Jumat, 08 Agustus 2008

Nyobaan Ngasupkeun Photo Incu

Ti awal mula ge disebutkeun yen kuring mah masih keneh "gaptek" ceuk barudak mah nyoo komputer jeung internet teh, ayeuna ge nya kitu pisan, rekngasupkeun Photo Incu teh estuning barijeung ngoprot kesang sagala. salah bae.

Rabu, 06 Agustus 2008

Membangkitkan Kembali Bahasa Sunda Di Kalangan Anak Didik

Gonjang-ganjing dan kekhawatiran para tokoh Sunda di Jawa Barat akan punahnya Bahasa Sunda ini, sudah lama. Akibat dari sudah melunturnya orang Jawa Barat, khususnya dari etnis Suku Sunda dalam memakai bahasa Sunda pada percakapan sehari-harinya, ini dirasakan sekali di kalangan anak didik, dari tingkat dasar sampai lanjutan, diperparah dengan kesulitan guru bahasa Sunda di kalangan sekolah, mulai dari jenjang SD/MI, SMP/MTs maupun tingkat SLA/MA terus bergulir, malah Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI sendiri hanya mampu menghasilkan 80 lulusan per tahun, itu pun belum tentu semuanya menjadi guru Bahasa Sunda.
Di Provinsi Jawa Barat Pelajaran Bahasa Sunda memang diberikan di sekolah, ini diatur dalam Perda No 5/2003 tentang Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daerah, malah melalui SK Gubernur Jawa Barat tahun 2006 Bahasa Sunda telah ditetapkan sebagai mata pelajaran muatan lokal.
Tetapi kenyatannya di beberapa sekolah lanjutan, yang memberikan mata pelajaran ini, hanya di kelas satu saja, atau hanya di kelas dua saja, itupun dengan rentang waktu yang hanya dua jam per minggu, jelas ini tidak cukup. Jika tidak ada perjuangan yang maksimal dari para guru bahasa Sunda-nya itu sendiri, berusaha sedemikan rupa agar bahasa Sunda dicintai dan dipergunakan pada percakapan sehari-hari oleh para anak didiknya.
Tantangan di depan mata sudah terpampang jelas, kini Universitas Pajajaran, Jurusan Sastra Sunda pada Fakultas Sastra sudah ancang-ancang untuk bisa masuk ke peringkat 100 besar yang bertaraf dunia. Akan ironis jadinya jika nanti Jurusan sastra Sunda hanya diikuti oleh mahasiswa dari mancanegara saja, karena mahasiswa Jawa Barat-nya sendiri tidak merasa tertarik untuk memasuki jurusan ini, akibat ketika di tingkat lanjutannya dulu tidak pernah merasa mencintai seni dan sastra Sunda, apalagi mempergunakan bahasa Sunda.
Tantangan ini terasa lebih menusuk ulu hati, karena ternyata justru Bahasa Mandarin merupakan sebuah tuntutan dari dunia kerja disamping Bahasa Inggris saat ini, kasarnya Bahasa Sunda tidak laku di dunia industri. Ini tidak bisa dianggap remeh, karena tuntutan dunia kerja untuk masa sekarang ini, kenyataannya seperti itu, ketika para pelaku ekonomi negeri ini dikuasai oleh saudara-saudara kita dari etnis Tionghoa, yang notabene masih banyak yang menggunakan bahasa sehari-harinya dengan bahasa Mandarin.
Ditambah lagi, Cina bersama India yang saat ini menggebrak dunia ekonomi secara global, siapa tahu besok lusa akan menyeret bangsa ini dengan menanamkan modalnya secara besar-besaran di negeri ini, yang tentu saja akan berakibat para anak-anak didik akan lebih memilih untuk memperdalam Bahasa Cina, sebagai penunjang agar lebih longgar ketika memasuki dunia kerja pada perusahaan-perusahaan mereka, dari pada berkutat mempelajari Bahasa Sunda yang mereka rasakan sulit dengan berbagai aturan undak-usuk basa dan katanya tidak menjanjikan itu.
Sebuah pemikiran sederhana dan masuk akal, jika para siswa kita enggan lagi berbahasa Sunda, diperparah dengan para orang tua siswanya pun sudah tidak pernah memakai bahasa Sunda lagi di rumahnya.
Masih mending jika mereka tidak mau berbahasa Sunda karena kesulitan dengan undak-usuk basa nya, karena masih banyak jalan keluarnya, tapi yang paling ironis jika mereka tidak mau berbahasa Sunda ini, karena merasa kampungan katanya jika dia masih berbahasa Sunda itu.
Untuk itu, walaupun kenyataannya jumlah guru bahasa Sunda ini masih sangat terbatas, marilah kita bersama-sama mengubah paradigma anak didiknya yang salah terhadap bahasa Sunda, bahasa ibu sebagian besar penduduk Jawa Barat ini.
Semoga !







-----mmd-----

Diajar Jadi Manusa

Wujud anu paling utama tina ungkapan rasa syukur urang salaku manusa ka Allah SWT, nyaeta nyaluyukeun rengkak paripolah urang sapopoe, kana sagala aturan anu geus dipatok ku Allah SWT, jeung anu geus dicontokeun ku Rasul-Na.
Tina hal kafitrian manusa, salaku makhluk Allah nu hakiki upamana, geus natrat ti ajalina, yen urang kajiret ku sunatullah pikeun ngalaksanakeun kabiasaan silih asah, silih asih jeung silih asuh, ku jalan nyebarkeun kaunggulan jeung kahadean manusa anu linuwih batan makhluk lianna, pikeun sasama manusia katut pikeun sakabeh pangeusi alam.
Jadi sabenerna mah, teu aya nu luar biasa upama urang kudu silih pikanyaah jeung sasama teh, ngabela kaum anu didhalim upamana, atawa miara jeung ngamumule tur mikanyaah fakir miskin, nolak kana sagala jirim kamungkaran. Lantaran memang manusa mah geus natrat ti ajalina kitu, diatur ku Allah SWT.
Hanjakal, satutasna manusa bisa macakal, kalolobaanana manusa ngarasa merdeka, malah pamustunganana mah loba anu keuna ku paribasa “Lali ka cungapanana”, loba nu lali kana purwadaksina, sababna lantaran manusa loba nu nganggap dirina puseur sagala-galana, ti dieu mimiti manusa ngarasa sombong sarta nganggap remeh ka makhluk sejenna.
Hade gorengna tingkah laku, ngan ukur diteuleuman tina kacamata diri urang sorangan wungkul. Lamun urang keur kawasa upamana, bebeneran teh milik urang sorangan, henteu deungeun, mun aya nu pasalia jeung bebeneran urang, langsung dicap hiji kasalahan.
Mun pareng urang masih keneh aya dihandap, pikeun ngajaga kalungguhan, urang teu weleh leletak ka luhur, ruwal-rawel kaditu-kadieu, bari kanu sahandapeunana mah, terus-terusan ngajejek ku babajeg, persis jiga bangkong nu keur ngojay, kahandap tetenjrag kasisi-kagigir ruwal-rawel taya reureuhna.
Pamustunganana urang geus teu paduli deui kana pating koceakna jalma sahandapeun urang. Urang geus teu paduli deui kana kajahatan pangawasa.
Mun kabeneran weh urang senang, kadituna teh sok kolu urang mah ngucapkeun : “Murni usaha sorangan”, sedeng mun nu sejen ngalaman kasusah, pokna ge :“Memang geus nasibna we kitu”.
Tapi sabalikna, mun kabeneran urang nu keur ngalaman kasusah, Allah SWT sering dijadikeun cukang lantaran, teu cara mun urang keur aya dina kabagjaan jeung kasenangan, Allah teh duka teuing dimana ayana ?.
Ngarasa bener jiga kieu teh seseringna mah marengan rengkak polah urang sapopoe, lantaran biasana urang mah tara daek mun disalahkeun teh. Kadzaliman nu ku urang dilakukeun ka sasama dianggap bisa pupus ku sakadar ngaluarkeun shadaqah nu teu sabaraha tea, atawa nganggap bisa pupus ku acara-acara ritual ibadah kaagamaan, boga angkeuhan mun ngalaksanakeun acara ritual ibadah kaagamaan bisa mupus kasalahan ka sasama.
Ku ayana angkeuhan saperti kieu teh, pamustunganana mah malah bisa jadi qalbu urang teh jadi mati rasa, lantaran boga angkeuhan nu tadi tea, mun acara-acara ritual ibadah kaagamaan nu saperti kieu bisa dilaksanakeun, sagala tanggung jawab ngarasa geus rengse.
Dianggapna Allah teh bakal ngarasa puas ku ningali sagala tingkah laku ibadah urang. Padahal ritual-ritual ibadah nu ku urang dijalankeun bieu teh, sabenerna mah mangrupa bagian tina kawajiban rutin sapopoe, satutasna sakabeh tanaga jeung konsentrasi ludes dipake pikeun nguatkeun posisi kadunyaan urang.
Malah dina sejen waktu mah, urang teh geus teu hangham deui ngalakukeun kamaksiatan jeung kadzaliman, lantaran dina hate boga angkeuhan, kalakuan urang kieu teh masih bisa ditolerir, masih keneh bisa dihampura, nu jadi tameng taya deui cenah : “Manusa gudangna kasalahan jeung kaluluputan”,
Anu pamustunganana sagala kamaksiatan jeung kamungkaran anu dijalankeun sapope asa dipangbenerkeun pedah aya ayat nu bieu.
Kadituna urang bakal teu ragu-ragu deui pikeun ngajual diri jeung korupsi, urang moal ngarasa era deui mun nurutkeun pangajak nafsu, sanajan keur ngalaksanakeunana perlu ngorbankeun nu lian, urang geus teu sieun deui, malah geus jadi kabiasaan mun urang mulak-malikeun ayat-ayat Allah teh.
Cindekna, tetela urang teh geus gering pikir.
Kadituna, mun waktu geus katutup pikeun balik deui ka jalan Allah, urang bakal tigebrus kana karuksakan jeung bakal tideuha.
Padahal anu sabenerna mah, tahapan munggaran pikeun balik deui ka jalan Allah teh, estu natrat taya aling-aling, nyaeta mun salawasna sadar jeung geuwat gagancangan ngorejat cengkat tina kasadaranana, tapi da buktina mah nepi ka waktu ieu teh, urang mah masih keneh kerek-nyegrek.
Sok sanajan sakapeung mah mata teh beunta, tapi da qalbu mah, urang teh masih keneh ngageubra, di ayun ambing ku ni’matna sare ngageubra. Jigana, mun bae lain ku lobana dosa nu dilakukeun, tinangtu moal kitu akibatna.
Urang moal teuing mikiran deui, yen sakabeh barang nu aya wujudna teh, bakal mulang deui ka asal. Sagala wujud aya wates wangenna anu pasti, bakal robah jeung bakal ancur.
Henteu aya kalonggaran sabenerna di payuneun Allah mah, di antara kabagjaan manusa upamana, tetap bakal diuji ku Allah SWT, naha diuji ku panyakit anu henteu bisa karasaeun ku awakna sakujur, atawa ku kasakit anu bisa karasaeun ku awakna sakujur. Sanajan biasana kanyeri anu dirasakan ku badan bakal ngadorong hiji jalma datang ka dokter pikeun uubar.
Tapi sabalikna, panyakit anu teu dibarengan jeung kanyeri kana awak sakujur, bakal leuwih bahaya balukarna tibatan panyakit anu karasa ku awak sakujur. Panyakit-panyakit anu teu karasa ku awak sakujur mah, biasana mangrupa panyakit-panyakit hate atawa panyakit jiwa. Diantarana katakaburan, ujub jeung riya anu ngaruksak qalbu bari jeung moal karasa nyerina ku awak sakujur. Padahal panyakit anu sarupa kieu anu leuwih parah teh, tapi anehna, jeung anu mindeng kabuktianana, malah urang sering leuwih mikacintana.
Cinta dunyawiah jeung cinta ka diri mangrupa sumber utama tina satiap dosa, malah jadi sumber tina sagala kajahatan, jadi panto tina tiap marabahaya, jadi lobang tina satiap fitnah, malah bakal jadi lolongkrang tina satiap kadurjanaan, sedeng anu dirasakeunana ku manusa mah, estuning genah tur ni’mat. Sakalina nu keur ngarandapan panyakit saperti kieu diingetan, yen dirina keur keuna panyakit nu saperti kieu teh, tampolana maranehanana bakal ngabantah, malah teu mustahil bari jeung tipopolotot sagala rupa.
Lamun urang teu pernah ngadidik diri pribadi, sok komo mun bari jeung diembohan dina diri teh ngan ukur pikeun mikacinta dunyawiah wungkul, tanwande bakal sieun ninggalkeun ieu dunya. Lantaran hatena pinuh ku kasieun ku Allah SWT, dina qalbuna aya kahariwang naon-naon anu pernah ditepikeun ku Rasul-na jeung ka para ambiya teh ngabukti.
Mun geus kitu, naha jalma-jalma anu saperti kieu teh kaasup kana sasampurna-sampurna makhluk atawa sagoreng-gorengna makhluk ?
Firman Allah dina surat Al Ashr ayat 1 dugi ka 3 : Demi waktu, satemenna manusa teh bener-bener aya dina karugian, kajaba jalma-jalma nu ariman tur ngamalkeun amal soleh sarta silih nasehatan ku bebeneran jeung silih nasehatan kana kashabaran.
Anu diiwalkeun dina surat ieu nyaeta jalma-jalma nu ariman tur anu ngamalkeun amal soleh. Amal soleh mangrupa amalan anu dilaksanakeunana kalayan kaikhlasan.
Tapi kalolobaanana amalan-amalan urang mah ngan wungkul dilaksanakeunana ku pancadria teh anu jauh malah teu harib-harib acan kana surat anu tadi.
Manusa anu saperti kieu, anu salawasna ngalakukeun kama’siatan beurang peuting. Jalma anu kieu anu hese meresihan qalbuna, padahal umur meh tunggang gunung. Ray poe ray taun teh kabongroy keneh ku pagawean-pagawean dosa, sarakah ngudag-ngudag kadunyaan malulu bari nukang nonggong ka Allah, eunteung anu nyacas herang dina qalbuna teh, saeutik-saeutik robah warnana jadi hawuk, malah laun-laun jadi hideung meles.
Upama kaayaan nu model kieu terus-terusan dijalankeun, laun-laun dirina bakal aya dina kaayaan dimana mun ngalaksanakeun kama’siatan bakal karasa leuwih ni’mat tibatan ngajalankeun parentah Gusti.
Mun kama’siatan geus jadi kabiasaan, parentah Gusti geus moal dianggap deui, mun Allah kasingkirkeun, makhluk lianna bakal ditempatkeun jadi pangganti Allah, mun Allah geus diganti ku anu lian-Na, sampurna weh kadituna mah kamusyrikan anu nyampay dina dada.
Conto jeung pieunteungeun teu kurang-kurang, jalma nu hawek kadedemes, atawa jalma-jalma nu biasa tunggul dirarud catang dirumpak teh, ari geus rup ku padung rap ku lemah diurugan taneuh beureum mah, ngan saukur mawa boeh rirang jeung hasiwung, napsu nu matak kaduhung badan nu katempuhan.
Geus cunduk waktu datang mangsana urang mulangkeun deui kafitrian manusa salaku makhluk Gusti anu hakiki, salila ieu, sagala tingkah polah jeung kalakuan urang teh jauh tina sifat-sifat manusa, malah nyatana, kalakuan urang teh bet kawas lain manusa. Matak pantes jigana, mun urang diajar deui jadi manusa.
Kasadaran sanubari, sakuduna mah bisa mulangkeun deui pamadegan, yen urang teh manusa, anu sarengkak saparipolah teh kudu bisa ngabuktikeun, yen urang masih keneh makhluk Gusti, hal ieu mangrupa omeaneun nu paling utama.
Kadituna, urang ancur leburkeun deui sifat egoisme nu masih keneh mindeng nyengcle dina hate, saeutik-saeutik, tapi kudu jadi hiji udagan anu abadi. Sifat egoisme, anu biasana nganggap diri pribadi mah leuwih luhur ajenna tibatan nu lian.
Padahal jangji Allah : “Moal bakal asup surga hiji jalma, mun dina hatena masih keneh aya kasombongan sanajan ukur saeutik”.
Aya kajadian dina salah sahiji hadits, hiji awewe nu pagaweanana ngan ukur ngalambangsari, ningali anjing keur ulal-elel, alatan haus jeung halabhab, lantaran poe kacida panasna. Manehna asup ka jero sumur, sapatuna dipake ngala cai pikeun diinumkeun ka anjing nu keur halabhab tea. Pagawean nu dilakukeun ieu, sanajan awewe ieu pagaweanana ngan saukur ngalambangsari, tapi bisa asup ka surga. Hiji bukti Maha Welas tur Maha Asihna Allah, tukang ngalambangsari ge, bisa keneh asup ka surga.
Dina carita bieu, aya nu leuwih prinsip, malah leuwih substansial, waktu awewe tukang ngalambangsari tea, mikeun cai inumeunana ka anjing, manehna ngagerentes :”Yaa Allah, sakitu muliana ieu anjing. Manehna sadar yen dirina teh saukur anjing, sedeng abdi mah henteu sadar yen abdi teh manusa”.
Kasadaran hiji awewe tukang ngalambangsari yen dirina sakitu hinana najan dibandingkeun jeung sato, masih bisa asup ka surga.
Jentre weh, “Sing saha jalma anu apal ka dirina, tinangtu bakal apal ka Khaliqna”. Kitu salah sahiji hadits.

Selasa, 05 Agustus 2008

Hayang Nyundakeun Urang Sunda

Sok asa ningnang sakapeung mah mun merhatikeun para pajabat birokrasi boh Pusat atawa Daerah nu aya di tatar Sunda, waktu pidato di pilemburan, dina acara naon bae, anu teu weleh mamake basa Indonesia, lain ulah, tapi nu bisa kabuktian, kadangkala, malah kalolobaanana waktu nu pidato dina podium keur ngabuih teh, atawa keur nerangkan hiji pasualan anu aya patula-patalina jeung kamasyarakatan nu keur kaalaman ku eta lembur, atawa ku eta warga, nu ngabarandunganana mah henteu anteng kanu keur mere penjelasan, tapi anteng ngobrol jeung pada baturna nu deukeut, ari diperhatikeun enya-enya, sihoreng nu jadi sabab taya lian, poko bahasan teu katingali jadi narik ati pikeun para wargana, sababna taya lian pedah nepikeunana make Basa Indonesia, anu dirasakeun ku masarakat pilemburan mah teu pati kahartieun, komo deui mun nu pidatona sok mamake gaya basa ilmiah, atawa istilah-istilah asing, anu pikeun pangarti di pilemburan mah matak nambahan kabingung.

Ningali jeung merhatikeun pangalaman eta, mun engke aya nu jadi anggota komisi penyiaran Indonesia pikeun daerah di Propinsi Jawa Barat teh, dina nepikeun pasualan-pasualan naon bae anu kudu ditepikeun ka warga masyarakat, rek mamake basa Sunda.

Ari nu jadi marga, pedah ti mimiti Jawa Barat tebeh Kulon, Wetan, Kaler jeung Kidul, masih keneh balatak nu make basa indungna, nyaeta basa Sunda, malah teu saeutik di pilemburan mah, nu masih keneh ngarasa reueus mun mamake basa Sunda teh, hiji eta.

Nu kadua, mun nepikeunana ka urang Sunda, make basa Sunda, asa bakal gampang kahartina pikeun masyarakat, lantaran basa nu dipakena basa sapopoe nu digunakeunana. Hal ieu oge bakal ngurangan kamungkinan, henteu tepina informasi ka pilemburan, cindekna informasi nu bakal ditarima ku warga teu kudu ditarjamahkeun deui, lantaran warga masyarakat pada-pada ngarti kana basana. Jadi istilah “Salah informasi” teh, bakal moal kalaman deui, lantaran mun informasi nu dibikeun teh “Pasagi” upamana, moal bakal katarima Jadi “Buleud” sababna nu tadi tea, informasi nu ditepikeun sarua jeung informasi anu ditarima, lantaran make basa nu sarua.
Memang teu sakabeh warga masyarakat Jawa Barat, ngarti jeung paseh dina ngagunakeun basa Sunda, lantaran aya sababaraha daerah di Jawa Barat anu kudu direumbeuy ku basa daerahna masing-masing, saperti di daerah Basisir, rek basisir kaler atawa basisir kidul sok aya nu dicampuran ku basa Jawa, malah kapan di daerah Cirebon mah khusus deui, make basa Cirebon.

Ditambah ku sababaraha dialek, atawa kecap panganteur anu beda-beda di tiap daerah, upamana bae, mun make basa Indonesia make kecap “Saudara” teh kaasup sopan, saha nu nyaho di wewengkon Ciamis mah teu hayangeun disebut “Saudara” teh, da kahayangna mah disebut “Aang”, ka daerah Garut hayang disebut “Aceng”, atawa ka daerah Sukabumi hayangna make kecap panganteur “Adang” malah kapan disabagian daerah Bogor mah, aya nu nyebut “Eneng” ka budak lalaki ge.

Keur mah eukeur, nyaah kana basa Sunda teh, mun tea mah kapeto jadi anggota penyiaran daerah teh, aya jalan komo meuntas, kahiji cek tadi tea, informasi nu bakal ditepikeun moal geseh teuing tepina ka warga masyarakat, nu kadua sugan jeung sugan jadi hiji dorongan pikeun sakuma seke seler Sunda nu aya di Propinsi Jawa Barat, pikeun ngamumule Basa Sunda, bari jeung ngagunakeunana dina hirup kumbuh sapopoe, komo mun pareng mah, nepi ka undak-usuk basana bisa kaguar deui, urang korehan deui malah, teu pamohalan jigana, mun basa Sunda, leuwih nanjeur deui di satatar Jawa Barat.

Tapi ulah dianggap ngan ukur ngagugulung kadaerahan wungkul, lain, lain kadinya maksud mah, ieu mah kapan misi kahareup tea, sangkan informasi tepina kanu dituju sarua jeung anu dimaksud kunu nepikeunana, bisi aya deui kajadian, nepikeun informasi ka urang Sunda, ditepikeun ku urang Batak, nu make basa Indonesia nu masih keneh medok logat Batak-na, badis we kajadian deui Guru SD nu ngajar basa Sunda, tapi guruna urang Batak, bakal kumaha boa basa Sunda barudakna. Eta teh kajadian enyaan, di dieu, di Bandung.

Aya kainggis, kalimah “Katempuhan buntut maung” tea di tarjamahkeun kana basa Indonesia, jadi “Bertanggung jawab ekor harimau” pan teu uni mun tepi kadinya deui teh.

Moal, jeung teu jadi matak masalah deuih, mun teu kapilih jadi anggota KPID teh, atuh ieu mah susuganan, rarancang nu saperti kieu teh bisa kapaju ku anggota nu kapilih engke, sugan jeung sugan mun mamake basa Sunda mah, informasi gancang kahartina ku masyarakat, atuh basa Sunda anu pada ngahariwangkeun tokoh-tokoh kasundaan teh, hariwang basa Sunda punah di Tatar Jawa Barat, ku cara kieu bisa kapiara deui, da puguh nu ngarumatna, puguh nu ngagunakeunana. Sugan we enya, fardhu kasambut sunat kalampah.

Minggu, 03 Agustus 2008

Kuhayang nyundakeun urang Sunda

Rada noron puguh ge nu ngahaja nulis dina “Pikiran Rakyat” ngeunaan urang Sunda, ti mimiti tulisan Muradi, “Menanti urang Sunda memimpin bangsa”. Ditema ku Atip Tartiana, “Jangan Mimpi Orang Sunda Jadi Pemimpin Bangsa”, malah nu pangakhirna. H. Rachmat M.A.S, “Ubah Mimpi Jadi Kenyataan”, bari ngasongkeun jalan, diantarana sangkan “Pikiran Rakyat” leuwih mindeng atawa paling copel ngamuat artikel nu ngagunakeun basa Sunda.
Anu jadi jejer carita dina sababaraha artikel anu ditataan bieu, hayang geura ningali cenah, pamingpin bangsa teh, jolna ti seke-seler Sunda, malah ceuk Ceu Popong mah kapan, mun aya teh cenah pamingpin bangsa teh anu nyunda, keun bae bari nyantri ge, sangkan jadi kareueus umumna warga Jawa Barat, ulah noyod bae, jiga badak Cihea urang Sunda teh.
Aya salah sahiji cara, sangkan hiji jalma ngajaul kamampuan nu aya dina jero dirina, nyaeta “sigeung atawa todel harga dirina”, contona, leuleutikan di lingkungan urang we heulaanan, kapan meh rata dimana-mana, mun warga lembur urang rek ngistrenan atawa rek ngangkat Ketua RT, itu-ieu sarua pada kekepehan, nyebut embungna teh beak karep, malah teu aneh mun aya warga tibatan daek jadi Ketua RT teh, kajeun pindah imah we cenah, ku embung-embungna eta teh, tah mun umumna warga lembur geus nepi ka kitu, kari todel harga dirina, lamun pada embung mah, urang angkat we nu jadi Ketua RT, ku “Babah Kim An” nu dagang endog di Pasar, da ngagurinjal kaluhur urang Sunda teh dikitukeun mah, basana ge pan :”Tibatan dipingpin ku si Encek mah, akang ge sanggup keneh”. Eta nu kahiji.
Conto sejen, partey badag di urang kamari, waktu nangtukeun calon legislatifna, kapan sakasampeurna pisan, teu aneh ceuk beja, si Ucok nu jadi tukang tambal ban, jadi pindah hulu pindah tampian, sanggeus kaparengkeun jadi anggota legislatif mah, sanajan kadituna, badis we lir jojodog pindah ka salu. Mun geus kitu, piraku Ki Sunda teh rek angger bae noyod, teu malire ka sisi ka gigir.
Jadi mun kamari digugubrag, “geura tanghi”, ayeuna mah kari prakna, ceuk Ayi Uyan dina “Pasosore edas” mah cenah, deeer ah.

Cacag Nangkaeun

1. CACAG NANGKAEUN


Saluhureun ari umur mah, ganjorna ge aya kana sapuluh taunanana. Ngan teu jadi halangan kuring sosobatan jeung manehna. Malah kabehdieunakeun mah, embungeun disebut Bapa teh, nga-Akang-keun, ngarah leuwih teleb pajar teh. Sakaresep mimitina mah, sarua pada-pada resep nguseup. Malah munggaran tepung ge baheula teh, di Cirata, sarua balik nguseup megat “elf” ka Bandung-keun. Ngobrol ngaler-ngidul leuwih pogot, puguh nu sakaresep, tungtungna silih anjangan.
Mimindengna mah kuring nu sok datang ka imahna teh. Asa leuwih bebas, nganjang ka duda mah, moal digambreng pamajikan, ngobrol nepi ka tengah peuting ge. Beda mun ngobrolna di imah, jam salapan peuting ge, pamajikan teh geus cilingcingcat bae, matak pundung nu keur nyemah. Duda nahun Kang Ruchiat teh, taun kaopat meureun ayeuna mah. Kitu lah duda mati, ditinggalkeun maot ku nu jadi pamajikan. Osok eta ge ari digonjak mah, iraha cekeng teh rek boga deui pamajikan, ngarah teu era menta cikopi. Jeung da saenyana atuh, arera sabenerna mah ari rek menta cikopi teh, da puguh euweuh nu naheur caina ge, hoream mentana ge, angger jawabanana teh cukup ku can purun bae.
Padahal yakin, moal susah-susah teuing neangan deui pipamajikaneun teh Kang Ruhiat mah, sanajan ngan sababaraha taun deui pangsiun tina Kepala Sakola SD oge. Masih keneh kewes, masih keneh pantes mun meunangkeun parawan jekekan oge. Angger deuih mun ngagonjak ku kuring sok ditambahan :”Ulah neangan anu sarua teuing jeung Si Jenat atuh Kang, da moal manggih masing tepi ka tungtung dunya ge. Nu jejer pasar we, sakalieun nu bisa ngurus ari kabeneran galingging panas tiris”.
Sok sareukseuk tuda mun nganjang sagala pasolengkrah, koran, buku, majalah, malah tampolana pacampur jeung pagawean bawana ti kantor, kabeh ngaleuya di tengah imah, pabalatak.
Ngan kadieunakeun, ungal nganjang ka imahna, sok kabeneran keur suwung bae, teuing kamana wae liarna teh, da tara aya bejana. Tapi sakapeung, sok atoh lamun pareng ka imahna suwung teh, tamba era mun pareng tepung jeung tatanggana nu pagigir-gigir pisan. Nu boga warung, Si Ceuceu, teuing saha ngaran aslina, dicandung jadi nu ngora, ngan diculkeun ku salakina. Aya taunna, dikungkung teu diawur dicangcang teu diparaban, alatan kapanggih ceuk beja mah ku nu kolot. Tamba kesel muka warung, di pavilyun, jigana mah geus aya umur, pedah we hade ngarawat diri, jeung bisa dangdan siga ngora wae siteh. Da jeung anak cikalna nu parawan ge, teu jiga indung jeung anak, kawas adi lanceuk we. Ti mimiti keureutan bengeut nepi ka tangtungan estu nyeples teu dipiceun sasieur. Ku seringna patepung alatan Kang Ruchiat tara aya di imah, unggal disampeurkeun teh jeung Si Ceuceu jadi loma. Malah lamun Kang Ruchiat teu aya di imah, sok ngahaja nyimpang ngadon ngobrol ngaler ngidul di warungna.
Saperti harita, poe Saptu pasosore, ngahaja nyimpang balik gawe, ka imah Kang Ruchiat. Tapi memeh ngetrok panto dipegat ku Si Ceuceu, anu keur ngalayung di tepas hareup :”Sisinarieun Si Ayi liar malem Minggu, keur dipundungan ku Ayi Istri meureun nya?”

“Ah bisi orat we Ceu, malem Minggu teu liar mah. Aya kitu Pa Ruchiat-na? Puguh hoyong ngajak nguseup ka Cirata”. Jawab teh semu ngagonjak.
“Naon da ti kamari, ka Cilacap sareng Si Iing katingalina mah. Ngaruseup jigana, da ngajingjing jeujeur sagala, tapi ari aya rencana kaluar mah, anggursi anteur Ceuceu ka Sukabumi aya peryogi. Urang kana beus we ti Leuwipanjang, jam genep, sampeur Ceuceu di dieu.”
“Hayu lah Ceu, keun kanu di rorompok mah, wawartos nguseup we nya sareng Pa Ruchiat.” Giak ngajawab teh, eta nu diarep-arep ge, cek hate.
Isukna jam genep, disampeur teh Si Ceuceu enyaan enyaan geus saged di buruan, tinggal jung teh saenyana. Dina beus tumaninah teu pasered-sered teuing. Umur-umuran rumah tangga, kakara pagiling gisik paantel kulit jeung nu lian, salian ti pamajikan, najan ukur dina beus. Balaka bae, kasima, nu meunang hayang teh, behna mah jiga kieu, sagala karasa. Kesang tiis mah geus puguheun, umur-umuran tea, luas-leos jeung nu lian, inget-inget geus di Cipatat, beus luak-leok lebah Gunung Masigit, tamba euweuh piomongeun teuing. “Bade ka saha Ceu, ka Sukabumi teh ?” cekeng teh.
“Ah, engke we di ditu diwartosan.”
Balik ti Sukabumi, geus rada sore, nyenghel nu puguh mah, da singhoreng ka Sukabumi teh, ngadon dudukun. Embungeun ketah, disebut dudukun mah, tatanya ka paranormal pajar teh. Hayang tereh-tereh diserahkeun jeung tatanya nu puguh mah, ka saha deui pijodoeunana sanggeus diserahkeun ku salakina nu ayeuna.
“Ka saha cenah Ceu, picarogeeun ceuk paranormal tadi teh ?”

“Ka nu caket cenah Yi, ceuk paranormal nu tadi mah, ka saha nya kinten-kintenna ?”
Ti harita di imah sok mindeng huleng jentul, mindeng karasa deui kumaha geterna eusi dada, waktu rerendengan dina beus ka Sukabumi keun jeung Si Ceuceu. Persis jiga baheula, basa keur masih keneh tujuhbelas taunan, mimiti resep ka mojang, munggaran beger, gegebeganana, seseresetanana, jeung geterna hate. Ieu kitu beger mindo teh ?
Komo sanggeus manggih beja, Si Ceuceu jadi diserahkeunana mah, lantaran jadi rame, pasea rongkah heula, da cenah nu kolot ngontrog, katut anak-anakna, diabringkeun kabeh.
Enyaan deuih Kang Ruchiat ngampleng teu panggih-panggih. Ngahaja dipanggihan sanggeus meunang beja ti Si Iing, Kang Ruchiat nungguan, aya perlu basana mah, sanggeus adu hareupan, rada daria Si Kang Ruchiat muka carita.
“Kieu ieu teh Yi, Akang rek menta tulung ka Ayi, pedah teu asa jeung jiga. Hayang dijejeran pangnanyaankeun pipamajikaneun, mun pareng mah Akang teh hayang rumah tangga deui, meungpeung aya calonna.”
“Ke.. ke, keheula megat saur Kang, saha heula ieu teh piistrieunana?” kuring megat kalimah.
“Rumasa we, tadina mah asa ka adi puguh Akang ka manehna teh. Tapi dipikir-pikir rek neangan nu kumaha deui, eta nu boga warung gigireun imah.”
Meg kana hate asa aya nu mepeg, “Hapunten Kang, ieu hate kungsi aya birahi ka Si Ceuceu.” Dikemu we dina hate, diucapkeun mah, kuriak bae matak Perang Baratayudha.
Dina waktuna, teu wudu rame, najan duda ka randa, nu nganteur jeung pribumi teh, pacampur taya bedana, da puguh sapanyaweran. Teu katingal nu mana semah jeung mana pribumi, ngan katingal pakeanana we rarapih, bubuhan, goreng-goreng ge di nu kariaan. Teu eleh geleng harita mah kuring ge, dijas sagala rupa, urut baheula kawin, karasa geus rada sereg.
Bubuka nyerenkeun panganten lalaki, teu beda jeung nu biasa, ngan memeh mungkas maksud jeung tujuan, rada ditarikkeun, sugan kadengeeun ku Kang Ruchiat. “Yaktos ari bedogna mah, ieu teh buatan Cisondari, nanging da rupina kauninga ku sadayana oge, bedog tos lami teuing teu dianggo, jalaran kasurung ku umur, jabi tos rarompal sisina teh, sareng karaharaan sagala, janten upami dina waktosna engke dianggo teh, tangtos seueur cacag nangkaeunana, ku kituna neda tawakup, utamina ka panganten istri.”
Dina hate mah ngagerentes, “Hapunten abdi, Kang.”









-----mmd-----





(Pangeling-ngeling keur “Si Jenat”, Pa Ruchiat (Alm)
Mangle No : 1621
Tanggal : 18 Agust – 3 Sept 1997

Tamada ka nu pernah bukuna dicutatda

Mun engke aya tulisan-tulisan didieu, biasana lamun ceramah-ceramah agama atawa kadang-kadang aya dina khutbah-khutbah Jum'at anu pernah ditepikeun dina waktu-waktu katukang, tampolana eusina aya nu meunang nyutat kitu bae, tina buku-buku nu pernah atawa tina kaset-kaset ceramah kaagamaan, atawa teu mustahil tina internet gesok ngahaja dicutat, utamana tina Kebun Hikmah, BukuKarangan Kang Jalal, jeung Buku-buku Khutbah nu sejenna. Ulah digeunggeureuhkeun heulaanan, lantaran harita waktu nepikeunana, estu uyup-ayap keneh pisan, nepi ka tungtungna mulungan nu geusnyampak we. Ngan mugi-mugi wae ka sing saha anu karanganana atawa tulisanana, pernah dicutat jeung ditepikeun ka jamaah, sing jadi amal ibadah anu mangfaat di yaumil akhir jaga.
Cag.

Jumat, 01 Agustus 2008

Tulisan Awal Dina Blog Ieu.

Teu dihaja awalna mah, pedah hayang we tutulisan wungkul, tapi dijujurung ku budak nu panengah, pajar teh :"Hoyong nyerat mah ngadamel Blog we dina Internet atuh Pa!. cenah.
"Akh hoream ngincidna kawarnet jeung ongkoh bapa mah geus telat diajar deui teh, gaptek ongkoh".
"MeserHP we nu tiasa nga-akses internet"
"Jung atuh panggaleuhkeun HP na, meungpeung bapa kenging hadiah ti sakola, pedah kapilih jadi guru pavorit,mun kirang artosna pangnambihankeun we"
Geus aya mah HP na nyoba-nyoba muka Bloger, bari ngahaja heula meuli buku tuntunan muka Bkog, teu sakara-kara, buktina bisa nulis nu saperti kieu.
Bisi aya nu rek mantuan ngomean tampilanana, ditungguan pisan.