Senin, 15 Desember 2008

CARPON : MAPAG RAMADHAN

“Bade dicet deui moal di lebetna, Pa Haji ?”
“Ah …. Teu kedah jigana mah, Pa Ace ! asa beresih keneh katingalna”
“Pedah we, bade mayunan sasih siam, sok pinuh kapan biasana ge, ari taraweh munggaran mah, sugan ari dicet deui mah rada baretaheun nu ngadon tarawehan teh”.
“Nanging ketah, kumaha engke we dina rapat, upami sadayana sapuk kedah dicet deui, nya urang maksakeun di cet deui, upami saur manuk teu kedah mah keun we, jiga kieu ge cekap keneh jigana. Tah geuning Ade, kumaha De, surat ondanganana geus kakirimkeun kabeh, pan engke sore rapat nyusun panitia Ramadhan teh lin ?”.
“Parantos, sadayana kakintunkeun, 42 urang sadayana mah nu kaulem teh, tapi pan biasana ge nu rapatna mah paling ukur 15 urang”. Si Ade nembalan.
“Sakitu ge alhamdulillah urang teh. Aya keneh nu haat ngadon ibadah ngama’murkeun masjid, ulah dileuleungit kapan dina waktu der-na mah, barudak rumaja ge obyag, milu sibuk nyusun acara, rupa-rupa kagiatan dina waktuna mah teu burung euyeub, eta teh tandana nyaah ka masjid masih keneh aya”.
“Aeh hilap Pa Haji, tadi teh aya nu bari gegelendeng sagala nampi ulemannana, sing bener cenah bejakeun ari nulis ngaran teh, pan puguh gelarna, puguh geus munggah hajina, maenya nulis ngaran, polos keneh wae jiga kieu, sakola teh gede biayana, keur lila teh waktuna, jaba teu gampang hayang meunang gelar jiga kitu teh, atuh munggah haji, ku ayeuna mah kapan puluh-puluh juta biayana oge”.
“Ah….., si Ade mah, aya keneh kitu jalma nu ngomong kitu wayah kiwari ?” Pa Ace nempas.
“Enyaan tadi wengi, ba’da Maghrib masihkeunana uleman teh, saparantosna dibaca, gegelendeng jiga kitu”.
“Euleuh…., enya meureun Ade euy !, Bapa teh aya nu kaliwat teu nuliskeun Drs. Jeung gelar hajina, abong geus kolot, hampura kituh, teu dibejakeun ku Ade”. Cek kuring rada rumasa, teu taliti nitenan surat ondangan.
“Eta ge ku abdi teh diwaler kitu, hilapeun nu nyeratna panginten Pa Haji !”
Pa Ace, gigireun ukur bari keom, ”Behna mah” cenah.

Shalat Maghrib, angger keneh di masjid teh, nu ngama’mum mah ngan ukur dua jajar, kitu ge aki-aki wungkul, dina ondangan jam satengah tujuh rek dimimitiannana rapat teh, beres nu wiridan, H. Lili ngabewarakeun tina “speaker” rapat rek dimimitian. Teu burung geus digugubrag tina speaker ku H. Lili mah, jul-jol narungtutan, satengah tujuh pas, acara dibuka ku Sekertaris, bari diabsen, nu hadir aya kana 22 urangna, kaasup ibu-ibu ti Seksi PKK-RW tiluan, para pamuda-na mah ngan ukur aya duaan, kitu ge nu kaduana mah Si Ade, nu sapopoena idek liher di masjid.
Pa Agus Hidayat, nu jadi Sekertaris, teu papanjangan bubuka rapatna teh, dijojoan nu perluna wungkul, saterusna mah nyerenkeun pingpinan rapat teh ku kuring.
“Alhamdulillah, sakumaha biasa di masjid urang, nalika mayunan sasih Ramadhan teh, diayakeun kagiatan-kagiatan ibadah anu aya patula-patalina sareng sasih Ramadhan, ti ngawitan Tadarus Al Qur-an, Pesantren Kilat Sasih Ramadhan, Ceramah Qabla Taraweh, Ceramah Ba’da Shubuh, sareng sajabina, sakumaha anu parantos didugikeun nembe ku Bapa Agus Hidayat, acara anu utami dina wengi ieu teh, nyaeta milih nu bakal janten ketua atanapi nu baris janten pupuhu dina sadaya kagiatan Ramadhan, ti awit persiapanana dugi ka rengse dina acara Silaturahmi Antar Warga engke dina sasih Syawal. Kumargi kitu, sakumaha biasa sim kuring henteu bade ngusulkeun saha nu pipanteseun janten ketua dina taun ieu, nyanggakeun kana hasil gempungan wengi ieu bae, nanging panuhun ti awal bae, ka saha bae anu janten ketua engke, nalika nangtoskeun rengrengan panitia teh, ulah kahihilapkeun para pamuda, putra-putri urang mugi tiasa dijantenkeun rengrengan panitia, bilih jiga taun pengker, rupina pedah aya para putrana nu teu kalebetkeun janten panitia, dugi ka kolu, ngintun serat ka masjid, bari nyeukseukan beak karep, majar pangurus masjid ngan hoyong ngeukeuweuk ku sorangan wungkul, henteu masihan kasempetan ka para pamuda, sareng nu sanesna disebatan, mung teu sae disebatkeun kumaha benduna nu ngintun serat teh, sok sanaos rada hanjakal margi nu ngintun seratna henteu nganggo sandi-asma sandi-asma acan, mun teu bade disebat serat kaleng oge, sakitu rupina mangrupi pangdeudeul ti sim kuring, salajengna mangga nyanggakeun deui ka Bapa Agus Hidayat kanggo mingpin ieu rapat”.
“Hatur nuhun ka bapa Ketua DKM anu parantos ngadeudeul dina bubuka ieu rapat, salajengna sakumaha anu nembe disebatkeun, urang kawitan bae, kanggo masihan usul calon anu bakal kapilih engke, mangga nu munggaran jiga Pa Djamal nu bade masihan usul”
Pa Djamal, sok sanajan idek liher di masjid jeung urang Sunda wungkul, tapi da manehna mah ti Jawa Wetan, ti daerah Jember, kana basa Sunda teh ngan ukur ngarti we wungkul jigana mah, da ari pok sorangan teu wani, can bisa keneh basana mah, jadi ngajukeun usul ge make basa malayu we manehna mah “Seperti keinginan kita tiap tahun, supaya bisa berbagi pengalaman kepada orang lain, saya mengusulkan Bapa Hassan untuk menjadi ketua tahun ini, yang kemungkinan dari segi usia, beliau adalah yang paling muda diantara kita sekarang ini, tidak ada salahnya beliau diberi kesempatan untuk mencobanya sekarang ini”.
Nu usul disambung ku Pa Haji Toto :”Sumuhun etah asa rada kaemutan, naon-naon anu didugikeun ku pingpinan DKM nembe, leres pisan, dina taun anu parantos kalangkung teh, urang di masjid nampi serat kaleng, bongan teu nganggo alamat nu ngintunna tea, anu eusina matak kukurayeun, lebah nyeukseukanana, mun harita digugu mah, nanging da harita ge urang teh geuning pada-pada ngupahan maneh, keun we lah antep, tong ieuh dilayanan, kateuteu-ari, cek urang harita, nu ngirim suratna jalma tara datang ka masjid, mun enya sok ka masjid mah, harita ge bakal ningali, kumaha sibukna para rumaja, nyiapkeun sagalana, ti awal mula nepi ka rengse, nguruskeun zakat fitrah ti awit nampi, ngetang katut ngabagikeunana ka fakir miskin, kapan harita teh para rumaja, nu sibukna mah, malah teu saeutik harita, nu ngadon i’tikaf di masjid teh, kapan para rumaja seuseueurna mah, malah bari tadarus Al Qur-an sagala, kolot-kolotna mah, boro-boro, eta nu kahiji, ngomentaran serat kaleng baheula, anu salajengna usul ketua taun ieu, pedah ningal taun kamari kaetang sukses, dina kapanitiaan harita, sim kuring ngusulkeun deui Pa Oma nu janten ketua teh, supados tiasa sukses jiga taun kamari, hatur nuhun”.
Usulan anu katilu Bapa H. Achmad Sutarya : “Perkawis surat kaleng tea harita, urang kantos ngariung geuning harita, keun we lah antep, isuk pageto ge bakal katohyan saha pijalmaeunana nu kitu peta teh, da mun harita nu ngintun seratna ngiring rapat model kieu mah, asa moal kajantenan bakal ngintun serat anu kitu unina, “tidak reformis” mah disebutan, “tidak menampung aspirasi remaja”, padahal urang ge apal keneh harita, rumaja nu ngiring rapat harita ngan ukur duaan, teu benten ti jeung ayeuna, tapi pan buktosna, dina prungna digawe mah, para rumaja keneh, urang mah nu jadi kolot-kolotna ukur ngomandoan ti sisi lapang, ayeuna ge nyakitu, ulah salempang ku rumaja urang pedah teu ngiring rapat wengi ieu, sim kuring masih keneh yakin, engke mah lagu digarawena, Insyaa Allah, para rumaja nu bakal onjoy teh geura, rada cocok sareng Pa Haji Toto sim kuring teh, nu ngirim surat kaleng harita, jalma tara ka masjid kawasna mah, anu ngan ukur hoyong ngiritik jeung ngiritik wungkul, anu ngadon ngocoblak wungkul, bari hasil gawena mah boa, cek barudak mah “NATO” cenah geuning istilahna teh, No Action Talk Only. KKO, kalah ka omong, atuh perkawis usulan nu janten ketua panitia, sim kuring teh cocok deui bae sareng Pa Haji Toto, kumaha lamun Pa Oma deui we urang angkat taun ieu ge, moal nanaon rupina sakali deui janten ketua, pedah taun kamari teh pan tiasa disebat sukses harita mah, kasimpulannana sim kuring anu kadua anu ngusulkeun Pa Oma nu janten ketua”.
Pa Machrip ti juru Kidul, ngacung bari nyarita : “Sim kuring anu katilu, sami ngusulkeun deui Pa Oma”
Teu kungsi dikomandoan, racung nu ngacungkeun curuk, ngadon nyatujuan ngusulkeun Pa Oma nu jadi ketua, diitung teh aya kana genep urangna nu ngacung, jadi jumlah kabeh geus aya salapan urang nu ngusulkeun Pa Oma.
Nu usul ditema ku Pa Kamaluddin :”Hapunten rada benten, sok sanaos nu ngarojong Pa Oma rada seueur, tapi sim kuring, anu pernah janten ketua dina waktos dua taun anu kalangkung, sateuacanna Pa Oma, nalika sim kuring harita, kolotna mah ngan ukur sim kuring we wungkul, dan rengrengan panitia teh harita mah barudak rumaja wungkul, anak-incu urang wungkul, teu burung tiasa laksana, janten memang sanes teu pernah para rumaja dilibatkeun, pernah, pernah dilaksanakeun, ngan nalika Pa Oma harita, anu janten Koordinator-na nya para sepuh tea, ieu rupina anu janten ayana serat kaleng teh, janten saleresna mah harita, upami nu nyeratan teh, ngalongok we wungkul ka masjid, da bakal katingal, nu digarawe teh para rumaja, boa putrana ge aya janten panitia. Perkawis ketua taun ieu, sim ngusulkeun Bapa Harris Darmawan, upami tadi Pa Djamal ngusulkeun Pa Hassan, sim kuring usul Pa Hassan nu janten wakilna, janten klop raraosan mah, Pa Harris Darmawan Ketua-na Pa Hassan wakilna”.
Ketua RW kabagean biantara :”Perkawis ketua bade saha ge mangga teh teuing, nanging upami Pa Harris nu bade diangkat naha moal janten pambengan, pedah Pa Harris Darmawan teu katingal wengi ieu, bilih pajar ditulis tonggong, atuh upami bade milih Pa Oma pedah seueur nu ngarojongna, mangga teh teuing deuih, nanging naha Pa Oma-na ku anjeun sayagi upami wengi ieu kapilih deui ? sakitu rupina nu janten patarosan kanggo Pa Oma teh.
Pa Oma langsung ngajawab :”Perkawis kapercantenan ti sadayana, hatur nuhun katampi ku sim kuring, nanging panuhun, sok sanaos nu ngarojong teu kirang-kirang, aya pamundut ti pun anak di Bengkulu sim kuring teh, Idul Fitri taun ieu mah, di ditu we cenah, di Bengkulu, sakalian hoyong katungkulan ku akina, mun pareng bojona ngalahirkeun teh, kukituna bilih bae sim kuring cios ka Bengkulu, pamugi kasadayana bae, taun ieu jabatan ketua teh kanu saneskeun bae heula, bilih teu kagarap utamina mah”.
Pingpinan rapat geus ngagilir-gilir “mik”, rek ngomentaran kateu sanggupanana Pa Oma, tapi ti juru Kaler, aya nu ngacung bari nyarita :”Sebentar Pa Agus, saya ikut nimbrung”.
“Mangga, mangga, ke sakedap Pa Dahman. Para Bapa sadaya !. Hapunten bilih aya nu teu acan apal ka Pa Dahman, anjeunna teh teu acan lami ayana di lingkungan urang, kirang langkung sataunan panginten, tangtosna oge teu acan apal sadayana, anjeunna teh salah sawios warga urang, anu parantos dipercanten janten anggota dewan, jalaran kasibukan rupina, sareng urang jarang tepang, sim kuring salaku pingpinan rapat wengi ieu, sakantenan nepangkeun Pa Dahman ka sadayana”. Sarerea nu ngariung manggut-manggut ka beh juru, tanda adab, ngahormat kanu anyar pinanggih, ituna deuih oge manggut-manggut, sari-sari bari mesem, lir satria pilih tanding, teuneung ludeung pinuh raspati, sarerea ge ngarasa ajrih.
“Terima kasih, atas waktunya, pertama-tama saya merasa heran, di forum resmi begini, kenapa mesti selalu memakai bahasa Sunda, rasanya tidak menghormati dari suku lain, seperti Pa Djamal, kalau tidak salah beliau dari Jawa Timur, sehingga saya mohon maaf, walaupun saya dilahirkan di Jawa Barat, tapi memakai bahasa Indonesia, bahasa nasional. Yang kedua, saya masih bertekad dan berkeinginan, bahwa kepanitiaan ini harus diserahkan kepada para pemuda, untuk memberi kesempatan kepada para remaja belajar berorganisasi, menjadi seorang pemimpin, para orang tua harus memberi kesempatan kepada mereka yang masih muda, masa kepanitiaan Ramadhan saja para orang tua masih merasa ingin mengangkanginya, itu maksud saya dulu mengirim surat”.
“Hag siah …… teu burung nikukur geuning”. Pa Agus Hidayat ngaharewos
Kuring nu jadi pingpinan DKM, mutuskeun Pa Harris nu jadi Ketua, Pa Hassan nu jadi Wakilna :”Insyaa Allah, Pa Harris Darmawan moal aya alesan nolak, sok sanaos wengi ieu teu aya sumping, nanging sim kuring yakin Pa Harris bakal nampi amanat ti para Bapa sadaya wengi ieu, urang tos pada apal, kumaha kashalehan Pa Harris salami ieu, jalma nu idek liher di masjid, piraku nguciwakeun. Bilih wengi teuing, rapat ieu urang tutup, mugia kempelan urang ti awal dugi akhir aya dina pangraksa Allah SWT, urang tutup ku do’a majelis “ Subhaanaka allaahuma rabbana wa bihamdika, asyhadu alla ilaa ha ilaa anta, astagh firuka wa aatubu ilaih. Walhamdulillahi rabbil aalamiin. Wasalamu ‘alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh”.
Di jalan bari balik, Pa Ace ngagerendeng :”Asa baheula dina buku Badingkut karangan Oey Eng Soe geuning Pa Haji, dina oplet aya nu hitut, teuing saha-sahana mah, lagu mayar nyarios ka supir “Kade nu hitut tadi can mayar Pir”. Na ana celengkeung teh :”Siapa….. bilang….” Cek si geulis teh geuning.






-----mmd-----

Tidak ada komentar: