaha carana ngalungkeun jeujeur, kumaha carana nyieun eupan, kumaha carana ngarawat jeujeur, malah nepi ka kumaha carana ngarawat alam sabudeureunana di tempat nguseup, estu ditataan kalawan telik jeung jentre deuih, teu nyangka tuda, nu ceuk saliwatan mah geura, nu keur nguseup di Cirata atawa di Saguling we nu aya di tatar Sunda, dina rakit ngajajar saurang-saurang asa teu pira, tapi waktu nulis dina blog-na, estu katingali ahlina teh, malah tulisanana,”ilmiah” pisan ceuk barudak mah. Eta hiji.
Terus aya deui, Abah ngalongok tulisan siswa SMA, oge nya kitu keneh, buruan blog-na teh ku hade pisan ceuk rarasaan Abah mah, nyeni meureun “Template” nu katingalina teh, terus waktu dilongok tulisan-tulisanana, enyaan matak helok, najan karek siswa SMA tulisanana geus jiga tulisan pangarang moyan, malah tulisanana teh siga nu geus dialajar mata kuliah “Methode Research” tea, pedah tulisanana make data-data nu ditembrakkeun pikeun nguatan artikelna, ah....... pokona mah garinding we, sok sanajan dina kaca-kaca sejenna aya oge tulisan-tulisan nu make gaya basa barudak siswa pantaranana.
Ari terus ditingali deui blog Abah sorangan, estuning standard pisan, estu biasa-biasa pisan, taya onjoyna, nepi ka aya gerentes dina hate, eureun we kitu ngeusian blog teh, pedah teu kaudag geuning ku Abah mah ngudag-ngudag pangaweruh dina dunya teknologi informasi teh, asa boyot wae, jigana lain keur pantaran Abah meureun pangaweruh ieu teh, macaan bukuna mah ngahaja macaan, ngeunaan internet, ngeunaan blog, ngeunaan e-mail, tapi hih.... angger we hese, mindeng ngajeten. Ceuk barudak mah : “Hese inget gancang poho”. Enya jigana mah kana kitu Abah ge.
Da eta we, ku hese-hesena ngarti teh, keur ngaguar tulisan sangkan loba nu maca atawa nu nganjang kana ieu blog ge, ku teu bisa-bisa wae Abah teh, akibatna nya nu tadi tea, lila weh Abah teh teu nulis deui, meh dua bulan campleng, lain waktu-waktu sakeudeung, malah kapan ceuk para ahli nu nulis dina blog teh, ulah lila teuing ninggalkeun tulisan, kudu mayeng cenah, mun bisa unggal poe eusian, lain teu nyaho eta ge, kapan ceuk tadi ge, ku teu purun tea jeung ku rasa rendah diri meueun nya, pedah ningali blog batur mah ku harade pisan.