Repot milih Gupernur Jawa Barat keur tanggal 8 Juli 2003 engke ? Pilih we kuring. Kuring mibanda sababaraha kaistimewaan pikeun jadi Gupernur Jawa Barat.
Kahiji : Ngaran kuring Maman, kaasup salah sahiji ngaran anu paling populer sa Jawa Barat, lantaran ngaran eta kaasup ngaran anu moal bireuk deui pikeun urang Sunda, mun teu bisa disebut salah sahiji ngaran anu loba dipake ku lalaki di satatar Sunda ge. Ti mimiti “tukang beca” jeung “tukang ngangkut runtah” nepi ka anu titelna “Professor”, ngaran eta di Jawa Barat pasti aya, mun masih teu yakin, gampil ngabuktikeunana, tingalian we dina “Buku Telepon” paling copel sa kota Bandung we heulaanan. Ngaran anu dimimitian ku ngaran eta bakal ngantay nepi ka dua kaca dina lambaran buku telepon.
Ti mimiti dedeg-pangadeg nepi ka tangtungan, malah obrolan sapopoe dirumah tangga, nu dipake ngan ukur basa indung wungkul, basa Sunda, kalan-kalan mah sok nyeuneu mun aya nu ngagunakeun basa Sunda rada teu merenah teh, sakapeung mah sok aya eta ge nu ngageuhgeuykeun, cik atuh cenah ari pidato dinu satengah resmi mah, gunakeun we basa Indonesia, tapi tara pati diwaro, malah lila-lila mah geus teu araneheun deui mun pidato mamake keneh basa Sunda teh, lantaran dina diri masih keneh aya rasa kareueus ngagunakeun basa indung, saluyu jeung ngaran tea anu karasana leuwih “Nyunda”. Hiji tah.
Nu kadua : Alhamdulillah, nepi ka poe ieu kuring masih keneh ngalaksanakeun shalat Shubuh di masjid gigireun imah. Cek para ulama jeung mubaligh, cenah, sing saha nu sering ngalaksanakeun shalat Shubuh di masjid hirupna salawasna pinuh barokah. Malah, cenah deui bae, jalma-jalma anu kieu, anu sok nepakeun kabarokahan pikeun umat sakurilingeunana teh.
Pedah merhatikeun birokrat mangsa kiwari, ti mimiti pangkat RT teruuusss ......... ka luhur nepi ka Gupernur malah tepi ka Presiden, can aya kabejakeun anu metu ngimaman shalat berjamaah di masjid. Ari pidato, briefing jeung sambutan mah mani capetang meakkeun alas batur, tapi lebah ngimaman shalat mah, diseredkeun kanu sejen, tacan mampu jadi imam shalat berjamaah mah para pamingpin urang teh, padahal dina seuhseuhanana mah, kacida payusna mun para pamingpin nagara teh mampu jadi imam pikeun jamaahna, pikeun ma’mumna.
Teu ngaleuleungit eta ge, jaman Ordeu beh ditu di Bandung, pernah aya Wakil Walikota, anu sorana halimpu nalika keur ngimaman di masjid jami, bari mampu jeung ngakhatibanana eta teh, bubuhan wedalan pasantren ti Tasikmalaya.
Ulah tepi ka kajadian deui hiji instansi penting di kota Bandung, anu menta ka pangurus masjid, yen Bapa Kepala-na hayang ngakhatiban dina poe Jumaah, tapi dina waktu derna teh, rukun-rukun khutbah, syarat jeung wajibna khutbah dilabrak kitu bae, sanajan ti awalna mula, dibimbing ku ajudanana ge, pamustunganana khutbah jum’at, persis jiga nu keur mere briefing ka anak buahna, nepi ka tungtungna pangurus masjid jadi pada ngarentog ku jamaah, pajar khatibna harita, jalma anu teu pernah shalat Jum’at-shalat Jum’at acan, mun kamampuanana ngan ukur tepi kadinya.
Harepan sarerea hayang aya Gupernur anu “nyantri”. Dua tah.
Nu katilu : Kuring nganjrek di kota Bandung ti mimiti taun 1955, ti mimiti umur kuring harita masih keneh opat taunan tug nepi ka ayeuna taun 2003, bari jeung kudu pipindahan panganjrekan sagala rupa, lantaran kudu ngontrak imah kaditu kadieu, anu akhirna kuring apal pisan kana kasusah jalma-jalma leutik anu tiap taun, diudag-udag kontrakan imah, lamun kontrakan imahna geus tereh beak. Tilu tah.
Nu kaopat : Dina waktu ieu kuring lain anggota tentara, jadi moal aya potongan mun kuring bakal ngazhalim ka balarea, taya cupat mun kuring boga talajak nu samena-mena.
Pedah baheula di lembur sok aya kacapangan “Ra’yat leutik di pilemburan mah, harita, leuwih sieun keneh ku ABRI batan ku D.I. cenah”.
Embohna ti eta, bakal pamohalan mun kuring jadi “Herder”na para saudagar nu mana bae oge. Opat tah.
Anu kalima : Dina waktu ieu kuring lain birokrat, ku kituna henteu aya pangalaman saeutik oge ngeunaan korupsi, atawa ngadahar duit haram anu meunang ngandelkeun tina kakawasaan jeung jabatan wungkul, nepi ka aya pangusaha deungeun anu nyebutkeun rampog nagara urang teh dilakukeun ku para birokrat, anu sok menta upeti bari neugtreug ka para pangusaha, bari jeung tara aya bukti-bukti tarimana tea, murahna gajih buruh diselang-sekarkeun jeung “uang semir” anu kudu disetorkeun ka para birokrat leuwih ti misti, matak tong aneh mun pangusaha deungeun loba nu ngusap birit ka nagara sejen teh.
Jadi, Insyaa Allah, nu jadi getih jadi tulang jadi balung jeung otak kuring salila ieu, halal. Lima tah.
Anu kagenep : Sok sanajan kuring dilahirkeun mah di daerah Ciamis, tapi lantaran ti mimiti taun 1955 nepi ka poe ieu nganjrek di kota Bandung, ti bubudak di Jalan Siti Munigar (wewengkon Jalan Oto Iskandar Dinata), pindah ka Jl. Lio Genteng (wewengkon Jalan Astana Anyar), pindah ka Gg. Mulya (wewengkon Jalan Moch Toha), pindah ke Jalan Gudang Utara, pindah deui ka Jalan Kebon Kawung, pindah deui ka Jalan Leuwi Panjang, nepi ka danget ieu di Komplek Perumahan meunang nyicil ti BTN, jadi pangurus DKM, anu Alhamdulillah, sanajan panganjregan mah teu weleh ditempat-tempat kumuh bae, tapi salamet teu pernah jadi “preman”, teu pernah jadi “Okem”.
Malah jadi hiji kaistimewaan kuring ayeuna, bisa ngarasakeun kumaha pait-peuheurna dulur-dulur kuring anu hirupna kekerehet, ngarasakeun nyer-peurihna hirup ngojayan kahirupan, bari silih sered pateteep di sisi susukan Cikakak atawa sisi susukan Citepus.
Jadi mun teu rek milu nyaah ka balarea teh, asa pamohalan. Genep tah.
Anu katujuh : Dina waktu ieu, lain bae “praktisi”, tapi oge “anak sekolahan” cek si Doel mah, lantaran jarang, jalma anu mibanda pangalaman nu ngemplad panjang dina widang Manajemen Keuangan, najan teu kaasup nyongcolang ti mimiti Es hiji, Es dua, malah keur ngocal-ngocal “sponsor” pikeun Es tilu, ngan ku si cikal dipegeg heula mun dina eles kuda mah, ulah waka luhur-luhur teuing cenah sakola teh, bisi “Aa” hese nyusulna basana mah. Ngan nu pasti, sakola teh lain hasil tina iseng wungkul, tapi estu didorong ku lingkungan ti sisi ti gigir, pangpangna ku “indung si teueul”. Tujuh tah.
Anu kadalapan : Kuring boga qalbu jeung otak.
Program kuring pikeun jadi Gupernur Jawa Barat, insyaa Allah bakal jadi program anu nyongcolang, nurutkeun itungan jeung kacamata manajemen, komo deui nurutkeun hate nurani sakumna warga Jawa Barat, warga Muslim utamana, anu insyaa Allah bakal dibingbing jeung dibina ku para alim ulama. Dalapan tah.
Anu kasalapan : Mani asa anu pang “nyeni’na di satatar Sunda, pedah pernah sakali-kalina, tulisan dimuat dina majalah “Mangle”, majalah kareueus urang Sunda, anu masih toweksa kana basa Sunda, bari jeung pok-pek na, mani asa geus jadi pujangga bae rarasaan mah, pangarang moyan, anu ngan purah moyan wungkul ari isuk-isuk, nungguan matapoe manceran. Salapan tah.
Ku sakitu ge, geus karungkup tah, sarat-sarat anu diasongkeun ku Ceu Popong, dina “Lima N” teh.
Jadi lamun tea mah pamilon-pamilon sejen ngan ukur boga tilu modal, nyaeta kakawasan, duit jeung kandel kulit beungeut, kuring mah mibanda salapan kaunggulan ti antara maranehanana teh.
Tapi naha ku sakitu rek neugtreug nyalonkeun maneh jadi Gupernur ? Cek Kang Cece mah teu nalipak maneh cenah. Malah ulah cek batur, ieu mah cek “indung si kucrit” we :”Ulah waka nguruskeun jalma sa Jawa Barat, ngurus rumah tangga we heulaanan, can metu”.
Behna mah, nu adug-adugan teh, ngan ukur nafsu wungkul, mun teu kitu, ngan kaasup nu ngimpi hayang jadi Gupernur.
( Ka-ilhaman ku “Resonansi” dina “Republika” waktu milih Gupernur DKI)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar