Jumat, 19 Desember 2008

DAKWAH : TALI KADALI NAFSU

Bismillahirrahmaannirraahiim.
Asallamu'alaikum Warhmatullaahi Wabarakaatuh.
Alhamdu lillaahil ladzii anzala ‘alaa ‘ibaadihii kitaabaan kariima wabayana fiihi ahkaamaan ‘amiimaa, walladzii laa tabdiila likalimaatihii dawaamaa. Asyhadu allaa ilaaha illallahu wahdahuu laa syariikalah wa asyhadu anna muhammadaan ‘abduhu warasuuluh. Syahadatan tunjii qaa ilahaa min ahwaali yaumil qiyaamah, wa ushalli wa usallimu ‘alaa sayyidina muhammaddin khairin nabiyyiina, wa ‘alaa aalihi wa ash haa bihii watta bi ‘iina ilaa yaumidiin. Amma ba’du. Fayaa ‘ibaadallah uushikum wanafsii bitaqwallaah faqad faa zal muttaquun.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah.

Puji syukur urang sanggakeun ka Hadirat Illahi Rabbi, Anu Maha Welas tur Maha Asih, anu parantos maparin mangpirang-pirang kani’matan ka urang sadaya, Rahmat miwah salam kawilujengan mugia dilimpahkeun ka Jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, ka para kulawargana, para shahabatna sareng ka sadaya para panganutna anu satia tug dugi poe kiamah jaga.

Ma-asyiral muslimin rahimakumullah.

Pikeun umumna urang salaku manusa, upama nguping kecap nafsu, lelmbeutan teh sok jol bras bae kana hal-hal anu negatif, pikacuaeun tur pikaceuceubeun, kecap nafsu sering pisan dipatalikeun kana kalakuan-kalakuan anu kirang hade, kana tingkah laku anu teu uni, upamana bae, maling, ngabajo, maehan, korupsi, nipu jeung sajabana, sarupaning padamelan anu teu luyu jeung tungtunan agama.

Malah pikeun urang, tampolana nafsu teh sok dipapandekeun jeung ka ambek, teu saeutik nu nganggap, samangsa-mangsa aya jalma keur ambek, eta teh tanda jalma nu keur kaeunteupan ku nafsu, padahal anu saleresna mah henteu kitu, nafsu teh estu hiji hal anu netral, anu mangrupa kakuatan, anu bisa ngajurung laku, naha balukarna bakal jadi laku lampah anu hade atanapi goreng, gumantung ka urang sadaya salaku wadahna.

Mun dipapandekeun mah, nafsu teh lir ibarat mesin mobil, beuki tarik muterna mesin, beuki ngagaur sorana, beuki rosa deui kakuatanana, pikeun ngabelasatkeun kendaraanana.

Ngabelasatkeun kendaraan, mangprung, tur suat-sietna dijalan, gumantung kana katapisan supir, ngatur gas, kupling jeung nyiapkeun eremna.

Sanajan mesin weuteuh, tur hade bari mibanda kakuatan sababaraha rebu sese, tacan karuhan mangfaat tur hade, saupama supirna, teu bisa mawana, moal hanteu, balukarna matak cilaka, matak nimbulkeun kacilakaan.

Sedeng sabalikna, sanajan kakutan mesin, sanggup ngabelastkeun kendaraan, nepi ka ratusan kilometer dina sajam na, tapi ari supirna geus tapis nyekel setir, jeung caringcing nyiapkeun erem katut unak-anikna, kawasna moal pati gede teuing mamalana, malah tangtu bakal karasa mangfaatna. Tempat jugjugeun, bakal kasorang ku waktu anu ngan ukur sakoteap.

Kitu deui nafsu nu aya dina diri urang sadaya, bisa nyalametkeun, tapi oge teu saeutik anu malah nyilakakeun, lamun nafsu dianteur sakarepna, bari henteu disetiran jeung diereman, urang sadaya bakal kagusur kabawa nyasar, tunggul dirarud catang dirumpak, bras na teh mo salah deui, bakal tepi ka tempat anu pisangsaraeun.

Dina hal ieu Allah SWT ngelingan ka urang sadaya dina Al Qur-an Surat An Nisa ayat nu ka 135 : “Poma aranjeun ulah rek nurutkeun hawa nafsu, pikeun milampah pagawean anu teu adil, upama aranjeun ngabalieur tur henteu tumut, saestuna Allah Maha Uninga, kana sagala rupa anu dipilampah ku aranjeun”.
Pikeun jalma-jalma anu ngaberung hawa nafsuna, anu teu bisa nyetir jeung ngerem hawa nafsuna, ku Allah SWT bakal diantepkeun nepi ka nyasarna, jeung moal aya saurang oge anu bisa nulungan ka eta jalma, sakumaha dawuhan Allah dina Al Qur-an surat Al Jaatsiyah ayat nu 23 : “Naha anjeun kungsi ningali jalma-jalma anu ngajadikeun nafsuna jadi pangeran maranehanana ? Jeung Allah bakal ngantepkeun ku elmu pangaweruh-Na, ceuli jeung hate maranehanana ditutup, kitu deui panenjona. Cing, saha anu baris nungtun eta jalma kana bebeneran sanggeus Allah ngantep sina sasar ? Naha aranjeun henteu bisa mikir ?

Anu ngabedakeun manusa ti makhluk sejenna aya opat rupa, nyaeta : Akal, Nafsu, Hate jeung anu kaopat Roh. Ku ayana opat perkara ieu, manusa ngajanggelek jadi makhluk anu sampurna wujudna, jadi makhluk anu hirup sacara jasmaniah jeung rohaniah.

Tapi kumaha dina kanyataannana, langkung seueur manusa, anu ngagunakeun nafsu jeung perasaan manan uteukna, manan akalna. Hiji bukti, tiasa kasaksian ku urang sadaya, langkung seueur keneh manusa anu ngagugulukeun nafsuna manan nu malikirna.

Tadi disebatkeun, umumna jalma sok nyamarutkeun nafsu kana kalakuan-kalakuan anu negatif, cindekna, dianggapna nafsu teh sarua jeung ka “Ambek”, padahal numutkeun ajaran Islam, henteu sakabeh nafsu teh amarah, tapi sabalikna, aya oge nafsu anu hade.

Nafsu anu hade ieu, ku para ulama disebatna “Nafsu Muthma-innah, ditegeskeun ku Allah SWT dina Al Qur-an Surat Al Fajr ayat ka 27 dugi ka 30 : “Yaa ayyatuhan nafsul muthma-innah, irji’ii ilaa rabbiki raadhiyatam mardhiyya, fad khulli fii ‘ibaadii wad khulli jannatii”. He nafsu anu tenang, geura mulang ka Allah, sing ngarasa resep tur dipikaresep, ku sabab kitu pek asup kana golongan hamba Kami.

Malah numutkeun para ulama, nafsu teh nyaeta, organ rohani, anu gede pangaruhna tur panglobana ngaluarkeun parentah, diantara organ rohani sejenna ka jasmani pikeun hiji pagawean.

Para ulama malah milah-milah nafsu jadi dalapan rupa.

Amarah (nafsu nu can bisa ngabedakeun bener jeung salah, atawa nu can meunang pituduh)
Lawwaamah (nafsu nu geus mimiti boga rasa hanjakal mun milampah salah)
Musawwalah (nafsu nu geus bisa ngabedakeun hade jeung goreng, tapi duanana sarua dipajuna)
Muthma’innah (jiwa anu tenang, anu geus meunang tungtunan tur kapiara)
Mulhamah (Nafsu nu geus meunang ilham ti Allah)
Rodiyah (Nu geus ridha ka Allah, qanaah, syukuran)
Mardhiyah (Nu dipikaridha ku Allah, mulya, ikhlas)
Kaamilah ( sampurna tina wujud jeung dasarna )

Tina dalapan tingkatan nafsu nembe, sabenerna lamun diciutkeun deui mah, bisa dibagi dua, nyaeta nafsu anu goreng patut atawa amarah tea, jeung nafsu anu hade, nyaeta Muthma’innah.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah.

Dina Al Qur-an surat Ali Imran ayat nu ka 14, Allah SWT netelakeun : “Zuyyina lin naasi hubbusy syahawaati minan nisaa-i wal baniina wal qanaathiril muqantharati minadz dzahabi wal fidh dhati, wal khailil musawwamati wal an’aami wal harts, dzaalika mataa’ul hayaatid dun-yaa mallaahu ‘indahuu husnul ma-aab”. Geus dipapaeskeun pikeun manusa mikaresep syahwat atawa hawa nafsuna, saperti ke istri, ka anak, kana harta banda anu loba, sabangsa emas jeung perak, kana tutumpakan jeung ingon-ingon, jeung tutuwuhan. Anu kitu teh papaes hirup anu dipikaresep di dunya, jeung disagedengeun Allah aya tempat pangbalikan anu hade.

Nafsu lantaran geus mangrupa fitrah manusa, teu bisa dileungitkeun kitu bae, teu bisa ditumpur ludeskeun, tina diri manusa. Kusabab kitu, tarekah hihij-hijina, iwal ti ngalelempeng eta nafsu, anu saluyu jeung fitrahna. Kamana ngalelempengna ? Kana jalan anu dipikaridha ku Allah SWT, kana jalan anu lempeng, kana agama anu hanif, kana agama anu qayyim.

Hadirin rahimakumullah.

Lantaran nafsu teh papaes hirup, mangka kudu diurus, sangkan nafsu tetep katingali moronyoy, pikabitaeun, pikarsepeun anu ningali.

Kangaranan hiasan, henteu cukup ku dibuni-buni, tapi kudu dipake, sangkan matak resep jeung nimbulkeun rasa bungah kanu makena, ngan anu tangtu, lebah makena, kudu luyu jeung tempatna, teu kudu kaleuleuwihi.

Nafsu, oge pon nya kitu keneh, sanajan mangrupa papaes hirup, hentu kudu dipuhit kabina-bina, nepi ka ngaleuwihan wates wangen. Resep ka istri wajar, tapi ulah kaleuleuwihi, komo bari dijieun jalan pikeun rucah mah, nyaah ka anak henteu hina, nu ulah teh kaleuleuwihina, ulah lantaran nyaah ka anak, lat bae poho kana batal haram.

Mikacinta harta banda jeung kalungguhan oge pantes, ngan ulah tuluy jadi sarakah. Da kabehanana oge, ukur hiasan dunya, anu kudu diurus dihade-hade, dipikacinta tur henteu matak lali kana purwadaksina.

Ulah nepi ka ngabalukarkeun lat poho ka Nu Mere-Na, Poho ka Allah SWT, ulah nepi ka manusa jadi golongan anu rugi, gara-gara mikacinta papaes dunya.

Sakali deui, nafsu bakal mangfaat, lamun manusa bisa ngungkulannana, lamun panceg nyekel setirna, lamun pakem eremna, bari caringcing tur iatna ngalelempengna.

Baarakallaahu lii walakum fil qur-aanil 'adhiim, wanafa'anii wa iyyaakum bimaa fiihi minal aayaati wadz dzikril hakiim, wa taqabbala minnii, wa mingkum tilaa watahu innahu huwal ghafuurur rahiim. Wa qur rabighfir warham, wa anta khairur raahimiin.
KHUTBAH KEDUA

Alhamdulillaahi wakafaa wash shalaatu wasalaamu alannabiyyil musthafaa wa ‘alaa aalihii wa ash haa bihii ahlish sidqi wal wafaa. Asyhadu allaa ilaaha illa;;aahu wahdahu laa syariikalah wa asyhadu anna muhammaddan abduhuu warasuuluh.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’ah rahimakumullah.

Teu aya kasimpulan tina khutbah anu parantos didugikeun dina khutbah anu kahiji tadi, mugia bae urang sadaya tiasa ngalelempeng nafsu muthma’innah, pikeun ngalaksanakeun naon-naon nu janten kawajiban hiji muslim dina nanjeurkeun ka-Islaman katut kaimanan diri urang sadaya.

Pamungkas, mangga urang sami-sami munajat ka Allah SWT, mugi-mugi Anjeun-Na ngabulkeun kana sagala paneja urang sadaya.

Rabbanaa laa tu ‘aakhidnaa in nasiinaa au akh tha’ naa, rabbanaa wa laa tahmil ‘alainaa ishrang kama hamaltahu ‘alal ladziina ming qablinaa. Rabbanaa walaa tuhammilnaa maa laa thaa qata lanaa bih, wa ‘fu ‘annaa waghfir lanaa warhamnaa anta maulaanaa, fanshurnaa ‘alal qaumil kaafiriin.
Rabbisy rahli shadrii wa yassir lii amrii, wahlul ukdatan millisanii yafqahu qauli.
Rabbanaa laa tuzigh quluubanaa ba’da idz hadaitanaa wa hab lanaa min ladunka rahmah. Innaka antal wahhaab.
Allaahumarzuq lanaa rizqan halaalaa, wa tub ‘alainaa taubatan nasuuhaa. Rabbigh fir lanaa wa li waalidainaa wal ikhwaaninaal ladziina sabaquuna bil iimaan, wa laa taj ‘al naa fitnatal lilladziina kafaruu waghfir lanaa, rabbanaa innaka antal ‘aziizul hakiim. Rabbanaa aatinaa mil ladungka rahmah wa hayyi’ lanaa min amrinaa rasyadaa. Rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah wa fil aakhirati hasanah waqinaa adzaa bannar.


'ibaadallah, innallaaha ya'muru bil 'adli wal ihsaan, wa itaa idzil qurbaa wayanhaa 'anil fahsyaa-i wa mungkaari wal bagh, ya 'idhukum la 'allakum tadzak karuun, fadz kurullaahal adhiimal jaliila yadz kurkum, wasy kuruuhu 'alaa ni'amihi yazidkum, walaa dzikrullaahi akbar. Astaghfirullaahal 'adhim, lii walakum.
Wasalam mu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.

Tidak ada komentar: