Minggu, 14 Desember 2008

CARPON : TURIS DADAKAN

1

Jam 10.00 peuting tara-tara ti sasari si Cikal ngirim SMS rada daria, eusina : ”Manawi Bapa teu gaduh acara, minggu payun Aa bade ka Bandung, aya nu bade didugikeun”.
Sanggeus dibejakeun ka indungna, SMS teh dibales, : “Bapa moal kamamana, ditungguan”.
Poe Saptu-na sakumaha nu geus dijanjikeun, enya si Cikal teh datang, menta dijemput ka adina, anak lalaki nu panengah, di Stasiun Kareta Api. Kulantaran geus peuting datangna, teu ditanyakeun perkara nu rek ditepikeun mah, diantep we ngadon ngariung dipatengahan, jeung adi-adina, ngariung “lap-top” bawana, kuring mah sok nyebut teh komputer jingjing we, dirariung teh pedah eta meureun ningalikeun eusina foto-foto manehna keur di luar negeri.
Ngan isukna, isuk-isuk bari ngajingjing “laptop”, si Cikal teh ningalikeun foto-fotona nu keur di luar negeri tea, ditataan hiji-hiji ka kuring mah, nu ieu nalika Aa di nagara Asean nuju masihan “Materi Pelatihan” cenah, nu ieu mah nalika di Eropa, nuju liburan. Kitu we nerangkeunana ge jiga nu keur mere presentasi dina seminar.
“Tah…. nu ieu mah nu bade didugikeun ka Bapa tea”.
“Cik, cik, cik, Bapa hayang nyaho”.
Bari terus ditataan, diterangkeun, hiji-hijina gambar teh, singhoreng eusina teh rencana kahirupan manehna, ti mimiti rencana sataun, lima taun nepi ka sapuluh taun nu bakal datang, geus beres disebutan, sakolepat kareret dina komputer teh aya rencana pernikahan sagala rupa.
“Ke, ke, ke ….” Cekeng teh. “Balik deui…., balik deui…, ning bieu aya rencana pernikahan sagala rupa, kumaha eta teh”.
“Sumuhun, ieu anu bade didugikeun ka Bapa sareng ka Mamah teh”.
“Cik, cik, Mamah-na sina kadieu heula, urang ngariung kituh didieu”
Sanggeus indungna merenahkeun maneh, si Cikal nyarita deui bari ramo-ramona mah teu eureun muter-muterkeun “mouse” na, persis jiga nu keur presentasi dina seminar :”Sapertos anu sering didugikeun ku Bapa nalika ceramah, geuning, yen pernikahan teh aya nu wajib, aya nu haram, sareng aya oge anu sunat. Teu kedah dijelaskeun deui ku Aa, mana pernikahan anu sunat sareng anu haram mah, margi Bapa nu langkung paos, nanging dina danget ieu mah, jigana Aa teh tos kalebet kana nu wajib nikah, dina umur, Aa teh tos manjing, bade nincak kana 25 taun ayeuna teh, atuh sanaos teu acan nyekapan, saeutik-saeutik wae mah panghasilan ayeuna teh nuju teras dikeureuyeuh, anu utamina mah dina kasehatan, Aa ayeuna teh ngaraos sehat lahir-bathin, dugi ka tiasa nyebatkeun, Aa mah ayeuna, tos wajib kawin….., dilami-lami ge, bilih tisoledat”.
“Enya…, enya… katingali ku Bapa ge, sehat awak Aa teh, sakitu jalugjug jangkung gedena, jangkung ngaleuwihan Bapa, atuh awak leuwih gede batan Bapa, tapi…. eta…… Bapa teh, karek sidik, jeung karek nyaho deuih, geuning Aa bisa…. nyarita make basa Sunda…….”. direret si Cikal teh ukur keom, tapi ieu eusi dada geus mimiti nyelek nahan piceurikeun, teu karasa, asa kamari mah, ngungudag si Cikal keur diajar sapedah, sieun tigebrus ka sawah peuntaseun imah, ayeuna kalayan pertentang jiga nu keur seminar tea, lain heureuy, geus menta dikawinkeun
Saur Nabi, tilu perkara anu bisa dilaksanakeun gagancangan teh, ngurebkeun layon, mayar hutang, jeung ngawinkeun anak lalaki, mun geus siap. Inget kadinya, bari ngareret ka si Cikal :”Geus boga titingalian kitu Aa teh, memeh dikawin ge kudu ditanyaan heula meureun, dipenta ka Bapana”.
“Leres kitu, maksad Aa ge, hoyong “khitbah” heula sateuacan akad nikah teh, dinten Saptu nu bade dongkap, kaleresan ramana bade ka Bandung, bade nyaksian wisuda putrana anu istri, anu katilu, nembe lulus ti ITENAS, tah dina dinten Ahad-na, maksad Aa mah Bapa tiasa langsung narosan……”.
“Ke….ke….ke, megat kalimah Aa, naha ka urang mana kitu boga kabogoh teh ?”.
“Ari kulawargana mah di Riau, di Duri di komplek perumahan PT Caltex kapungkur mah, ayeuna mah tos gentos janten PT. Cheevron, da ramana karyawan didinya, nanging ari bibit-buit aslina mah ti Bukittinggi, ti daerah Padang”.
Bari seuri dina hate mah, inget baheula keur mangsa awal kuliah, kabeneran ditempat kuliah teh loba urang sebrangna, ti Sumatera pangpangna, duka teuing atuh, pedah ku resep heureuy tea we kitu, sapopoe teh ngaheureuyeun babaturan taya reureuhna, kanu hayang diajar basa Sunda ge, nu diajarkeun teh, ngan ucapan nu garihal we wungkul, malah tampalona mah ucapan nu cawokah ge tara tinggaleun harita mah, komo ka urang Padang mah, “Si Padang Bengkok” mah, sagala disebutan, na ari ayeuna piminantueun, bet urang Padang pisan.
“Geuning make bisa meunangkeun urang Padang sagala, batur mah ngahaja urang sebrang teh, hayang baroga pamajikan ka urang Sunda, da eta cenah maranehanana boga anggapan urang Sunda mah gareulis cenah, tuh buktina Pa Sihotang kapan si-ibuna urang Tasikmalaya tateh, tapi ari Aa nu pituin urang Sunda, bet neangan pipamajikaneun urang Padang ”.
“Haar…., kapan saur Bapa keneh, nalika nuju ceramah tea geuning, milih pibojoeun teh, tingali agamana, sanes seke-selerna sanes rupina, sanes kakayaanana deuih, kitu sanes saur Bapa teh ?”.
Asa kaisinan dikitukeun ku anak, enya rumasa, asa kurang jeujeuhan ucapan-ucapan bieu teh, eleh ku anak lebah dinya mah, tapi jadi asa bagja kadituna mah mun teu rek disebut reueus ge, geuning napel ka budak atikan agama teh.
“Jadi kumaha atuh rencana Aa teh ?”
“Sumuhun kitu, dina dinten Ahad payun teh keleresan ramana Yuyun, bade ka Bandung sareng ibuna, ohhh … hilap, jenenganana mah Fatma Yuni, pimantueun Bapa teh, mung ku Aa sok di Yuyun-yuyun. Eta geuning kapungkur nalika Aa diwisuda, kantos dikenalkeun ka Bapa, rerencangan kuliah, lulusna ge sareng harita, malah ramana ge kapan dikenalkeun harita teh. Sakantenan aranjeunna nuju aya di Bandung, Bapa narosan, mundut Yuyun janten pibojoeun Aa, ngahaja diatur kitu, supados Bapa teu kedah angkat ka ditu, ka Pekanbaru, keur tebih teh, sareng ongkosna ge henteu kalebet mirah, narosanana ge teu kedah rame-rame, teu kedah diabringkeun sagala rupi, ku Bapa we langsung, teu kedah kunu sanes, ka riweuh-riweuh”.
“Maenya sagala ku sorangan, piraku dulur jeung baraya moal dibejaan, tatangga jeung jamaah di masjid teu kabejaan pisan mah, pimanaeun, keh !”.
“Moal, moal nanaon Pa, sing percanten ka Aa, margi Aa parantos nelepon ka ramana Yuyun, rencana teh kitu, tempat nampina ge di tempat kost we, da ti ditu ge moal aya sasaha, ibu-ramana wungkul wargi sareng nu sanes mah engke we wartosanana, nalika akad nikah”.
“Mun biasana, nu sejen atawa dulur mah, minangsarayana teh ka Bapa mun rek kariaan jiga kieu teh, boh nu rek nanyaan, nu rek ngawinkeun atawa nu rek nyerenkeun pipanganteneun, ari ayeuna anak sorangan kudu ku Bapa sorangan, ulah diwakilkeun kanu sejen”. Indungna milu nyarita.




2

Waktu saminggu teh asa bener-bener nyerelek, teu karasa geus poe Saptu deui, enyaan deuih si Cikal geus datang deui, di jemput ku adina nu panengah, indungna ti beurang keneh geus pakpikpek masak, sagala disayagikeun, bubuahan ge tara-tara, ngajajar na meja makan, sisinarieun cenah ceuk si Bungsu mah.
Eta pedah manggih beja, yen ngariung dalahar mah didieu we, da diditu mah moal disuguhan naon-naon, tempat kost kitu, sagala rarupek, ukur sakamar, ku meja tulis jeung risbang ge, geus hareurin cenah.
“Bapa teu nyieun konsep heula keur pidato ?” indung budak nanya.
“Wuah.., teu kudu, ngobrol na paduduan mah, piraku kudu dikonsep heula jiga pidato sagala, da geus pernah wawuh pan baheula, ngan teu sidik harita mah, ukur saliwat”.
“Puguh enya, waktu harita ngenalkeun urang ka maranehanana teh, dina hate mah ngagerentes, boa-boa ieu kabogoh si Aa, mun enya teh, meureun indung-bapana teh, pibesaneun, hate indung mah moal kapalingan”.
Poe Minggu-na, enyaan si Cikal geus siap, tapi henteu make pakean resmi, ieu mah sahinasna, ukur we rapih, pedah katingali luis, anyar dicukur jigana.
“Aa ! ari Mamah milu henteu ieu teh ?” indung budak nanya.
“Lah teu kedah Mamah mah, kapan engke, bade kadarieu ituna ge, mun Mamah ngiring mah, atuh moal lebet dina mobilna ge, kapan tiditu engke bakal janten limaan, Bapa, Aa, Yuyun, ibuna, sareng ramana, mun Mamah ngiring ayeuna, engke janten genepan, mobil Bapa sakitu alitna” Si Cikal ngajawab.
Direret indung budak teh, kaciri ku juru panon rada carindakdak, ngahelas meureun, batur mah rek nanyaan teh, diabringkeun ku dulur-dulur, ku baraya jeung ku tatangga, malah kapan tampolana mah bari ranggem babawaan, keur panyangcang. Ari ieu ukur duaan. Dianteur ku bapana we wungkul, enyaan Si Cikal teh geus dewasa, geus buleud hayang kawin teh, geus siap mentalna mah, teu dipikiran materina mah, nuturkeun ieuh.
Bari nyupiran, ngobrol ngaler-ngidul jeung nu jadi anak, da teu ngarasa ngobrol jeung anak, asa jeung lalaki dewasa we kitu, malah jejer obrolan ge harita mah, perkara-perkara nu keur rame dipadungdengkeun dina koran we wungkul, yang sedang “in” Ceuk barudak mah.
Tapi etah angger, pikiran mah cus-cos kaditu-kadieu, kacipta deui tadi indung budak, siga nu ngalimba, bari nanya :”Aa ! ari Mamah milu henteu ieu teh ?”.
Breh deui gambaran 20 taun nu geus kaliwat, poe Minggu harita ge moal salah, da keur libur, ngahaja ngajak si Cikal lari pagi, di Jalan Soekarno Hatta, lebah tempat “khitanan” katingali ti peuntas jalan, rame nu balawiri, budak nu tas dikhitan pada mayang ku kolotna, jeung ongkoh mangsa liburan sakola harita teh, si Cikal nu keur ngiclik gigireun, nanya :”Bapa kunaon itu teh ?”
“Oooh…, nu tos disepitan, urang ningali geura yu”.
Budak ditungtun, dibawa meuntas, asup ka tempat khitanan, tina kaca katingali, barudak pantaranana keur ngagaloler, nungguan balik, sarengsena dikhitan.
Iseng budak teh ditanya : “Ari Aa ! hoyong disepitan henteu ?”
“Hoyong lah, hoyong”. Budak teh ijigimbrang.
“Enyaan henteu hoyongna ?”
“Enyaan, enyaan”.
“Mun leres hoyongna bade didaftarkeun ku Bapa ?”. leungeun katuhu mah otomatis ngaragap dompet, nu saku tukang, bisi teu kabawa.
“Enyaan, leres hoyong” Malah jiga jeung nu atoh budak teh deuih.
Panasaran, ngadon nguliwed ka tempat pendaftaran, nanyakeun cara pendaftaranana, jeung sabaraha biayana, bisi kurang mawa duit dina dompet, ari dijawab ku petugas pendaftaran teh, bade dinten ieu oge mangga cenah, tiasa, atuh biayana teu matak nguras eusi dompet ieuh.
Budak ditanya ku perawat :”Aa, muhun hoyong disepitan?’
“Muhun, muhun” cenah.
“Sok atuh, ngiring sareng ibu ayeuna nya ?” budak ditungtun dibawa ka jero. Tina kaca katingali budak teh make jeung ngadadahan sagala rupa.
Beres disunatan, budak teh ngadon alewoh ningalikeun foto manehna keur disunatan di jero, teu karasa budak dipangku ditaekeun kana beca, teu ditanya ongkosna mah, ngan menta dianteurkeun teh ka imah Akina we di Jl.Leuwipanjang, teu wani dibawa ka imah mah, sieun indung budak ngamuk, nyunatan budak teu bebeja heula.
Budak teh dipayang ka bumi Apa, di Leuwipanjang, katingalieun ti jauhna keneh jigana, da eta Apa harita, ngajleng kaluar ningali putu kameumeutna dipayang teh, bari ngagorowok: ” Ku naon si Aa, Cilaka ?”.
“Sanes Pa, sanes cilaka, si Aa tos disepitan, nembe ?” bari ngagolerkeun budak dikamar hareup.
Katingal Apa ngabeubeutkeun anjeun kana korsi, siga nu lungse, bari peureum ngagerendeng :”Naa… ari maneh, Maman, nyunatan budak nepi ka dadak-dadakan kitu”. Ukur sakitu, kekecrek sareng gogodeg we embohna teh. Kacipta ku kuring ge, kumaha boa manah Apa harita, ningal incu tas disunatan, bari teu aya iber ti anggalna. Komo Ema mah, nu jadi ninina, bari rawah riwih teh, teu sirikna lolongseran : “Emh……..Incu Ene, deudeuh teuing, jalu”. Budakna mah ongkoh-ongkoh we, ngadon nembong-nembongkeun foto, nu keur ngacungkeun jempolna, samemeh disunatan.
Can aya telpon harita mah di imah teh, ngahiras nu sok babantu di Apa, nyusulan indung budak, bari ngabejaan si Aa tas disunatan, moal dibawa ka imah, rek sina ngendong di Akina we, saminggu mah, nepi ka cageur, jeung ongkoh ku Apa ge ditahan, ulah dibawa balik heula, cenah, sakalian liburan sakola.
Enyaan indung budak murkana, jiga Arimbi ngamuk, dua minggu teu nanyana ge, asa dipaling kanyaah cenah mah.
Malah kolot-kolot ti pamajikan mah, rupa-rupa basana ge, teu ngahargaan ka kolot-kolot cenah, puguh nini-akina, puguh kolot-kolotna, nepi ka tega cenah, nyunatan budak teu mere iber ti anggalna, malah aya nu ngahaja datang ka imah, bari nganaha-naha sagala rupa, jiga nu rek hirup sosoranganan wae cenah, nyunatan budak teh, teu ngahargaan ka dulur-dulur, ka emang, kasebut akina keneh ieu teh, cing hargaan cenah emang teh, matak naon bebeja ti anggalna, rek nyunatan teh, ulah ngadadak jiga kieu, nyaho-nyaho budak geus beres diberesihan. Kabeh dulur-dulur nyalahkeun kuring, ngan Apa nu teu seueur saur teh, apaleun adat kuring, jigana.
Ku terus-terusan pada nyalahkeun, jeung pada ngagelendeng babakuna mah, tungtungna teu kawawa, nafsu ngagugudag, bari ngagebrag meja satakerna, ngagantawang, teu inget keur nyanghareupan kolot : “Emang, bibi, oge nu aya didieu, cik rek nanya, ari si Aa teh anak saha ?” bari nepakan dada sahabekna, “Anak ieu yeuh, anak si Maman, lain anak didinya, rek di kristenkeun, rek diyahudikeun, rek di islamkeun, nu tanggung jawab, si ieu yeuh si Maman, nu jadi bapana, emang mah bibi hayang ngarenceng-renceng budak disunatan, bari hajat gede-gedean, ngan ukur agul nu puguh mah, tapi ieu yeuh si Maman, teu hayang kikituan, hajat gede sagala rupa, ukur nyunatan, teu beda ti dagang berekat”. Kabeh euweuh nu nyoara. Di imah combrek harita mah, pada ngaheruk, lir gaang katincak.
Lamunan buyar, si Cikal ngagerendeng gigireun : “Pa, tos dugi”.
Teu majar kumaha, ku ngobrol bari nanyaan tea, beres teu sakara-kara, malah langsung ditangtukeun, tanggal jeung poe walimahanana engke, ngan pestana kudu diditu cenah, di lemburna di Duri, di Riau. Akad nikah, saba’da shalat Jum’at, pestana poe Saptu, ti isuk nepi ka peuting



3


Pisaminggueun deui ka waktu walimahan, ngahaja ngariung di masjid gigireun imah, tasyakur bin ni’mah istilahna mah, bari ngahaja deuih mere iber kanu jadi tatangga, ka jamaah masjid pangpangna mah, yen kuring sakulawarga aya niat ngawinkeun si Cikal, nu dipalar teh dorong do’a ti sakumna jamaah jeung tatangga, jeung ongkoh kapan tungtunan Nabi ge kitu : “Bewarakeun pernikahan aranjeun, sok sanajan ngan ukur meuncit embe”. Bari tamada ka sarerea yen kuring teu bisa ngondang dina waktuna, sakumaha kabiasaan, alatan tempat anu sakitu jauhna.
Dina acara syukuran ge, tausyiah teh henteu ku batur, tapi ku kuring sorangan we, bari mekelan pipanganteneun babakuna mah, ngahaja ku sorangan teh, sangkan leuwih merenah nu rek ditepikeun ka budak jeung ka piminatueun, anu loyog jeung tungtunan agama, malah di lingkungan kuring mah, karek harita mapatahan pipanganteneun teh ku bapana, henteu dikabaturkeun.
Malah ceuk Ketua DKM mah dina sambutanana, hiji hal anu langka cenah, mapatahan pipanganteneun ku bapana, bari disebutkeun yen di lingkungan ieu, di jamaah masjid, anu rek ngawinkeun dina tanggal anu sarua teh aya kana opatanana, bari disebutan hiji-hijina jamaah nu rek kariaan ngawinkeun anakna. Ti Kidul, Pa Maman jeung Pa Akhmad, ti Kulon Pa Muchtar jeung Pa Duduh, tanggalna sarua, persis.
Poe Rebo, tengah peuting geus di jemput ku Travel Cipaganti, nu indit ngan kuring we jeung pamajikan, teu katambahan ku sasaha deui, budak nu panengah kagok cenah keur Ujian Akhir Semester, si Bungsu oge mugen, keur loba latihan, nyanghareupan ujian ka perguruan tinggi. Lantaran kapal nu ka Pekanbaru ti Cengkareng-na isuk keneh pisan, shalat Shubuh ge harita mah di diitu we di Bandara Soekarno Hatta, kabeneran teh imam shalatna budak ngora, lulusan Timur Tengah jigana, ti Kairo boa, da eta lagam bacaanana, persis jiga imam di Masjidil Haram, sanajan surat nu dibacana panjang ge, teu karasa kesel, da kaubaran ku sora anu halimpu, jeung lagamna, jiga keur ibadah haji baheula, muratal cenah istilahna.
Di Bandara, si Cikal jeung pipamajikaneunana can katembong irungna-irungna acan, bari diuk duaan jeung pamajikan, nyerangkeun nu balawiri kaditu kadieu, jalma-jalma nu rek naek kapal beuki beurang beuki pagelek-gelek.
“Mamah, mun baheula mah Bapa boga anggapan,jalma-jalma nu rek naek kana kapal teh, kumaha boa, nu intelek lah, anu kaya lah, anu ngamenak lah, anu hurung-herang papakeanana ge, anu serba wah, tapi ayeuna, coba tingali ku Mamah, ah biasa we geuning sarua jeung urang, nu manggul dus “Super Mie”, nu ngajingjing rantang, ngajingjing kantong keresek, malah tuh beh ditu mah, nu make sandal capit lecek ge aya”.
“Lantaran urang mah memang tara indit-inditan jauh we, jeung rek kamana barina ge, atuh tumpak kapal, urang mah baheula we, sapuluh taun katukang, pedah rek ka Mekah kitu ge, batur mah sa Indonesia di-ider kakuriling, tandana makmur tateh”. Pamajikan ngajawab.
“Waah, geuraheun, nu makmur, makmur, nu miskin mah angger we balatak, urang mah jigana kaasup nu taya kaboga we, da ongkos kapal jiga kieu, sabaraha heran, lain bantrak-bantrakeun pantar Bapa ayeuna, tapi ngareretan Mamah titadi, disidik-sidik geuning Mamah teh bet jiga turis dadakan, nu aya dina acara TV tea”. Ceuk kuring bari ngagonjak.
“Wuaaah… ari nanon teh”.
“Eta we ditingali teh, ngan palahak polohok ti tadi keneh”.
“Lain palahak-polohok, ningalian si Aa, can datang keneh wae sakieu geus beurang teh, kumaha mun tinggaleun kapal” Pamajikan rada nyeuneu digonjak teh.
“Akh keun wae tinggaleun ge, da lain urang nu rek kawinna ge, marenahanana ieuh”.
“Tuh geuningan tuh si Aa, jeung si Yuyun, tapi tiluan, dulurna sugan”.
Sagala geus tarapti, si Cikal nu cakah-cikih kaditu kadieu, nguruskeun tiket jeung bagasi babawaanana, tinggal naek kapal teh saenyana, di jero kapal pamajikan metot leungeun :”Mamah nu dina jandela”. Pokna, hayang diuk deukeut jandela, rek nempo kaluar, jigana.
“Tuh nya, persis jiga Turis Dadakan” cekeng teh.
“Gandeng ah, era ku batur”. Tapi kuring mah bari jeung ngaheheh.
Teu jauh ti sangkaan, kapal teh pinuh, taya korsi anu kosong, panumpangna campur sagala aya disidik-sidik mah, aya padagang, aya patani, aya karyawan, malah tina obrolan nu katangkep mah, aya nu jadi PKL wae, jadi nu naek kapal terbang teh, komplit jiga dina kareta api, sagala macem aya. Dina korsi hareupeun mah komo, lain heureuy, aya ibu-ibu nu mangku budak, ti mimiti naek, budak ngan mewek jeung mewek we, nepi ka saheng rarasaan mah ceuli teh, da mun kongang mah hayang mekprek atuh ngadenge budak ceurik teh, komo ieu ceurikna, ceurik ogo tea, nu rungsing, da jangar atuh kana sirahna ge lain heureuy.
Perjalanan ti Pekanbaru ka Duri ka lembur pibesaneun, sugan teh deukeut, ku mobil kantor cabangna Si Cikal teh tilu jam satengah, lain bantrak-bantrakeun memeh mumuluk, jaba jalanna teu mulus kabeh, da ruksak ku treuk nu mawa golondongan kai, dina hate mah ngagerentes, ieu meureun nu disebut Illegal loging, di daerah Riau teh.
Nepi ka lembur pibesaneun geus teu bisa naon-naon, mabok jigana, pamajikan ge sarua, nu tara kamana-mana tea, teu aneh, hadena pibesaneun teh surti, langsung dititah istirahat, ditempatkeun di Cottage Khusus, paragi tamu perusahaan PT. Cheevron, mun di urang mah Villa jigana, parabaot imah komplit sagala aya, nu sarwa mewah tea, sarwa listrik aya kabeh, di imah mah boro-boro, AC kawas di pagunungan aya, cai keur mandi nu panas nu tiis aya, di imah mah sakalieun hayang mandi ku cihaneut teh kapan naheur heula kana teko.
“Tuh nya ceuk Bapa ge, persis jiga Turis Dadakan teh, lain heureuy” bari ngahaja ajleng-ajlengan dina kasur, nurutan para turis dadakan tea.
“Lain Mamah, nu jiga turis dadakan teh, nu puguh mah Si Bapa we kitu” Ceuk pamajikan, bari ngaleos ka kamar mandi.
“Ieu mah ngabrangbrangkeun jangar sugan we cageur” cekeng teh.
Kahudangkeun teh ku Si Cikal, nganteuran kiriman dahareun ti pibesaneun, kanggo Bapa buka Shaum cenah, dibuka teh eusina, persis jiga ti Rumah Makan Padang, Alhamdulillah buka puasa poe ieu mah, jiga keur buka di Rumah Makan Simpang Raya tea, sagala aya, aya otak, aya kikil, aya seupan daun sampeu, aya rending, kabeh kabeuki aya.
Beres shalat Maghrib ngahaja nelepon ka Bandung, ka budak nu panengah, ngadongengkeun si Mamah keur jadi Turis Dadakan cekeng teh, tapi budak laporan, aya tamu cenah nembe, Pa Duduh, naros-keun Bapa, bade ngawilujengkeun jigana mah, ngan diwartoskeun bapana tos ka Pekanbaru.
Bari nunda gagang telpon ukur ngado’a di hate : “Urang silih du’akeun we Kang Duduh, mugia anak-anak urang teh sing lungsur-langsar dina ngojayan kahirupan rumah tanggana, abdi mah teu kabujeng nepangan Akang, padahal sami kapan urang teh, rek minantuan”


-----mmd-----

Tidak ada komentar: