Rabu, 24 Juni 2009

KHUTBAH JUM'AT "HORMAT TILAWAT KA IBU RAMA

HORMAT TILAWAT KA IBU RAMA

Di telepon ku Imam Masjid gigireun imah tadi mah, yen poe Juma’ah pamungkas dina bulan Juni ieu, wayahna cenah kudu nga-khatiban, lantaran khatib anu geus ditugaskeun ti awal taun teh, dina waktuna mah tamada pedah tacan siap materina. Cenah.
Kapaksa rurusuhan nyieun konsept khutbah Jum’ah, bari nyutat tiditu-tidieu, sangkan pantes jeung kabiasaan Abah, ngan nu inget teh, sabagian dicutat tina bukuna K.H. Qamaruddin Shaleh, sawareh mah nyutat tina bukuna Drs. Sholihin Syaqiq, atuh sawareh deui tina tulisan Abah anu judulna ”Taubatan Nashuha”. Nyutat tina tilu sumber eta, jadi weh konsept Khutbah pikeun bacaeun dina poe Jumaah tanggal 26 Juni 2009 isuk.

Bismillaahirahmaanirrahiim.
Assalaamu ‘alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.
Alhamdu lillaahil ladzii qaala fii kitaabihi iwa bil waalidaini ihsaanaa, wash shalaatu was salaamu ‘alaa nabiyyiina muhammadin jaa –a bid diinil haqqi, basyiiraw wanadziiraa.
Asyhadu anlaa -ilaaha -il lallaahu ilaahaw waahidaa, wa -asyhadu anna muhammadan 'abduhuu wa rasuuluhush shaadiqan amiinaa.
Fayaa 'ibaadallaah, ittaqullaaha haqqa tuqaa tihii, wa quuluu qaulan kariimaa.
Wa qaala ta ‘aalaa fil qur-aanil kariim. Wa qadhaa rabbuka allaa ta’buduu, illaa iyyaahu, wabil waa lidaini, ihsaanaa, immaa yab lughanna, indakal kibara, ahadu humaa, au kilaa humaa, falaa taqul lahumaa, uffin, walaa tan har humaa, wa qul lahumaa qaulang kariimaa.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah,
Puji syukur, urang sanggakeun ka hadirat Illahi rabbi, anu parantos maparin mangpirang-pirang kani’matan ka urang sadaya, utamina ni’mat iman sareng kasehatan, dugi ka urang sadaya tiasa keneh kempel riung mungpulung, shalat Jum’at dinten ieu. Rahmat miwah salam kawilujengan mugia salamina dilimpahkeun ka Jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW. Ka kulawargana ka para shahabatna sareng ka sadaya umatna anu satia satuhu ka anjeunna tug dugi ka poe kiamah jaga.

Hadirin rahimakumullah.
Dina zaman Nabi kapungkur, aya salah saurang shahabat Nabi anu jenenganana Al Qamah, anjeunna kalebet hiji shahabat anu kawilang kadeuheus ku Rasulullah, tara kakantun riung mungpulung sareng Rasul, tara kakantun shalat berjamaah di masjid, sumawonna shalat Jum’at jiga urang ayeuna mah, malah anjeunna mah tara kakantun perang dina jihad fii sabiilillah, nya kitu deui anjeunna tara kakantun shaum, teu kakantun munggah haji, oge teu pernah kakantun zakat.

Dina hiji waktos, anjeunna teu damang wales, teras dilalayad ku para shahabat, malah teras ditalqinkeun sagala rupi, ditungtun pikeun ngucapkeun kalimah tauhid “Laa ilaaha illallaah”. Ditalqinkeun dugi ka dua-tilu kalina, nanging teu metu wae, Al Qamah ngabudeg, teu kersaeun nyoara, teu tiasaeun ngucapkeun kalimah “Laa ilaaha ilallaah”. Para shahabat kacida kegeteunana, margi aranjeunna yakin, yen sing saha anu teu tiasa maca kalimah “laa ilaaha ilallaah” dina tungtung yuswana, nandakeun eta jalmi kalebet nu cilaka, kasauran Nabi dina salah sawios haditsna : “Laq qinuu mautaa kum, laa ilaaha illallaah, fa in nahu mang kaana aakhiru kalaa mihi, laa ilaaha illallaahu, dakhalal jannah” Kudu ditalqinkeun jalma nu nuju sakarat, margi sing saha jalma nu dina tungtung yuswana ngucapkeun laa ilaaha ilallaah, eta jalma aya harepan asup ka surga”
Jalaran para shahabat parantos taak nalqinan Al Qamah teu metu wae, lajeng aya nu ngahaja unjukkan ka Rasulullah, boh manawi ari dipapatahanana ku Nabi mah, sageuy teuing dugi ka teu metu bae mah, pira ge ukur sakitu-kituna.

Nalika Rasul sumping, teras nyaketan nu nuju teu damang, ku anjeunna teras diwurukkan, pikeun ngedalkeun kalimah tauhid Laa ilaaha ilallaah, nanging, Rasul kacida ngaranjugna, shahabat anu sakitu kadeuheusna teh, dina tungtung yuswana, teu iasaeun ngunikeun kalimah tauhid, Laa ilaaha ilalllah.

Lajeng Rasul tumaros :” Mana istrina ?” Lajeng istrina Al Qamah majeng kapayun, salajengna ditaros ku Rasulullah : “Ari ibuna Al Qamah teh aya keneh ?” Jawab garwana : “Kantenan aya keneh mah, mung bae teu aya didieu, anjeunna teh pundung, Yaa Rasulullah.”
“Naha ? Pundung ku naon ? Teras garwana Al Qamah nyarios :” Pun lanceuk teh tos biasa, ari mulih ti panyabaan, atanapi ti mana bae, sok nyandak oleh-oleh kanggo nu tunggu imah, pikeun abdi sakulawarga. Hiji waktos, pun lanceuk teh sumping, bari nyandak oleh-oleh sakumaha biasana, nanging harita mah teu enggal-enggal diguar dibuka, kalah sok we disimpen, rupina sanes dihaja bade teu masihan ka Ibuna, ari Ibuna, ma’lum parantos sepuh, ujug-ujug gejlig wae bendu, bari ngantunkeun ieu rorompok, bari sasauran : “Boga anak teh, ari geus gede mah, teu inget-inget ka nu jadi indung, anak deungeun-deungeun we nu diperhatikeun teh, ka kolot mah teu inget-inget”. Ti waktos harita dugi ka danget ieu, anjeunna teh teu acan nincak deui ka ieu rorompok, bakating ku geuleuh-geuleuhna, ngewa kanu janten anak jeung minantu, kitu manawi ari sarsilahna mah, nyanggakeun sewu bebendu laksa duduka ka payuneun Rasul”.

Salajengna Rasul ngutus salah sawios shahabat, pikeun ngunjukkeun, ka Ibuna, yen putrana teu damang wales, sareng mugi kersa enggal-enggal sumping, ana diwaler teh ku Ibuna : “Mangsa bodo teuing siah, rek hirup geura neut, rek paeh geura hos, da kolot enggeus ayeuna mah, misah badan misah nyawa jeung Ibu mah, Ibu mah moal, moal kaditu, cua, geuleuh, jig we unjuk keun ka Rasulullah.

Hadirin Rahimakumullah.
Kumargi dilelemu ku para shahabat Nabi nu sanesna oge teu aya nu hasil, tungtungna Nabi nyarios ka para shahabat :” Ana kitu mah, ayeuna aranjeun kudu ngumpulkeun suluh, terus gundukkeun dipayuneun bumi anu dicalikan ku Ibuna Al Qamah, urang duruk we Al Qamah teh, tibatan engke diduruk ku seuneu naraka mah, anu panasna 70 tikeleun panasna seuneu di dunya”.

Suluh parantos ngunung-ngunung bakating ku seueur, Ibuna Al Qamah ngahaja tumaros,keur naon ngagundukkeun suluh sakitu seureurna. Diwaler ku shahabat : “Ieu suluh teh pikeun ngaduruk Al Qamah, saur rasulullah tibatan Ala qamah diduruk ku seuneu naraka anu 70 tikeleun panasna seuneu di dunya, langkung sae dibeuleum ku seuneu dunya ieu, ari margina upami Ibu teu kersa ngahampura Al Qamah, putra Ibu teh bakal manjing kana naraka, kitu kasauran Nabi ka abdi sadaya”.

Ibuna, barang ngadangu cariosan para shahabat, yen putrana bade diduruk mah, nembe manahna teh ngaleketey, emut ka putra nu dikandung ku anjeunna salapan sasih, nu dibelaan kuru cileuh kentel peujit, huap ge ngahaja dibagi dua, pikeun ngabayuan nu jadi anak, kari-kari ayeuna rek diduruk, kanyaah hiji indung kanu jadi anak, mumbul deui, teu kantos lami, bari dareuda, anjeunna nyarios ka payuneun Nabi :” Yaa Rasulullah, Ke heula, ulah waka diduruk anak Ibu teh, burung palung ge anak Ibu, deog pengkor ge anak Ibu, hade goreng ge anak Ibu, Ulah Yaa Rasululllah, ulah diduruk anak Ibu teh, bisi kudu-kudu teuing mah dihampura ku Ibu, ti ayeuna pisan ge dihampura ku Ibu, Al Qamah teh”.

Barang tamat cariosan Ibuna, lajeng Rasulullah nalqinan deui Al Qamah, teu sakara-kara, estuning lancar dina ngedalkeun kalimah tauhid Laa ilahaa ilallaah, bari kerelek, les bae pupus, mulih ka jati mulang ka asal, Al Qamah dipundut kunu Kagungan. Inna lillaahi wa inna ilaihi raaji ‘uun.

Hadirin ikhwatul iman, sidang Jum’at rahimakumullah.

Upami urang nitenan kana ieu kajantenan, ti awal mula tadi ge, tos pada apal urang teh, ti awit khatib mukaddimah keneh ge tos kacangkem, yen Al Qamah bade diduruk, malah bari nundutan ge tos kajudi, lalakon bade kamana leokna. Da tos pada terang nepi ka bubuk leutikna dongeng ieu mah.

Nanging sanes eta nu janten matak muriding bulu punduk pikeun khatib mah, malah janten matak gegebegan pikeun sadirieun jisim abdi mah Gusti......

Al Qamah mah asa teu patos sabaraha kalepatanana teh, pedah eta oleh-oleh teu enggal-enggal dibuka, turta teu aya maksad moal masihan Ibuna, paling oge rada telat, henteu pok sok.

Sedeng abdi ayeuna Gusti...., upami malikan deui mangsa kapungkur, mangsa jisim abdi keur leutik, mangsa jisim abdi rumaja, malih teras dugi ka jisim abdi dewasa. Asana, seueur keneh dosa jeung kalepatan abdi ka Indung Bapa teh, tibatan shahabat Al Qamah ka Ibuna.

Geura mun ditataan mah, teu, henteu kedah ku para malaikat nu janten utusan Gusti, nu pamohalan lepatna, ieu mah nataan sorangan we heulaanan, asana teu manjing-manjing acan kasaean jisim abdi ka indung bapa teh, malah seseueurna mah mung ukur mangnyerikeun manahna wungkul boa.

Ngaleuya kalepatan teh, natrat, ti awit katugenah alatan kalakuan sareng talajak jisim abdi keur budak, ku omongan jeung ucapan jisim abdi keur rumaja, tampolana sakapeung mah jeung sentak sengor sagala kanu jadi kolot teh, utamina kanu jadi indung. Teu mustahil pun biang harita, boa dugi ka kanyeyerian alah batan Ibuna Al Qamah, ningal talajak jisim abdi harita.

Panuyun Nabi, dina dawuhanana : “Al jannatu tahtaa aqdaamil ummahaati” Ari sorga teh ayana dina dampal sampean Ibu”. tapi hih da keukeuh we harita mah, jisim abdi teh noyod, teu katodel ku sunnah Nabi, teu robah pedah aya panuyun Rasul, estuning ngancrud we, tunggul dirarud catang dirumpak.

Sanes, sanes teu apal deuih kana kanjantenan salah sawios shahabat Nabi, anu taat ka ibuna anu luar biasa, dugi ka digagandong kamana-mendi teh, alatan ku parantos sepuh tea, ari tuang dihuapan, mandi disiraman, kulem diebogkeun, salin dikawayan, anu pendekna mah sagala kaperyogian ibuna, dijalankeun ku sang putra, dimana kenging kasab usaha, disanggakeun ka ibuna, estuning taat tara midamel pijengkeleun ibuna.

Tapi nalika naros ka Rasulullah :”Yaa Rasulullah ! Abdi teh gaduh indung, ku abdi sok digagandong dina tonggong abdi, upami anjeunna hoyong angkat-angkatan teh. Sareng abdi tara haseum budi dipayuneunana, hasil usaha abdi ge dipasihkeun ka anjeunna. Naha abdi parantos tiasa dianggap males budi ka anjeunna ? Saur Rasul harita : “Acan, sanajan saambekan anu panjang” Dugi ka eta shahabat naros deui :”Naha kunaon margina Yaa Rasulullah ?” Waler Nabi : “Lantaran ari Ibu anjeun mah, miara anjeun teh, bari miharep supaya anjeun teh panjang umur, sedeng ari anjeun mah, miara Ibu teh bari ngarep-ngarep, supaya tereh-tereh maot”.

Ari jisim abdi, akh…… boro-boro nepi ka kitu, pimanaeun make jeung ngagagandong pun biang teh, sakalieun pun biang barang titah weh, dilaksanakeunana ge kitu we, bari jeung jebras-jebris, gudad-gadeud, pikacuaeun.

Asana mun diiker-iker teh, teu aya pupurieunana pisan, teu kedah dietang ku para malaikat, utusan Gusti, anu pamohalan kaliruna, ieu mah etangan jisim abdi wae, asana, asa teu acan pernah jisim abdi nyukakeun nu janten indung bapa, nu natrat keneh teh. ngarungsingna we wungkul, mun amalan tea mah asana dengdek na teh angger we seueur keneh ka lebah kenca.

Sok sanaos natrat panuyun Nabi, kapan saurna dina hadits riwayat Thabrani: Dua kajahatan nu bakal dibales ku Allah didunya keneh nyaeta, anu zinah, sareng anu goreng laku ka indung-bapa”

Malah kapan dina hadits Bukhari mah : “Piara ku anjeun kanyaah indung bapa teh, ulah nepi ka pegat, lantaran lamun anjeun megatkeun, pasti Allah mareuman cahaya anjeun, tegesna, Allah ngajadikeun hirup anjeun hina.

Bisi janten hapa, kaluhur moal sirungan kahandap henteu akaran, pikeun jalma anu ngajaheutkeun manah ibu-ramana.

Hapunten Gusti.........., Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mun ngimeutan kalakuan abdi baheula, hapunten Gusti, rumaos abdi teh sasar, ana kitu mah boa-boa abdi teh kalebet jalmi nu dibendon ku Gusti, nu bakal janten eusi naraka Salira. Sakumaha pidawuh Gusti :

"A'udzubillaahi minasy syaithaanirrajiim. Walaqad dara-naa lii jahannama katsiiram minal jinni wal insi, lahum quluubul laa yafqahuuna bihaa, walahum a'yunul laa yub shiruuna bihaa, walahum aadzaa nul laa yas ma -'uuna bihaa, ulaa-ika kal an 'aami bal hum adhal lu, ulaa-ika humul ghaafiluun".

Jeung saestuna Kami geus netepkeun eusi naraka teh kalolobaanana, tina sabangsaning Jin jeung manusa, maranehanana boga hate, tapi eta hate teh teu dipake neuleuman ayat-ayat Kami, maranehanana boga mata, tapi henteu dipake nenjo, maranehanana boga ceuli tapi henteu dipake ngadenge, nu saperti kitu teh lir ibarat sato, malah leuwih hina batan sato, maranehanana kaasup jalma-jalma anu talobeh tur balangah.

Allaahu Akbar Walilllaahil hamd.

Nanging sok sanaos kitu, harepan mah aya sakolepat, mugia wae dina sakitu kakirang nu tan wilangan teh, langkung seueur rahmat Gusti nu dilimpahkeun ka jisim abdi, sareng manawi aya sakotret mah diantawisna, anu dilaksanakeun ku jisim abdi teh kalayan Ikhlas Lillaahi Ta ‘Alaa, anu diharep teh taya sanes, mugi-mugi we, sok sanaos ukur sakotret, tapi tiasa janten wasilah pikeun jisim abdi janten kakasih Gusti. Margi jisim abdi yakin, rahmat Gusti langkung seueur nu katampi ku jisim abdi.

Lamun tea mah aya nu saena, hoyong tiasa disipuh deui, sangkan langkung ngagurilap, sangkan tiasa dipasieup deui, ku amal-amal sae sanesna. Atuh nu awon na, niat mah bade enggal-enggal digosok, ku elap "taubatan nashuuha" bari diniatan, ti awit ayeuna kapayun mah, ieu hate teh bade dirumat, supados henteu keuna ku kekebul nu ngadagleg, carana ngahaja di elap, diberesihan ku tobat saban usik, margi ari dosa tea, nu karaos mah da jentre, eces malah nembrak, tapi nu teu karaos ku jisim abdi, estu lemes lir ibarat kekebul nu teu patos katingal, terang-terang tos ngadagleg.

Baarakallaahu lii walakum fil qur-aanil 'adhiim, wanafa'anii wa iyyaakum bimaa fiihi minal aayaati wadz dzikril hakiim, wa taqabbala minnii, wa mingkum tilaa watahu innahu huwal ghafuurur rahiim. Wa qur rabighfir warham, wa anta khairur raahimiin.


KHUTBAH KADUA

Alhamdulillaahi 'allamal qur-an, khalaqal insaana 'alamahul bayaan, wash shalaatu wassalaamu 'alaan nabiyyinaa, muhammadin wa 'alaa aalihii wa ash haa bihii ahlish shidqi wal 'irfaan. Asyhadu alla ilaaha illallaahu al malikud dayaan, wa asy hadu anna muhammadan 'abduhu, warasuuluhu sayyidul insaani wal jaan. Fayaa 'ibaadallah, wa' lamuu anna jazaa al ihsaani ilaa bil ihsaan. Qaalallaahu ta'ala fii kitabihil kariim, A'uudzubillahi minasy syaithaanirrajiim.

Allaahumma Yaa Allah Yaa Rabbanaa, dina danget ieu abdi mung ukur tiasa ngadu’a ka Salira, mugi Gusti ngabulkeun do’a jisim abdi ieu.

Allahumagh firlii waliwaalidayyaa warham huma kamaa rabbayaani shaghiiraa (3 x )

Bismillaahirahmaan nirrahiim. Alhamdulillaahi rabbil 'aalamiin, hamday yuwaafii ni 'amahu wa yukaa fi-u maziidah, yaa rabbanaa lakal hamdu kamaa yambaghii lijalaali waj hika wa 'adhiimi sulthaanik.
Allahumma shalli wasallim 'alaa sayyidinaa muhammadin, shalaatan tun jinaa bihaa min jamii 'il ahwaali wal afaati wa taqdhii lanaa bihaa min jamii 'al haajaati wa tuthah hirunaa bihaa min jamii 'is sayyi-aati wa tar fa'unaa bihaa 'indaka a'lad darajaat,
Watuballighunaa bihaa aqshal ghaayaati min jamii 'il khairaati fil hayaati wa ba'dal mamaat. Innaka 'alaa kulli syai-ing qadiir.
Allahumma arinal haqqa haqqa, war zuqnat tibaa 'ahu, wa arinal baathila baathila, war zuqnaj tinaabah.
Allaahumma innaa nas-aluka 'ilmaan naa fii 'aan, wa 'amalan mutaqabbalaa, wa rizqaan halaalaan thayyibaa.
Allaahumma innaa na 'uu dzubika min 'ilmin laa yan fa'u, wa qalbin laa yakh sya'u, wa du 'aa in laa yus ma 'uu, wa 'amalin laa yur fa 'u.
Allaahummaj 'alnaa wa aulaa danaa, wa dzurriy yaa tinaa min ahlil 'ilmi wa ahlil khaiir, walaa taj 'alnaa wa iyyaahum min ahlisy syarri wadh dhaiir.
Allaahummar zuqnaa mutaa ba 'atan nabiyyi shalallaahu 'alaihi wasallam, awwalan wa aakhirran, wa dhaa hiraan, wabaa thinan, wa qaulan, wa fi' laan, wa thaa 'atan, wa 'ibaa datan, wa 'amalaan shaalihan wa 'adah.
Allaahumma ahyinaa bihayaatil 'ulamaa-i, wa amitnaa bimautisy syuhadaa-i, wan syurnaa yaumal qiyaamati fii zumratil auliyaa-i. Wa ad khilnal jannata ma 'al ambiyaa-i 'alaihimu salaam.
Allahummagh firlanaa dzunuu banaa, wa dzunuuba aabaa –inaa, wa dzunuuba ummahaa tinaa, wa dzunuu ba zauajaa tinaa, wa dzunuuba aulaa dinaa, wa dzunuuba ikhwaa ninaa, wa dzunuuba ikhwaatinaa, wa dzunuuba ustaadzinaa, wa dzunuuba jamii ‘il muslimiina wal muslimaat, wal mu-miniina wal mu-minaat, al ahyaa –i minhum wal amwaat, birahmatika yaa arhamar raahimiin.
Rabbanaa laa tuzigh quluu banaa ba'da idz hadaitanaa, wa hablanaa mil ladungka rahmah, innaka antal wahhaab.
Rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah, wa fil aakhirati hasanah, wa qinaa 'adzaa ban naar.
Subhaana rabbika rabbil 'izzati 'ammaa yashifuun wasalaamun 'alal mursaliin.
Subhaanaka allaahuma rabbanaa wa bihamdika, asyhadu allaa ilaaha ilaa anta, wa astaghfiruka wa aatubu ilaiih.
Walhamdulillaahi rabbil 'aalamiin

'ibaadallah, innallaaha ya'muru bil 'adli wal ihsaan, wa itaa idzil qurbaa wayanhaa 'anil fahsyaa-i wa mungkaari wal bagh, ya 'idhukum la 'allakum tadzak karuun, fadz kurullaahal adhiimal jaliila yadz kurkum, wasy kuruuhu 'alaa ni'amihi yazidkum, walaa dzikrullaahi akbar. Astaghfirullaahal 'adhim, lii walakum.

Wasalam mu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.

-----mmd-----


Selasa, 03 Maret 2009

ESSAY : TAUBATAN NASHUHA

TAUBATAN NASHUHA

Gusti ....... geuning umur abdi teh ngolotan, teu karaos ujug-ujug terang tos kieu we, tanaga ngirangan kalah beuki suda, buuk mah tos puguh, sanes paselang deui antara hideung jeung bodas, ayeuna mah meh rata bodas teh pacampur jeung hawuk.

Careham ge nungtutan coplok ku maneh, nu nyesa ukur tuturusna, kitu ge tos teu mampu deui pikeun nyapek nu rada teuas, hiji-hijieun aya nu walagri keneh ge, tapi saeutik-saeutik marekplekan, sisina heula, lami-lami ngalegaan ka beh tengah.

Mondok tos teu kaur reup, ayeuna mah, ku seringna pulang anting ka paturasan, ngadon miceun jeung kahampangan, beser teh sanes babasaan, estu kaalaman ayeuna.

Panuyun Nabi, mun pareng mondok teu tibra teh, gunakeun saurna pikeun qiyamul lail, sanes……, sanes teu emut eta ge, nanging diri pinuh ku kokotor keneh, rereged nafsu dunyawiyah nyangkaruk keneh na hate, malah pasolengkrah jeroeun dada. Waktos pikeun qiyamul lail teh udag-udagan jeung nongton maen bola.

Memeh madep kapayuneun Gusti teh, kahoyong mah meresihan hate heula, da piraku mun abdi madep teh jiwa raga masih lamokot dosa, teu sae mayunan Gusti dina kaayaan abdi nu masih keneh jiga kieu.

Sok sanaos, saur Gusti dina Al Qur-an, surat Al baqarah ayat nu 222 :

Innallaaha yuhibbut tawaa biina wa yuhibbul mutathah hiriin

Saestuna Allah mikacinta jalma-jalma anu tarobat sareng mikacinta jalma-jalma anu suci.

Atanapi dina surat An Nur ayat nu 31 :

Wa tuubuu ilallaahi jamii an, ayyuhal mu-minuuna la ‘allakum tuflihuun.

Jeung mangka tarobat anjeun sakabeh ka Allah, he..… jalma-jalma anu ariman, supaya aranjeun meunang kauntungan.

Ari nu janten marga lantaran, mun ditataan gemet, satincak saparipolah ti awit abdi sawawa, tug dugi ka kiwari, sangkan manjing timbanganana, beurat mana beurat mendi, mun ditimbang di Yaumal jaza, jaga.

Asana teu aya pupurieunana pisan, teu kedah dietang ku para malaikat, utusan Gusti, anu pamohalan kaliruna, ieu mah etangan jisim abdi wae, nu sok masih keneh hoyong genahna tea, natrat katingali, malah eces, dengdek na teh seueur ka kenca.

Nya kitu deui, ibadah abdi ka Gusti, upami ditataan mah, teu aya juru-jerena - juru-jerena acan, asa pamohalan kana ditampi, mun tea mah teu aya rahmat Gusti, Anu Maha Welas Asih tur Maha Heman ka makhluq-Na, jigana jisim abdi teh ngan wungkul jadi caduk naraka.

Sanes........, sanes wungkul pedah panggoda setan laknatullah, atanapi pangbibita iblis, da eta mah tos ebreh, natrat, nu puguh mah nafsu we nu teu weleh dipiara, dimumule, sina nyangkaruk dina kalbu. Sangkan batur jenuk balarea ngauluh-uluh salalawasna, paling copel matak hookeun nu lian.

Hapunten Gusti......., saur Nabi ge, nu kitu teh kapan riya tea, hoyong katangar, pada ngabageakeun ku batur salembur, sanes deuih...... sanes teu dugi panggeuing ti Nabi ka jisim abdi, malah ku pun biang ku pun bapa ge, tos karuhan ku para ulama ge, nu janten warasatul anbiya, panggeuing mah teu kirang-kirang, mung ieu hate, estu teuas tanding batu.

Hoyong...., hoyong pisan malah, jisim abdi madep ka payuneun Gusti teh, nanging sateuacanna, hoyong nembrakkeun heula kaabot hate, hoyong meresihan heula diri, bilih kamari seueur keneh ngagugulung dosa sareng kalepatan.

Komo nu dipikapaur teh sieun aya tincak sareng lengkah nu harib-harib midua Gusti, alatan jisim abdi nu teu sadar, malah teu mustahil dilakukeunana bari pinuh ku kasadaran.

Nu mawi, dina mitembeyanana madep ka Gusti teh, jisim abdi neda sih hapunten-Na tina samudaya kalepatan sareng kaluluputan, ti awit jisim abdi nincak sawawa, tug dugi ka danget ieu, tos puguhing nu teu
karaosna, da ieu mah seuseueurna ge, nu karaosna pisan, malah seueur nu bari dihajana pisan.

Da saleresna atuh, upami teu aya rahmat Gusti, jigana..... jisim abdi mah kalebet ka jalmi nu pangrugi-rugina, boa janten eusi naraka-na ge beh ditueun ti kerak na.

Oge dina ibadah, tadi ge dipayun disebatkeun, teu satai-kukueunana, ari margina, teu ngabibisani, seueur ibadah anu dilakukeun teh estuning ngan ukur puraga tamba kadenda we wungkul, shalat ge pimanaeun khusyu teh, atuh tartib-tartib we heula-anan, teu acan...., teu acan dugi jigana.

Bari apal kituna teh, kana tungtunan Nabi ge, margi kapan saur Nabi : “Mun anggota badanna teu daek khusyu, hatena ge mo jauh ti kitu”. saurna teh.

Tapi, hih... da keukeuh we dipaju deui, dipaju deui, shalat teh ngan ukur acong-aconganana wungkul, inti-sari na mah duka teuing disimpen dimana.

Aya eta ge usaha hoyong khusyu shalat teh, boh nu wajibna nya kitu deui nu sunatna, tapi sanes keur munfarid kituna teh, tapi mun bade berjamaah, ngarah katingali batur yen abdi shalatna bangun nu khusyu tea, padahal hate mah kamana boa cus-cosna.

Hoyong katangar batur we wungkul nu puguh mah, ngarah katingali khusyu, padahal kapan saur Gusti ge, shalat nu samodel kieu nu bakal dipalengpengkeun kana beungeutna jaga teh.

Malah embohna, mun pareng ku jamaah dipercanten jadi imam deuih, nu sok sering hoyong kapeunteun khusyu teh, mani ngahaja shalat teh ditartib-tartib, tumaninah sing nepi ka katingali tumaninahna, bacaan shalat ge ngahaja ku abdi teh dianca-anca sangkan katingali tartibna.
Malah lebah bacaan surat mah ngahaja di rorompok teh, ngapalkeun surat-surat nu rada panjang, da aya harepan mun waktosna engke ngimaman, maca surat anu panjang mah, sok pada ngeuleuh-ngeuleuh tea.

Dina waktos Jumaahan mah komo deui, ti awal keneh abdi teh mandi beberesih, diangir sagala, da kitu sunatna saur Nabi, teu hilap malah diminyak seungit sagala.

Tapi ana jung teh ngalengkah, lagu paamprok sareng dulur-dulur abdi nu masih keneh kukurilingan milarian pangupa jiwa, eta hate teu tiasa dipaling, make jeung sok ngagerentes, aing mah geus jung indit Jumaahan, na ari ilaing kalah kukurilingan keneh neangan sahuap sakopeun, neangan keneh teureuyeun. Dasar caduk naraka.

Padahal kapan saur Gusti ge, saha nu terang malah itu nu janten pangawasa surga-na, jisim abdi mah bagean caduk naraka-na, kumargi hate tos wantun milah-milah nu janten hak Gusti, boa teuing itu mah ditungguan ku anak pamajikan nu keur barongkeakan, nungguan nu keur usaha, sedeng abdi ngan ukur boga angkeuhan wungkul. Asa aing nu bakal ka sorga teh, henteu deungeun, aku-aku angga.

Shaum, nya kitu keneh, boh shaum wajibna pon nya kitu nu sunatna, da mung ukur janten angkeuhan wungkul nu puguh mah, pedah nuju shaum, ngarah katangar batur siga jalma shaleh, padahal hate mah Gusti ge uninga.

Buktina we geura mraktekkeun hadits ge janten tibalik lemah, pedah saur Nabi : “Sarena nu keur shaum, sarua jeung ibadah”. Da kolu atuh jisim abdi mah, sapoe jeput ngagoler gegelehean ngadon sare, malah tepi ka emper masjid jiga kitu, jeung sok bari agul deuih kitu na teh, ditembong-tembong kanu lian, basana ge, geura tingali kulit beuteung abdi yeuh, nepi ka meh adek kana tulang tonggong, pedah dibawa shaum.

Komo shaum sunat mah, kentel ngagebleg hoyong katangar teh, eta we geura, shaum Syawal nu genep dinten tea, da ceuk nafsu mah, ka hoyong unggal jalma terang yen abdi nuju shaum Syawal.

Aya weh nu sanes ngomentaran : “ Emh..... Bagja temen salira mah, parantos ngalaksanakeun shaum Syawal, kapan sami eta teh pahalana sareng shaum sataun campleng, eta teh saur Nabi”.

Ngucapkeun Alhamdulillaah mah leres bari digerendengkeun, tapi da karaos ku sorangan oge, cukang irung mah ngabeukahaan langkung ti meber.

Shaum Daud nya kitu keneh, satadina mah emut kana tungtunan Nabi dina sunnahna, saur nabi : “Uhyuu quluu bakum biqillatidh dhahki wa qillatisy syab ‘i wa thah hiruuhaa bil juu ‘i tash fuu wa taraq qu”.

Obahkeun hate aranjeun, ulah loba teuing seuri jeung seubeuh teuing, sucikeun ku ngarasa lapar, tanwande hate aranjeun bakal bersih tur lemes.

Dina hadits nu sanes malah dijentrekeun ku Nabi : “Sing saha nu sering ngalaparkeun beuteungna, hartina sering shaum, tanwande pikiranana caang jeung qalbuna cerdas”.
Bari ditataan geuning, rupi-rupi shaum sunatna, ti awit Shaum Senen – Kemis, Shaum Syawal, Shaum tiap tanggal 13, 14 sareng 15, oge Shaum Daud-na, Shaum anu selang-sekar unggal dinten.

Tapi da aneh atuh jisim abdi mah, nu masih keneh kandel hayang katangarna ku batur tea, malah sok aya rasa agul dina hate, mun sakalieun aya nu naros : “Tos sabaraha lami salira ngadawamkeun shaum Daud teh ?” Ngawaler teh sok rada bari jeung semu agul diri teh : “Genep taun dugi ka danget ieu teh, alhamdulillah……”

Alhamdulillah mah leres ku jisim abdi teh diucapkeun, tapi da eta, hate mah teu kapalingan, nalika nu naros ngauluh-uluh mah, hate teh ngagerentes : ”Aing tea……………”

Munggah haji ge teu bina ti kitu, estu hoyong katangar ti awal keneh mula, ti memeh jung keneh ge, ondang-ondang ngahaja maparin iber ka tatangga, yen jisim abdi kalih pun bojo aya niat ngalaksanakeun ibadah haji, lisan mah kitu, tapi ieu hate teu kapalingan, sugan we jaga samulangna ti ditu, ka jisim abdi seueur nu nyebat Pa Haji, sangkan katangar, yen diri aya dina kashalehan.

Dongkap teh ka di Mekah nya kitu keneh, ngahaja di Multazam ngadon ngado’a kapayuneun Gusti harita, margi kapan saur Gusti, Multazam hiji tempat lamun dipake ngado’a, do’ana bakal langsung diijabah.

Jisim abdi ge kitu, di Multazam teh ngadon ngado’a, hoyong bisa pidato harita teh, margi ti lemah cai keneh jisim abdi mah harita, boro-
boro bisa pidato, sakalieun kedah nyarios payeuneun adi-adi katut dulur-dulur ge teu metu, da tuur kabujeng ngeleter, lilinieun.

Janji Gusti henteu mencog, do’a jisim abdi tinekanan, da aneh mulang ti Mekah teh, enyaan bisa pidato teh, najan teu jiga batur ge pidatona, ari nu jadi marga lantaran, pidato jisim abdi mah dugi ka ayeuna ge, ukur dibaca, teu acan robah.

Jaba aya embohna, mulang ngado’a di Multazam teh, ayeuna mah make jeung bisa ngajar di sakola jeung di mahasiswa sagala, da tadina mah boro-boro ngajar sagala, tadi ge disebatkeun, sakalieun sasanggem ukur jeung dulur sareng baraya teh, kesang tiis mah tos mayunan ngagarajag saawak-awak.

Komo mun satutasna pidato, nalika turun ti mimbar aya jamaah nu ngauluh-uluh bari muji teh, najan lisan nu kaluar mah : Alhamdulillah…., tapi da natrat, rengkak katut polah mah persis jiga nu keur ngucapkeun : “Aing tea…….

Padahal kapungkur mah, salah saurang shahabat Nabi, nalika lungsur ti mimbar bari naros ka para shahabat anu sanesna : ”Kumaha pidato kuring bieu ?” ukur naros kitu.

Pan pada ngarentog, yen ucapan sapertos kitu teh kalebet riya, pedah hoyong kenging komentar, bari teu acan tangtos hoyong katangar anjeunna mah, tapi mani enggal teras taubat ka Salira, bari teras ngusrukkeun anjeun, ngadon nyuuh ngumbar cisoca ka payuneun Gusti.

Ari jisim abdi harita, ........... akh teu rengrot-rengrot, boro-boro ngumbar cimata, pimanaeun bari jeung nyuuh sagala, kalah beregegeh nu puguh mah, legeg nu ieu asa aing uyah kidul tea.

Allaahu Akbar !, hapunten abdi Gusti............

Eta teh nu karaosna wungkul tos sakitu, nu teu karaosna ku jisim abdi mah, jigana langkung ti kitu. Salaput sirah kawasna. Enyaan mun ngetang sapertos kitu mah teu pantes mun jisim abdi miharep surga ka payuneun Gusti teh.

Teu acan kaetang, nu hubunganana sareng sasama mah, boh sareng papada jalma, sareng tatangga, sareng dulur-dulur, sareng baraya nu deuheus, nu laer, sareng nu saiman nu saikhwan, atuh beh dituna sareng papada makhluq.

Ngaleuya kalepatan teh, natrat, ti awit nu kenging katugenah alatan kalakuan sareng talajak jisim abdi, nu kanyenyerian alatan omongan jeung ucapan jisim abdi, malah teu sakedik nu kanyenyerian pedah dicarekanana ku jisim abdi.

Bakal ngantay panjang mun ditataan mah, sok komo mun nu nataanana Malaikat nu janten Utusan Gusti, jigana moal bakal nyesa kasaean ka papada makhluk mah, da kalindes ku talajak anu minculak tea.

Ulah ku Malaikat leresan dinyana mah, da ieu mah kapan ku dulur-dulur abdi ge, anu saiman-anu saikhwan, anu sagulung-sagalang sareng jisim abdi dugi danget ieu, kapan nyarebatna ge “Si Engang” ka jisim abdi teh, ku gampang nyeureud tea, gampang teuing ngumbar amarah.

Teu acan....... jisim abdi teh, teu acan lemes hate mah, masih keneh sering ngumbar amarah tea, heuras keneh genggerong, padahal ti awal keneh ge tadi disebatkeun, umur mah teras nambihan, harib-harib cueut ka hareup, kantun sesana, teu bade disebat sengserang padung ge, ngan nu pasti tos sariak layung umur teh.

Manawi eta ge, manawi tiasa, hoyong neda sih hapunten teh, dikempelkeun we sadayana ayeuna didieu, da teu sanggem upami kedah ditatatan hiji-hiji mah, ku moal sanggem nataanana, alatan ku seueur teuing tea.

Kum we ka sadayana, dulur-dulur jisim abdi, baraya katut tatangga, babaturan, sapantar, saluhureun sahandapeun, utamana ka pun bojo, ka pun anak, tiluannana.

Bisi pernah kaciwit kulit, katodel hate, atanapi kasigeung manah, ku ucapan, paripolah miwah kalakuan jisim abdi kamari, mugi kersa ngahapuntenna, manawi tiasa dilubarkeun tina sagala rupi kalepatan sareng katalingeuhan jisim abdi. Sangkan jisim abdi longsong mun hoyong madep ka payuneun Gusti Nu Murbeng Alam.

Kantos eta ge diwartosan ku Nabi Gusti dina haditsna, malah ku para ulama nu janten warasatul anbiya tea, yen dosa sareng kalepatan ka Gusti mah, tiasa langsung neda si hapuntenna sareng Gusti, tapi ari dosa sareng kalepatan sareng papada makhluq mah, moal waka dihampura ku Gusti lamun ku papada makhlukna dihampura.
Leresan dieu, anu moal sanggem abdi ngalaksanakeunnana teh, alatan seueur teuing kalepatanana, sareng nu puguh mah seueur teuing nu kantos kenging katugenahna ku jisim abdi, kumargi kitu, nyanggakeun sadaya-daya we kapayuneun Gusti.

Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mun ngimeutan kalakuan abdi tadi, hapunten Gusti, rumaos abdi teh sasar, ana kitu mah boa-boa abdi teh kalebet jalmi nu dibendon ku Gusti, nu bakal janten eusi naraka Salira. Sakumaha pidawuh Gusti :

"A'udzubillaahi minasy syaithaanirrajiim. Walaqad dara-naa lii jahannama katsiiram minal jinni wal insi, lahum quluubul laa yafqahuuna bihaa, walahum a'yunul laa yub shiruuna bihaa, walahum aadzaa nul laa yas ma -'uuna bihaa, ulaa-ika kal an 'aami bal hum adhal lu, ulaa-ika humul ghaafiluun".

Jeung saestuna Kami geus netepkeun eusi naraka teh kalolobaanana, tina sabangsaning Jin jeung manusa, maranehanana boga hate, tapi eta hate teh teu dipake neuleuman ayat-ayat Kami, maranehanana boga mata, tapi henteu dipake nenjo, maranehanana boga ceuli tapi henteu dipake ngadenge, nu saperti kitu teh lir ibarat sato, malah leuwih hina batan sato, maranehanana kaasup jalma-jalma anu talobeh tur balangah.

Allaahu Akbar Walilllaahil hamd.

Nanging sok sanaos kitu, harepan mah aya sakolepat, mugia wae dina sakitu kakirang nu tan wilangan teh, langkung seueur rahmat Gusti nu dilimpahkeun ka jisim abdi, sareng manawi aya sakotret mah diantawisna, anu dilaksanakeun ku jisim abdi teh kalayan Ikhlas Lillaahi Ta ‘Alaa, anu diharep teh taya sanes, mugi-mugi we, sok sanaos ukur sakotret, tapi tiasa janten wasilah pikeun jisim abdi janten kakasih Gusti. Margi jisim abdi yakin, rahmat Gusti langkung seueur nu katampi ku jisim abdi.

Dina niat hoyong madep nyaketkeun diri ka Gusti teh, hoyong mitembeyan midamel deui eunteung kahirupan anu ageung, sangkan tiasa dicaangkeun deui, obor -obor kahirupan nu kungsi pareum, tiasa deui nyiapkeun pakakas kahirupan, pikeun meresihan hate, da tadi ge ti awal mula estu nembrak nonggerak, lampah jisim abdi nu kamari, boh nu awon na, pimanaeun nu saena mah.

Lamun tea mah aya nu saena, hoyong tiasa disipuh deui, sangkan langkung ngagurilap, sangkan tiasa dipasieup deui, ku amal-amal sae sanesna. Atuh nu awon na, niat mah bade enggal-enggal digosok, ku elap "taubatan nashuuha" bari diniatan, ti awit ayeuna kapayun mah, ieu hate teh bade dirumat, supados henteu keuna ku kekebul nu ngadagleg, carana ngahaja di elap, diberesihan ku tobat saban usik, margi ari dosa tea, nu karaos mah da jentre, eces malah nembrak, tapi nu teu karaos ku jisim abdi, estu lemes lir ibarat kekebul nu teu patos katingal, terang-terang tos ngadagleg.

-----mmd-----

DAKWAH : SILATURAHMI JEUNG BATUR ULIN JAMAN KEUR BUDAK

SILATURAHMI JEUNG BATUR ULIN MANGSA KEUR BUDAK

Bismillaahirrahmaanir rahiim.
Assalaamu'alaikum Warahmatullaahi Wabarakaatuh.
Alhamdu lillaahil ladzii arsala rasuulahuu bil hudaa, wadiinil haq, liyudh hirahuu 'aladdiini kullihii wakafaa billaahi syahiidaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan 'abduhu warasuluhu laa nabiyaa ba'dah. Allaahumma shalli wasallim wabaarik 'alaa Muhammaddin, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihii wa manit taqaa. Amma ba'du.

Para wargi, dulur-dulur nu sasama, utamina nu saluhureun sim kuring rahimakumullah .
Hapunten, Sateuacan diteraskeun, sareret tadi teh ningal Neng Elly ti Bogor, putra Tante Emin, kalinglap, eta ku geulis keneh wae nini-nini teh, ceuk pujangga mah kieu eta teh :
Duh pameunteu,
teuteupeun awaking,
deudeuh raray implengan sorangan,
palataran hejo lembok,

moal ah, moal diteruskeun, engke we ku Ceu Iin teruskeun, bisi ribut engke Ceu Iin menta dipangnyawerkeun deuih mun ngawinkeun teh, eh aya ketang hiji deui.
Mun nyana pikieueun mah,
moal kojongjonan teuing,
Ku tina rasa mokaha,
Tungtungna jadi panyakit.
Nu puguh mah nyiksa diri,
Nyangsara saumur-umur.
Teu ngemutkeun ka payunna,
Kaburu teuing ku asih.
Geuning bukti, geuning bukti.
Kieu kajadianana.

Intermezzo-na eta mah.
Hadirin ikhwatul iman rahimakumullah.
Asa nganteng keneh dina emutan, asa nembe cikeneh, urang riung mungpulung bari huhujanan di emper masjid Al-Falah, baheula, garogonjakan jaman keur budak, mangsa-mangsa opat puluh taunan kapengker, ayeuna urang kempel deui didieu, di tempatna Haji Wawan Hudori, Wawan galing, baheula mah urang nyebut-na teh, kempel saanak bojo, saputra putu, ngiring hempak sasarengan, silaturahmi, bari maksud mah urang ngantengkeun deui tali silaturahmi, nu meh pareum, urang guar deui obor-obor kahirupan urang mangsa keur budak, urang teh akrab geuning harita mah, raket, lir dulur pet ku hinis urang teh harita, bari tangtu harita ge sok aya urang teh pagetrengna, abong budak, mumusuhan, tapi da tara lila, isukna mah urang teh geus silih akod deui, silih gandong deui, maen "Gampar", maen "Hujan angin", katut "Ucing Kaleng" geuning urang harita, ngan Emma nu jalingkak teh harita mah, Kang Suha !, da kabisa na teh hayoh we maen "Kobak Kolong" jeung Haji Empon tah maenna teh.
Nanging dina dinten ieu, urang tiasa kempel model kieu, lamun tea mah Si Maman bisa ngobet hate urang sewang-sewangan, ieu geterna, hate lir aya nu ngacak-ngacak jeroeun dada, duka kabungah, duka kasedih, ngan nu jelas, estu pagaliwota jadi hiji, Opat puluh taun katukang, urang pernah babarengan, kiwari dina mangsa-mangsa nu geus cueut ka hareup, malah geus jadi nini-aki Kang Atang mah jeung Ceu Empon, oge nu sejen, si Maman encan, da beger keneh ayeuna ge, bareng malah begerna ge jeung anak nu cikal.
Teu karaos memang, nalika ngariung model kieu mah, opat puluh taun teh asa cikkeneh pisan. Rupina, betah teuing urang teh, anteng teuing urang teh, dina kahirupan dunya, ti waktos ka waktos teh, nu digugulung, mung ukur haliyah dunya we wungkul, nepi ka dug hulu pet nyawa, ngabelaan kapentingan dunya.
Teu tiasa dipungkir, memang, urang teh saleresna mah, parantos kalebet jalma-jalma anu materialistis, kalebet jalma, nu mung ukur nyeepkeun waktos kanggo kapentingan dunya wungkul, duka sabaraha prosen boa, kahirupan akherat nu nyangsang dina agenda emutan urang teh, margi tampolana, sok sering hilap, urang teh babakuna mah, kana agenda nu paling pasti, nyaeta maot.
Bari jeung tos pada terang urang teh saleresna mah, yen Allah kantos ngemutan :"A'udzubillaahi minasy syaithaan nirrajiim. Wabtaghii fiimaa aatakallaahu daarul aakhirati, wa laa tansa nashiibaka minad dun-yaa". Pek, geura sungsi kahirupan akherat, nu dipikaridha ku Allah, ngan omat kade poho, urusan anjeun didunya.
Ngan aneh, urang mah bet sawalerna, sanes nabung kanggo bekel mayunan hirup nu langgeng di akherat jaga, tapi dagdag-degdeg, sieun seepeun bekel, sahuap-sakopeun di panyabaan, bawaning ku kasieunan, dugi ka angkaribung sagala rupi disayagikeun pikeun kahirupan saayeunaeun, di panyabaan. Padahal urang ge pada yakin, nu langkung peryogi mah, bekel kanggo hirup nu saendeng-endeng tea, jaga. Anumawi pantes, urang mah sok disindiran bae ku Allah teh :"A'udzubillaahi minasy syaithaan nirrajiim. Wal ashri, innal insaana lafii khusr, illal ladziina aamanuu wa 'amilush shaalihaati, watawaa shaubil haqqi, watawaa shaubish shabr".
Demi waktu, saestuna sakur manusa pinanggih jeung karugian, kajaba jalma-jalma anu ariman, jeung milampah amal shaleh, jeung anu silih wasiatan dina jalan anu haq, jeung anu silih wasiatan dina jalan kashabaran.
Leres, rugi temenan urang teh, ari ngan ukur ngagugulukeun kanggo dinten ieu wungkul mah, dinten enjing mah kumaha behna, kumaha engke bae, temahna, sagala rupi sok hoyong disakalikeun, disugemakeun saayeunaeun, tara ngemut kana waktos nu bakal kaalaman jaga, padahal tos jelas nembe, Allah SWT mepelingan ka urang, supados meryogikeun bebekelan pikeun akherat, bari ulah hilap kana kaperyogian hirup di dunya, kedah zuhud, nanging henteu fatalis, henteu kabina-bina ngumpulkeun dunya, nanging oge, henteu ninggalkeun dunya, kedah sineger tengah saur Kang Atang mah.

Ti taun ka taun, urang mah seuseueurna teh kajongjonan, duka teh teuing naon margina, cepil urang teh bet sapertos nu torek, henteu nguping kana panyaur Allah sareng RasulNa, hate urang mah bet ngabagel, teuas nandingan batu, teu ieuh katodel ku Ayat-ayat Allah, sareng panuyun Rasulullah teh, noyod we, tunggul dirarud catang dirumpak, seuseueurna mah kalah ka nabung dosa, timbangan nu sakedahna abot ka palih katuhu teh, bet dengdek ngenca, urang teh popohoan teuing nguruskeun dunya, kempal-kempil teh ngan urusan dunya we wungkul, urusan eusi peujit wungkul, urusan teureuyeun wungkul, keukeuh wae, dina emutan teh, kabutuh sapopoe janten nu utami, kabutuh anak-pamajikan janten nu nomer hiji. Padahal urang baheula teh dididik sareng dibina tiap ba'da shalat Ashar teh ku Pa Oma, ku Ustadz Hidzkil, tapi ayeuna, urang teh arang langka, jigana, ngemutan, kumaha shaum urang, tos leres atanapi teu acan, kumaha zakat urang, tos dibayar atanapi teu acan, kumaha ibadah urang, tos merenah atanapi teu acan, kumaha atikan anak incu urang, tos merenah atanapi teu acan, keukeuh we nu diemutan teh, hurung-herangna haliah dunya.

Yaa Allah Yaa Rabbanaa, hapunten Gusti, rumaos abdi teh sasar, nu sunat dianggap wajib, nu wajib kaluli-luli, boa-boa abdi teh kalebet jalmi nu dibendon ku Gusti, nu bakal janten eusi naraka Salira, sakumaha pidawuh Gusti :"A'udzubillaahi minasy syaithaanirrajiim. Walaqad dara-naa lii jahannama katsiiram minal jinni wal insi, lahum quluubul laa yafqahuuna bihaa, walahum a'yunul laa yub shiruuna bihaa, walahum aadzaa nul laa yas ma -'uuna bihaa, ulaa-ika kal an 'aami bal hum adhal lu, ulaa-ika humul ghaafiluun". Jeung saestuna Kami geus netepkeun eusi naraka teh kalolobaanana, tina sabangsaning Jin jeung manusa, maranehanana boga hate, tapi eta hate teh teu dipake neuleuman ayat-ayat Kami, maranehanana boga mata, tapi henteu dipake nenjo, maranehanana boga ceuli tapi henteu dipake ngadenge, nu saperti kitu teh lir ibarat sato, malah leuwih hina batan sato, mara nehanana kaasup jalma-jalma anu talobeh tur balangah.
Allaahu Akbar, Subhanallaah.

Hadirin rahimakumullah.
Dina kasempetan urang ngempel model kieu, urang silih emutan, urang sasarengan deui jiga baheula, urang caangkeun deui, obor -obor kahirupan nu kungsi pareum teh, urang siapkeun deui pakakas kahirupan teh, pikeun meresihan hate, piraku henteu nembrak nonggerak, lampah urang nu kamari, boh nu awon na, pimanaeun nu saena mah. Lamun tea mah aya nu saena, urang sipuh deui, sangkan langkung ngagurilap, urang pasieup deui, ku amal-amal sae sanesna. Atuh nu awon na, urang enggal-enggal gosok, ku elap "taubatan nashuuha" bari urang niatan, ti awit ayeuna kapayun mah, ieu hate teh urang rumat, supados henteu keuna ku kekebul nu ngadagleg, carana taya sanes, kedah di elap, kedah diberesihan ku tobat saban usik, margi ari dosa mah, lir ibarat kekebul nu teu patos katingal, terang-terang tos ngadagleg.

Hadirin para wargi Rahimakumullah.
Dinten ieu urang tiasa kempel model kieu, silaturahmi, niat dina hete mah, didieu, di Cibiru, emut kapungkur saur Enok, saur Ibu Haji Zaenal Abidin, urang ayakeun deui silaturahmi cenah, antawis babaturan urang ba heula jaman keur di Masjid Al Falah, ku riungan nu sapertos kieu, margi tina hubungan silaturahmi nu model kieu teh, urang tiasa silih seblokkan informasi, ngeunaan kaayaan diri urang masing-masing, silih perhatoskeun, silih asih, silih asah tur silih asuh, malah embohna,
nu teu kawon pentingna, urang tiasa silih emutan, bilih urang nuju pareng aya dina jalan nu teu dipikaridha ku Allah SWT.

Malah dina Hadits Qudsi, Firman Allah : "Kami teh, Arrahmaan, tur Rahiim, Kami pisahkeun tina Asma Kami, sing saha nu ngalaksanakeun silaturahmi, tangtu Kami bakal ngantengkeun Diri jeung manehna, tapi sing saha jalma nu megatkeun silaturahmi, tangtu Kami bakal megatkeun hubungan jeung maranehanana.
Saur Rasul :"Panghade-hadena jalma, nyaeta nu pangtaqwana ka Allah SWT, nu paling rajin silaturahmi, jeung nu sok ngajurungkeun kana pagawean-pagawean hade, sarta nu sok nyegah kamungkaran.
Dugi ka Allah SWT ngajangjikeun :"Sing saha jalma nu resep ngalaksanakeun silaturahmi, bakal dipaparin rizki nu saseueur-seueurna, tur dipanjangkeun umurna, tapi sabalikna, sing saha jalma nu mutuskeun silaturahmi, sok sanajan maranehanana ahli ibadah, Allah SWT bakal nyayagikeun siksa pikeun maranehanana, tur moal bisa asup ka syorga.
Saur Nabi :"Laa yad khulul jannata, qathaa 'ah" Moal bakal asup syurga, jalma-jalma nu mutuskeun silaturahmi.
Mugia bae urang sadaya, kalebet jalma nu nembe dijanjikeun ku Allah SWT.

Hadirin rahimakumullah.
Sakitu rupina anu tiasa didugikeun, dina raraga deudeul sambutan ti si Maman tea, sugan kapayun mah silaturahmi urang tiasa langkung euyeub deui, ti awit kulawargana si Prakash ti Siti Munigar palih kaler nepi ka kulawarga Uung, Mansyu Ahmad, Mudi Mahyul ti Siti Munigar palih kidul, pamungkas hoyong nutup ku du'a, mugia bae du'a urang sadaya ieu tiasa diijabah ku Allah SWT.

Amiin Yaa Allah Yaa Rabbal Alaamiin.
Kalayan asma Allah Nu Maha Welas tur Nu Maha Asih.
Mung ka Allah wungkul sadaya puji abdi sadaya, nu ngalimpahkeun pirang-pirang kani'matan, kani'matan di dunya katut kani'matan di akherat
Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mugi Gusti ngalimpahkeun rahmat pikeun jungjunan abdi sadaya, Nabi Muhammad SAW, rahmat anu tiasa nyalametkeun abdi sadaya tina sagala rupi cocoba sareng ujian, rahmat anu tiasa ngalimpahkeun sagala kabutuh abdi sadaya, rahmat anu tiasa ngaberesihan kalepatan abdi sadaya, rahmat anu tiasa ngaronjatkeun kaayaan abdi sadaya kana darajat anu paling luhur mungguh Anjeun, Yaa Rabbanaa.
Allahumma Yaa Allah, tembrakkeun ka abdi sadaya, perkara nu hak teh, dugi ka eces hakna, sangkan abdi sadaya tiasa nuturkeunnana, sareng tembrakkeun ka abdi sadaya perkara anu bathil teh dugi ka jentre bathilna, sangkan abdi sadaya tiasa nebihanana.
Yaa Rabbanaa, limpahkeun ka abdi sadaya ku elmu nu mangfaat, limpahkeun ka abdi sadaya ku amal shaleh anu ditampi mungguh Allah, limpahkeun ka abdi sadaya rizki anu halal tur sae mungguh Anjeun Yaa Rabbanaa.
Allaahumma Yaa Allah, abdi sadaya nyuhunkeun pitulung mung ka Allah wungkul, tina elmu nu teu aya mangfaatna, tina hate nu henteu khusyu, tina do'a nu henteu dugi, sareng tina amal shaleh abdi sadaya nu henteu ditampi.
Yaa Rabbanaa, jantenkeun abdi sadaya, jantenkeun anak-anak abdi sadaya, katut katurunan abdi sadaya kalebet kana ahli elmu sareng kasaean, mugi Gusti henteu ngajantenkeun abdi sadaya, kana golongan anu mengpar tina agama.
Allaahumma Yaa Allah, mugi Gusti maparin karunia jalan anu lempeng ka abdi sadaya, sangkan abdi sadaya tiasa nuturkeun ajaran Nabi Muhammad SAW, ti awal dugi ka akhir, lahiriahna sareng bathiniahna, ucapan lisanna katut rengkak polah sadidintenna, tina taatna ka Allah, tina ngalaksanakeun ibadahna sareng tina amal shaleh nu dijalankeun sadidintenna.
Yaa Allah Yaa Rabbanaa, jantenkeun kahirupan abdi sadaya sapertos kahirupanana para ulama, jantenkeun maot abdi sadaya jaga, sapertos maotna para syuhada, sareng mugi Gusti tiasa nungtun abdi sadaya di Yaumal Jazaa jaga, kana golongan para aulia, mugi Gusti ngabingbing abdi sadaya dilebet syurga, disarengkeun sareng para Nabi, nu diraksa salalamina ku Salira.
Yaa Allah, mugi Gusti henteu ngajantenkeun hate abdi sadaya monteng kana ka kufuran, saparantos Gusti maparin barakah ka abdi sadaya, sareng mugi Gusti ngalimpahkeun ka abdi sadaya rahmat miwah karunia nu dipimilik ku Salira.

Alhamdulillaahi rabbil 'aalamiin, hamday yuwaafii ni 'amahu wa yukaa fi-u maziidah, yaa rabbanaa lakal hamdu kamaa yambaghii lijalaali waj hika wa 'adhiimi sulthaanik. Allahumma shalli wasallim 'alaa sayyidinaa muhammadin, shalaatan tun jinaa bihaa min jamii 'il ahwaali wal afaati wa taqdhii lanaa bihaa min jamii 'al haajaati wa tuthah hirunaa bihaa min jamii 'is sayyi-aati wa tar fa'unaa bihaa 'indaka a'lad darajaat, watuballighunaa bihaa aqshal ghaayaati min jamii 'il khairaati fil hayaati wa ba'dal mamaat. Innaka 'alaa kulli syai-ing qadiir.
Allahumma arinal haqqa haqqa, war zuqnat tibaa 'ahu, wa arinal baathila baathila, war zuqnaj tinaabah. Allaahumma innaa nas-aluka 'ilmaan naa fii 'aan, wa 'amalan mutaqabbalaa, wa rizqaan halaalaan thayyibaa.Allaahumma innaa na 'uu dzubika min 'ilmin laa yan fa'u, wa qalbin laa yakh sya'u, wa du 'aa in laa yus ma 'uu, wa 'amalin laa yur fa 'u.
Allaahummaj 'alnaa wa aulaa danaa, wa dzurriy yaa tinaa min ahlil 'ilmi wa ahlil khaiir, walaa taj 'alnaa wa iyyaahum min ahlisy syarri wadh dhaiir.
Allaahummar zuqnaa mutaa ba 'atan nabiyyi shalallaahu 'alaihi wasallam, awwalan wa aakhirran, wa dhaa hiraan, wabaa thinan, wa qaulan, wa fi' laan, wa thaa 'atan, wa 'ibaa datan, wa 'amalaan shaalihan wa 'adah.
Allaahumma ahyinaa bihayaatil 'ulamaa-i, wa amitnaa bimautisy syuhadaa-i, wah syurnaa yaumal qiyaamati fii zumratil auliyaa-i. Wa ad khilnal jannata ma 'al ambiyaa-i 'alaihimu salaam.
Rabbanaa laa tuzigh quluu banaa ba'da idz hadaitanaa, wa hablanaa mil ladungka rahmah, innaka antal wahhaab. Rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah, wa fil aakhirati hasanah, wa qinaa 'adzaa ban naar.
Allahumma innii as aluka mujiibaati rahmatika wa 'azaa imaa maghfiratika, wassalaamata ming kulli itsmin wal ghaniimata ming kulli birrin, wal fauza bil jannah, wannajata minan naar.
Rabbi qani'ni bima rajaqtanii wa bariklii fimaa 'a thaitanii, wakhluf alayya kulla ghaa ibaatin lii ming ka bi khaiir. Subhaana rabbika rabbil 'izzati 'ammaa yashifuun wasalaamun 'alal mursaliin.
Subhaanaka allaahuma rabbanaa wa bihamdika, asyhadu allaa ilaaha ilaa anta, wa astaghfiruka wa aatubu ilaiih.
Walhamdulillaahi rabbil 'aalamiin.
Billahit taufiq wal hidayah, wal ibadah, wal inayah.
Wasalamu 'alaikum warahmatullaahi wabarakaatuh

Senin, 02 Maret 2009

Essay : Buruan Batur mah Sok Leuwih Lendo

BURUAN BATUR MAH SOK LEUWIH LENDO


Dua bulan campleng asana Abah teh teu ngeusian blog deui, teu ngabibisani eta ge sakapeung mah sok aya mangsa-mangsa anu karasana teh, hambar, teu aya eusian, keur teu parurun, malah sok diplesetkeun ku barudak mah “sedang tidak mood” cenah. Abah ge nya kitu kamari teh.
Ari pangpangna mah waktuna ngahaja dipake ningalian blog batur, ti mimiti blog nu aya patula-patalina jeung elmu pangaweruh umum, agama, basa Sunda, malah anu patula-patalina jeung hobi ge ngahaja ku Abah teh dilongokkan, jadi pulsa telpon teh hamburna dipake ngacacang jalan-jalan didunya maya.
Kacindekan anu bisa kacatet saheulaanan, persis nu jadi jejer dina ieu tulisan, “Buruan Batur Mah Sok Leuwih Lendo” ieu teh hiji ungkapan anu sabanerna mah, tapi anu rek ditulis ku Abah lain ungkapanana tapi estudina harti anu hakikina, lantaran nyaeta kitu, waktu ngalongokan blog nu lian teh, disidik-sidik mah enya buruan blog na teh nu batur mah harade nakeran, ti mimiti buruannana katut eusi blog anu diturilisna oge, estu harade pisan, nepi ka lamun ningali “Template” Abah dina blog ieu, asa matak jadi “rendah diri” cenah, pedah ari blog Abah ti mimiti buruanana nepi ka eusi tulisanana ge, asa teu sataikukueun tulisan-tulisan nu lian.
Da eta we sakali mah ngalongok blog nu hobi nguseup, teu ngahaja awalna mah, pedah aya sobat Abah ti bubudak nu hobina nguseup, jorojoy weh hayang ngalongok blog nu hobina nguseup tea, na ari dilongok teh blog-na enyaan lain gawe iseng jiga Abah, da ieu mah istimewa we ceuk Abah, ti mimiti buruanana nepi ka eusi artikelna, geura we waktu nerangkeun kumaha carana ngalungkeun jeujeur, kumaha carana nyieun eupan, kumaha carana ngarawat jeujeur, malah nepi ka kumaha carana ngarawat alam sabudeureunana di tempat nguseup, estu ditataan kalawan telik jeung jentre deuih, teu nyangka tuda, nu ceuk saliwatan mah geura, nu keur nguseup di Cirata atawa di Saguling we nu aya di tatar Sunda, dina rakit ngajajar saurang-saurang asa teu pira, tapi waktu nulis dina blog-na, estu katingali ahlina teh, malah tulisanana,”ilmiah” pisan ceuk barudak mah. Eta hiji.
Terus aya deui, Abah ngalongok tulisan siswa SMA, oge nya kitu keneh, buruan blog-na teh ku hade pisan ceuk rarasaan Abah mah, nyeni meureun “Template” nu katingalina teh, terus waktu dilongok tulisan-tulisanana, enyaan matak helok, najan karek siswa SMA tulisanana geus jiga tulisan pangarang moyan, malah tulisanana teh siga nu geus dialajar mata kuliah “Methode Research” tea, pedah tulisanana make data-data nu ditembrakkeun pikeun nguatan artikelna, ah....... pokona mah garinding we, sok sanajan dina kaca-kaca sejenna aya oge tulisan-tulisan nu make gaya basa barudak siswa pantaranana.
Ari terus ditingali deui blog Abah sorangan, estuning standard pisan, estu biasa-biasa pisan, taya onjoyna, nepi ka aya gerentes dina hate, eureun we kitu ngeusian blog teh, pedah teu kaudag geuning ku Abah mah ngudag-ngudag pangaweruh dina dunya teknologi informasi teh, asa boyot wae, jigana lain keur pantaran Abah meureun pangaweruh ieu teh, macaan bukuna mah ngahaja macaan, ngeunaan internet, ngeunaan blog, ngeunaan e-mail, tapi hih.... angger we hese, mindeng ngajeten. Ceuk barudak mah : “Hese inget gancang poho”. Enya jigana mah kana kitu Abah ge.
Da eta we, ku hese-hesena ngarti teh, keur ngaguar tulisan sangkan loba nu maca atawa nu nganjang kana ieu blog ge, ku teu bisa-bisa wae Abah teh, akibatna nya nu tadi tea, lila weh Abah teh teu nulis deui, meh dua bulan campleng, lain waktu-waktu sakeudeung, malah kapan ceuk para ahli nu nulis dina blog teh, ulah lila teuing ninggalkeun tulisan, kudu mayeng cenah, mun bisa unggal poe eusian, lain teu nyaho eta ge, kapan ceuk tadi ge, ku teu purun tea jeung ku rasa rendah diri meueun nya, pedah ningali blog batur mah ku harade pisan.

Rabu, 21 Januari 2009

ESSAY : TULISAN DINA "MILLIS"

Baheula pisan, keur mimiti karangan dimuat dina majalah, mani sok agul diri teh, da eta we majalah anu ngamuat tulisan Abah harita nepi ka lecek atuh, balas dibeber-beber, ditingalikeun ka unggal nu wawuh yen tulisan Abah dimuat dina majalah, bari eta teh ngan ukur dimuat we wungkul, teu diulas eusi tulisanana mah jiga kumaha, da baheula mah jarang aya mun tulisan dimuat ku majalah bari terus diulas eusina, atawa tulisanana komo make jeung terus kana gaya jeung tata bahasana, ari lain dina majalah sastra mah.
Tapi ku ayeuna mah, mun nulis dina ”millis” sok langsung aya nu ngulas, tinu satuju atawa nu satuju malah sok jadi pamicu pikeun ngoreksi jeung ngungkaban deui tulisan, dimana kakuranganana, lantaran teu kurang-kurang lain wae nu teu satuju, malah teu mustahil anu ngesek-ngesekeun oge balatak, jiga dina waktu nu anyar kaliwat Abah kungsi nulis dina ”millis” make judul saperti dihandap ieu, loba nu ngulas, nu nyarekan malah, tapi teu jadi matak pundung, malah atoh we nu aya, tulisan Abah aya nu merhatikeun, ngan tangtu bae, upama tulisanana di salin kana ieu Blog, matak jadi kaciwit kulit kabawa daging, ti awal keneh Abah tamada neda hampura.
Tulisan Abah harita jiga ieu :

GONJANG-GANJING ARTIKEL IBRAHIM SANG NABI

Aya tungtunan, cenah urang Islam teu kenging diajar kitab Injil teh aya dua alesan, nu kahiji, bilih dina eta kitab Injil aya hal-hal anu memang leres cocok jeung akidah Islam tapi ku urang dilepatkeun, anu kaduana bilih dina eta kitab Injil aya hal anu teu leres atanapi patukang tonggong sareng akidah Islam ku urang dilereskeun. Upami kitu kajantenana, janten duanana oge lepat, sangkan aman pikeun akidah ka Islaman katut kaimananana, urang teu kedah diajar eusi kitab Injil, kitu dina tungtunan teh.
Nanging rupina benten pasualanana, upami para mahasiswa diajar dina mata kuliahna, perkawis ”perbandingan agama”, eta mah tos diluar jejer pasualan ieu, teu kedah janten hemeng.
Angkeuhan urang, utamina urang Sunda, samangsa-mangsa urang Sunda, pasti weh muslim, kapungkur mah memang kitu, nanging ayeuna mah henteu kitu, margi seueur urang Sunda ayeuna, anu agemanana sanes Islam, aya nu Protestan, nu Katholik, nu Sunda Wiwitan, nu Budha Nu Hindu nu Kong Ho Cu ge boa aya, malah kapan teu sakedik nu teu beragama pisan balatak.
Contona bae, di daerah Kuningan, masarakat Sunda anu tadina masyarakat Madrais, kapan dirangkulna teh ku Katholik, da ku urang Islamna harita ngadon dibuburak, atuh lalebet Kristen, malah kapan aya nu janten Pendeta sagala, hotbahna ? nganggo basa Sunda, jaba lemes pisan deuih, ragam hormat, di Bandung TV, sering siaran langsung.
Aya deui di daerah Lembang, sareng di daerah Ciwidey wewengkon Gambung, aya missionaris anu nyepeng daerah operasi didinya, nyebatna ge kapan ”Poros Ciwidey – Gambung” rupina aya panginten urang Sunda nu tos lebet agama maranehna, barudak remaja nu nuju pariknik di Lembang, di Situ Pantengan kapan seueur nu kapincut ku propaganda maranehanana.
Malih di antawis jalan Cimahi dugi ka Cisarua Lembang, aya Wihara anu agreng kacida, nalika aya pembagian beras miskin, kapungkur, langkung santun tah masihkeunana teh, upami nu miskinna teh sepuh komo mun nini-nini mah, ku panitiana teh dipanggul beasna dijajapkeun dugi kana beca, panitia di urang mah kapan boro-boro mangmanggulkeun, masihkeunana ge bari baketut haseum.
Aya deui di daerah Ciranjang, wewengkan Sipon Dua, kapan pagiling-gisik didinya mah antawis masjid sareng gereja teh, teu mustahil tos aya urang sunda nu lebet janten Protestan-na.
Di Cipatujah, kapan ayeuna mah ngajegir Gereja, teu mustahil oge, aya urang Sunda tos biluk ka agama maranehanana, da kabebenjokeun ku Super Mie tea.
Tos kantenan barudak rumaja putri mah, nu tos biasa dijilbab teh kapan ngahaja ditikah ku maranehna, engke satutasna ditikah mah diarajak weh ngagem agama maranehna.
Atuh nu teu nyepeng agama pisan, kapan teu sakedik disabudeureun urang ge balatak.
Wangsul deui kana jejer carios, janten upami tea mah dina ”Millis” aya sakedik nu memper-memper kana propaganda eta, jigana kedah wayahna we, ari nu janten masalah, bongan we Millis na oge kapan keur urang Sunda, sedeng urang Sunda tea, saur tadi ge pan teu sadayana Islam, atuh pantes kacida upami urang Sunda ti luar Islam ge, jigana hoyongeun sakedik mah ngalebetkeun khotbahna, alesanana tiasa wae, naha cenah ari urang Islam kenging ngadugikeun ka-Islamanana, tiasa medar hadits, medar tafsir Al Qur-an, ari nu diluar Islam teu kenging ?
Rupina didieu nu kedah telik mah, nya nu gaduh lalakon, nu janten editor, Teh Roro, Mang Jamal, Kang Sasmita, Kang Haji deuih, boa Abah ge kalebet, upami tea mah aya eusi artikel nu kinten-kinten matak janten hareudang-bayeungyang mah, komo upami matak janten pacogregan mah, teu kedah ditampilkeun.
Sakitu Nun.
Hapunten Abah.

Minggu, 11 Januari 2009

ESSAY ( IBER ) : RE - UNI SABALAD-BALAD

Balad-balad Abah keur budak, dina poe Saptu minggu ieu, tanggal 17 Januari 2009, rek ngayakeun re-uni sabalad-balad, ririungan ngadon silaturahmi, nyacapkeun kasono nu lawas kaluli-luli.
Sok resep, baheula ge taun 2001 pernah re-uni siga kieu, babaturan keur budak kumpul kabeh, nepi ka sababaraha angkatan. Tapi da arapal kabeh ge teu tumpa-tumpa deui, akrab we silih poyokan silih herenganana, da persis we jiga keur budak baheula.
Ayeuna ge kana kitu, pedah nu ayeuna mah rada diciutkeun lingkupna, ondangan ge ukur saratus urangeun, mun sarimbit teh kana duaratus urangeun mah jigana tepi, Abah nu kapapancenan nyieun ondanganana, tapi lucuna diakukeunana mah meunang nyieun Si Kang Machyul ( Urut pamaen Band Rhapsodia tea ) atuh...... ibur....., maenya cenah urang Padang bisa nyieun surat make Basa Sunda. Da saenyana Kang Machyul mah aslina ti Padang, ngan idek liher di Jl. Sitimunigar ti bubudak.
Ngan sedih teh Kang Enuch kabujeng dipundut ku Gusti, dina dinten Jumaah kamari, Kang Enuch mulih ka pangkonan Ilahi, mugia ditampi iman-Islamna, dicaangkeun alam kuburna, ditempatkeun dina tempat anu sae munggul Allah SWT, pernah sakelas teh jeung raina nu istri Nenden, baheula keur di Sakola Rakyat, SR Kopo IV.
Acarana geus diiker-iker ku Kang Uung ( Mansur Ahmad ) nu jadi pribumi, ti jam 10.00 isuk-isuk nepi ka rengse, tiheula ge kapotong teh lamun waktuna shalat we, aya tukang adzanna, si Wawan, rengse shalat berjamaah, acara biasana diteruskeun deui, kaulinan mangsa keur budak baheula ngahaja diulinkeun deui, ti mimiti tarik-tambang, gatrik, bendrong, hujan angin, balap sendok, gampar, nepi ka galah ge ngahaja diayakeun, tapi jigana re-uni nu ayeuna rada ditambahan aya pertandingan billiard sagala, pikeun babaturan nu geus teu kuateun deui lulumpatan jiga baheula, kitu ge diancokeun pikeun nu geus biasa maen, nu tara biasa maen mah kuriak wae alas-mejana saroeh, kasungkal stick-billiard.
Nu kacipta bakal pirame-eun, palila-lila tilem di kolam renang, jiga baheula keur budak, sok palila-lila tilem ari keur ngojay di Cihampelas atawa di Centrum, Abah mah kawentar ”Budah-Citarum” lantaran keur budak baheula pernah palid di Citarum, keur babalapan harita teh, lebah Dayeuhkolot ayeuna, mun teu ditulungan ku tentara Kujang harita, jigana tiwas inya.
Tiap pertandingan, aya hadiahna, ngahaja disiapkeun ku Kang Uung, kayungyun puguh ge babaturan nu hiji ieu mah, Kang Uung, tilu taun sakelas di SMP Pasundan II, ayeuna geus jugala, ku babaturan teh kaseundahan wae, unggal babaturan teu weleh dihiap-hiap, geus karuhan babaturan deukeut, ka nu jauh ge teu weleh ngahiap-hiap.
Wilujeng Re-uni deui, ka seuweu-siwi putra-putri Jl. Sitimunigar.

Sabtu, 10 Januari 2009

Essay : GERING GE COBAAN

Dina sagala rupa hal estu teu weleh papasangan, aya lalaki aya awewe, jalu jeung bikangna, susah jeung senangna, terus kitu, mun ditataan gemet, matak pinuh sakaca polio jigana, awak ge kitu pisan, sakapeung sehat oge aya mangsana gering, teu ngabibisani eta ge, sapuluh poe kamari awak teh gering, rampohpoy taya tangan pangawasa, ngalempreh ukur nyangsaya dina korsi panjang hareupeun televisi, teu diuar-uar kaluar mah yen awak keur gering, komo ka jamaah majlis ta’lim mah, jamaah masjid gigireun imah, angkanan teh lain-lain nanaon, eta ku boga panyakit teh teu bisa masamoan.........
Da ayeuna mah kitu geuning, panyakit teh nepi bisa jadi jejer carita di pasamoan atuh, panyakit bisa jadi barang ”lux”, malah panyakit teh bisa jadi kabanggaan, geura perhatikeun obrolan sapopoe nu pernah diucapkeun :”Puguh tos lami abdi teh jantung, numawi sok maksakeun olahraga ge, bari latihan.” Atawa aya deui nu nanya, misalna :”Darah tinggi panyawat Bapa Anu teh kapungkur mah, numawi ayeuna ”Struk” teh.” akh rupa-rupa panyakit we nu sering diobrolkeun dipasamoan teh, aya nu jantung, darah tinggi, tumor, kangker, asam-urat, malah beh dieu mah sok rada rame didongengkeun teh nu keuna ku Parkinson ge, bisa jadi jejer obrolan.
Ari Abah, ceuk tadi ge, panyakit teh hese dibawana ka pasamoan, atuh da panyakit bawa ti bubudak, nepi ka wanci kieu sok kalan-kalan jadi, malah ari keur sakalieun jadi mah, sok nepi ka ngalempreh teu walakaya, ukur nyangsaya we dina korsi, napas we renghap-ranjug, panyakit asma, malah lain asma disebutna ge baheula mah, ”mengi” aya oge nu nyebut ”mengok”, atawa ”bengek”, aya oge nu ku basa lemes nyaritana teh :”Ampeg Bapa Anu teh nu karaosna mah, tos rada lami”, rarasaan mah teu ”elok” we mun diobrolkeun di pasamoan teh, panyakit proletar eta mah cenah, padahal sok aya eta ge nu nyebut rada katingali intelek, ”penyakit ispa” cenah, tapi da di lembur mah matak pungak-pinguk, naon deui atuh ”penyakit ispa” teh , ku araraheng, cenah, padahal kitu-kitu keneh, nu napasna kawas ucing tea mun keur jadi teh, ngaregeh.
Ari anu kaduana, Abah mah sok rada kaisinan wae diri teh, mun pareng abreg-abregan nu ngalongok teh, sok era ku pada ngeuleuh-ngeuleuh na, da nya kitu tea, sanajan enya ge ngalempreh teu bisa walakaya, da panyakit matuh tea, komo mun merhatikeun pananya dina gunem catur nu keur ngalongok geuning, :”Naon atuh nu karaos Bapa teh ?”, tah mun aya nu nanya kitu, sok karasa kagok ngajawabna, matak mending keneh euweuh nu ngalongok we cekeng teh.
Enya ari sok pada nganaha-naha tea mah, pajar teh :”Yeuh kudu atoh mun pada ngalongok teh, pan pada ngadu’akeun supaya tereh-tereh sehat deui”, tah lebah dieuna, nu sok beda jeung batur teh, sok ngarasa rendah-diri, mani kudu pada ngalongok sagala, kawas ka gegeden bae, cekeng teh. Paling ge nu sok dibejaan teh, sobat medok we wungkul, batur ulin ti bubudak, kitu ge sok embung ari dilongok mah, teu kudu ngalongok lah, engke cageur sorangan. Kitu ge ngadongengnga dina telpon make SMS.
Dina keur nyoranganna kieu, nu ngabaturan teh nya taya deui iwal ti HP, telepon keupeul cenah sawareh mah nyebutna teh, bari mukaan ”e-mail” dina internet, jeung ngarah murah we deuih make HP mah pulsana, macaan ”millis”, bari noongan tulisan batur, resep jiga aya batur ngobrol, kawas nu sehat we, nu ngadongeng bari heureuy, kadangkala bari dibungbuan ku dongeng anu harib-harib cawokah, aya wae nu nulis artikel rada hade, malah ti Paguyuban Warga Sunda Medan mah sok jeung bari ngiriman da’wah Islam sagala dina ”Powerpoint”, ti Makassar oge aya, malah jiga di urang we didieu kana HP teh pan sok rajeun nu rek nipu mah teu kurang-kurang, geuning ujug-ujug jol weh aya SMS ”Selamat Anda dapat hadiah anu, anu, anu...... disebutan, kana ”e-mail” kitu we teu beda, di luar negri ge aya, aya ti Inggris, ti New Zealand, malah ti Afrika teu kurang-kurang, nu ngirim e-mail ”Cangratulation ...... bla...bla...bla, kadituna mah sarua we, rek nipeng, cenah.
Atuh mun aya humor nu rada hade, biasana mah ti Kang Professor Rektor tah sok matak nyakakak teh, sok digeuhgeuykeun sakapeung mah ku si Ambu, nu gering teh masih keneh bisa nyakakak kitu, atuda mun geus kieu asa teu keur gering awak teh, asa sehat we, asa loba batur deuih ongkoh, sanajan ukur noongan wungkul eta teh, sok aya eta milu ngomentaran, tapi nya kitu we, ukur sautak-saeutik, sacukup-cukup tina HP tea, ngarah teu gede teuing mayar pulsana.
Ngan sakali mah aya nu matak ngabiridig kana hate, lain gila, ngan rasa kasundaan hate Abah ieu mah, asa henteu milu sedih kingkin, eta aya wanoja anu dinyenyeri ku lalaki, nembrakkeun kanyeri hate-na make basa Indramayu, mun di urang mah jiga ”Tangis Anjani” meureun, tapi ari make basa Indramayu mah, rarasaan Abah bet asa maskulin pisan, teu asa feminin, teu asa jiga wanoja nu keur dinyeyeri, asa gagah pisan, duka ketang mun wanoja urang Indramayu mah kitu. Enyaan hate Abah mah teu asa milu sedih, asa kitu we, asa digjaya.
Na da ari dina Tangis Anjani mah, kanyenyeriannana teh asa nyebitan hate, malah kadangkala sok matak hareneg kana hulu-angen, dina tikoro teh sok asa aya nu nyedek piceurikeun. Paingan cenah ceuk urang Perancis :”Kawih-kawih Cianjuran mah geus teu kudu diterjemahkeun deui, geus karasa ku hate ge”.
Malikan deui judul tulisan, sanajan enya gering teh cobaan, tapi aya hikmah anu dikandungna, nu karasa ku Abah wae, aya hikmahna, make jeung bisa seuri keneh, bisa ngobrol keneh, malah bisa keneh tukeur pikiran najan ukur noongan wungkul oge, tapi asa kawakilan, gering asa aya nu ngalongok, bari teu kudu padu hareupan, da eta tea, rarasaan Abah mah panyakit ”mengi” mah asa teu pantes dibawa masamoan tea, era ari pada ngeuleuh-ngeuleuhna. ”Naon atuh nu karaos teh Bah ?” Kumaha ngajawabna etah ?
-----mmd-----

Rabu, 07 Januari 2009

ESSAY : BADARAT MUNGKAS SURAT YAASIIN

Rada noron puguh ge dina mitembeyan ngalakonan taun anyar teh, ku nyutat ”Ayat Suci Lenyepaneun” Karangan Moh. E. Hasim, ngahaja deuih, ngasupkeunana kana Blog teh disabelas-kalikeun, alesanana mah teu pira, eta geura mun nengetan urang lembur, barudak leutik teh rea nu geus ditalar atuh Surat Yaasiin teh, ngagorolang, saking ku sering dibaca eta teh.
Tapi da kangaranan jelema, sok aya we nu barang geureuh teh, bari jeung henteu merenah ceuk pangrasa mah ngageunggeureuhkeunana teh, Pok na teh : ”Hayoh-hayohan wae Surat Yaasin nu dibaca teh, da Al Qur-an mah lain Surat Yaasin wungkul, surat sejenna aya keneh 113 surat deui” bari semu nu miceuceub kituna teh, asa aing uyah kidul tea.
Lagu ditanya, :”Dupi Bapa, sok surat naon atuh diaos dina tadarus teh”
”Akh da Bapa mah tara tadarus, ari lain bulan puasa mah”
Jero pikir, mending keneh nu ngaji Surat Yaasiin atuh kitu mah, mun dibandingkeun jeung nu tara pisan ngaji ari lain dina tadarus Ramadhan mah.
Tah, tina ayana kasus kitu, ngahaja hayang bari ngapalkeun surat Yaasiin teh, sugan we dikeureuyeuh dina tahajud, di sabelas-raka’ateun, manawi Allah marengkeun.
Inget baheula, keur di Madinah, encan loba VCD Muratal jiga ayeuna, ba’da Ashar harita teh di Masjid Nabawi, jiga di masjid urang we, barudak santri TPA beberetekan lulumpatan kaditu-kadieu, ngan dina nu sakitu barudak nu keur lulumpatan teh, harita aya budak keur ngengelek Al Qur-an, panasaran di-toel, make basa Tarzan, curuk nunjuk Al Qur-an, bari terus nunjuk kana biwir budak, ngartieun jigana si budak teh, yen kuring hayang ngadenge budak eta ngaji. Na ana sor teh Qur-an anu keur dicekelna teh dibikeun ka kuring, bari nuduhkeun surat nu rek dibacana, kaharti ku kuring ge, sangkan kuring merhatikeun nu rek dibacana, na ana gorolang teh ditalar, kuring nuturkeun bari nyekel Al Qur-an, enyaan apalna teh eta budak, surat nu dibacana An Nabaa mun teu salah mah, kuring mah karek apal eta surat geus aki-aki kieu, bari sakalieun dibaca keur ngimaman mah, jigana ukur sataun sakali boa, da mimindengna mah ari ngimaman teh angger we Surat Al Ikhlas, jeung Surat An-naas we nu dibaca teh. Persis jiga si Bapa nu tadi tea we, sarua lagu ngimaman mah eta we nu dibacana teh. Ngan teu wani ketang mun ku kuring dituluykeun : ”Memang-na ngan Qulhu wungkul surat dina Al Qur-an teh ?” Lain nanaon bisi malikkeun :”Yeuh ! ceuk Sahabat Ali oge, surat Al Ikhlas teh sapertiluna Al Qur-an eta teh.”

DAKWAH : SURAT YAASIIN 77 - 83

Dina tulisan nu ieu ge, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 77 nepi ka 83

77. Jeung naha manusa teh teu merhatikeun yen Kami ngayuga manehna tina cimani, geus kitu ujug-ujug terang-terangan jadi musuh.

Ku pangersa Nu Maha Kawasa sperma ngahiji jeung ovum dina rahim indung, sanggeus 9 bulan gubrag lahir ka alam dunya jadi orok, lengkep make pancadria sarta dipaparin hate jeung pikiran. Direjekian, diaping dijaring beurang peuting ku Manten-na, tapi naha ari geus sawawa nukang nonggong ka manten-na, terus munjung ka kayu ka batu, jadi musuh Manten-na terang-terangan.

78. Jeung Kami diibaratkeun lir mahluk sarta manehna poho kana asal kajadianana. Pokna teh :”Saha nu bakal bisa ngahirupan tulang-taleng nu geus ancur ?”
79. Caritakeun :”Nu ngahirupan manehna teh nu ngajadikeun manehna dina waktu mimiti. Jeung Manten-na teh Maha Uninga kana sakabeh mahluk.”

Sangkan paraning dumadi, ( poho ka asal jeung kanu ngayugana ) ari geus sawawa gede tanaga loba pangabisa mah poho ka asal jeung ka nu geus ngajadikeun, takabur ku kalungguhan, asa aing pangpinterna, asa aing pangbeungharna, nepi ka wani cucungah ka Nu Maha Kawasa.
Dina H.R. Al Hakim ti Ibnu Abbas disebutkeun Al Ash bin Wa’il datang ka Rasulullaah SAW. Manehna mawa tulang nu geus rusak. Bari motong-motongkeun eta tulang, pok manehna ngomong : ”Yeuh Muhammad, naha Allah bakal ngahudangkeun tulang nu geus ancur ieu ?” Diwaler ku anjeunna : ”Allah bakal ngahudangkeun tulang ieu, jeung ngamaotkeun hidep, geus kitu hidep bakal dihudangkeun deui terus diasupkeun kana naraka Jahannam”.
Kaom kafirin jaman kiwari oge sarua teu percayaeun yen Gusti Allah teh aya jeung kawasa. Nurutkeun kayakinan maranehna mah alam teh aya ku maneh. Mimitina kosong molongpong tanpa eusi kajaba sel-sel nu kacida lembutna, nepi ka teu bisa katenjo ku panon biasa. Dina waktu ratusan rebu atawa jutaan taun sel-sel teh ngahiji, terus jadi sababaraha bentang nu panas jeung cahayaan. Tah ieu teh nu disebut panon-poe. Pepetelan tina panon-poe jadi planet jeung satelit, contona marcapada padumukan urang jeung bulan. Sel-sel teh aya nu jadi tutuwuhan jeung sasatoan sarta manusa. Lamun geus paeh mah teu aya naon-naon deui, pokna teh : ”Kalau sudah mati habis perkara.” Tah kitu pamadegan kaum kufrul-inkar atawa atheis jaman kiwari.
80. Nu ngajadikeun seuneu tina kai hejo pikeun maraneh, nya harita maraneh mirun seuneu make kakayon.

Tatangkalan nu harejo, sanggeus dituar jeung garing, bisa dipake nyieun seuneu nu disebut miruha tea. Di urang, jaman baheula memeh aya korek api jeung paneker, lamun rek ngadurukan di huma atawa rekmirun seuneu, sok ngagesrek-gesrekeun dua beulah awi garing, lebah hinisna, nepi ka kaluar seuneu. Tah ieu teh lenyepaneun. Naon sababna kakayon bisa ngaluarkeun seuneu ? Lamun geus kapanggih, pek tanyakeun deui. Naha kakayon aya ku maneh ? Lamun kaom atheis nyebutkeun asal tina sel-sel, terus tengetan, geuning tatangkalan teh dina jero sapuluh taun ge bisa jaradi nepi ka jarangkung pisan, sedeng evolusi sel-sel mah merlukan waktu ratus rebu atawa jutaan taun.
Lamun geus kapanggih rasiahna, Insyaa Allah iman urang bakal tambah kuat.

81. Jeung naha nu ngayuga langit jeung marcapada teh lain kawasa pikeun ngayuga nu sarupa kitu ? Nya tangtu, da Manten-na teh Nu Maha Ngayuga tur Nu Maha Uninga.

Lamun jelema geus bisa nyieun mobil, sasak jeung gedong aya dua tiluna, naha manehna moal bisaeun nyieun deui nu sarupakitu ? Lamun hiji Ibu geus sababaraha kali nyieun rangginang atawa opak, naha manehna moal bisaeun nyieun deui nu sarupa kitu ? Budak leutik ge pasti bakal ngajawab : ”Atuh nya tangtu bisaeunana mah, da manehna geus biasa nyieun mobil, sasak, gedong, rangginang jeung opak. Manehna mah ahlina jeung memang nyahoeun kana sagala unak-anikna.”
Ayeuna ge Gusti Allah teh Nu Maha Ngayuga jeung Nu Maha Uninga kana saniskara. Manten-na geus ngayuga mangpirang-pirang langit jeung mangmilyar-milyar bentang, planet jeung satelit, salah sahiji diantarana nya eta marcapada padumukan urang, naha Manten-na moal kawasa ngadamel deui nu sarupa kitu ? Jawabna : ”Nu geus biasa nyieun mobil moal ngawagu nyieun mobil nu sabangsana, nu sok nyieun rangginang moal ngawagu nyieun rangginang deui, komo atuh Gusti Allah mah da Nu Maha Kawasa. Nu Maha Ngayuga kana saniskara, piraku teu kawasa ngayuga deui langit jeung marcapada nu sarua jeung nu geus aya.

82. Satemenna timbalan Manten-na lamun aya pengersa kana naon-naon, ngan ngadawuh kanu dipikersana :”Jadi” jleg harita jadi.

Taya hesena pikeun Nu Maha Kawasa mah ngayuga naon bae oge. Ulah ngukur kamampuhan urang sorangan, da urang mah sok ranggaek memeh tandukan ( sok loba omong, ujub ), geura dina ngawangun kota ge elekesekeng, luut-leet kesang teh lantaran teu kaur balas pasang-bongkar, ngamonyah-monyah tanaga jeung beaya.
Gusti Allah mah lamun ngersakeun ngayakeun naon-naon cukupku ngadawah ”Kun” jadi ”Fayakun” sakedet netra nu dipikersana teh jleg bae jadi. Hayang sakeudeung bisa hayang dililakeun bisa, sagala rupa gepikeun Manten-na mah gampang.

83. Nya Maha Suci nu kakawasaan kana saniskara aya dina panangan-Na, jeung ka Manten-na geusan mulang maraneh.

Surat Yaasiin ieu dibuka ku Yaasiin ( Yeuh manusa ). Sanggeus maluruh ayat 2 nepi ka ayat 6, nu dimaksud ku kecap manusa teh Nabi Muhammad. Anjeunna ditimbalan ngadugikeun warta yen Gusti Allah teh Maha Suci.Ku kituna urang ulah rek ngudag-ngudag hayang nyaho zat Manten-na, da Manten-na mah Maha Suci tina bisa dibanding-banding jeung zat salian ti Manten-na. Ari rek ngalenyepan sifat-Na mah taya halangan, sanajan Maha Suci tina bisa disaruakeun jeung sifat mahluk, contona Manten-na kawasa ngadamel mahluk tina teu aya jadi aya, saperti ngadamel marcapada pepetelan tina panon-poe, ari panon-poe didamel tina mangpirang-pirang atom nu diwangun ku elektron jeung proton. Atom nu hamo bisa diitung teh mahluk nu didamel ku Manten-na. Tina naon asalna atom ? Upama asalna tina cai, ayeuna cai tina naon ? wallaahu a’lam.
Manusa aya nu kawasa nyieun mobil.Mobil dijieun tina beusi, karet, jeung rupa-rupa bahan. Tukang nyieun mobil teu kawasa nyieun bahan pimobileun. Tah lebah dieu bedana kakawasaan Nu Maha Kawasa jeung kakawasaan manusa. Jadi hakekatna mah boh mobil boh nu nyieun mobil, lamun dicukcruk ka puhuna mah dadamelan Gusti Allah Nu Maha Kawasa.
Sakabeh mahluk didamelku Gusti Allah, diraksa diriksa kuManten-na, terus dipulangkeun deuikaManten-na.Mulangna mahlukka Manten-na teh kacida merenahna da kagungan Manten-na, tapi urang sok koret jeung aku-aku angga,pamajikan dicandak ku Manten-na, salaki ngarasa diteungteuinganan, salaki dipundut ku Manten-na, pamajikan jejeritan nganaha-naha ka Nu Maha Kawasa.
Yeuh manusa, maneh teh meunang nyieun Kami, bakal mulang deui ka Kami.

DAKWAH : SURAT YAASIIN 71 - 76

Dina tulisan nu ieu ge, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 71 nepi ka 76

71. Jeung naha maranehna teh tara merhatikeun yen Kami geus ngayuga ingon-ingon sabagian tina usaha leungeun Kami pikeun maranehna, nya saterusna dipibanda kumaranehna ?

Aidiinaa, hartina leungeun Kami, tapi ari sacara majazi mah kakawasaan Kami, Aidin jama’ tina yadun, dina basa Sunda leungeun, dina basa Indonesia tangan, dina basa Inggris hands jeung dina basa Walanda handen, geus biasa dipake dina harti majazi, contona :
a. Asa pingges leungeun katuhu. Hartina : ngarasa beurat sabab ditinggalkeun ku jelema nu sok ngabantu dina pagawean sapopoe.
b. Di bawah tangan orang. Hartina : Dina kakawasaan nu sejen.
c. A dictator rules with an iron hand. Hartina : Diktaor marentah make kakerasan.
d. In ’s vijands handen vallen. Hartina : sabagian amal nu dihasilkeun ku kakawasaan Kami.
Di antara ingon-ingon nu dicipta ku Nu Maha Kawasa nu saterusna dipibanda jeung aya dina kakawasaan manusa teh nya eta embe. Mun ku urang dititenan kalawan anteb, embe teh gede kacida manfaatna, cisusuna pikeun inumeun, kokotorna pikeun gemuk, jeung buluna pikeun pakean. Upama dipeuncit, dagingnapikeun dahareun, tulang jeung tandukna dipake bahan pikeun kancing, sisir jste, jeung kulitna pikeun bahan sapatu, kantong jeung rea-rea deui. Kakarek embe, geus sakitu gede manfaatna, encan munding, sapi, kuda, onta jeung kalde.
Lamun urang leukeun ngalenyepan mah piraku sugan teu hayang mulang tarima ka Nu Maha Welas Asih.

72. Jeung Kami meruhkeun ingon-ingon pikeun maranehna, nya sabagian ti antarana dipake tutumpakan maranehna, jeung sabagian deui didalahar kumaranehna.

Ku pangersa Nu Maha Kawasa sabagian tina sasatoan teh aya nu lindeuk nepi ka bisa dipakihi ( diutuh-etah ) ku manusa. Kajeun teuing gede waruga gede tanaga, saperti gajah, onta, kuda, sapi jeung munding, dikuah-kieuh ku budak leutik ge teu weleh nurut. Kai pulukan sagede-gede beuteung munding meunang nuaran di leuweung, lamun henteu dipalidkeun sok digusuran ku gajah. Padati jeung wuluku atawa singkal, sok ditarik ku sapi jeung munding. Delman, sado atawa kahar, jeung andong sok ditarik ku kuda. Salian ti ata, gajah, onta, kuda jeung kalde sok dijadikeun tutumpakan.
Nu geus ilahar dipeuncit di lembur urang mah sapi, munding jeung embe, ditanah Arab mah onta ge sok dipeuncit. Malar bisa dililakeun,daging peupeuncitan teh sok didengdeng, dikere, jeung dijieun abon, malah aya nu dikalengan, nu sok disebut kornet tea. Tah sakitu manfaatna ingon-ingon teh.

73. Jeung tina ingon-ingon teh maranehna mareunang rupa-rupa manfaat jeung inuman. Nya naha maranehna teh henteu mulang tarima ?

Rupa-rupa manfaat ingon-ingon geus ditataan dina ayat-ayat di luhur. Urang bisa nyieun wol tina bulu domba pikeun bahan pakean atawa simbut. Lamun urang keur salesma, karasa pisan manfaatna baju haneut jeung halesduk nu dijieun tina wol. Lamun urang make setelan tina wol buatan Inggris, rarasaan teh asa jadi jelema panggindingna, tapi hanjakal lolobana mah sok poho ka Nu Maha Rahman Rahim nu geus mamaprin kani’matan sakitu gedena.Make setelan wol jeung sapatu kulit nu pang-alusna teh lamun rekindit ka tempat ma’siat we, saperti ka tempat disko, ari rarajeunan indit ka masjid mah cukup ku kaos sangsang jeung baju kampret.
Ku naon atuh urang teh teu mulang tarima ka Nu Maha Welas Asih ?

74. Jeung maranehna nyarambat sababaraha pangera salian ti Allah malar maranehna mareunang pitulung.

Lamun di luar ummat Islam sok aya nu nyembah jeung nyambat berhala bari nyuguhkeun hayam ka nu ngageugeuh kawah Gunung Bromo, atawa nyuguhkeun bakakak embe ka Tapekong,ku urang bisa dianggap pantes, da maranehna mah lain ummat Islam. Tapi nu sok matak hemeng mah, tingkah laku sabagian ummat Islam, dina upacara ngadegkeun, sok nyuguhkeun hulu munding, sapi atawa embe, ka nu ngageugeuh lembur, pokna teh malar rahayu salamet, dina hahajatan saperti ngawinkeun jeung sunatan sok aya nu nyuguhkeun sasajen dina ancak, digantungkeun di handapeun jure atawa di juru pakarangan.
Ngaku Islam tapi nyembah jeung muntang ka salian ti Gusti Allah, menta panangtayungan jeung pitulung ka berhala. Padahal surat Yaasiin teh pangrarisna dibaca dipilemburan mah, tapi ari kalakuan tojaiah jeung eusi nu dibacana. Naha lantaran teu ngarti kitu ? atawa lantaran geus kapanguruhan ku kayakinan sejen ? Leuleugeur atuh ari ngaku ngagem agama Islam bari geus dibuder sorban atawa dibendomah, ulah siga nu buta tuli teuing.

75. Berhala-berhala teh teu kawasa mere pitulung ka maranehna, malah maranehna sorangan dijadikeun balatentara kudu hadir ngemitan berhala.
Sanajan ngaku ngagem agama Islam bari tara ninggalkeun nu lima waktu jeung puasa dina bulan Ramadhan, sarta kungsi munggah haji, lamun sok nyembah jeung nyambat ka salian ti Gusti Allah, naha kana jimat, naha ka dewa, naha ka para wali atawa para Nabi, tetp kaasup ka golongan musyrikin, sabab dawuhan Gusti Allah dina ayat ka 74 ; ”wat takhaduu min duunillaahi aalihah” salian ti Allah, sakali deui, salian ti Allah, naon bae atawa saha bae haram disembah jeung disambat. Nu sok disembah jeung disambat salian ti Allah ngaranna berhala, nu teu bogaeun kakawasaan naon-naon pikeun mere rejeki di alam dunya jeung pikeun nyalametkeun para panganutna tina naraka. Malah sabalikna,para panganut berhala bakal karoroncodan, dina pamungkas ayat ieu disebutkeun ”Wa hum lahum jundum muh dharuun” maranehna kudu hadir jadi balatentara ngemitan berhala.

76. Ku kituna hidep teu kudu sedih ku omongan maranehna. Satemenna Kami nyaho naon-naon nu dirahasiahkeun jeung nu deitembrakkeun ku maranehna.

Pamoyok jeung panghina ti kaom kafirinka Rasulullah teh rupa-rupa tur taya mingena. Pikeun panglejar manah anjeunna, Gusti Allah ngalungsurkeun ayat ieu. Lamun indung ka anak mah ngabeberahna teh kieu : ”Keun bae antep Jang, entong didenge entong dilayanan, karo-karo gelo. Ujang teuperlu nyeri hate da teu tuah teu dosa, engke ge tamiang meulit ka bitis. Ema katut batur salembur ge nyaho yen omongan maranehna teh fitnah malulu.” Piraku upama direrema ku Ema saperti kitu henteu kaubaram.Komo deui lamun dililipur ku Nu Maha Agung mah,kanyeri kapeurih tanwande leungit sapadamayan.



DAKWAH : SURAT YAASIIN 67 -70

Dina tulisan nu ieu ge, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 67 nepi ka 70

67. Jeung lamun Kami miharep, pasti Kami ngarobah rupa maranehna di tempat maranehna, nya maranehna teh moal bisa maju jeung moal bisa mundur.

Lamun Gusti Allah ngersakeun ngarobah rupa manusa di tempat maranehna aya ayeuna, tah ieu teh bisa dihartikeun sacara hissiyah jeung sacara ma’nawiyah. Gusti Allah kawasa pikeun ngarobah kaayaan manusa sina saperti arca. Kabeh manusa saanterojagat sina ngadak-ngadak ngajaranteng di tempatna masing-masing, sina teu barisaeun maju atawamundur. Atawa dirobah sina jadi tatangkalan, rajeg di tempatna masing-masing, maju moal bisa mundur moal bisa. Kitu upama dirobah rupa sacara hissiyah.
Upama dirobah sacara ma’nawiyah, uteuk nu encer dijadikeun kentel sangkan teu bisa motekar, mekarkeun panalar akal. Manusa hamo bisa ngahontal kamulyaan jeung kamajuan,oge moal morosot kana kahinaan atawa kamunduran. Moal ngarasa hanjakal lamun nyieun kasalahan, moalngungun lamun aya pikasediheun, jeung moal boga rasa karunya ka nu sangsara, sabab hatena moal bisa kapangaruhan ku naon-naon. Dina kaayaan kieu mah kabebasan manusa teh moal diwatesanan.

68. Jeung sing saha nu ku Kami dipanjangkeun umurna, Kami bakal mulangkeun manehna kana kajadian asalna.Nya naha maranehna teh teu malikir ?

Jalma nu dipanjangkeun umurna nepi ka jadi aki-aki atawa nini-nini, bakal dipulangkeun deui ka asalna. Tah ieu mah lain badanna nu dirobah sina jadi orok deui, tapi ingetanana. Aki jeung nini nu geus lemong, tawehwoh, kundang iteuk, sok pikun, ingetanana balik deui ka budak, akalna jadi kuled, jeung meh teu bisa walakaya, lantaran taya tanaga.
Tah, kuduna mah urang teh mikir nepika dinya. Hirup bebas nurut kanapangajak setan teh, ari geus pikun kitu mah, hamo karasani’matna, ngan kari nunggu-nunggu dawuh, terus engke ngayakeun balitungan dina yaumal-hisab.

69. Jeung Kami henteu ngajarkeun sya’ir ka manehna, sya’ir mah pikeun manehna teu pantes, taya lian eta teh pepeling jeung Al Qur-an (bacaan) nu jelas.
Sastra-kanta hasil karya tulis para sastrawan geus loba kabina-bina, tapi taya hiji oge anu bisa nandingan seni sastra nu kaunggel dina Al Qur-an. Lain sya’ir, sabab sya’ir mah, sapadana kudu matok opat-opat jajar jeung tungtungna murwakanti, katurug-turug sakumaha nu ditegaskeun dina ayat ieu, Gusti Allah henteu aya maksud ngawulang sya’ir ka Nabi Muhammad. Rasul mah teu pantes diajar ngadangding, ngadamel sya’ir. Eusi Al Qur-an teh jelas pisan, nya eta pituduh, hukum nu ngawengku akidah jeung syare’at nu wajib dibaca sing nepi ka kaharti, terus diamalkeun.
Dina salah sahiji hadits disebutkeun, yen aya urang kafir nu nyarita : ”Muhammad teh ahli sya’ir jeung tukang ngadangding. Sya’ir beubeunanganana teh nya eta Al Qur-an”. Nya harita turun ayat ieu, pikeun ngabantah panuding manehna. Memang ayat-ayat Al Qur-an teh tungtungna meh kabeh murwakanti, saperti nu aya dina surat Yaasiin ieu, 12 ayat mada dina sora IM jeung 71 ayat mada dina sora IN jeung UN. Sya’ir mah ngandung hayalan jeung pamohalan meunang nganggit para ahli seni sastra, sedeng Al Qur-an mah ngandung hukum, hikmah, elmu, pituduh, pangajaran jeung i’tibar, dadamelan Nu Maha Kawasa.

70. Malar manehna mere pepeling ka sing saha nu hirup, jeung hukuman teh tanwande tumiba ka jalma-jalma nu kalafir.

Rasulullaah dipaparin Al Qur-anmalar ku anjeunna dianggo mepelingan jalma-jalma nu hirup, nya eta jalma-jalma nu iman sarta motekar akalna, rajin nungtut elmu nyungsi harti. Buah tina iman jeung elmu teh, nya eta akhlak anu mulya, nu dibuktikeun sacara nyata atawa kongkrit dina amal shaleh. Cirina jelema hirup teh, nya eta lamun iman, elmu jeung amalna geus ngajadi hiji.
Al qaulu, timbalan atawa Dawuh Gusti bakal tumiba ka kaomkafirin teh taya lian iwal ti hukuman atawa siksaan. Kecap timbalan atawa dawuh dina basa urang oge sok ngandung harti kiasan, contonan : Nu gering teh ngan kari nunggu-nunggu dawuh, saeutik harepan bosa cageur deui, nunggu-nunggu dawuh hartina nunggu-nunggu timbalan atawa panyaur ti Nu Maha Kawasa alias maot tea.

DAKWAH : SURAT YAASIIN 59 - 66

Dina tulisan nu ieu ge, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 59 nepi ka 66


59. Jeung dina poe ieu maraneh marisah yeuh jalma-jalma nu baroga dosa !

Sanggeus Gusti Allah nigas perkara sakumna ummat manusa, Manten-na maparin pangwilujeng ku dawuhan salaam ka para ahli sawarga, terus nimbalan jalma-jalma nu baroga dosa supaya misah ti nu gunuluran bagja kamanyangan, arindit ka tempat panganjrekan nu kacina hinana, nya eta naraka Jahannam sakumaha nu kaunggel dina ayat ka 63.

60. Naha lain Kami teh geus marentah ka maraneh, yeuh Bani Adam, supaya maraneh henteu nyembah setan, lantaran satemenna setan teh musuh maraneh nu geus tetela!

Timbalan Gusti Allah pikeun sakumna bani Adam supaya henteu nyembah setan, geus didugikeun ku para Rasul jeung waratsatul anbiya’. Di lembur urang ayeuna, para ulama, kiai atawa ajengan jeung para da’i atawa mubaligh, taya kendatna meupeujeuhan sangkan henteu nyembah setan. Upama urang keukeuh peuteukeuh embung digeuing, engke di aherat bakal dinaha-naha ku Nu Maha kawasa saperti nu kaunggel dina ayat ieu.
Nyembah setan teh nyaeta nyembah ka salian ti Gusti Allah, lantaran nurut kana pangajak setan. Aya keris pusaka, ceuk setan teh :”Tuh buru-buru rumat keris tuturunan ti karuhun, pusti-pusti malar bisa ngalapkaramatna. Lamun rek mitembeyan ngagarap sawah kade ulah poho nyungsumheula di sungapan, lamun rek panen kudu make sawen jeung rarakaan, ulah poho ngongkorongan pabeasan ku areuy geureung jeung omat ulah tinggaleun parukuyan pikeun ngalap berekahna Dewi Sri.”
Kitu di antarana harewaos setan nu teu ngajirim. Sakapeung setan teh sok bungkeuleukan, lamun ngagoda lalaki sok katembong geulis jangkung lenggik, kulitna hejo carulang, panon cureuleuk, buluna centik, biwir lir dalima beukah, persis ermawar mekar di tengah patamanan, matak kayungyun, matak gandrung liwung kapirangrung.
Lamun ngagoda awewe sok ngarupakeun jajaka jangkung sampulur, boga awak sampayaneun, perlente bisa make, pertentang pinter nyarita, bari kasaratan ku pangaboga, buncir leuit loba duit, nepi ka nu lenjang gampang kagembang.
Taya nu leuwih bahaya batan setan, lain sakadar baruang kanu ngarora bae, dalah nu geus cueut ka hareup ge, lamun kurang kuat iman mah, gampang kahudang rasa kadudut kalbu. Omat sing iatna,malar engke di aherat teu kaasup ka golongan nu dinaha-naha ku Nu Maha Kawasa, saperti kaunggel dina ayat nu ka 60 ieu.

61. Jeung supaya maraneh nyembah Kami. Ieu teh jalan nu lempeng.

Ulah nyembah setan, tapikudu nyembah Gusti Allah. Tah ieu jalan nu lempeng.Jalan nu lempeng teh lain jalan nu pungka-pengkol. Dina kurun Nabi Muhammad jalan nu lempeng teh nya eta agama Islam. Tapi sanajan jalanna lempeng lamun nu leumpangna sumarimpang, sarua bae jeung nu nutur-nutr jalan nu pungkal-pengkol. Sanajan agamaIslam teh agama nu lempeng, lamun jelema nu ngangken ngagem agamaIslam sumarimpang dina widang akidah jeung ubudiah,kaluar tina Al Qur-an jeung Al Hadits, sarua bae jeung nu ngagem agama nu pungkal-pengkol.

62. Jeung satemenna setan teh nyasabkeun sabagian gede ti antara maraneh. Naha ku naon maraneh henteu ngagunakeun akal pikiran ?

Dina ayat ieu disebutkeun yen manusa teh sabagian gede atawa lolobana biluk ka setan. Jadi, nu ta’at ka Gusti Allah mah sabagian leutik atawa ngan saeutik. Lamun urang nitenan ummat manusa di saantero jagat make kacamata dhahir, nu ngagem agama Islam teh sabagian leutik. Terus kaayaan ummat Islam dipaluruh sing rada telik, sigana mah leuwih loba kaum munafikin batan nu bener-bener iman. Da eta bae sa RW kira-kira kaum muslimin teh aya kana dua rebuna, tapi nu sapopoena daek kamasjid mah teu aya sapersen-sapersen na acan.
Lolobana nu ngaku ngagem agama Islam teh lamun ditanya naon hartina Islam, bakal ngabaigeug. Boloampar golongan nu ireug-talingeuh, nu geus kaasup golongan intelek oge, upama dibejaan teu meunang dahar ku leungeun kenca atawa bari nangtung, sabab nurutkeun hadits kalakuan kitu teh kalakuan setan, pokna teh : ”Dina Islam mah euweuh kabebasan, dahar-dahar bae kudu nurutkeun aturan”. Padahal Islam teh hartina pasrah sumerah ka Nu Maha Kawasa, kakarek dicarek dahar nurutan setan oge geuning geus teu aya kaikhlasan.
Sedeng setan teh dina pamungkas ayat nu ka 60 disebutkeun : ”Innahu lakum ’aduw wum mubiin”, satemenna manehna teh musuh nu geus tetela.
Cik atuh sakalieun nu baroga akal mah ulah hayang diseksek-seksek-keun ”afalam ta kuunuu ta’qiluun” naha kunaon maraneh teu ngagunakeun akal pikiran.

63. Tah ieu teh Jahannam nu geus dijangjikeun ka maraneh.
64. Pek ayeuna geura arasup ka dinya ku lantaran maraneh teh kalafir.

Upama urang ka Gusti Allah nukang nonggong tapi ka setan nyanghareup, wayahna tamaha sorangan, lamun engke di alam akherat Gusti Allah ngadawuh : ”Yeuh, ieu teh naraka Jahannam, nu geus dijangjikeun ka sing saha nu biluk ka setan. Pek geura arasup ka dinya, taur rasa bongan maraneh baredegong, teu daek nurut kana parentah Kami.” Omat ulah ngarasa diteungteuinganan, sabab tiheula ge teu kurang-kurang dipepelingan, ulah ngalajur napsu, nurut kana pangajak setan.

65. Dina poe ieu Kami nutup sungut maranehna, tapi leungeun maranehna ngaromong ka Kami, jeung suku maranehna jadi saksi ngeunaan naon-naon nu geus dilampahkeun ku maranehna.

Engke dina yaumal-hisab, sungut urang dibekem, tapi leungeun urang ngabejer-beaskeun naon-naon anu geus dipigawena, geus dipake nyabak naon, nyokot naon, ngarampaan naon, neunggeul atawa nonjok saha, jeung nuliskeun naon. Nya kitu deui suku, jadi saksi ngeunaan lalampahan urang, geus dipake leumpang kamana, nincak naon jeung najong naon.
Bisa jadi dina jero hate mah urang teh nyarita : ”Naha enya kitu, leungeun jeung suku bakal bisa cumarita ?” Lamun rada mangmang, coba tanyakeun ka pulisi nu sok ngaditeksi pakasaban kaom pancalongok, geuning tapak leungeun jeung tapak suku bangsat teh sok bisa cumarita.

66. Jeung lamun Kami miharep, pasti Kami ngaleungitkeun panenjo maranehna, sanggeus kitu maranehna teh paheula-heula nareangan jalan, tapi kumaha maranehna rek barisaeun nenjo ?

Upama kabebasan ucap jeung lampah manusa teu make wates wangen, maranehna dikumakarepkeun, rek ngomong kumaha bae jeung rek ngalakukeun naon bae, tanwande kaayaan moal saperti ayeuna. Nu kuat bakal ngaraja dewek,kaom dhu’afa bakaljadi korban kasawenang-wenangan. Manusa bakal lolong, moal bisa nenjo mana nu bener jeung mana nu salah, moal nyaho mana nu syah tur halal jeung mana nu bathal tur haram. Moal aya larangan maehan,jinah, mabok, ngadu, ngarampog jeung rupa-rupa kajahatan sarta kama’siatan. Manusa bakal balap paloba-loba harta, pagede-gede kakawasaan ku jalan kabengalan jeung kabiadaban. Maranehna moal barisaeun nenjo jalan kasalametan. Lamun seug Gusti Allah ngersakeun kitu, ngaleungitkeun panenjo ummat manusa..... sauntungna henteu, Alhamdulillaah manusa dipaparin panenjo jeung pituduh.

DAKWAH : SURAT YAASIIN 53 -58

Dina tulisan nu ieu ge, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 53 nepi ka 58


53. Taya lian nu kadenge teh iwal ti sora nu tarik sakali, nya maranehna teh harita ujug-ujug dikumpulkeun kabeh di hareupeun Kami.

Maranehna silih tanya : ”Saha nu geus wani-wani ngahudangkeun urang ?” Ayeuna dijawab dina ayat ieu : ”Taya lian nu ngahudanhkeun maraneh teh sora nu tarik kabina-bina tur ngan sakali-kalina.”
Geus kitu mah teu talangke deui maranehna teh dikumpulkeun dipayuneun Nu Maha Agung pikeun ngabalitungkeun amalna waktu rumingkang dipawenangan.

54. Nya dina poe eta moal aya nu dirugikeun saeutik oge, jeung maraneh moal meunang wawales kajaba pikeun nu geus diamalkeun ku maraneh.

Dina sidang pangadilan nu dipingpin ku Hakim Agung dina yaumiddin moal aya pilih bulu, moal aya saurang oge anu dirugikeun sanajan ngan ukur saeutik, kajeun teuing anak si jambu atah, lamun manehna soleh jeung bener-bener takwa, tanwande bakal ginuluran kabagjaan, ku Malaikat dijajapkeun ka sawarga, taman kani’matan nu endah pilih tanding. Sabalikna, kajeun raja di alam dunya, dipunjung dipuja ku balarea, lamun manehna kafir, Gusti Allah moal asa-asa nibankeun hukuman, nya eta siksa naraka kamanehna.
Ayat ieu negaskeun, yen hade atawa gorang nu bakal kaalaman ku urang di alamaherat teh gumantung kana pepelekan urang di alam dunya. Di nu kapapatenan sok diayakeun tahlilan jeung ngaji Yaa-siin, bari ngaluarkeun rupa-rupa sidekah. Cenah pikeun ngabahanan nu geus maot. Cik ayeuna bandingkeun jeung dawuhan Gusti dina pamungkas ayat ieu. Jeung kumaha ayana paham, yen ahli naraka bisa disalametkeun jadi ahli sawarga, lantaran ayaleleberan ti guru atawa syekh. Naha cocog jeung dawuhan Gusti ?

55. Satemenna dina poe eta pangeusi sawarga saruka-bungah dina pagawean maranehna.

Dina ayat ieu leuwih ditegaskeun deui yen para ahli sawarga teh sukan-sukan dina pagaweanana atawa amalna.

56. Maranehna papasangan jeung pamajikanana dariuk bari nyarande dina dipan di tempat nu iuh.

Pangeusi sawarga mah kabeh rumaja-putra jeung rumaja-putri, sanajan tadina aki-aki geus kundang iteuk, jadi jajaka nu jagjag belejag, dedeg sampe rupa hade, cangker tur sampulur. Nya kitu deui awewe, sanajan geus nini-nini kolot bongkok, bakal balik deui jadi wanoja ngora, nu geulis pilih tanding. Bujang jenglengan lelendean dina dipan nu empuk, rerendengan jeung parawan jekekan dina iuh-iuh tanjung, di tengah-tengah patamanan nu pinuh ku warna-warni kekembangan. Ret ka empang, caina herang ngagenclang, ririakan kagoyang-goyang ku lauk nu pating siriwik. Bener-bener maranehna teh ngahenang-ngahening, ngeunah nyandang ngeunah nyanding, tiis dingin paripurna. Kitu wawales ti Nu Maha Welas Maha Asih pikeun jalmajalma nu tarakwa, nu iman jeung ngamalkeun amal soleh.

57. Pikeun maranehna di sawarga aya bubuahan jeung naon bae nu dipenta ku maranehna

Di sawarga mah moal ngarasa gandrung liwung kapirangrung, sabab salawasna ruang-riung jeung nu jadi panyileukan beurang peuting, moal ngarasa lapar jeung halabhab, rupa-rupa bubuahan nu amis, seger tur seungit, teu kudu ngadagoan usumna, nya kitu deui kadaharan hayang nu kumaha bae aya,nu pelem, nu pulen, nu rangu, nu hipu, jeung nu gahar, harita dipenta harita aya. Moal aya nu bisa ngagambarkeun kasenangan di sawarga da di dinya mah taya bangsana. Sanajan ahli sastra nu geus kaceluk binangkit ngareka basa, moal bisa nataan kasenangan di alam kalangenan nu sabener-benerna.

58. ”Salaam.” Pangbagea ti Pangeran Nu Maha Welas Maha Asih.

Lamun simkuring diondang ka Pakuan, terus dibagekeun ku Pa Gupernur : ”Wilujeng sumping,mangga linggih.” Piraku teu ngarasa bungah amarwatasuta, komo upamaka Isatana, terus dibageakeun ku Bapa Presiden : ”Selamat datang, silakan duduk Pak.” Tanwande bakal ngarasa lir ibarat kagunturan madu karagragan menyan putih.
Tah ayeuna ahli sawarga diwilujengkeun ku Gusti Nu Maha Agung, cik kira-kira bisa kasawang kabungahna ? Pasti bungangang tanpa tanding, sagara upluk-aplak tampa muara tapi leuwih lega hate nu meunang pangwilujeng ti Nu Maha Rahman Rahim.