“Kamana si Maman, teu embol-embol ?” si Ntut kukulutus.
“Pundung meureun, sekertaris teh” Cek Machyul, sahinasna.
“Teu ngarti urang mah, ayeuna geus tanggal lima belas, si Maman teu datang-datang, diontrog siah isukan mah ka imahna mun teu datang teh”.
Poe Jumaah isuk-isuk, tanggal 16 Agustus 2002, enyaan si Ntut nelepon, bari kutuk gendeng beak karep “Kamana wae maneh teh Maman !, urang geus pusing tujuh keliling, si Machyul nepi ka gering, ka dokterna ge dua kali, unggal poe kukurilingan mentaan sumbangan kaditu kadieu, nepi ka gering”.
“Hampura Ntut, euy, ka luar kota ngadadak, teu bisa bebeja heula, ieu ge karek jol tadi subuh, hampura sakali deui, minggu kamari teu milu sibuk jiga maneh, kumaha rencana isukan ? Beres ?”.
“Alhamdulillah, isukan tanggal 17 Agustus 2002, rencana urang bisa laksana, sumbangan ti babaturan sautak-saeutik mah aya, teu ngaleuleungit, ngan kurangna loba keneh pisan, tapi Alhamdulillah, ku si Yanti kakuranganana ditangkes jigana teh, mun maneh bisa, bubar Jumaahan ka Jalan Siti Munigar, didagoan, urang “Gladi Bersih” bisi gagal, perlukeun datang, ditungguan”. Cek si Ntut rada daria.
Jam satu, sabubarna Jumaahan, ka Siti Munigar, kana motor ngarah gancang maksud mah, nyampak di tempat rapat geus loba jelema, malah Kang Uum ge aya harita mah, Machyul geus nyampak titadi, si Kiki, si Wawan Kribo, si Deden, si Zae ge aya. Awewena aya sababaraha urang, aya Aan, Titin, Ntut jeung nu lianna, teu apal kabeh.
Si Ntut nu ngabuih teh, maaf cenah mun aya nu kaliwat, nganuhunkeun pangpangna mah, ka sakabeh babaturan anu geus ngabantuan ku sumbangan duitna, sumbangan morilna, malah sumbangan opieunana, ka Yayah nu nyumbang kue, oge ka kulawarga Drajat Marta, teu kaliwat nu nyumbang ku tanaga-na ge teu kurang-kurang. Di “kum” keun we ka kabeh batur-batur nu geus kahesean, nepi ka rencana “Silaturahmi Akbar” teh, ngan kari nungguan sapoe deui isuk.
Sagala kaperluan geus sadia sapuratina, ti mimiti karung goni, keur “Balap Karung”, bakiak panjang tiluaneun, keur “Balap Bakiak”, malah Bola Volley ge komplit jeung “net” na geus disadiakeun, keur pertandinganana. Teu kaliwat hadiah-hadiahna nu bakal dibagikeun engke dina waktuna geus disiapkeun, malah geus rapih dibungkus kadoan.
Sagala kaperluan nu geus siap teh, kudu dianteurkeun ka Villa-na Si Uung, di Parongpong Lembang, ngarah gampang cenah, kudu nungtutan di anteurkeun, hanjakal mobil ngan aya hiji nu Machyul wungkul, kapaksa nyelang balik heula mawa kendaraan, eusianeun babawaan, da ku mobil Machyul mah teu muat, loba nu teu kabawana, pangpangna jelema nu teu kabawa teh.
Jam satengah tilu tepi ka Villa-na Uung, ngan aya Yanti wungkul, Uung mah masih di jalan ka Bandung-keun, bubar kantor ti Jakarta-na. Ningali saliwat mah, mun ondangan dua ratus datang kabeh teh, moal meakkeun tempat, cek rarasaan mah nepi ka dalapan ratus jelema ge bisa, jigana, saking ku legana.
Dina hate, muji syukur ka Pangeran, Si Uung, babaturan, batur sakelas keur di SMP Pasundan II baheula, katingali mulya, sugih harti beunghar harta, malah Machyul mah nyarita : “Acara silaturahmi Akbar ieu teh, sakalian hayang jadi sarana, pikeun pribadi Machyul khususna mah, atuh umumna pikeun babaturan nu sejenna, nganuhunkeun, utamana pikeun silih maafkeun jeung Uung katut kulawargana, nepi ka bisa diongkosan pikeun ngalaksanakeun Umrah, ka Tanah Suci, engke bulan Oktober 2002”.
“Alhamdulillaah” cekeng teh, mugia bae atuh pikeun babaturan anu bisa miang ngalaksanakeun Umrah ieu teh, sing bisa jadi “wasilah”, pikeun ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT, sing bisa kumereb ka Manten-na, atuh pikeun Uung katut kulawargana, anu ngongkosanana, sing jadi ibadah anu di tampi ku Allah SWT. Amiin.
Ti Parongpong, balik teh geus poek naker, dina mobil aya Machyul, Tutti, Titin, jeung Aan jadi limaan, si Kiki nu jadi tuduh jalan.
Tengah peuting karek tepi ka imah, pamajikan rada jamotrot, teu apaleun, padahal bebeja heula tadi beurang teh, ka budak nu panengah, nyangka ulin teu puguh, jigana.
Tanggal 17 Agustus 2002, ti jam salapan isuk-isuk, di Jalan Siti Munigar geus narungtutan daratang, sawareh pikeun diangkut ku Ending ka Parongpong-keun. Ceu Iin mah pungak-pingeuk euweuh nu wawuh, da sahandapeun kabeh nu karumpul harita teh, hadena bisa keneh nyidik-nyidik Kang Uum, dan ngan Kang Uum wungkul, cenah nu katingali wawuh teh.
Nungtutan diangkut nu teu mawa mobil sorangan mah, ku Ending bulak-balik. Ngan sajajalan kapegat macet, bubuhan tanggal 17 Agustus teh, sarerea keur kariaan, mestakeun Kamerdekaan.
Tepi ka Parongpong geus rada beurang, barang jol mah jalan ka hareup, dibageakeun ku pribumi, Uung jeung Yanti sakulawargana, geus merenah mah, masing-masing neangan tempat ngadon ngobrol nyacapkeun kasono, aya nu ngawangkong di patengahan, ngadon dariuk dina jukut ge loba, sila arandekak, ningalikeun jeung nalingakeun anak-anakna, nu ngadon ulin, aya nu sosorodotan bae, nu ayun-ayunan, nu lulumpatan, malah ngadon sesepakan make bal volley, oge aya, teu kaliwat nu di saung, tungtung kebon beulah kenca, ngadon ngaradu bako, nu Ji Sam Su, nu Gudang Garam, malah aya nu nyacapkeun karesep baheula, mirit “Cap kalong”, ngadon gapleh bari sila.
Nu datang ancal-ancalan, tapi kaciri ngalobaan, Uung nu jadi pribumi, nitah heula dahar, makan siang meureun pibasaeunana mah, daharna ge nya kitu, pada-pada merenahkeun maneh, sakahayangna masing-masing, rek dina korsi hempek, rek dina jukut bari sila teu nanaon, malah nu bari anjeucleu dina batu hias oge teu kurang-kurang.
Beres dahar, bandrek ti dapur keneh ngahaja diteang kunu katirisan, da jeung saenyana deuih, tiris keur anu teu biasa mah, nepi ka bandrek ditonggengkeun tina wadahna, ledis kari jahena wungkul lain bobohongan.
Bari dahar teu weleh silih gabrug pinuh kasono, jeung batur ulin mangsa keur leutik, kumplit rarasaan mah, ti nu kaya nepi kanu sederhana pisan, ti pejabat nepi ka cacah ceuk paribasana, kabeh nyampak, teu aya pipindingna, teu aya halanganana, sarerea silih gabrug nyacapkeun kasono, enyaan jadi hiji teh, euweuh basa itu menak, ieu mah si jambu atah, itu pejabat ieu mah lain, kabeh batur ulin. Kang Uri sabatur-batur ge aya, ti lebak nyebut teh, pedah Kang Uri sabatur-batur imahna lebakkeun Masjid Al Fallah, sono, ngobrol ge bari ngosom we. Hanjakal si Jang Marno teu datang, era pajar teh, ngahiji jeung menak, beja ti Kang Uri mah, diajakan ge.
Itu ieu nu diajak ngawangkong, pada-pada nyebutkeun kasuka, kaatoh jeung kasugemaanana, asa diaku jadi urang Jalan Siti Munigar teh, cenah. Sarerea pada nyebutkeun, kade cenah, mun bisa mah tiap taun jiga kieu teh, tiap tanggal 17 Agustus, ngarah silaturahmi henteu pegat, ngarah nganteng deui hubungan sosobatan jaman keur budak.
Ngadongeng taya cacapna, diselang ku bari saleuseurian, akey-akeyan, ngadongengkeun jaman keur budak baheula, keur rumaja, keur lelengerna tangtuna ge, nu lalaki keur masih keneh sok badminton “dombaan”, diluluguan ku Kang Ending, duitna dikumpulkeun ku Kang Idid, bari dilibur, dibeulikeun heula udud, Kang Endi mah beak beresih, pada ngageuhgeuykeun, da teu weleh, “Pribados” deui, “Pribados” deui. Cek Si Uung mah dasar si “Pribados” si Endi mah.
Nu awewe teu kurang rame, si Emma jeung si Ntut, katambahan ku si Nenden Henni, batur sakelas keur di S.R. Kopo, hampura Nenden euy, eta awak mani jiga nu meunang niup kitu, senang jigana teh.
Si Emma leuwih ti maceuh, “Kadal Moyan” dipetakeun ku maneh, persis jiga kitu kawasna teh, sarerea euweuh nu teu nyakakak, komo si Ntut mah, si Randa Soleh tea, nyakakakna tepi ka jalan, ka Pos Satpam ge tepi, kadenge teh, kabeneran rek nyokot jeket dina mobil, teu kuat ku tiris.
Di patengahan, dina meja makan ngariung Kang Ibin, Anton jeung nu sejenna teu pati apal, lantaran saluhureun kabeh, teu milu ulubiung, di sanghareupan ku pribumi, ngan nu katangkep mah didieu ge sarua, nu diobrolkeun kasuka baheula jaman keur budak, da teu weleh ager-ageran, saleuseurian, suka jigana teh.
Ceu Iin, jeung Ceu Iceu oge Ceu Uu, nyacapkeun kasono, silih rangkul, silih gabrug, nu ditanyakeun pangheulana, geus sabaraha boga incu cenah, itu ieu pada-pada geus arincuan, geus kolot memang umur teh, nu can incuan mah, beger wae pajar teh, begerna ngelehkeun anak-anakna, malah leuwih beger bapana tibatan anakna mah.
Neng Elli ti Bogor nempatkeun maneh beulah kidul, bareng jeung Enok, digonjak ku si Pepen batur sakelasna jaman keur di SD, Sakola Rakyat keneh harita mah, di Foto-an ku si Uus, hanjakal si Alam teu datang, keur ka Banten bejana.
Si Dodi ngasuh bebenjit, dikakaos oblong “Cap Cabe” tea cek Machyul mah, ti baheula si eta mah kitu, bari sesepakan maen bal, make bal plastik, bangun anteng, teu weleh tungkul, noyod we ningalikeun tincakeun, persis siga keur budak baheula.
Si Wawan komplit ayeuna mah, ngaran “Wawan” aya kabeh, si Wawan Kribo, si Wawan Gg Adikacih, si Wawan Hadori oge aya jeung pamajikanana. Keur ngobrol si Wawan Gg. Adikacih jeung si Ging-ging, didengkek ngahaja, sono tuda, salila-lila aya di Leuwipanjang, nepi ka teu apal, padahal pangulinan lebah dinya teh, ti mangsa rumaja keneh.
Kang Ii sang apoteker, jongjon ngobrol jeung Kang Dapros, di saung, ngawawaas deui jaman keur karek pindah ka Jalan Siti Munigar, nepi ka ayeuna geus sakieu kakolotan, betah jeung nineung cicing di Jalan Siti Munigar teh, da mun kongang asa teu hayang pindah sabenerna mah ti Siti Munigar teh, mun teu ras ku kabutuh hayang boga imah mah, nu matak pindah rada ka beh sisi oge, cek Kang Ii.
Barudak diasuh ku Si Kiki, Pepen, Zae, jeung si Dodi, ngadon balap “Dahar Kurupuk”, jeung kaulinan sejenna, cecerewetanana, jejeritanana, matak nineung, baheula ge urang teh kitu siga maranehanana ayeuna.
Maen Volley, bagilir nu eleh diganti, mimiti bapa-bapa, teu kaur prak, da teu weleh akey-akeyan, saleuseurian, ningali pamolah sewang-sewangan, diembohan ku bari garugulingan sagala rupa.
Geus pada-pada kabagean diganti ku Ibu-ibu, ieu ge sarua, malah bari jejeritan sagala, karesep, kasuka jeung kabungah ngelehkeun sagala-galana, teu karasa ku incu digigireun lapang pada nyurakan.
Nu maen gapleh jadi nambahan, korsi taman nu aya ditengah-tengah lapang, dipasang jadi meja mirit kartu, teu kadenge ributna, dan biasana mah mun pareng ninggang ku balak genep atawa ku balak kosong teh, teu weleh ager-ageran, komo mun pareng balak genepna kacekek mah, mupuasna teh jiga nu suka atuh, kasusah di imah poho saharitaeun.
Kasorenakeun, kaulinan diganti kunu dewasa, mimiti bapa-bapa “Balap Karung” si Pepen nepi ka ngoprot kesang saawak-awak, Wawan Hadori ngan hayoh we titajong, ngadon tikusruk, jeroeun karung goni. Nu lucu Kang Endi, nyobaan karung, dicobaan maju ka pakalangan, bari ngagegag nyenyekel tungtung karung, persis jiga budak anyar disunatan, si Ntut mah jigana, nepi ka wer-wer kiih, seuseurianana oge, ningali nu egang jiga budak sunat teh.
Beres “Balap karung” bapa-bapa, diganti ku ibu-ibuna, si Emma metakeun “Kadal Moyan” nepi ka ngehkey sarerea ge, si Juju ge miluan balap karung mah, malah ningali nu nereleng bari nyenyekel tungtung karung, nereleng lain meueus-meueus acan, ngaberetekna, persis jiga Peusing di udag Bagong, genah nyeungseurikeunana.
“Balap Karung” diganti ku “Balap Bakiak” tiluan-tiluan, si Emma nu ngahajakeun mah, “Parabot Calik” ngadon motah digitek-gitek beak karep, ti tukang aya nu ngagorowok : “Emma eta bujur siga kadal moyan siah !” si Emma na mah kalah babarakatakan, dibaturan kunu lalajo tisisi pakalangan.
Nu pangramena mah “Balap Balon”, balon meunang niup kudu digiring ku “buah terong” nu dibeulitkeun ku rapia kana cangkeng, nepi ka ngambay lebah palangkakan, ngagiring balonna teu meunang make leungeun, kudu di entreu-entreu ku sakujur awak bae, nu lalajo mani ngaguruh, eak-eakan saleuseurian, si Ntut mah kalah awak we, jangkung gede jiga Arimbi, lebah ngagiringkeun balon mah, ngeceplek leklok tuur, tanaga beak dipake seuseurian.
Si Pepen, Zae, Dodi, jadi jurina, saha-saha nu bakal jadi juarana dicatet, engke peuting aya pembagian hadiah, mun acara ngagayuh ka lekasan, panon poe beuki reup-reupan nyedek ka Magrib.
Gigireun panggung, teknisi “Sound System” sibuk, ukay-ukey, ngahurungkeun lampu panggung, lampu disco, dicobaan, jiga dina Panggung Gembira, ditata jeung diluluguan ku Machyul, bubuhan ahlina ari dina panggung mah, ti jaman baheula keneh kitu, jaman jadi “jeger”na “Rhapsodia”.
Wanci Maghrib, si Wawan Kribo hideng, ngadon adzan, kabeh reureuh, muru cai, ngadon wudhu, shalat Maghrib sewang-sewangan, dimana tempat nu kosong, hideng sorangan, sakahayangna masing-masing, “Saung Jati” Villa-na Si Uung sagala nyampak.
Beres nu shalat, panggung geus siap pake, nu aya keneh di jero Villa sina pindah, diukna dina korsi nu geus disadiakeun, acara rek dimimitian, bring sarerea nempatkeun maneh, dina korsi, ngaberes rapih, nyanghareupan panggung di beulah Kulon.
Si Kiki nu jadi MC, ngamimitian muka acara, si Ntut dihareup geus gogorowokan wae, neangan si Maman teu katingali, kamana cenah, padahal aya teu kamamana ti tadi ge, ditukang nyerangkeun ondangan, di tukangeun korsi, ngahaja mopoek, sieun aya nu kaliwat teu katalingakeun, bisi teu katuliskeun dina laporan engke.
Nu pangheula kapeto pidato, Machyul, nu jadi Ketua Panitia, ngalaporkeun make bahasa Indonesia, teu make basa Sunda, cek si Ntut mah, moal bisaeun cenah, urang Padang mah basa Sunda-na ge, keun bae antep make basa Indonesia ge.
Memeh sambutan nu kadua naek, MC-na diganti heula, nu asalna si Kiki, nu jadi MC teh, diganti ku Kang Endi. Ti handapeun panggung aya nu nyorowok : “Kade si Endi mah, loba nyebut “Pribados” deui “Pribados” deui geura”. Geeer saleuseurian.
Sambutan nu kadua ti Kang Uum, nu jadi Penasehat acara “Silaturahmi Akbar” taun ieu. Sambutan nu katilu, ku Uung, nu jadi pribumi, nu kahesean pisan. Beres si Uung biantara, turun teu jalan tukangeun panggung deui, tapi ngajleng ka hareupeun panggung, bari nyorowok “Merdeka euy” cenah.
Ditutup ku do’a ku si Maman. Memeh naek kana panggung, aya nu ngagorowok ti handap :”Piraku Haji make kupluk, pantesna ge make topi haji, maneh teh Maman”. Sarerea seuri.
Beres ngado’a, diteruskeun ku acara “Potong Kue”, aya nu ngagorowok tinu poek :
“Saha nu mere kuehna euy ?”
“Ti Si Yayah”. Aya nu mang-jawabkeun.
Nu motong kuehna : Uung jeung Yanti, Machyul jeung Kang Uum, di barengan ku wawakil ti “Sesepuh Jalan Siti Munigar”, dihaminan ku lagu “Happy Birthday” syairna diganti jadi “Selamat Potong Kue”, hidmat memang.
Ditengah-tengah, antara panggung jeung korsi tamu, “Api Unggun”, di hurungkeun ku Uung nu manjurkeun minyakna sakalian, disusul ku nu tadi motong kue, seuneu ngabela-bela, silalatu kaluhur mancawura bareng jeung tingpeletekna suluh kabeuleum, waas, ketir, sagala rasa tumplek ngahiji, pagaliwota dina dada sewang-sewangan.
Acara Utama nu jadi acara puncak peuting ieu, rengse, ditema ku dahar deui bae, sawareh mah nyerang “Tukang Mie Kocok”, jadi inget baheula, malah ngadongeng jeung si Uri, di Jalan Siti Munigar, baheula ge sok aya “Tukang Mie Kocok” si Emas, peuntasan Bi Onok cicingna, peuntaseun Cikakak, saba’da Asar ngiderna teh, ditanggung, nakol piringna ge geus pada apal, sorana tarik, ngelehkeun sora klakson mobil, ngadon reureuh lebah Pos Hansip, urut warung Bi Emed baheula.
Gigireun Meja Tukang Mie Kocok, nu gapleh beuki anteng, komo si Josner mah mirit kartu na ge, badis we urang pangaduan, dicaangan ku lampu taman tukangeunana.
Hawa teu karasa tiris teuing harita mah, da awak kaeusian sangu jadi rada haneut deui, malah nu ngasaan mie kocok mah, diembohan ku seuhah sagala rupa, mahekeun cengekna kalobaan teuing.
Nu ngamimitian naek ka panggung ngadon nyanyi, si Cheffi, beak dua lagu diganti ku biduan ti luar, diganti deui ku sababaraha urang, putra daerah Jalan Siti Munigar ngadon nyanyi dua lagu sewang, mokaha aralus keneh sorana mah, bubuhan kaasuh dilatih sapopoe jigana mah di tempat “Karaoke”.
Kapeutingnakeun acara “Fashion Show”, rame deui bae, kabeh alager-ageran seuseurian, kayungyun, ti nu awakna leutik camperenik jiga Euis Omod, nepi ka awak jiga nu keur bulan alaeun aya kabeh. Disenggakkan ku Si Machyul luhureun panggung.
Hayoh nu saleuseurian, nu milu “fashion” mah angger motah, asa dipupujuhkeun, siNtut mah gegerewekan, aduh alah gawena : “Aduh ieu urang nepi ka ngompolan maneh”, bari tetep akey-akeyan.
Si Ging-ging naek ka panggung, teu hese dititah teh si Eta mah, mimiti dibaturan ku si Dodi, lila-lila dibaturan ku Endi, sagala didongengkeun.
Kapeutingnakeun acara diteruskeun kana “dangdutan”, mokaha rada haneuteun, ngan sora geus mimiti ngurangan, nu peura geus mimiti kadenge dimana-mana, lantaran tikoro beak dipake seuseurian ti beurang keneh. Uyuhan lebah dinyana mah, tikoro ngan hiji-hijina, disakalikeun dipake gogorowokan ti isuk mula.
Acara puncak peuting ieu, muka “Door Frize”, dikoclok nepi ka sababaraha kali, dibatalkeun lantaran teu asup kategori, akhirna hadiah TV Sharp 21” kaboyong ku urang lebak, Kang Aup. Alhamdulillah. Sarerea panuju Kang Aup nu meunang hadiahna.
Ti baheula mula, ti keur pada rumaja Kang Aup mah geus muka warung, pipireun imahna, malah sok jadi kaimpungan barudak, ngadon jajan, ngadon ngopi jeung ngaroko teh didinya, pasered-sered, kadangkala lamun keur kabeneran teu boga duit mah, sok ngahaja jajan teh bari jeung ngalibur sagala rupa, “Sudarmaji” nyebutna ge harita mah, suka dahar lima ngaku hiji, sarerea geus pada apal. Ayeuna geus tilupuluh taunan kaliwat, Kang Aup masih keneh angger ngawarung, nepi ka Si Wawan mah, ngahaja nyampeurkeun bari ngomong :”Kang Aup, hampura abdi sarerea baheula, malah hoyong diridokeun we, ngarah teu jadi mamala jaga di akherat, meungpeung kaumuran keneh, sagala rupa talajak abdi katut babaturan baheula, anu pernah ngalibur, anu pernah dahar lima ngaku hiji teh, hoyong dikhlaskeun, henteu ka Kang Aup wungkul, ka Bi Emed, ka Ma Iti, ka Eteh, ka Bi Onok kabeh anu pernah muka warung di Jalan Siti Munigar, mun aya mah ayeuna putra-putuna, hoyong silih lubarkeun, meungpeung urang bisa silaturahmi model kieu.” bari ngalimba jeung carindakdak sagala Si Wawan ngomongna.
Komo Kang Aup mah, ngajawabna ge bari dareuda sagala rupa :”Dihampura ku Akang, Jang Wawan, oge tangtu kabeh babaturan, mun bisa mah ngawakilan sarerea, urang silih ikhlaskeun……….,” teu kebat, kaburu nungkup beungeut, bari inghak-inghakan.
Si Uung mah teu kuateun nyarita-nyarita acan, ngan kareret bari sasalaman teh, ngeupeulkeun gepokkan : “Anggo kanggo modal……….” Ngan sakitu-kituna.
-----mmd-----

Tidak ada komentar:
Posting Komentar