Minggu, 14 Desember 2008

DAKWAH : SHALAT BERJAMAAH

A 'uudzu billaahi minasy syaithaanir rajiim.
Innamaa ya' muru masaa jidallaahi man aamana billaahi wal yaumil aakhiri, wa aqaamash shalaata, wa aatazzakaata walam yakh syaa illallaaha fa 'asaa, ulaa -ika ay yakuunuu minal muhtadiin.

Ayat-ayat nu kaunggel diluhur, nyaeta surat At Taubah ayat anu ka 18, anu hartosna kirang langkung : “Ngan wungkul anu ngamakmurkeun masjid-masjid Allah, nyaeta jalma-jalma anu ariman ka Allah jeung poe akhir, serta tetep ngadegkeun shalat, ngaluarkeun zakat jeung anu teu sieun ku sing saha bae salian ti Allah, maranehanana jalma-jalma anu diancokeun kana golongan jalma-jalma anu meunang pituduh”.
Nabi Muhammad SAW kantos sasauran dina hadits anu diriwayatkeun ku Syaikhan, anu unggelna sapertos kieu :
“Shalatul jamaa ‘ati taf dhulu ‘alaa shalaatil fadz dzi bi sab ‘in wa ‘isy riina darajah” Anu hartosna : Shalat berjamaah teh ngungkulan kana solat nyorangan atawa munfarid ku dua puluh tujuh darajat.
Kanggo ngumplitan eta hadits, aya deui hadits anu diriwayatkeun ku Thabrani anu kieu unggelna : “Wafadhulatish shalaatu fil masjidil jaami ‘i ‘alaa maa siwaahu minal masaa jidi bi kham simii -ati shalaat”. Anu hartosna, kaunggulan ganjaran shalat di masjid jami ngungkulan ka anu lianna sapertos shalat di imah, lima ratus kali shalateun”.
Hadits anu katilu, anu diriwayakeun ku Abu Daud.
“Man sami ‘an nidaa -a falam ya- tihii falaa shalaata lahuu illaa min ‘udz rin” Sing saha anu nguping sora adzan, tapi teu datang, shalatna moal ditarima kajaba kanu aya halangan.
Atuh pangbibita, sangkan urang sering shalat berjamaah di masjid teu kirang-kirang, geura cobi ieu,
“Man shallal ‘isyaa -a fii jamaa ‘atin faka -annamaa qaama nish fal laili waman shallash shub ha fii jamaa ‘atin faka -annamaa shallal laili kullahu”.
Sing saha anu ngalaksanakeun shalat Isya berjamaah, sarua jeung ngalaksanakeun shalat sunnat satengah peuting, jeung sing saha anu ngalaksanakeun shalat shubuh berjmaah, sarua jeung ngalaksanakeun shalat sunnah sapeuting campleng.

Man shallal maghriba wal ‘isyaa -a, al aakhirata wa shalaatal ghadaati fil masjidi fii jamaa ‘atin fa ka annamaa ahyal laila kullahu”.

Sing saha anu shalat Maghrib, Isya nu akhir, jeung shalat Shubuh di masjid berjamaah, sarua jeung ngamakmurkeun peuting eta, sapeuting campleng.

Hadits-hadits anu nembe ngahaja didugikeun deui teh, margi urang mah umumna, asa parantos rengse, atanapi asa parantos gugur tugas, mun tos rengse ngalaksanakeun shalat, sanajan ngan ukur nyorangan di bumi ku anjeun.
Urang mah teu acan kabita keneh bae, mun shalat bari berjamaah di masjid teh, teu janten pamecut hadits-hadits anu didugikeun nembe teh, bari padahal teu mustahil urang ge tos apal cangkem deui kana hadits-hadits anu nembe teh, teu acan katoel bae hate teh, sok sanaos pangbibita mah, malah teu kirang-kirang ancaman, pikeun jalma-jalma anu ngantunkeun shalat berjamaah.
Kaunggel dina hadits anu diriwayatkeun ku Bukhari sareng Muslim :

“Walladzii nafsii biyadihi laqad hamamtu -an aamura bihathabim fayuh tathabu, tsumma aamuru rajulam faya -ummun naasa, tsumma -ukhaa lifuhu, ilaa rijaalim fa -uhar riqu ‘alaihim buyuutahum.

Demi Allah anu mibanda jiwa raga ieu, mun kongang mah saur Nabi, kami marentahkeun jalma-jalma pikeun ngumpulkeun suluh, terus kami marentahkeun nu sejen pikeun adzan ngajak shalat, geus kitu kami marentahkeun salah saurang diantarana pikeun ngimaman shalat berjamaah, saterusna kami bakal ngadatangan jalma-jalama anu teu milu shalat berjamaah, terus ku kami duruk imah jalma-jalma nu teu milu shalat berjamaah.

Nabi bae, kahoyongna mah pikeun jalma-jalma nu teu ngiring shalat berjamaah teh, diduruk tah bumi-bumina teh.
Kumargi kasauran Nabi nembe jiga kitu, aya hadits anu diriwayatkeun ku Muslim, saur Abu Hurairah, sapertos kieu :
“Aya salah saurang shahabat anu teu ningali, anu lolong sumping ka payuneun Rasulullah SAW, bari nyarios : Yaa Rasulullah, kumargi sim kuring teh teu gaduh nu nungtun pikeun nuyun ka masjid, kumaha mun shalat sim kuring mah di rorompok bae ?” Ku Rasul harita mah diidzinan, nanging nembe oge ngaleos sababaraha lengkah, ku Nabi digentraan deui bari tumaros : “Ari anjeun masih keneh bisa ngupingkeun sora adzan ?”
“Atuh kantenan we, yaa Rasulullah”.
“Upama kitu, leuwih hade anjeun datang pikeun shalat berjamaah”.
Ku Nabi mah, anu teu ningali bae, anu lolong, masih keneh dipiwarang shalat berjamaah di masjid, teu aya “rukhshah”, teu aya halangan pedah lolong.
Ari urang ? geura tengetan we ku anjeun ulah ku batur, salira masih keneh sehat, malah kalebet jagjag belejag, da keukeuh we teu acan kabita wae shalat berjamaah di masjid teh, margi angger we shalat fardu teh di bumi keneh bae, malah sok bari jeung rada GR kapan sakapaeung mah urang teh, sok bari rada gede rasa tea, pajar teh shalat di bumi mah asa langkung deuheus ka Pangeran teh, padahal tos puguh nembe, shalat fardhu di masjid bageanana, kajabi shalat sunat anu di bumi mah.
Padahal shalat di masjid anu bari berjamaah mah, sakalieun we urang teh shalat bari rada malaweung, aya jaminan kapan, mun aya we di antara jamaah nu lian, kalayan shalatna bari khusyu, atawa imamna anu khusyu, kapan kacandak kanu khusyu urang teh, bari darajatna langkung ageung dua puluh darajat.
Sabalikna mun sakalieun shalat di bumi wungkul mah, keur mah ganjaranana teu acan karuhan, katambah-tambah mun shalatna bari cus-cos kamana-mendi, atuh lapur jigana, teu hiji-hiji acan darajatna.
Lamun teu kitu, sok aya kaisin, aya kaera, urang mah mun pada nyebat jalma shaleh teh, pedah eta di jalan, pedah urang keur ngingkig ka masjidkeun aya nu ngageuhgeuhyekeun : “ “Leuh kawas jalma shaleh bae make jeung ka masjid” Da enjingna teh, ngaringkeb, teu ka masjid deui, era cenah, disebut jalma shaleh, batur mah hoyong.
Akibatna, angger we masjid mah kosong, meh umum di unggal masjid kitu, nalika waktu shalat fardhu mah kosong bae, sanaos ari fisik masjidna mah tohaga, malah teu saeutik nu kalebet megah, tapi pangeusina, maksimal tilu jajar, kitu ge aki-aki wungkul.

Jigana, jigana pedah Allah mah tara nampiling.

Digeuing ku khatib teu kurang-kurang, di elingan ku para mubaligh meh unggal waktos, malah meh unggal Jum’at ku Khatib mah diingetanana oge, sangkan shalat berjamaah teh,
Tapi kumaha basana, kapan cenah ge : “Akh siah, khatibna oge can puguh asup ka sorga” nepi ka kitu tah.
Melang teh bisi tibalik, kapan teu saeutik di lembur urang, nalika pupus mah, atawa mun pareng geus jadi layon mah, dishalatkeunana ge kapan mani keukeuh tah kulawargana teh, hoyong di masjid cenah, malah diumumkeunana hoyong langkung ngoncrang dina “speaker” teh, sangkan katengetan ku bala rea, padahal kadongdora geu jadi mayit mah, sanajan disholatkeunana di masjid, ari keur jumenengna keneh, boro-boro shalat bari ngama’mum, teu apal-apal acan juru masjid jiga kumaha.

Tidak ada komentar: