Senin, 15 Desember 2008

CARPON : NU NGAJAK JOGED DI PANGANDARAN

Tilu puluh lima taunan kurang leuwih, kuring papisah jeung batur ulin baheula teh, lantaranana mah pedah Apa jeung Ema pipindahan bae, ngontrak imah dimana-mendi, sanajan masih keneh di kota Bandung, nepi kaider kaditu-kadieu, anu akhirna batur ulin teh gunta-ganti, sakumaha gunta-gantina imah kontrakan nu dicicingan.
Ari ayeuna mangsa umur geus satengah abad leuwih, kuring bisa ngahiji deui jeung batur ulin baheula, ngariung deui, bari awalna mah teu pira, panggih dina acara silaturahmi, tungtungna bisa deui ngariung, bisa kumpul deui, malah make jeung rada aneh sagala dina hate mah, mun keur ngobrol jeung saha bae oge, basa panganteurna sok make basa Sunda anu kasar pisan, teu awewe teu lalaki, dipake deui jiga baheula keur leutik we kitu.

-----mmd-----

“Maman !, jadi ka Pangandaran teh cek An-an, ti dieuna urang poe Jumaah, balik ti ditu poe Senen” Sora Si Ntut dina telepon.
“Enya lah, jadi urang milu, tapi inditna kudu peuting, jam salapan we ti Bandung-na, urang kudu ngajar heula, aya kuliah peuting, ngajar kelas karyawan”
“Kudu !, maneh mah Maman, kudu milu, cek An-an, mun maneh teu milu kudu ngagantian parurugi, ongkos ngarias panganten, lantaran mun teu jadi, hanas ngarias panganten poe Minggu dikabaturkeun, da hayang ulin ka Pangandaran” Cek Si Ntut ngeukeuhan.
“Enya, bejakeun kasarerea, urang rada peuting datangna”
Rengse ngajar, langsung ka Jalan Siti Munigar, ngadon ngagule heula ketah, di Haji Aan, di Terminal Kebon Kalapa, lantaran ti beurang can kararaban sangu saeutik-eutik acan, bisi salatri angkanan mah, jeung rada lapar deuih memang, nu puguh mah.
Ti Terminal Kebon Kalapa ngahaja leumpang ka Jalan Siti Munigar, ngarah rada longsong eusi beuteung teh, nu dijugjug imah Si Cecep, ngahaja nyampeur, kabeneran Si Zae geus nyampak.
Memeh indit nyampeur nu sejen, Si Cecep kalah katatang-koteteng heula neangan sendal pakeeun.
“Poho deui neundeun meureun, dimana tadi maneh neundeunna ?”. Ceuk Si Zae.
“Lain poho neundeun urang mah, loba teuing sendalna”. Jawab si Cecep sahinasna.
“Na sabaraha hiji maneh boga sendal teh, Ecep ?” Ceuk Si Zae, kukulutus.
“Dalapan belas, siah” Ceuk Si Cecep teu kireum-kireum.
“Dasar gelo, siah maneh mah” Ceuk Si Zae angger kukulutus.
Sendal geus kapanggih, opatan ngaleut ka Gg. Adikacih, nyampeur nu sejen, pedah geus karumpul di imah Si Ntut, malah teu kungsi lila, Ibu Hajjah An-an ngurumuy sorangan, ingkang raka mah, Haji Amin, nungguan cenah dina mobil, di Jalan Siti Munigar, hareupeun imah Si Entin.
“Ntut !, ngan sakieuan nu milu teh jadina, lain loba tiheula teh nu daftarna ?” Cek kuring.
“Bae lah sakieuan ge, loba nu ngabatalkeun, Si Machyul ge teu bisa milu cenah, jadi panitia re-uni bebejana mah di Unpad”.
“Cing itung sabaraha urang nu milu teh, bisi teu asup kana mobil Kang Amin-na”.
Si Ntut ngitung babaturan nu rek milu, dibantuan ku Si Entin bari nyebutan ngaranna masing-masing.
“Aya salapan kabehanana mah, geura urang sebutan, Kang Amin, An-an, Entin, Zae, Enok, Ceu Eti, Si Ecep, maneh, urang weh, sakitu” Cek Si Ntut.
“Jadi sapuluh meureun jeung supir” Cek An-an. “Ngahaja mawa supir, ngarah teu cape, ari aya nu khusus nyupiran mah, enya ge sarerea bisa nyupiran, pan rek ngadon ulin urang teh, rek picnic, jadi geus teu kudu nyupiran deui, Kang Abun ngaranna, genaheun malah nyupiranana ge, henteu ngebut”.
Jam salapan peuting panceg, mimiti merenahkeun maneh dina mobil, diatur ku Si Entin. Kang Haji Amin di hareup duaan jeung supir, Kang Abun, di jajaran tengah Hajjah An-an, Si Entin, Ceu Eti jeung Si Enok, nyelempet di juru, pedah awakna pangleutikna, nepi ka diukna ge siga dilahun ku Si Entin atuh, malah ampir-ampir teu kabagean.
Di jajaran tukang, Si Cecep, Si Zae, Si Ntut kaopat kuring, pasered-sered, lantaran suku teu bisa nyanghunjar samemena, sababna biasa, eusi mobil pinuh ku pakean, jeung dahareun pangpangna mah, rumasa cenah ahli leleb wungkul, ahli lelebok wungkul cenah, sarerea oge, cek si Zae.
Karek geuleuyeung ge mobil teh, Si Ntut mah geus ngabuih miheulaan, sagala diobrolkeun, ti mimiti hesena neangan mobil sewaan, hesena ngumpulkeun jalma nu rek milu, anu dina waktu pendaftaran sakitu giakna teh cenah, dina waktuna mah, ngolembar, loba kaperluan, aya oge nu hayang milu, kagok lantaran teu jadi samobileun, arembungeun cenah ari kudu rada gede mayar ongkos sewana mah.
Ngan An-an nu teu galideur teh, dirojong ku ingkang raka Kang Haji Amin, picnic ka Pangandaran kudu laksana cenah, malah dibelaan mobil diservis heula, sagala diganti, ka aki-aki mobil diganti kunu weuteuh, bisi mogok dijalan cenah, ngahaja malah mawa supir, nyewa, da angkananana sanajan loba anu bisa nyetiran ge, kuring bisa nyupiran, Si Cecep oge bisaeun, malah Kang Haji Amin oge masih keneh bisa ngebut, tapi bisi cape ari kudu nyupiran sorangan mah cenah, tujuanana ge rek picnic, matak ngahaja mawa supir, nu sejen mah urang sukan-sukan we, ngadon gogonjakan, nyenangkeun hate, ngumbar deui lamunan jaman keur budak baheula, ayeuna ngumpul deui, sawareh.
Salila di jalan, teu aya saurang oge anu ngadon sare sakerejep, da teu weleh ngadongeng sagala dicaritakeun, bagilir silih tembal, katurug-turug supirna antare, henteu ngebut, estu salse teu asa karurusuh, jadi santai ceuk Si Enok mah, malah ngaharewos Si Enok mah :”Maman geuning resep nya ulin teh, senang kieu, asa jadi jalma kaya”.
“Nya heueuh atuh resep mah, matak engke mun aya deui acara ulin jiga kieu teh kudu milu, gusur tah sakalian Si Zae teh, ngarah rame, ulah sina cicing bae di imah salaki teh, ari ngariung deui kieu mah, geus nini-nini ge moal karasa geura, keur kieu mah, asa ngora keneh wae, asa masih keur parawan baheula”. Si Ecep nembrong.
“Heuheuy ….. deuh, mun direret ti tukang jiga ABG, tapi ditingali ti hareup …., anyiiiir… jiga kieu, kajero dempak kaluar nyungcung”. Ceuk Si Enok keneh. Sarerea euweuh nu teu seuri.
“Maraneh mah mending, keur mangsa rumaja masih keneh babarengan, Si Zae nepi ka kawin jeung Si Enok, jeung babaturan keneh, Si Tuti kawin jeung Si Uan, Kang Amin ka An-an, Si Entin ka Alex, Ceu Eti Ka Madmad, jeung rea deui babaturan urang nu karawin jeung babaturan deui, lantaran ngarariung nepi ka mangsa karawin, ari urang ?” Cek kuring. “Urang mah teu kabagean mangsa rumaja ngariung, lantaran imah pipindahan wae tea, nepi ka ngariung deui ayeuna teh, bener-bener asa mulangkeun deui panineungan jaman baheula”.
“Bae Maman lah!, ayeuna maneh ku urang dibaturan, ari hayang mulangkeun deui panineungan mah, meungpeung jauh ti pamajikan maneh”. Cek Si Ntut togmol, angger deuih basana ge, basa barudak tea.
Waktu mobil rek asup Nagreg, mimiti pungkal-pengkol, Si Ntut mimiti humandeuar, luh-lah sagala disebutan, nyeri itu nyeri ieu, padahal sarerea ge apal, mabok nu puguh mah manehna teh, pedah diuk dina mobil pangtukangna, jaba malik kagigir, sanajan supirna teu ngebut oge, ari jalanna pungkal-pengkol kitu mah angger we matak lieur, matak olab, teu ongkek ge uyuhan, jaba kurang sare ti beurangna, angkanan mah asup angin, nepi ka adug lajer, jiga Arimbi ngamuk.
Ku Si Enok mah kalah ditambahan ku bari ngadongeng sagala, ari inget aya nu mabok kendaraan teh cenah :”Baheula, pernah urang naek beus, ditengah jalan kitu jiga Si Ntut bieu, asup angin, nepi ka mabok, lieurna beak karep lain caritakeuneun, nepi ka piongkekeun ditahan sataker kebek, lantaran hese ngaluarkeunnana oge, jaba nahan kaera, tungtungna piongkekeun diteureuy deui we ku sorangan”.
“Gandeng siah Enok, gila, urang geus lieur kieu hayang ongkek, Pa Supir kasisi heula hayang kacai” Si Ntut kutuk gendeng, Si Enok na mah angger seuseurian dibarengan ku sarerea.
Lebah Ciawi, mobil eureun heula di Pom bensin, bari reureuh, ngaradon ka cai sawareh mah, malah Si Zae ge katingalina geus lung-leng bae, sarua mabok jiga Si Ntut, ngan pedah lalaki we meureun, masih keneh bisa nahan.
Istirahat di pom bensin teh rada lila, lumayan ka angin-angin ku hawa peuting, nepi karasa seger deui, Si Ntut geus katingali cenghar deui, Si Zae geus bisa ngaroko deui, sarerea geus saleger deui, komo Kang Abun geus teu tunduheun deui jigana, teu matak hariwang nyupiranana deui.
Tilu jam antara Bandung – Tasik, teu eureun-eureun ngobrol jeung ngabuih, repeh jeung cicingna teh waktu Si Ntut mabok we, rarepeh sawareh mah, jeung ongkoh waktu Si Ntut jempe mah, sarerea ge pada jempe, da puguh si eta nu matak rame wae teh.
Geus sagala merenah kakara mobil maju deui, tepi ka Tasik jam 12,00 peuting, ngadon reureuh di imah adina An-an, di daerah Unsil, Universitas Siliwangi.
Teu mangkuk lila, katingali mata Kang Amin geus beureum, kurang sare, tungtungna eleh wowotan, ngolesed ka kamar ngadon sare, An-an mah geus miheulaan ti tadi keneh ngadon kerek di tengah imah, nu sejen masih keneh ngobrol, Si Entin, Si Enok, Ceu Eti jeung Si Ntut ngariung patumpang-tindih bari ngawarangkong.
Si Ecep, jeung Si Zae, tiluan jeung kuring di kamar tamu, ngajarepat ngadon ngobrol, nu diobrolkeun angger, lalakon jaman keur budak, jaman keur maen Gampar, maen Panggal, maen Gatrik, jeung Hujan Angin, hareupeun imah si Zae, parat ngobrol teh nepi ka Subuh.
Waktu shalat Subuh, nu nikmat mah, pedah sarerea, itu-ieu waktu shalat mah hayang bari berjamaah, nu pangheulana jadi imam harita Haji Amin. Moal aya deui kanikmatan, anu kaalaman dina hate harita, waktu shalat, bari berjamaah jeung babaturan, babaturan ti keur laleutik keneh.
Malah ngahaja harita mah, satutasna wiridz teh, ngadu’a bari digerendengkeun, bari mata teu karasa rambisak, malah kana jeroeun dada mah asa aya nu ngagedug, dina tikoro teh asa aya nu nyelek deuih, eusi dada teh lir aya nu ngacak-ngacak. Biwir mah ngagerendeng : ”Nun Gusti Pangeran abdi, mugia sakabeh babaturan abdi keur leutik ieu teh, sing tiasa ngalakonan parentah Gusti deui sadayana, da baheula ge, keur leutik teh, abdi sadaya diajar ngaji - diajar shalat teh babarengan di Masjid Al Falah, piraku ayeuna geus sakieu kakolotan masih keneh aya nu ngaluli-luli kana parentah Gusti. Mun baheula abdi keur leutik babarengan, ayeuna geus pada-pada dewasa abdi sadaya tiasa babarengan deui, jaga ge mun abdi sadaya maot teh, hayang babarengan deui ditempat anu sae mungguh Anjeun Yaa Rabbanaa”. Amiiiiiiiiin…………



-----mmd-----


Satengah lima isuk-isuk, mobil kaluar ti imah, rada poek keneh harita mah di Tasikmalaya teh, da supir masih keneh talag-tolog teu apal jalan, kamana jalan ka Ciamis-keun teh teu pati apal, tapi jam tujuh isuk-isuk geus tepi ka Banjarsari, ngadon reureuh sisi jalan, pedah ningali tukang kupat tahu. Ngadon sarapan tidituna mah, nu sejen aya nu bari kacai heula, da Si Zae beser wae cenah, teu kaop katiisan, komo isuk-isuk mah.
Lebah Tunggilis, di daerah Kalipucang, sarerea ngareret peuteuy gede, jiga karek meunang metik, mani barolotot, dipasar sisi jalan, matak kabita, matak uruy, mobil ngahaja dikasisikeun rek ngadon balanja, meuli peuteuy keur dahar sabrakkeun engke di Pangandaran, sanajan bari ngeprul hujan, ibu-ibu teh maksakeun maneh ngadon balanja, ari sugan teh rek saperluna we wungkul meuli peuteuy teh, ari sihoreng balanja sakalian, 200 papan lain heuheureuyan, lain bantrak-bantrakeun mawana ge, nepi ka nitah, mawana ge, kanu dagangna.
Bari silih gonjak jeung pada baturna tukang ojeg didinya, nu mawa peuteuy teh, ngomong : “Untung nu nitahna gareulis euy, daek urang-na ge, dititah kunu gareulis kieu mah”. Ditembalan ku tukang ojeg sisi jalan :”Heueuh gede milik maneh mah euy, dititah ku nu gareulis, jaba jarangkung gede kitu, bangkok we sugan mah”. Kuring nu keur ngiuhan, bari ngadagoan nu baralanja, nyentak tukang ojeg :”Heh siah, pamajikan urang diheureuyan”. “Aeh, hapunten Pa Haji, manawi teh teu sareng Bapa”. Ceuk tukang ojeg, bari sasadu menta dihampura. Kuring ngan ukur bisa ngaheheh.
Dibejakeun teh ka Si Ntut dina mobil bari maju. “Aduh siah, mun tadi mah kadengena ku urang, diparieuskeun tah tukang ojeg teh sungutna” Ceuk Si Ntut kukulutus.
Jam salapan isuk-isuk geus merenah di tempat pamondokan, malah geus sariap-siap hayang geura jalan-jalan, mipir-mipir basisir Pangandaran, basisir Pananjung, tempat nu bisa dipake ngojay, ukur jalan-jalan wungkul harita mah, tapi bari geus sagala dibeuli, oleh-oleh, ti mimiti kewuk, bintang laut, kerang hiasan, batu karang ge geus nungtutan dibareulian bawaeun ka Bandung, teu kaliwat Jambal Roti ge geus dipesenkeun ti awal keneh, ngarah engke waktuna balik teu hese deui, cenah.
Satengah dua belas kakarek baralik ka pamondokan, ngadon istirahat, bari dahar, terus shalat, ngahaja di jama-ta’dim, jeung di qashar deuih, pedah di panyabaan, angger deuih berjamaah, ni’maaaaat …… teh, shalat berjamaah jeung babaturan wungkul, sakapeurih sakasuka teh enyaan, lain bobohongan.
Geus sagala beres, sagala rengse, bari gegelehean ngobrol teu karasa, saking ku cape jigana, sarerea ngadon sarare di tempat diukna sewang-sewangan, kuring nu pangheula sare mah, bari nangkarak dina dipan di tengah imah, ngadon nyegrek.
Lilir-lilir jam satengah dua sore, mani bareng sarerea hudang jiga nu meunang ngomandoan, geus pada-pada hudang mah, hih da ger deui we, garogonjakan, saleuseurian deui, jigana enya, eureun heureuy teh waktu sarare we wungkul, keur pada-pada beunta mah, nepi ka saheng atuh tengah imah teh, jiga siraru jadi.
Si Enok mah sababaraha kali ngomongna ge :”Maman, geuning ulin teh genah kieu nya, engke deuih mah mun rek arulin teh, kade poho ka urang Parunghalang, ajakan geura, Si Enok tea”.
“Heueuh lah, engke ku urang diajakan, lamun imahna teu kabawa palid, teu kabanjiran ku Citarum” Ceuk Si Ecep mairan.
Lalaki opatanana teu marandi heula, lantaran pada-pada hayang ngojay di Pananjung, rek sakalian engke we mandi mah satutasna icikibung di basisir, nyurung-nyurung lambak di tengah laut, enya ge umur geus lewat angka lima puluh, karesep mah jiga budak teh lain heureuy, Si Zae bulak-balik ngojay make gaya katak, marengan ombak, bangun hampang, bangun genah, ngan teu pati lila, da napas beak manten.
Kuring nya kitu keneh, ngojay make gaya Tarzan, jiga keur palid baheula, jaman keur budak, ngadon palid di Citarum, di Dayeuhkolot, sarua kuring ge, karek dua puluh meter mapakan lambak teh, geus huk-hek napas geus asa dina tikoro, Si Ecep ge teu beda, mun baheula jaman keur budak, masih keneh bisa lalangkarakan luhureun ombak, ayeuna mah nyobaan nangkarak teh langsung tikerelep, da awak geus leuwih ti 75 Kg, geus teu bisaeun ngambang deui.
Kang Amin ge sarua, najan bari mamawa “pelampung” ge, angger we da teu jiga baheula deui, batina mata we mani euceuy, burahay beureum, lantaran kadupakan bae ombak.
Wanci sareupna, geus reup-reupan malah, kakara haranjat ka darat, jeung hujan deuih ongkoh pangpangna mah, ngadon balik ka pamondokan, bari teu dibaju da puguh hujan, huhujanan we deuih, teu ieuh sieun gering.
Tepi ka pamondokan pada ngarentog ku ibu-ibu, Si Ntut nu rada molotot mah :”Si Maman, ngojay ka pantai teu ngajakan ka urang, pikasarebeleun lalaki teh”.
“Diajakan ku urang ge siah Ntut, ngan maraneh, darangdan wae, masih keneh ngome beungeut bae !” Si Zae nu nembalan mah.
Shalat Maghrib dihijikeun deui jeung Isya, kuring kabagean ngimaman, nu teu kabagean berjamaah kahiji, disambung ku berjamaah kadua, Si Ecep nu jadi imam-na.
Alhamdulillah shalat mah teu kaluli-luli, sanajan bari keur sukan-sukan ge, shalat mah ulah tinggaleun ceuk Kang Haji Amin, malah ngomat-ngomatan ka anu masih belang-betong shalatna, Haji Amin ngelingan, rek iraha deui cenah, mun teu ayeuna, meungpeung urang keur babarengan jiga kieu, atuh shalat ge urang teh sing terus babarengan, sugan we nepi ka akherat urang teh bisa babarengan.
Nu apaleun mah Si Ntut, bari ngagerewek :”Si Kang Amin ulang taun !” cenah.
“Aeh enya euy, poho urang oge, poe ieu teh urang ulang taun” Ceuk Kang Amin asa kaingetan jigana mah.
Sarerea pada ngawilujengkeun, keur ngarayakeunana engke peuting urang dahar di restoran cenah, ngadon dahar jeung lauk laut, nu digoreng, nu dibeuleum, tong poho mawa peuteuyna.
Beres dahar, kuring nu pangheulana nyangsaya dina dipan, kaciri ku sarerea ge matana geus reup-reupan kari lima watt, malah ngobrol ge bari ngadapang we, nu sejen mah masih keneh cicirihilan, geus rek sales-leseun jigana mah, Si Ntut jeung Si Entin ti kamar ngagerewek, tarik beak karep, nepi ka kadenge ka alas roban jigana mah, kuring ge ngulisik deui, anu kari reup teh, bari kutuk gendeng ka Si Ntut : “Na maneh mah Ntut euy, ngagandengan bae ka anu bade leleson teh !”.
“Ngewa tuda, batur rame, ieu mah ngadon geus rek sare deui, wayah kieu, rek ngadon hees mah di imah we atuh, maneh teh Maman !” Bari teu weleh cicirihilan jeung Si Entin.
Jam sapuluh peuting, enyaan kuring cenghar deui, jigana kagareuwahkeun ku anu garogonjakan, kagandengan ku anu saleuseurian, seger deui jam sapuluh teh, nu sejen malah geus carapeeun.
“Urang mah cenghar deui euy, rek jalan-jalan we ka Pananjung, saha nu rek milu ? Urang ngadon nginum cikopi geura diditu !”. Cek kuring.

Si Ntut jeung Si Entin anu nuturkeun teh, di Pananjung teu wudu rame keneh, loba anu jaralan-jalan, pangpangna barudak rumaja, anak-anak urang Cina lolobana mah, kaciri rada saripit. Anak-anak bangsa urangna mah euweuh pisan, nu katingali laloba duit we wungkul nu aya teh.
Bari nginum cikopi dina jongko, Si Entin ngajerewet, pedah ningali kijang, uncal ceuk urang mah, nu ngadon neangan dahareun di handapaun tangkal waru, uncal ti Cagar Alam, ngahaja jigana neangeun dahareun, ngadon pagaliwota jeung manusa.
Teu lila di Pananjung peuting eta, lantaran hujan geus mimiti pras-pris, sieun kahujanan di jalan, buru-buru balik ka pamondokan, nu sejen, sawareh mah geus titingkreb, geus ngarimpi, teuing ngarimpikeun naon.


-----mmd-----


Jam genep isuk-isuk geus rabeng tukang dagang sangu, sangu koneng, sangu wuduk komplit jeung gorenganana aya, Si Enok hideng mangmeulikeun keur sarerea, bari mayar ku sorangan ti dituna mah, tapi dihuit ku An-an, : “Yeuh gantian, ulah dibayar ku Enok, engke lamun geus beunghar, pek pangmayarkeun, ayeuna mah ti dieu we heula ti An-an, mun Si Kang Maman nu mayarna, moal digantian ku An-an, simpen we duit Enok mah keur balanja ari aya kahayang keur oleh-oleh engke”.
Si Enok ge nganuhunkeun dikitukeun ku An-an mah, bari ngagerendeng : “Mugi-mugi bae, anu dibikeun ka Enok sing kagantian deui, kunu leuwih loba”. Amiiiin….. cek sarerea saur manuk.
Gorengan suuk ngasaan hiji, diambeng jeung sangu koneng, karek ge am, kowowong …… teh, teu kuat nahan nyeri, nyeri huntu, lantaran gorengan teuas teuing, tambalan huntu kabawa jeung gorengan, wayahna sapoe ieu teu bisa dahar nu teuas-teuas deui, ngagayem ge maksakeun maneh make huntu hareup, sarua jeung Si Zae, ti kamari keneh Si Zae mah teu bisaeun dahar nu teuas-teuas-na teh, geus kolot memang, kanikmatan teh saeutik-saeutik geus dikurangan.
Beres sarapan, sarerea siap-siap rek jalan-jalan, hayang ka Cagar Alam cenah mah, ngahaja jalanna nu ngaliwat basisir Pananjung, ti beulah Kulon, lantaran diselang-selang bari balanja, meulian kerang, karang laut, malah kewuk mah rupa-rupa dibeulian, keur pajangkeuneun engke di Bandung, Si Ecep ge teu tinggaleun poe ieu mah milu balanja meulian kewuk keur oleh-oleh, keur anakna nu awewe.

Mimiti asup, nu langsung katingali di Cagar Alam teh, Gua Jepang, teu diasupan nu ieu mah, lantaran kagok, kaluarna engke kudu ti lawang mimiti asup, jaba kudu nyewa batere ti barudak nu ngasong-ngasong. Gua Jepang ukur direret luarna wungkul, diteruskeun rada nanjak ka Gua Lanang, robah ngaranna Gua Lanang teh jadi Gua Lampir, pedah di jero guha ieu, film Nenek Lampir dishooting-na, henteu kudu nyewa batere didieu mah, lantaran di jero guha, estu caang da sayagikeun patromak, sababaraha hiji, orokaya memeh asup kudu mayar heula sarebu perak saurangna.
Asup ti dieu mah kaluarna teh henteu balik deui, tapi diteruskeun ti jero, aya jalan tembus ka luhur, tapi kudu naek hambalan nu netek pesan, kurang leuwih aya tilu meter ka luhur, nepi ka tanggah, keur leueur teh hambalannana, jaba kudu ngantay hiji-hiji, nu jejereged mah rada ripuh necena oge, pedah laleueur tea, jaba naekna bari ditambahan ku saleuseurian, jejeretean, atuh tanaga teh gampang beakna.
Bari saleuseurian waktu keur nece kana hambalan guha harita, nu kainget teh sakabeh batur-batur nu teu jadi milu ka Pangandaran, pangpangna Si Machyul nu jadi gegedug barudak, Si Ntut langsung poksang : “Untung siah, Si Machyul henteu milu, mun milu teh matak seunggah ningali taraje nu laleueur jiga kieu”.
Karek ge Si Ntut ngomong kitu, ari tepi kaluhur, sarerea ngalenyap lantaran luareun guha, kudu turun deui kahandap, bari taneuhna laleueur urut katinggang hujan, jaba euweuh cecekelan pikeun turunna, nu lancar turunna ukur Si Ecep nu pangheulana tepi ka handap teh.
Ceu Eti bari gegerewekan teu burung tepi, Si Entin mah kapaksa ngabeubeutkeun maneh nepi bujur belok kawas budak tas sosorodotan, Si Enok ditungtun ge ku Si Zae, teu wudu bari rada hararese ge nepi, tapi da bari nyorosodkeun maneh ka handap, lantaran hayang tereh tepi tea, An-an tipepereket nyekelan Amin, nepi ka jiga nu hese ngaleupaskeunana ge, malah masih keneh bisa bari ngaroko sagala rupa An-an mah, nepi ka waktu turun mah pada ngageunggeureuhkeun,
“Eta roko piceun heula atuh” Cek Amin.
“Bae ah, lebar karek nyot”, Cek An-an, padahal leumpang ge hese ngalengkah-ngalengkah acan.
Nu pangpandeurina turun Si Ntut, ngahaja dicekelan pageuh pisan, karek ge jrut turun tina mumunggang, geus tibeubeut manten, nepi ka gegerewekanana ge meakkeun nu sejen, aduh ieung mah sagala disebutan, turun ti luhur teh geus lain leumpang deui Si Ntut mah, tapi enyaan bari ngorondangna teh, teu ngabibisani kuring ge harita mah taak, teu kuat leumpang-leumpang acan, lantaran leueur tea, kesang we ngoprot sarerea ge, komo Si Ntut mah, da puguh mawa awak sakitu tangihgulna, Arimbi, pada nyarebutna oge, sakitu badag kandelna, bangkok, ceuk tukang ojeg di Kalipucang mah.
Tepi ka handap teh, tanaga geus mimiti leuseuh, beak dipake nahan kasieun, tapi bari saleuseurian kituna teh, turun bari jejereged tea, matak meakkeun tanaga, enyaan ripuhna teh, sarerea nyangsaya ngadon reureuh, ngumpulkeun deui tanaga, geus reureuh mah, sarerea bisa deui saleuseurian, babarakatakan deui, Kang Amin ge kutuk gendeng :”Hanas urang mayar sarebu perak sewang, ngan ukur ngadon sosorodotan dinu kotor kieu, nepi ka tuur mani nyorodcod kieu”.
“Tapi resep, lantaran biasana mah An-an ari ka Pangandaran teh, teu pernah ngalaman kikieuan sagala rupa, pangalaman jejeblogan deui, jiga keur budak baheula” Cek An-an.
“Eta tingali bujur Si Entin, jiga tas maen sirkus” Cek Si Enok bari nyeuleukeuteuk, sarerea saleuseurian.
“Urang ge tisoledat dinu belok, Si Maman lain nulungan, keur urang tibeubeut teh, kalah nyeungseurikeun” Ceuk Si Ntut kutuk gendeng.
“Boro-boro nulungan batur siah, urang ge ampir-ampiran teu tepi ka handap, beakkeun tanaga” Cek kuring.
Saterusna neangan Cirengganis, sananajan bari rada nyasab ge teu burung kapanggih, tapi tanaga kari tungtungna sarerea ge, tas cape urut tadi turun di laleueur, kesang asa tuus di dieu mah, nu awewe ngadon ngeueumkeun suku, dina cai anu nyecep tiis, bisi katanyaan cenah, ngadon sibeungeut, sugan we enya cenah matak awet ngora, da kitu ceuk beja mah, mun mandi di Cirengganis teh matak awet ngora.
Kuring jeung Kang Amin ngomat-ngomatan, :”Kade siah udar wiwaha, bisi matak musyrik, percaya kanu teu puguh kitu, tong percaya kanu kitu, tetep ka Allah urang mah madep teh, lain kanu kitu, pek bae rek reureuh mah, da memang sarerea ge cape, ngan ulah percaya kanu kitu sagala rupa”.
Kuring ge pipilueun ngomat-ngomatan :”Kade siah maneh Ntut pipilueun teu puguh, ngadon percaya kana beja kitu, urang mah montong percaya, musyrik mun percaya teh, moal dihampura ku Pangeran ge, kanu musyrik mah”.
“Henteu, henteu percaya urang ge, ieu mah meakkeun tanaga we, bari reureuh tas cape, kesang teh tuus tas diceuceuhan kieu mah, pedah enya ari caina mah tiis”.
Kaluar ti Cirengganis teh, lebah Wetaneun Cagar Alam, mun kieu mah hartina, Cagar Alam teh kakurilingan kabeh, paingan awak mani asa pasiksak, nu tara olah raga tea atuh, bari laleumpang teh ditutur-tutur monyet, malah monyet nu panggedena ge milu nutur-nutur, mandahna, ketua kelompokna mun jelema mah.
Ceuk Si Ntut mah :”Mun di group urang mah, Si Machyul-na eta teh”.
Si Entin nu nembalan :”Alah siah, si Kang Machyul disaruakeun jeung monyet eta, dibejakeun siah engke di Bandung, ka Si Kang Machyul”. Sarerea ukur pada nyakakak.
Kaluar ti Cagar Alam, ngaliwatan kios-kios lauk asin, bari balanja heula keur dahar beurang engke, meuli lauk gorengna sagala rupa, meuli udang, malah rajungan mah ngahaja di goreng dibungbu asem manis, Si Ntut kabeukina goreng rajungan.
Kang Amin mah geus teu kuateun leumpang-leumpang acan, miheulaan balik, kitu ge kanu beca, geus nyangsaya taya tangan pangawasa, kana beca sorangan, atuh sarerea pada mihapekeun babawaanana, teu burung beca teh pinuh ku babawaan, da balanja teu eureun-eureun. Si Ecep nu ngagerendeng teh :”Ieu urang balanja naon deui Maman euy, duit loba keneh kieu, can beak”.
“Tuh borong kewuk, bawaeun balik keur anak maneh Ecep” Si Zae nu nembalan.
Nungguan goreng lauk, kacida lilana, da puguh ngantri jeung nu sejen, Si Ecep, Si Zae jeung Si Enok miheulaan balik, tinggal limaan deui nu ngadagoan goreng lauk teh, tanaga beuki ngorotan, aya paribasa geuning “Menunggu pekerjaan yang paling membosankan” lain membosankan deui, meakkeun tanaga nu puguh mah, jaba panas poe, waktuna goreng lauk geus beres teh teu kuat leumpang-leumpang acan, ka pamondokan kapaksa kana beca, Si Ntut jeung Si Entin, An-an jeung Ceu Eti, kuring mah nyorangan.
Paingan Kang Amin teu kuateun leumpang-leumpang acan, karasa ripuh harita mah, geus ngeleter suku ge, geus lapar deuih ongkoh.
Dahar beurang di pamondokan, recok, jiga meri tea geuning, jaba peuteuy kaluar deui, peuteuy atah ayeuna mah, teu pati loba nu ngadaharna ge, loba nu teu beukieun atahna mah, komo Si Entin, da puguh tara Si Eta mah kanu asakna ge, goreng lauk jeung udang nu dihenggoy ku sarerea mah, najan goreng udangna ukur sagede-gede kancing cetet, teu burung ledis ari dikeureuyeuh mah.
Beres dahar, enyaan ngadon ngajarepat na teh, kacape tadi di Cagar Alam, disambung leumpang rada jauh, teu karasa reureuh teh tinggoledag dina urut dahar, Si Ecep ngagoler tukangeun panto, Si Zae dina korsi panjang, kuring dina dipan, Kang Amin mah ningkreb maneh titadi keneh kawas nu rada gering, kaciri rada bareubeu, nu sejenna ngadon patumpuk di kamarna masing-masing.
Satengah dua sore, bareng hudang, rame deui, recok deui, lantaran ti kamari keneh ge, eureunna salaleuseurian teh, waktu sarare we wungkul, keur pada-pada beunta mah, teu weleh garogonjakan bae. Senang memang.
Sarerea siap-siap rek ngadon ngojay, lantaran kabita kamari ku lalaki, ngadon ngojay teu ngajakan basana mah, ngan Si Enok nu bibirigidigan embung ngojay, sieun pajar teh, ningali cai gede teh, inget wae jaman kabanjiran baheula, keur imah di Lebak, keur masih keneh imah handapeun haur, pan pernah kabanjiran cenah sakulawarga, untung keneh cenah Si Zae teu kabawa palid, lumayan sakitu ge keur batur keueung.
“Aduh siah, ka urang ngan ukur ngalumayankeun kitu, padahal pada marebutkeun urang teh baheula mah” Cek Si Zae, ngaledek Si Enok.
Nu pangheulana ancrub ka laut, Si Zae jeung Si Ecep, terus An-an ditungtun ku Kang Amin, Si Ntut masih keneh disisi bareng jeung Ceu Eti, Si Entin jeung kuring, dibawa katengah saeutik, can naon-naon Si Ntut mah geus ngudupruk, kekerebekan, padahal karek sisina pisan, bari gegerewekannana mah angger ngelehkeun nu sejen, dibawa katengah saeutik-saeutik, bareng jeung Ceu Eti ditungtun, Si Entin ge rada wani katengah katingalina mah, diperhatikeun ku Si Ecep bisi kumaha onam, Si Zae nalingakeun sarerea rada beh tengah, najan katingali jiga keur ulin wungkul, tapi gede tanggung jawabna Si Zae mah, teu weleh merhatikeun ka sarerea, bisi cilaka pangpangna mah.
Nu tara biasa asup kana cai mah, enyaan jejeregedna teh, Si Ntut we, anu cenah mindeng ulin ka laut, tapi ari nepi ka icikibung di tengah laut model kieu mah, kakarek ayeuna, baheula mah pimanaeun, cicing we di sisi basisir, teu pernah ngojay jiga ayeuna, tapi lila-lila mah anu tadina jejereged pisan teh, jadi make jeung resep sagala, pedah kakara tea gegejeburan, sanajan unggal-unggal aya lambak nambag basisir, teu weleh jeung aduh alah wae, lantaran irung jeung mata kaeusian cai laut, waas palebah kekerebakannana, bari tipepereket nyekelan, lantaran sieun kapalidkeun bareng jeung Ceu Eti, tapi ari gegerewekanana meakkeun batur, sanajan leungeun mah pakupis kaditu kadieu, menerkeun buuk, gigisik panon, jeung teu weleh nyekelan irung nu kaasupan cai, jaba calana sontog teh teu weleh morosot bae, duanana jeung Ceu Eti, Si Enok mah nyengseurikeunana, nepi ka akey-akeyan sorangan disisi basisir, bari nungguan baju teh, rada era cenah da bari luak-lieuk, seuseurian sorangan, bisi aya batur nu merhatikeun, ningalikeun polah Si Ntut jeung Ceu Eti, bari jeung calana jero kamana-mendi, malah tungtungna mah ngahaja dijungjungkeun duanana, beulah kenca ngangsrodkeun Ceu Eti, leungeun anu katuhu ngajungjungkeun sontog Si Ntut, roroesanana leungeun Si Ntut jeung Ceu Eti, hese ngagambarkeunana, nu puguh Si Enok nepi ka ngompolan maneh, ningali kalakuan sarerea.
Ngan nu pasti sarerea sugema, sarerea suka hate, ngadon kekerebekan di tengah laut, poe ieu kalaman deui, jiga baheula keur budak.
Tanaga geus mimiti leuseuh, dipake seuseurian mah, komo ieu di jero cai, tereh beakna tanaga teh, Kang Amin miheulaan hanjat, katingalina jiga kateterusan gering Kang Amin teh, rada muyung mun hayam mah, duka asup angin, duka motah teuing, sarerea nuturkeun balik, ngadon mandi deui di pamondokan, peutingna Kang Amin teu kuat milu dahar ngariung, terus ngaringkeb, nirisan cenah mah, malah kapeutingnakeun ge teu milu liar, ngadon sare miheulaan batur.
Nu sejen ngadon jalan-jalan deui ti peuting teh, kabita jigana ku dongeng Si Entin, resep cenah jalan-jalan tipeuting teh ngadon nginum cikopi di sisi basisir, ngumbar panineungan, ngumbar lamunan, ngawawaas maneh, bari ngalamun, iraha deui boa, bisa babarengan kawas kieu, bari saluka seuri, bari gumbira, pinuh kabungah, jajauheun make jeung nginget-nginget kasusah mah.
Si Ecep nu ngomentaran teh :”Bari nginum cikopi kieu mah, bray…… bray --- we sagala katingali, hutang ge ………….narembongan deui”. Cenah.
Enyaan deuih, jejelegurannana ombak nu neumbagan sisi basisir, ukur kadenge sorana, teu sidik da teu katingali, pedah poek, tadi mah pabeubeurang ngadon icikibung didinya, ayeuna ti peuting jiga kieu, kari waasna, dibaturan ku cikopi, Si Ntut mah bari jeung ninyuh Mie Gelas, da tadi sore teu milu dahar.
Sawareh nu ngumbar kasono ka imah oge aya, ngadon nelepon di Wartel, Si Entin ge alewoh, ngadon ngobrol dina telepon jeung nu aya di imah, di Bandung, malah pada ngomat-ngomatan, ulah motah teuing bilih teu damang cenah, kitu cek nu ti Bandung.
Padahal didieu, di Pangandaran, nu dipikamelangna kunu di Bandung teh, motahna beak karep, leuwih ti misti, ngaleuwihan budak rumaja kitu-kitu bae. Leuwih motah alah batan barudak ngora, leuwih mijah, ngaleuwihan mijahna barudak nu umurna tujuh belas taunan. Nini-nini teh motahna liwat saking di dieu mah, di Pangandaran.
Bari ngarobrol teh, pada-pada manghanjakalkeun Sang Jeger, kakatua, Si Machyul teu milu, mun milu mah beak beresih pajar teh pada ngagonjak, jigana sapeuting eta mah panas tah ceuli Si Machyul teh di Bandung-na, lantaran teu weleh pada nganaha-naha, bongan teu milu, padahal pamajikanana Si Lilis mah hayeungeun milu.
Angin peuting beuki nojosan tulang, mimiti tiris, angin basisir karasa nyecep kana sungsuam, sawareh geus mimiti ngajakan balik, bari omat-omatan cenah, mun aya keneh waktu isukan urang ngojay deui, urang seuseurian deui jiga poe tadi.
Si Ntut nyampeurkeun bari ngalendotan, leungeun katuhuna nyalingker kana cangkeng, teu asa-asaeun deui :”Keukeupan ! Tiris.” cenah. Bari leumpang teh pagegeye, ramo mah ti tadi mula geus pacorok.
“Ari maneh geus pernah salingkuh ti pamajikan ?” Cek Si Ntut ngaharewos.
“Naha make nanya sagala”.
“Pedah we si Mas mah jenatna, teu pernah salingkuh ka urang”.
“Saha ! urut salaki maneh baheula. Teu pernah salingkuh, puuu..ah” Cek kuring bari samutut.
“Naha teu percaya kitu, urut salaki urang baheula teu pernah salingkuh”.
“Kapan cek panaliti baheula geuning, lalaki di Jakarta 2 cenah nu sok salingkuhna tina 3 lalaki teh, meureun kaasup salaki maneh, baheula”.
“Lamun kitu, maneh oge sok salingkuh atuh” Cek Si Ntut deui.
“Tah…….., teuing urang mah, kaasup salingkuh henteu, mun jiga ayeuna, ngeukeupan maneh, jaba ramo silih rames kieu ?”. Teu apaleun si Ntut mah, kuring keur teu pati hade jeung pamajikan, matak wani milu ge ulin ka Pangandaran, da angkanan teh di imah ge rek naon, keur pagetreng tea, teu sagala didongengkeun deuih ka Si Ntut mah, bisi aya mamalana, bebeja milu ge tina telpon we, ka budak nu panengah.
Di Jalan Kidang Pananjung, aya keneh “Kafe” nu masih buka, si Ntut keukeuh hayang asup, hayang karokean pajar teh. Geus di jero mah lain wungkul karokean, sagala diajaran, ti mimiti dangsa, dangsa naon mah sagala disebutan, kuring mah teu apal ngaranna ge, aya Cha Caha Cha, Jive, nepi ka joged dangdut diajaran ku si Ntut, kuring ukur nyerangkeun ti sisi, da euweuh nu bisa ti baheula ge, jeung teu pernah asup ka tempat kieu ti baheula ge kuring mah, lain atah anjang deui ka tempat kieu mah, tara teh lain babasaan.
“Urang hayang ngajaran dangsa jeung maneh, Maman !”Ceuk si Ntut.
“Bisa ge hanteu siah urang mah”.
“Ah… sok papaehan maneh mah Maman”
“Enyaan teu bisa”.
“Sakali… we, urang hayang ngajaran dikeukeupan ku maneh”.
“Lain heureuy, teu bisa”.
“Joged we atuh, teu dangsa ge”.
“Ari maneh ku maksa, geus puguh urang mah euweuh kabisa”.
Balik ti tempat karoke jam 12 peuting, bari mandeurikan maneh tinu sejen, angger silih kaleng jeung Si Ntut, ramo teu weleh silih rames, lila-lila mah karasa ting seredet, sanajan babasaan mah teu mesra-mesra acan, da teu weleh basa kasar tea, urang maneh teh enyaan.
“Mun baheula urang papanggih deui teh, jigana ku urang diudag-udag maneh teh Maman”, Cek si Ntut.
“Ari ayeuna, wani henteu ngudag-ngudag urang ?”.
“Wani ayeuna ge, ku urang diudag-udag, da ti mimiti panggih teh, urang mah geus asa hayang jiga baheula keur budak deui, sok anjang-anjangan geuning urang teh harita, ayeuna ge hayang kitu urang mah”.
“Kapan urangna ge boga pamajikan, ari maneh !”.
“Naha teu meunang kitu, pan wenang lalaki mah lin ?”.
Datang ka pamondokan geus peuting pisan, di jalan ge geus sepi, Si Ecep mah katatang-koteteng ka unggal warung, neangan Jajamu Tolak Angin, rada nirisan, sieun katutuluyan.
Di pamondokan Kang Amin mah, teu cengkat-cengkat jigana, ninggalkeun maneh teh terus sare, teu kahudangkeun kunu karek daratang ge.
Kuring terus ngagoledag kana dipan, sorangan, da Si Ecep ngadon ngagoler dihandap, ngajaran samak weuteuh meunang meuli tadi beurang, nyempod tukangeun panto, Si Zae teu pati berag, teuing cape, teuing nyeri huntu, ngajepat dina korsi panjang.
Si Ntut nu ngaheureuyan si Zae teh :”Kunaon euy si Zae ngan kerung bae poe tadi mah, teu jiga biasana, jiga terus-terusan peureum, sapoe ieu mah Si Zae teh, matana ge ampir teu katingali, da peureum bae”.
Nu sejen geus teu kuat ngomentaran deui, geus pada-pada cape jigana, da terus ting goloyoh ka tempat sarena masing-masing, ngadon reureuh, nyiapkeun deui tanaga keur poe isuk, poe pamungkas, lantaran isukan kudu balik ka Bandung.


-----mmd-----


Enyaan Kang Amin kateterusan nirisanana, henteu kadugaeun Shalat Tahajud-shalat tahajud acan, peuting ieu mah katingalina teh, kapiheulaan ku kuring hudangna ge. Karek ngulutrak teh geus rek adzan manten.
Beres sarapan, sawareh aya nu hayang ngojay deui tea, tapi poe ieu mah di Pangandaran hujan ti isuk keneh, nu hayang ngojay ge mandeg-mayong deui, komo sanggeus ningali Kang Amin dijejeket keneh mah, malah ngahaja nginjeum sarung tangan ka kuring, lantaran angger cenah nirisan.
“Kalaut, angger urang kalaut, nu rek ngojay pek bae. Urang tungguan, ngan ayeuna urang beberes pakean anggur mah, urang entep kana mobilkeun, ngarah teu heurin ari bener ngentepkeunana mah”. Cek Kang Amin.
Meunang ngentepkeun teh angger we pinuh mobil teh, da puguh loba balanjaanana oge, najan rapih nu beberesna mah, Si Zae dibantuan ku Si Ecep, malah supir ge pipilueun mantuan sangkan mobil teu pinuh teuing. Tapi nyakitu, da barang-barang bawaanana loba, angger we pasesered keneh.
Si Ecep nu ngomentaran teh : “Lamun mobil pinuh keneh bae, Si Maman jeung Si Ntut sina balik kana beus Budiman, atawa mun aya nu balanja deui, wayahna pindah siah kana beus”.
Malah nu boga pamondokan ge, milu ngomentaran sagala rupa : “Kedahna mah tos tilu dinten di dieu, eusi mobil teh tos kosong, ari ieu angger wae pinuh kieu, nya !”.
Jam sapuluh karek beberes, menerkeun mobil, malah ngeusian angin heula sagala rupa, lantaran Kang Amin ningali ban tukang anu kenca, jiga rada kempes, kapaksa supir ngaleos heula, ngadon nambahan angin.
Nu hayang ngojay deui teh, kana teu jadi model kieu mah, lantaran bakal barabe deui waktu beberesihna, sanajan loba tempat mandi umum ge, di sisi basisir, tapi da moal tumaninah saperti mandi di pamondokan, tungtungna sarerea teu jadi ngojayna deui, malah nu tadina hayang ngojay teh, ayeuna mah robah jadi ganti baju, pakeeun balik ka Bandung.
Beres shalat Dzuhur, sarerea pamitan kanu boga imah, insyaa Allah cenah bulan Agustus hayang kadieu deui, ka Pangandaran deui, sugan aya umur, jeung milikna ceuk Si Enok mah, bari nu miluna oge leuwih loba.
Tapi nyelang heula meuli goreng rajungan, pikeun oleh-oleh cenah ceuk An-an mah, mokaha rada lila ngadagoanana, lantaran nu ngagoreng jeung nu meuli masih keneh ngantay, bari ngadagoan, sawareh hideng nyampeurkeun jongko Soto Ayam, ngadon dahar saperluna, sangkan teu asup angin di jalan wungkul, bisi mabok jiga Si Ntut basa ti Bandung ka Pangandaran-keun harita.
Geus leuseuh jigana tanaga teh, kaluar ti Pangandaran teu pati marotah teuing umat teh, malah tinglalenggut, narundutan, Si Ntut nu biasana pangramena teh, lagu balik mah, ngadon nundutan jiga nu keur dzikir, ngan keukeuh bari hayang nyarande dina dada kuring. Kang Amin titadi keneh geus ngaplek ka beulah kenca, An-an nyakitu keneh, Ceu Eti sanajan masih keneh bisa ningalikeun jalan ka hareup, tapi geus euweuh sorana deui, kari nungguan waktu jigana mah, sakeudeung deui ge labas ka pangimpian, Si Entin geus naplok dina tonggong Si Enok bari lelenggutan, Si Enokna nyuuh kana jok tukangeun supir, Si Ntut geus malik, bari nangkarak, geus sare malah Si Eta mah titadi dina lahunan, ngan Si Zae masih keneh silih herengan jeung Si Ecep, marebutkeun sukro peot kaanginan.
Luak-leokna mobil geus teu karasa deui, nu tadina disangka bakal marabok teh, teu kitu-kieu, lancar pisan malah, duka pedah nu nyupiranana tea, henteu ngebut, jalan Pangandaran – Kalipucang nu pungkal-pengkol teh teu karasa matak mabok, estu genah ngageleser, malah asa leuwih tereh rarasaan mah, atuh Kang Abun nyupiranana jongjon katingalina teh, pedah panumpang teu recok teuing, teu kawas basa keur inditna kamari, ayeuna estu tenang ngahenang-ngahening, da panumpang sare kabeh.
Eureun istirahat geus lewat Banjar, ngadon nginum hayang Es Campur, Kang Amin mah ngadon dahar heula, da tadi beurang teu milu dahar, dibaturan ku An-an, Si Zae embung turun, rada lieur cenah, ngadon cicing dina mobil.
Kuring, Si Ecep, Si Ntut jeung Si Entin, ngadon meuntas, neangan Es Campur. Hanjakal meunang hayang teh, Es Campur-na asa tuak bari, teu kaditu-teu kadieu, hambar lain babasaan wungkul, teu ngeunah weh nu puguh mah, untung Si Ntut teu kukulutus ge.
Teu asup ka kota Tasikmalaya, lantaran mobil ngaliwatna ka jalan anyar, ti Ciamis kebat ka Ciawi, malah didieu mah kahujanan gede pisan, ngan bubuhan supirna geus tapis tea, mobil geus gerejed ge, alatan kabanjuran cileuncang di jalan, masih keneh bisa maju, teu nepi ka mogok, mun kuring harita nu nyupiranana, jigana kana mogok tah mobil geus gegerejedan kitu mah, teu apal lilingeranana.
Lantaran jalan teu apal lebah-lebahna, da kakara harita wungkul liwat kadinya teh, teu kanyahoan Rajapolah geus kaliwat, lantaran mobil nyaho-nyaho geus aya di Ciawi.
Si Ntut nu kukulutus mah, da kahayangna mah eureun heula di Rajapolah, rek ngadon meuli sapu jeung nu sejenna, hayang lampion asana.
“Si Maman deui teu ngabejaan, eureun kituh di Rajapolah” ceuk Si Ntut kutuk gendeng.
“Heueuh urang na teu apal”. Cek kuring.
“Keun engke we urang balik deui ka dieu, bulan Agustus” Ceuk Si Ecep nembrong. “Ayeuna mah sarare deui we, ngarah tereh nepi”.
Mobil jongjon nyemprung ka Bandung keun, panumpang jongjon deui narundutan, malah asa leuwih gancang rarasaan mah, Gentong geus kaliwat, Nagreg geus kapaju deui, saeutik deui ge tepi ka mumunggangna di Pangkalan, tepi ka Pangkalan di Nagreg geus beak tanjakan, ngadon reureuh bari mareuli Hui Cilembu, aneh memang hui Cilembu anu aslina mah ti Sumedang tapi aya di Nagreg, tapi teu usil, sarerea meuli sakilo sewang, bawaeun dina mobil, bari geus ngasaan ti warung keneh kituna teh.
Ti Nagrog nepi ka Rancaekek make jalan anyar, rada gancang da puguh alus jalanna ge, teu karasa geus tepi ka Pintu Tol Cileunyi, di jalan Tol kebat kaluar ti Jalan Moch Toha, pangheulana nu dijugjug Jalan Leuwi Panjang, imah Kang Amin, nu sejen mah engke dianteurkeun ka imahna sewang-sewangan ku Kang Abun, sakalian nyokot oleh-oleh nu dipaketkeun tea, dorokdok sakilo sewang, teu burung gagarubang mawana ge.
Memeh turun tina mobil Si Ntut ngaharewos :”Sing ngimpi, urang keur silih tangkeup di Pangandaran”.



-----mmd----
-
(Kaimplengan ku “Cangkurileung jeung Caladi”. Ahmad Bakri)

Tidak ada komentar: