Jumat, 19 Desember 2008

DAKWAH : NGABAGEAKEUN SASIH RAMADHAN

Bismillahirrahmaannirraahiim.
Asallamu'alaikum Warhmatullaahi Wabarakaatuh.
Alhamdulillaahil hakamil ‘adli, laa yadhlimunnaasa, misqaala dzarrah, sub-haanahu katabarrahmah, limanittaqaahu wa au ‘ada bisy syaqwah, liman ‘ashaah. Asyhadu alaa ilaaha illallaahu wahdahu laa syarikaalah, wa asyhadu anna muhammadan abduhu warasuluh. Allaahumma shalli wasallim alaa muhammadin, wa alaa aalihi wa ash haabihii afdhala shalaatin, wa ak mala tahiyyah. Amma ba’du. Fa yaa ‘ibaadallaah ittaqullaaha wa saa ri ‘uu ilaa maghfiratihii waridh waan. Qalallaahu ta ‘alaa fii qitabihil kariim. A ‘udzubillaahi minasy syithaanirrajiim, Yaa ayyuhalladziina aamanuu kutiba ‘alaikumush shiyaamu kamaa kutiba ‘alalladziina min qablikum la ‘allakum tattaquun. Al – ayah.

Diawitan ku basmalah, nu jadi sekar pangiring catur, sangkan jadi panghias rasa, tur jadi santun ing kalbu. Tarate hate malati ati, sangkan jadi pangemat aworna omel jeung amal.

Dituturkeun ku hamdalah, kalimah panundung rambu ing takabur, nu ngahunyud dina kalbu, nu sok jadi panghalang, jorelatna teja Al Qur-an kana manah, ngaheumpikkan tembusna cahaya kudus kana kalbu, sangkan ulah aya rasa riya, sum’ah jeung takabur, nu sok pasolengkrah jeroeun dada.

Dipirig ku kalimah kalih, syahadat dua lir sumpah, jangji moal lanca-linci, luncat mulang udar tina tali gadang, mo rek ngijing sila, bengkok sembah, rek khusyu sumujud, tuhu nuturkeun galur ti Rasul.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah.

Dina hiji waktos, sasih Sya’ban, sapertos sasih ayeuna , nanging katompernakeunana, Nabi urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, kantos sasauran panjang lebar, ngeunaan sumpingna sasih Ramadhan, saurna : “He sakabeh manusa, geus ngiuhan anjeun bulan anu agung tur barokah, bulan anu ngandung hiji peuting anu leuwih hade ti batan sarebu bulan. Allah ngajadikeun puasa dina bulan ieu, fardhu, jeung ngadegkeun shalat peutingna, sunat. Sing saha anu ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT, dina ieu bulan ku hiji pagawean anu sunat, sarua jeung geus migawe kafardhuan dina bulan-bulan sejenna. Jeung sing saha anu migawe pagawean fardhu, sarua jeung geus migawe 70 kali tikel fardhu, dina bulan-bulan sejenna.

Bulan Ramadhan teh, bulan anu ngarupakeun bulan shabar, sedengkeun ganjaran kanu shabar, nyaeta Surga. Bulan Ramadhan teh ngarupakeun bulan hiburan sarta ngarupakeun bulan tambahna rizki, pikeun jalma anu iman.

Kusabab kitu lobakeun ku aranjeun opat perkara dina ieu bulan, dua perkara pikeun meunangkeun karidhaan Allah, dua perkara deui, omat ulah diliwatkeun kitu bae ku aranjeun. Anapon dua perkara anu baris ngadatangkeun karidhaan Allah SWT, nyaeta pangakuan, yen teu aya deui Pangeran anu wajib disembah kajaba Allah SWT, jeung anjeun menta pangampura ka Manten-Na, ari dua perkara anu ulah diliwatkeun kitu wae, nyaeta aranjeun kudu menta Surga jeung menta panyalindungan tina seuneu naraka.

Sing saha anu mere nginum kanu keur puasa pikeun buka, mangka Allah baris masihan leueuteun tina hiji talaga, anu moal matak hanaang nepi ka asup ka Surga ( Hadits Riwayat Abusy Syaikh Ibnu Hibban ti Salman Al Farisi )

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah.

Rupi-rupi kaistimewaan dina sasih Ramadhan, anu dipaparkeun ku Rasulullaah SAW, dina hadits anu panjang-lebar nembe, nyaeta : “Sasih Ramadhan teh bulan anu agung tur barokah, kumargi dina ieu sasih, Allah SWT, parantos ngalungsurkeun Al Qur-an, anu janten undang-undang na umat Islam, pikeun ngatur hirup kumbuh miwah kahirupan umat, sangkan aya dina jalan anu lempeng bener, numutkeun Anu Nyiptakeunna-Na.

Al Qur-an mangrupi obor, anu nyaangan hate manusa, pikeun ngaluarkeun manusa tina poekeun bathin kana kahirupan anu caang mabra, sadayana diebrehkeun pikeun manusa, sangkan aya dina jalan kasalametan dunya katut akherat.

Kaagungan sasih Ramadhan, margi dina ieu bulan Allah SWT, parantos ngawajibkeun shaum ka umat Islam salami sasasih campleng. Dina ieu bulan disunatkeun shalat Taraweh, anu teu disunatkeun dina bulan-bulan sanesna.

Bulan Ramadhan disebat bulan barakah, margi dina ieu bulan, ajen amal ditikel-tikel pahalana, anu sunat diajenan fardhu, sedeng anu fardhu, diajenan sami sareng 70 kali tikeleun fardhu, malah langkung diistimewakeun deui, ku ayana hiji wengi, anu ajenna langkung tibatan sarebu bulan, nyaeta ”lailatul qadar”.

Bulan Ramadhan teh Agung tur barakah, kumargi ieu bulan teh, ngarupikeun bulan shabar, Shabar nahan lapar katut hanaang, shabar ngantos waktu buka, sok padahal tuang leueut, mangrupi kabutuhan poko dina kahirupan manusa.

Sagala perkara anu janten hak manusa ti beurang, ditahan kalayan pinuh ku kashabaran. Allah SWT ngajangjikeun Surga pikeun jalma anu shabar tur tahan uji.

Bulan Ramadhan agung tur barakah, margi ngarupikeun bulan hiburan, khususna pikeun golongan “fuqara wal masakin”, margi dina ieu bulan, rasa laparna aya nu maturan, rasa butuhna aya nu marengan, margi golongan “aghniya”, oge sami pada laparna.

Bulan Ramadhan teh barakah, margi dina ieu bulan, rizki umat Islam, rizki mu’min, baris ditambihan ku Allah SWT, ditambihan jumlahna, utamina ditambihan keberkahanana.

Bulan Ramadhan teh bulan du’a, margi dina ieu bulan, du’a mu’min baris dikabul ku Allah SWT, malah aya opat perkara anu dikhususkeun dina du’a Ramadhan, sakumaha hadits anu didugikeun tadi, dua perkara diantawisna, sangkan urang kenging karidhaan Allah SWT, sedengkeun anu dua perkara deui, nyaeta nyuhunkeun Surga miwah nyuhunkeun kasalametan tina seuneu Naraka.

Anu kahiji, ngucapkeun syahadat, pangakuan anu ikhlas, yen ngan Allah Ku Anjeun, Pangeran anu ngancik dina hatena, teu aya deui tempat anu nyesa, pikeun dieusian ku pangeran sejen, salian ti Allah SWT.

Weuteuhkeun iman ka Allah, sangkan Allah mikaridha, ngan ka Allah wungkul nyembah jeung ibadah, sangkan Manten-Na henteu bendu. Seueurkeun istighfar dina ieu bulan, mugia Allah SWT ngahampura kana kalepatan urang sadaya, salami sabelas bulan anu parantos kalangkung.

Dua perkara anu kadua, memang diistimewakeun dina Ramadhan, sok sanaos ibadah teh sanes wungkul miharep Surga, atanapi sanes wungkul sieun ku seuneu Naraka, nanging estu karana Allah, tapi dina bulan Ramadhan mah, dipiwarang ku Rasulullah SAW, sangkan urang sadaya, nyuhunkeun Surga katut nyuhunkeun panyalindungan tina seuneu Naraka.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah.

Rupi-rupi kakhususan sareng kaistimeaan ku Allah SWT dina sasih Ramadhan, sakedahna disambut kalayan pinuh ku rasa suka bungah tur kagumbiraan ku urang sadaya, anu Insyaa Allah dina waktos anu teu sabaraha lami deui, dina waktos anu kinten mimingguan deui, urang sadaya masih keneh dipasihan yuswa miwah kasempetan pikeun patepang deui sareng sasih Ramadhan ieu.

Siapkeun mental katut fisik samaksimal mungkin, sangkan urang sadaya tiasa ngalap rupa-rupa manfaat tina ibadah bulan Ramadhan, bulan suci, bulan agung, bulan mulya, bulan barakah.
Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah.

Sagala rupi aturan, boh aturan tinggalkeuneun, nya kitu deui aturan laksanakeuneun, moal leupas tina tujuan anu tangtu. Ibadah shaum khususna, tangtos mibanda rupa-rupa maksud sareng tujuan.

Tujuan utama tina ibadah shaum, sakumaha pidawuh Allah SWT dina Al Qur-an, surat Al Baqarah ayat nu ka 183 tadi : “A ‘udzubillaahi minasy syithaanirrajiim, Yaa ayyuhalladziina aamanuu kutiba ‘alaikumush shiyaamu kamaa kutiba ‘alalladziina min qablikum la ‘allakum tattaquun”. He jalma nu ariman, diwajibkeun pikeun aranjeun puasa, sakumaha geus diwajibkeun ka umat samemeh aranjeun, sangkan aranjeun taqwa.

Mental taqwa, anu baris ngabina hiji muslim, jadi hamba Allah anu pinuh ku rasa tanggung jawab, anu tetep panceg ngalaksanakeun tugas jeung kawajiban ka Khalikna katut ka sasamana, dina sagala rupi bidang amal, boh enteng atanapi beurat, salami urang hirup di alam dunya ieu.

Muslim anu taqwa, salamina yakin yen sagala ucap, tekad katut lampahna, saeutik oge, moal aya nu tiasa leupas tina balitungan Allah SWT. Mental taqwa ieu, anu kedah tetep aya dina diri muslim, anu tetep panceg marengan dina sagala widang kahirupan.

Taqwa anu sapertos kieu, tiasa dihasilkeun, ku cara ngalaksanakeun shaum anu sabener-benerna.

Baarakallaahu lii walakum fil qur-aanil 'adhiim, wanafa'anii wa iyyaakum bimaa fiihi minal aayaati wadz dzikril hakiim, wa taqabbala minnii, wa mingkum tilaa watahu innahu huwal ghafuurur rahiim. Wa qur rabighfir warham, wa anta khairur raahimiin.

KHUTBAH KEDUA

Alhamdulillaahi wakafaa, wash shalaatu wasalaamu alan nabiyyil musthafaa, wa ‘alaa aalihii wa ash haa bihii ahlish shidqi wal wafaa.
Asyhadu allaa ilaaha illaallaahu wahdahu laa syariikalah wa asyhadu anna muhammadan abduhu warasuuluh. Allaahumma shalli wasallim wabaarik alaa muhammadin wa ‘alaa aalihi wa ash haa bihii ajma’iin. Amma ba’du. Faa uushikum ‘ibaadallah wanafsii bitaqwallah faqad fadzal muttaquun.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah.

Mangga urang sami-sami ngadu’a ka Allah SWT, sangkan urang sadaya, tetp panceg, manteng aya dina Islam, anu tiasa ningkatkeun taqwa ka Allah SWT.

Allaahumma Yaa Allah, sasih ieu abdi sadaya, nuju mayunan parentah Allah, mayunan puasa Ramadhan, mugi Allah masihan taufik sareng hidayah ka abdi sadaya, sangkan abdi sadaya, tiasa ngalaksanakeun ibadah shaum ieu, anu saleres-leresna nurutkeun aturan Allah.

Yaa Allah Yaa Rabbanaa, tebihkeun abdi sadaya, tina sagala rupi godaan anu baris ngirangan kana ajen shaum abdi sadaya.

Hamdan yuwaafi ni ’amahu wa yukaa fii ‘u maziidah, laa tuh shaa tsanaa ‘an alaika ‘anta kamaa ‘atsnaita ‘alaa nasik. Allaahumma shalli ‘alaa Muhammadin, shalaatan tunjinaa min jamii ‘il ma’aa shii wadz dzunuubi.
Allaahummaj ‘al haadzal balada aamina, wajnubni wa baniyya an na’ budal ashnaam. Rabbi inna hunna ad-lalna katsiraa minan naas, fa man tabi ‘anii fa ‘innahuu minnii wa man ‘ashaanii fa innaka ghafuurur rahimm.
Rabbij ‘alnii muqiimash shlaati wamin dzurriyatii, rabbanaa wa taqabbal du’aa.
Rabbana laa tu ‘aakhidznaa in nasiinaa au akh tha’naa. Rabbanaa wa laa tahmil ‘alaina ishran kamaa hamaltahu ‘alal ladziina min qablinaa. Rabbanaa walaa tuhammilnaa maa laa thaaqata lanaa bih, wa’fu ‘annaa waghfir lanaa warhamnaa anta maulaanaa fanshurnaa ‘alal qaumil kaafiriin. Rabbisy rahli shadrii wa yassir lii amrii, wahlul akdatan millisani yafqahu qauli. Rabbanaa laa tuzigh quluubanaa ba’da idz hadaitanaa wa hab lanaa min ladunka rahmah. Innaka antal wahhaab. Allaahumarzuq lanaa rizqan halaalaa, wa tub ‘alainaa taubatan nasuuhaa.
Rabbigh fir lanaa wa li waalidainaa wal ikhwaaninaal ladziina sabaquuna bil iimaan, wa laa taj ‘al fii quluubinaa ghillan lilladzinaa aamanuu rabbanaa innaka ra ‘uufur rahiim. Rabbanaa ‘alaika tawakkalnaa wa ilaika anabnaa wa ilaikal mashir, rabbanaa laa taj ‘alnaa fitnatal lilladziina kafaruu waghfir lanaa, rabbanaa innaka antal ‘aziizul hakiim. Rabbanaa aatinaa mil ladunka rahma, wa hayyi’ lanaa min amrinaa rasyadaa.
Rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah wa fil aakhirti hasanah waqinaa adzaa bannaar.
Walhamdulillaahi rabbil ‘alamiin.

'ibaadallah, innallaaha ya'muru bil 'adli wal ihsaan, wa itaa idzil qurbaa wayanhaa 'anil fahsyaa-i wa mungkaari wal bagh, ya 'idhukum la 'allakum tadzak karuun, fadz kurullaahal adhiimal jaliila yadz kurkum, wasy kuruuhu 'alaa ni'amihi yazidkum, walaa dzikrullaahi akbar.
Astaghfirullaahal 'adhim, lii walakum.
Wasalam mu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.

Tidak ada komentar: