Aya kamelang bilih aya nu katideresa tadina mah, ongkoh deuih aya hadits ti Ibnu Abbas RA, nu disaluyuan ku Imam Bukhari katut Imam Muslim, kasauran Rasulullah SAW :”Serenkeun bagi waris mah ka ahlina, mun aya nu ka-aniaya, pasrahkeun ka kulawarga lalaki nu pang deukeut na.” eta nu kahiji, bisi aya nu kaaniaya, ari nu kaduana, ti kapungkur keneh ge, ti sapupusna Apa, kantos nyarios ku dirawatanana ku Apa, diurus, digedekeun ge tos pirang-pirang syukur, Maman teh, jaba disakolakeun nepi ka jucungna, atuh sahanteuna aya saeutik-eutikeun nu napel dina sanubari teh, boh agamana, pon nya kitu deui darigamana, sok sanaos diri teh asa encan jadi nu eucreug mah, ngan Alhamdulillah, sakieu ge, nepi ka ayeuna teu pernah jadi okem, teu ngalaman jadi preman.
Ku tina rasa syukur ieu, dina hate teh make jeung ngagerentes sagala, moal rek milu mibanda harta waris titinggal Apa, nu mangrupa bumi di Leuwipanjang, jaba dikuatan ku hadits nu tadi tea, “Serenkeun bagi waris mah ka ahlina, mun aya nu ka-aniaya, pasrahkeun ka kulawarga lalaki nu pang deukeut na.” nya dilisankeun weh ka wargi-wargi Apa, di Buahbatu, waktu Nani keur kariaan harita teh, kabeneran karumpul sepuh-sepuh ti Tasik, najan ngan ukur lisan wungkul, tapi masih inget, badaratna mah kieu harita teh, : “Perkawis bumi nu di Leuwi Panjang, Maman mah moal ngiring ngagaduh-gaduh, mangga nyanggakeun ka sepuh-sepuh di Tasik bae, margi nu tadi tea, ku dirawatanana Maman ku Apa teh tos pirang-pirang nuhun, jaba disakolakeun ku Apa teh nepi ka jucungna, mung hapunten Sertifikat Hak Milik-na teu dibantun ayeuna mah, engke we ngahaja disanggakeun ka Tasik”.
Sababaraha waktu ti harita, ngahajakeun ka Tasik, ka Mang Uli, rai Apa nu teu kahalangan deui, badaratna ge, jiga kitu deui we rarasaan mah, malah dijentrekeun deui, “Mangga nyanggakeun kumaha sepuh-sepuh didieu bae”, cekeng teh.
Tapi ngan ukur sababaraha bulan, Mang Uli teh ka Cibolerang ngabring saputra putu, malah jeung Mang Ucup milu ngaping, malibirna mah nganteur incu hoyong ka Kebon Binatang cenah, waktu ditanya ku pamajikan mani ngahajakeun ka Bandung, badaratna Mang Uli harita, wargi-wargi Apa di Tasik masrahkeun deui Sertifikat Hak Milik disaksian ku Mang Ucup cenah, warisan teh pek we uruskeun, ku Maman”.
Ngahaja dijentrekeun, Nampi deui sertifikat ari sepuh-sepuh di Tasik tos sapuk masrahkeun deui mah. Sugan jadi ijab qabul.
Teu pati lila ti harita, aya si Eneng ka Cibolerang, ngagugujeg, warisan teh jual we cenah, Eneng butuh pisan duit, kitu basana.
Leuleuy rarasaan mah harita, kieu cekeng teh :”Eneng, mun sepuh-sepuh di Tasik enya masrahkeun ka Engkang mah, urang duaan teh urang anggap anak Apa we, geus kitu ngabagikeunana ge, urang antara anak awewe jeung anak lalaki we, Engkang duapertilu, Eneng sapertilu. Tapi sanajan Engkang duapertilu ge, hak nu Engkang mah rek dibikeun sapertiluna ka Si Enu jeung ka Si Iyam”. Kitu cekeng teh harita.
Jigana, ieu nu jadi murka teh, duka kumaha nepikeunana si Eneng ka sepuh-sepuh di Tasik, ngan nu pasti digelendeng weh, teu adil si Maman teh mun kitu carana mah, ti heula ge sertifikat nepi ka dianteurkeun deui ka Bandung teh, pedah teu puguh bule-hideungna,masrahkeun atawa nitipkeun wungkul ieu teh, nya dianteurkeun deui we da basana ge ukur nitip cenah.
Bisi enya salah badaratna ti heula, ngahaja disusulkeun deui ka Tasik, ka Mang Uli, malah make surat pernyataan harita mah, yen teu rek ngaboga-boga teh lain ukur dina biwir wungkul harita teh, tapi estuning beresih lahir bathin teu rek ngaboga-boga, taya naon-naon pisan.
Enya jigana mah teu sapagodos, ngabagi dua-pertilu, keur si Eneng sapertiluna teh, da harita ge, saur Mang Uli pisan : “Kaliru mun Maman ngabagi warisan ka anak Ma Kawi teh, da eta mah deungeun-deungeun”.
Ngajawab teh pondok harita mah : “Mang !, abdi mah rek mere ka si Enu ka si Iyam teh, tadina ge tina bagian abdi, bagi waris sapertilu si Eneng, dua-pertilu abdi, hak nu abdi rek dikamanakeun mah, kumaha abdi, pan, malah rek dipiceun ka jarian ge saha nu rek usil” cekeng teh harita.
“Nanging bilih kapapanjangan, ayeuna mah urang uihan deui we, abdi nyerenkeun deui sertifikat ka Emang, mangga ngangge serat pernyataan ayeuna mah, supados langkung jentre”, da keukeuh dina hate mah, ceuk hadits nu tadi tea : ”Serenkeun bagi waris mah ka ahlina, mun aya nu ka-aniaya, pasrahkeun ka kulawarga lalaki nu paling deukeut.”
Teu mangkuk lila, torojol weh foto copy surat putusan musyawarah sepuh-sepuh di Tasik, mun bumi nu Leuwi Panjang laku dijual, dibagikeunana jiga kieu : sapertilu Si Maman, sapertilu Si Eneng, sapertiluna deui keur sepuh-sepuh rai-rai Apa di Tasik. Malah Si Eneng mah nu nepikeunana harita, “Tah bagi waris mah kieu karek adil, ceuk urang Tasik ge.”
Teu dikomentaran harita mah ka Si Eneng, da tadi tea, geus masrahkeun sagala-galana ka sepuh-sepuh Apa nu paling caket, “Nya enggeus we ari geus musyawarahna kitu mah”. Cekeng teh harita.
Ngan dina sejen waktu si Eneng ngomong : “Ceuk urang Tasik, Engkang anu di Bandung, kudu mayaran listrik, telpon, jeung ledeng, da Engkang ge dibere hak bagian sapertiluna, engke we perhitungkeun sabarahaeun anu geus dibayar, perhitungkeun jeung warisan”.
Tah harita rada nyeuneu teh, malah pamajikan ge milu ngomentaran harita mah :”Mun tea mah si Engkang boga duit keur mayar listrik, cai jeung telepon, langkung wajib keneh ka Teh Neni ngabalanjaan anak pamajikanana”. Tara-tara, indung Si Teueul bisa ngomong jiga kitu.
Enyaan nyeuneu harita mah, ngariut diri teh, asa budak leutik dibebenjokeun ku kolotna geuning, “Bayar heula listrik, telpon jeung ledengna, da rek dibere engke sapertiluna”.
Boa nyentak harita mah ka Si Eneng : “Moal, moal milu mayaran ayeuna mah, euweuh duitna oge, kajeun teu dibere bagian ge, moal-moal acan ditarima dina diberena ge. Memangna bener kitu, ngabagi waris jiga kitu”.
Si Eneng laporan deui, aya nu nawar cenah imah teh, “Moal pipilueun deui ayeuna mah, kuma karep”, cekeng teh harita. “Kade Eneng sing tarapti, euweuh hak waris anak pulung mah, warisan nu salah ngabagikeunana mah, tara barokah”. kitu ngomat-ngomatan teh.
Tapi dibejaan kitu teh, Si Eneng kalah nyangka nu lain-lain, si Enu nu laporan teh, “Si Engkang mah hayang kabeh ku manehna sorangan warisan teh". Jero pikir, boa-boa enya kitu sangkaan sepuh-sepuh di Tasik ge.
Tah, bisi enya kitu, sangkaan sepuh-sepuh di Tasik, bisi nyangka Si Maman hayang ngawasa warisan, ti harita kedal ucap “Moal narima sapeser oge, duit hasil ngajual warisan teh".
Geura urang guar yu !
Ngeunaan anak pulung teu aya hak waris
Dina Surat Al Ahzab ayat ka 4 :

Maa ja ‘alallaahu lirajulim ming qalbaini fii jaufih, wa maa ja ‘ala azwaajakumullaa-ii tuzhaahiruuna minhunna ummahaatikum, wa maa ja ‘ala ad ‘iyaa -akum abnaa -akum, dzaalikum qau lukum bi afwaa hikum, wallaahu yaquulul haqqa wahuwa yadis sabiil.
Allah henteu ngajadikeun hiji jelema ngabogaan dua hate di jero dadana. Jeung Mantenna henteu ngajadikeun pamajikan-pamajikan maraneh nu ku maraneh dizhihar teh jadi indung maraneh. Jeung Mantenna henteu ngajadikeun anak pulung maraneh jadi anak maraneh pituin. Nu saperti kitu teh ukur omongan sungut maraneh sorangan. Jeung dawuhan Allah teh bener sarta Mantenna maparin pituduh jalan.
Tafsirna : Aya sababaraha hadits nu ngariwayatkeun yen aya sawatara jelema nu ngakukeun boga dua hate, di antarana :
1. Dina H.R Ibnu Abi Hatim ti As-Suddi disebutkeun yen Jamil bin Ma’mar dibarengan
ku baturna ti Bani Jamhin ngakukeun boga hate dua nu leuwih alus baten hate Nabi Muhammad
2. Dina H.R At Tirmidzi ti Ibnu Abbas disebutkeun yen dina hiji poe Rasulullah shalat berjamaah jeung kaum munafikin. Harita anjeunna emut kana omongan maranehanana nu ngakukeun boga hate dua, hiji babarengan jeung kaum kafirin jeung hiji babarengan jeung kaum mu’minin.
Nya harita lungsur dawuhan Gusti Allah nu netelakeun yen moal aya manusa nu boga hate dua.
Hate dua teh nyaeta hate kafir jeung hate iman, kayakinan nu kafir moal bisa ngahiji jeung nu iman, kayakinan nu shaleh moal bisa ngahiji jeung nu jahat, atawa nu hak moal bisa dijadikeun hiji jeung nu bathil.
Dina ayat ieu disebutkeun zhihar, nyaeta hiji kabiasaan urang Arab jahiliyah, upama hiji lalaki geus teu resep ka pamajikanana, manehna ngomong : “Maneh teh saperti tonggong indung dewek.” sanggeus ngucapkeun omongan ieu, nu disebut zhihar tea, pamajikanana teh dikungkung teu diawur dicangcang teu diparaban, jadi teu dibere nafkah lahir-bathin, ditalak henteu dipeutingan henteu, ku manehna teu dipirosea ka batur teu meunang, nepi ka pamajikanana teh katalangsara luar biasa.
Kasawenang-wenangan nu bener-bener henteu manusiawi ieu teh dina agama Islam diharamkeun, sakumaha nu kaunggel dina ayat ieu yen pamajikan teu bisa jadi indung ku jalan zhihar.
Saterusna ngeunaan anak pulung, nurutkeun Islam teu sarua jeung adopted chlid di kalangan urang Barat. Umat Islam dikudukeun ihsan ka barudak yatim, kudu mikadeudeuh-mikaasih saperti ka anak sorangan, tapi aya wates wangenna. Anak pulung teu bisa disaruakeun jeung anak pituin, di antarana bapa pulung teu bisa jadi wali nikah anak pulungna, atuh anak pulung teu boga hak waris.
Nu netepkeun yen manusa ngabogaan hate dua, pamajikan bisa jadi indung, jeung anak pulung sarua jeung anak pituin, lain Gusti Allah tapi aturan nu dijieun-jieun ku manusa sorangan, jadi aturan nu bathil. Sedeng dawuhan Gusti Allah mah hak, pasti bener, pikeun nuduhkeun manusa kana jalan anu lempeng.
(1. Buku Ayat Suci Lenyepaneun, Moh. E. Hasim jilid 21, hal 220 - 222
2. Buku “Hukum Waris Islam”, Suhrawardi K. Lubis, SH, Hal 30 -31)
Upama nalingakeun Surat Al Ahzab ieu, mun keukeuh hoyong jiga kitu ngabagi waris, atuh sami we jeung ngarobah hukum Allah nu parantos puguh rengkolna dina Al Qur-an.
Aya hadits kieu :
Nu ka 1 :‘Anibni mas ‘uudin qaala : “Qaala rasuulullaahi shalallaahu 'alaihi wasallam, ta ‘allamul qur-aana wa ‘allimuuhun naasa, wa ta 'allamul faraa -idha wa ‘allimuhaa, fa innim ru -um maqbuud, wal ‘ilmu mar fuu ‘un, wa yuu syiku ay yakh talifas maani fil fariidhati wal mas -alah, falaa yajidaani ahadan yukh biru humaa. (HR. Ahmad)
Ti Ibnu Mas’ud nyarios, kantos nyarios Rasullallaah SAW :”Kudu dialajar aranjeun Al Qur-an, terus ajarkeun kanu lian. Dialajar aranjeun bab waris pek ajarkeun kanu lian, lantaran kami bakal maot, malah elmu ge bakal diangkat. Meh bae dua jalma pasalia faham tina hal bagi waris, nu jadi masalah teu manggihan nu sejen pikeun mere nyaho ka duanana”. HR. Ahmad.
Nu ka 2 : “Wa 'an a’bdillahibni ‘amr, anna rasuulallaahi shallallaahu 'alaihi wasallam qaala :” al ‘ilmu tsalaatsatun, wamaa siwaa dzaalika fadh lun, aayatun muhkamah, au sunnatun qaa -imah, au fariidhatun ‘aadilah”.
Ti Abdillah bin Amr, saestuna Rasulullah SAW nyarios :” elmu teh aya tilu rupa, salian tinu tilu mah tambahan wungkul, ayat nu jentre, sunnah nu datangna ti Nabi, jeung bagi waris anu adil” HR Abu Daud, Ibnu Majah.
Nu ka 3 : “Wa 'an abii hurairah, annan nabiyya shallallaahu 'alaihi wasallam qaala :” “Ta a'alamul faraa -idha wa ‘allimuuhaa, fa innahaa nish ful 'ilmi wahuwa yun saa, wahuwa awwalu syai -in yun za 'u min ummatii.
Ti Abu Hurarirah, saestuna Nabi SAW nyarios : “kudu dialajar aranjeun ilmu faraidh, terus ajarkeun kanu sejen, lantaran elmu faraidh teh sabagian tina elmu jeung nu bakal dipopohokeun. Elmu faraidh anu pangheulan dicabut ti umat kami”. HR Ibnu Majah Ad Daraquthni.
Ana kitu mah, yakin weh Bab Waris kudu dikorehan, sangkan teu jadi salah ngalarapkeunana, bisi jadi ngadhalim mun teu bener merenahkeunana teh, komo mun ngingetkeun, sadirieun mah boga kayakinan, bumi nu di Leuwi Panjang teh, harta Allah nu dititipkeun ka Ema jeung Apa, nalika Ema jeung Apa ngantunkeun teh, atuh hartana oge balik deui ka langit, ka Allah, ka Anu Kagunganana, nanging kumargi Allah mah Maha Kaya, teu butuheun Allah mah ku harta nu ngan sakitu, pek we bagikeun ka para ahli warisna, tapi ngabagikeunana make aturan Allah, make Al Qur-an, lain adil ceuk manusa.
Soal warisan mah pangkumplit-kumplitna dina Al Qur-an, ukur ku tilu ayat, dina Surat An Nisa, ayat ka 11,12 jeung nu ka 176, kumplit jeung bagian-bagian hancenganana geus nyampak, kari mraktekkeunana, ngan hanjakal masih keneh teu percaya kana aturan Al Qur-an mah, masih keneh pilih-pilih, ceuk kahayang nafsu nu adil mah, nu ieu yeuh nu adil mah, Al Qur-an mah teuing dikamanakeun boa.
Mun malikan deui nu kungsi di asongkeun ka Si Eneng harita, nu bagian dua pertilu keur sorangan, sapertiluna keur Si Eneng, harita pada ngarentog, nu pada nyebutkeun teu adil tea, hawek tea, hayang ku sorangan tea, kaliru tea, da ceuk pangrasana teu cocok jeung kahayang nafsu tea.
Komo jigana pedah nu sapertiluna rek dibikeun ka Si Enu ka Si Iyam mah, teu raridoeun kawasna, pira ge anak pembantu, malah Si Eneng mah nepi ka pok pisan, kunaon mani nyaah-nyaah teuing ka Si Enu teh, pira ge tukang mabok kitu,
Ngajawab harita keneh ge : Ka Si Enu mah euweuh jalma nu teu nyaho, yen tukang mabok, sa Leuwi Panjang nyaho kabeh, tapi da kanyaah mah teu bisa dileuleungit, kumaha belana ka Apa, si Enu nu ngabebeyeng ka dokter, ka rumah sakit teh harita saha, Ema mah ka Ma Kawi ngabasakeunana “Pun Adi” tara nyebutkeun pembantu ka sasaha ge, tah ayeuna ge ka Si Enu, geus asa ka adi, ka si Iyam nya kitu deui.
Aya dua nu jadi alesan harita :
Kahiji : Pedah Mang Uli ngahaja ka Cibolerang masrahkeun deui Sertifikat Hak Milik, bari nyerenkeun pek we ngabagikeun warisan mah kumaha Maman, disaksian ku Mang Ucup harita. Pangrasa teh harita, balageur geuning sepuh-sepuh di Tasik teh nepi ka teu butuheun harta warisan titinggal Apa.
Diasongkeun weh cara ngabagikeunana, sapertilu keur si Eneng jeung duapertilu keur Si Maman, komo aya rencana hak nu sapertiluna rek dibikeun ka Si Enu, ka Si Iyam mah, ngagorowok, nyebut teu adil.
Anu akhirna kaluar weh surat persetujuan bersama, anu dibagikeun jadi sapertilu, keur Si Eneng, sapertilu keur si Maman, sapertiluna deui keur sepuh-sepuh rai-rai Apa di Tasik.
Anu aturannana make hukum timana, make ayat Qur-an anu mana, make hadits anu mana, duka teuing, ngan cenah ieu nu adil mah.
Ari Alesan anu kadua :
Dina Surat An Nisa ayat 12 : Fa ing kaana lahunna waladun falakumur rubu ‘u mimmaa tarakna.
Lamun maranehna boga anak, bagian anjeun saparapat tina harta nu ditinggalkeun.
Salaki meunang bagian saparapat lamun pamajikan boga anak atawa incu ti anak lalaki, boh ti dirina atawa ti salakina nu tiheula.
(1. Buku “Hukum Waris Menurut Al Qur-an dan Hadis” Syekh Muhammad Ali ash Shabuni, hal 60.
2. Buku “Hukum Waris Islam” KH. Ahmad Azhar Basyir. MA, Hal 43)
Ahli waris Ashabah :
Nyaeta ahli waris anu henteu ditangtukeun bagianana, tapi bakal narima sakabeh harta warisan, saupama henteu aya ahli waris Dzawil Furudzh sama sakali, Upama aya ahli waris Dzawil Furudh hak manehna sasesana.
Ashabah Bin Nafsi, anu jadi ahli waris ashabah otomatis, henteu pedah ditarik ku ahli waris ashabah sejenna, atawa henteu pedah ngahiji jeung ahli waris nu sejen.
Contona, anak lalaki, incu lalaki ti anak lalaki, adi/lanceuk lalaki sakandung atawa sabapa, emang jste.
(Buku “Hukum Waris Islam” KH. Ahmad Azhar Basyir, MA, hal 38)
Urang jujut geura, nalika Ema pupus ti payun, ngabagi waris teh, kieu : Apa harita jumeneng keneh, kenging saparapat bagian, Fa ing kaana lahunna waladun falakumur rubu ‘u mimmaa tarakna.

Anu tiluparapatna, keur anak lalaki boh ti Apa atawa ti caroge Ema kapungkur. Nya meureun nu tiluparapat teh keur si Maman. Hukumna Ahli waris Ashabah Bin Nafsi. anu jadi ahli waris ashabah otomatis, henteu pedah ditarik ku ahli waris ashabah sejenna, atawa henteu pedah ngahiji jeung ahli waris nu sejen.
Contona, anak lalaki,
anu sejenna, saperti incu lalaki ti anak lalaki, adi/lanceuk lalaki sakandung atawa sabapa, emang jste. Kapindingan ku hukum Ashabah,
Kasimpulanna tiluparapatna ku hukum ieu mah milik si Maman, lain duapertilu deui, tiluparapatna.
Da nalika Apa pupus mah, warisan bagikeuneun teh kari saparapatna deui, da kacoceng ku Ashabah Bin Nafsi tea.
Tapi tong hariwang, Apa sareng Ema kapungkur teu pernah ngadidik si Maman jadi preman, moal ridoeun Apa oge mun si Maman jadi Okem
Hasil tina ngical warisan, sapeser ge moal rek nampi, ditolak mun diasongkeun ge, da ceuk tadi tea : ”Serenkeun bagi waris mah ka ahlina, mun aya nu ka-aniaya, pasrahkeun ka kulawarga lalaki nu pang deukeutna.”
Bilih aya nu panasaran soal Wasiat :
Al Baqarah 180 :
Kutiba ‘alaikum idzaa hadhara ahadakumul mautu in taraka khairaa, al washiyyatu lil waalidaini wal aqrabiina bil ma’ruuf, haqqan ‘alal muttaqiin.
Diwajibkeun ka maraneh mere wasiat upama salah saurang ti maraneh aya nu geus ngarasa deukeut kana maot lamun maneh boga harta tinggalkeuneun pikeun indung bapa jeung karabat landes kalawan nurutkeun aturan nu hade. Ieu teh hiji kawajiban pikeun jalma-jalma nu tarakwa.
Al-Ma’idah ayat 106.
Yaa -ayyuhalladziina aamanuu syahaadatu bainakum idzaa hadhara ahada kumul mautu hiinal washiyyatits naani dzawaa ‘adlim mingkum au aakharaani min ghairikum in antum dharabtum fil ardhi fa ashaa batkum mushiibatul mauut, tahbisuu nahumaa mim ba’dish shalaati fayuqsimaani billaahi inir tabtum laa nasy tarii bihii tsamanaw walau kaana dzaa qurbaa, walaa naktumu syahaadatallaahi innaa idzal laminal aatsimiin.
Yeuh jalma-jalma nu ariman, lamun salah saurang ti antara maraneh ngayakeun wasiat dina waktu geus deukeut kana maot kudu make saksi duaan nu adil ti kaum maraneh, atawa dua saksi sejen nu lian ti kaum maraneh lamun maraneh nyorang musibah ngarasa deukeut kana maot waktu keur nyaba di mancanagara, pek tahan saksi nu duaan teh ku maraneh sabada shalat, geus kitu lamun seug maraneh ngarasa mangmang maranehna sina ngucapkeun sumpah kalawan jenengan Allah, nu kieu unina :”Kuring moal rek ngajual sumpah kana harga sanajan manehna karabat kuring landes, sarta kuring moal rek nyumputkeun panaksen Allah. Sabab lamun kitu kuring teh kaasup golongan jalma-jalma nu baroga dosa”.
Tafsirna : Wasiat teh nyaeta ucapan sacara lisan atawa tulisan biasana ti jalma nu geus deukeut kana maot nurutkeun hukum adat naha lantaran gering, naha lantaran geus cikot-cikot, wasiat aya nu ngandung nasehat saperti wasiat Nabi Ibrahim jeung Nabi Yakub ka pala putrana nu kaunggel dina surat Al Baqarah ayat 132 : “Falaa tamuu tunna illaa wa antum muslimuun” omat maraneh ulah maot kajaba maraneh aya dina keur pasrah sumerah.
Jeung aya wasiat nu ngandung amanat atawa talatah ngeunaan bagi waris ti nu ngawaris (muushi) pikeun ahli waris, nu kudu dilaksanakeun sabada nu ngawaris maot. Pikeun nyegah pacengkadan dina ngabagikeun warisan, waktu nu ngawaris ngucapkeun wasiat ka ahli waris kudu disaksian ku dua saksi muslimin anu jujur.
Kacida alusna upama wasiat ti nu ngawariskeun teh ditulis dina keretas segel terus ditandatangan ku nu ngawariskeun jeung saksi duaan. Leuwih kuat lamun dijadikeun wasiat hukum nya eta dijieun di hareupeun notaris nu saterusna ngawujud jadi akte notaris.
Lamun ahli waris ngarasa mangmang kana panaksen para saksi pikeun meakkeun kapanasaran atawa ngaleungitkeun kamangmangan, para saksi sina ngucapkeun sumpah sabada shalat, nu unggelna seperti kieu :”Kuring moal rek ngajual sumpah kana harga sanajan manehna karabat kuring landes, sarta kuring moal rek nyumputkeun panaksen Allah. Sabab lamun kitu kuring teh kaasup golongan jalma-jalma nu baroga dosa”.
Sumpah nurutkeun agama Islam kudu dimimitian ku ucapan Demi Allah, atawa Wallaahi.
Moal ngajual sumpah kana harga, hartina moal daek disuap sanajan ku barang sakumaha mahalna atawa ku duit sanajan sakumaha lobana oge.
Sanajan manehna karabat kuring nu landes, hartina sanajan nu nitah ngarobah wasiat teh dulur pet ku hinis, atawa indung bapa kuring.
Lamun kuring kitu, maksudna lamun kuring nyieun sumpah palsu lantaran daek narima suap, atawa ngarobah wasiat pikeun kapentingan karabat nu landes, kuring jadi jelema nu nyumputkeun panaksen Ilahi, bakal Jadi jelema nu rugi luar biasa nya eta kaasup kana golongan jalma-jalma nu baroga dosa.
(1. Buku “Ayat Suci Lenyepaneun” Moh E. Hasim Jilid 7, Hal 74 - 79.
2. Buku “Hukum Waris Islam” Suhrawardi. K. Lubis, SH, Hal 42 - 44 )
Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mugi Gusti ngajantenkeun abdi sadaya, anak-anak abdi sadaya, katut katurunan abdi sadaya, kalebet kana golongan ahli kasaean.
Allahummagh firli waliwaalidaya warhamhumaa kamaa rabbaayaani shaaghiiraa.
Timpah nuhun.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar