„Tos timana ari Bapa ?, wayah kiwari karek jebul, Mamah ge anu ngantor ti tadi geus aya di imah“.
„Ti bengkel nungguan motor si Adi“
„Akh aturan timana nungguan motor ti isuk jedur nepi ka sore kieu karek jebul, nungguan ibu randa meureun, marukan teu aya bejana ka Mamah, bengkel motorna ge deukeut imah ibu randa pan?, kari mengkol ge tepi !“.
„Ari mamah........, babasaan teh........., di bengkel......, ditungguan teh pedah kagok mesinna keur diturunkeun bisi aya nu perlu diganti teu kudu nungguan deui, ngarah gampangeun deuih ongkoh montirna ari ditungguan mah teu asa-asa mun aya onderdil nu kudu diganti teh“.
„Pedah we ningali dina HP bapa aya SMS ka ibu randa, make jeung nyebut sono sagala rupa, dibales ku ituna ge make jeung nyebut „Honey“ sagala rupa, nyeriiiii....... tah Pa hate teh, aya awewe sejen nu dipikasono ku bapa“.
„Alus ........, alus tah kalakuan teh, geus wani mukaan HP Bapa padahal diteundeun dina jero laci“.
„Wani soteh pedah we Bapa-na ari teteleponan make HP teh, mani bari kudu susulumputan siga nu sieun kaperego ku Mamah, jadi weh panasaran hayang ningali“.
„Si Uwan balik ti Bali, make HP popotonganana, dikirim SMS ku Bapa memang, kieu cekeng teh harita, inget keneh :“Iraha maneh balik urang sono“, mun enya ge ka kabogoh piraku make babasaan garihal jiga kitu, geus tepi ka Bandung ngajawab SMS bari ngarariung bejana mah, urang heureuyan cenah make „Honey“, pedah keur di Bali loba bule, ngaromongna teh meus-meus „Honey“ meus-meus „Honey“ dedengeeun cenah mah“.
„Akh alesan wungkul Bapa mah, nu puguh mah ngabohong Bapa teh ka Mamah, maenya nomer HP eta-eta keneh tapi ngaranna diganti-ganti, mimiti ngaran „Tatik“ diganti jadi ditambahan ku „Sandora“ terus diganti jadi „Uwan“ tapi nomerna eta-eta keneh, da Mamah teh lain budak leutik“.
„Heueuh si Uwan nginjeum HP popotonganana, kitu tah batur mah jeung popotongan ge akur we jiga jeung babaturan keneh, diganti ngaranna teh memang eta ngaran si Tatik mah, Tatik mah ngaran budak baheula, geus gede make ngaran kameumeutna, Sandra, salah nulis meureun, katulis jadi Sandora, waktu HP-na diinjeum ku si Uwan, ganti ngaranna jadi Uwan, jung tanyakeun ka jelemana teu percaya mah“.
„Jengkol aya usumna, ekol mah taya usumna“
„Kuma karep.........“
-----mmd-----
„Haloo......., sareng Ibu Entin ?“
„Sumuhun, ke sareng saha nya, teu patos apal ?“
„Abdi, istrina Pa Dede, kenging nomer telpon ibu teh tina HP pun lanceuk, bade tumaros puguh, ari pun lanceuk masih keneh ngiring arisanana, sareng sasih ieu kempelenana dimana, hoyong ngiring sasih ieu mah abdi teh sareng pun lanceuk“.
„Oh ... sumuhun, masih, Kang Dede teh masih keneh ngiring arisanana mah, mung da jarang sumping anjeunna mah, sasih ieu teh teu acan kantenan waktosna, upami ibu bade ngiring mah, engke diwartosan deui“.
-----mmd----
„Dede pamajikan maneh nelpon ka si Entin, nanyakeun arisan iraha cenah, manehna rek miluan ngariung“.
„Lain hayang miluan ngariung nu puguh mah, pamajikan urang timburuan ka si Tatik, gara-gara manggih SMS urang ka si Uwan tea, jeung balesanana deuih make jeung nyebut „Honey“ sagala rupa, jadi weh pamajikan urang hareudang, HP na ge dibikeun we tungtungna mah ka si Bungsu, kateuteuari make HP ge ari teu weleh dikaratak bae ku pamajikan mah, teu boga HP ge moal matak paeh sugan“.
„Heuheuy deuh si Dede ditimburukeun ka urang euy, kanyahoan weh ayeuna mah, pamajikan si Dede teh timburuan pisan geuning, paingan cek si Entin hayang miluan kumpul-kumpul dina arisan cenah ayeuna mah, ngan urang geus ngadongeng jeung nu sejen, didongengkeun malah timburuanana pamajikan maneh ka urang, cek Kang Dodi mah kudu ati-ati atuh engke mah, ulah ngalobakeun teuing heureuy“.
„Ah teu rame teu jeung heureuy mah, resep ngariung soteh upama bari heureuy, komo bari ngadongeng jaman keur budak baheula, bangorna urang, bengalna si Dede, keur silih jenggut buuk jeung barudak awewe, lamun pamajikan si Dede milu teh, meureun moal bisa heureuy urang na ge, kajeun tong dibawaan we pamajikan si Dede mah, bejakeun ka pamajikan maneh Dede ?
„Sangheuk ngomongna oge....“
"Tingali we engke dina waktuna, mun si Dede datang jeung pamajikanana yakin weh, si Dede teh, De-Ka-i“.
„Naon De-Ka-i teh ?“
„Dibawah Ketiak Istri... ha ...ha....ha“
-----mmd-----
„Geuning tiasa kadieu ?“
„Pusing di imah ditimburukeun bae ka nini-nini“.
„Saha nini-nini teh ? Abdi ...... ?“
„Itu Ceuceuna di Bandung, timburuan bae ka babaturan Kaka jaman keur budak, bari jeung nu ditimburukeunana mah teu naon-naon pisan“.
„Nini-nini ge centil keneh pisan panginten, matak ditimburukeun ku Ceuceuna oge“.
„Memang kitu, jaba keur centil teh jeung menor keneh bae deuih nini-nini teh, padahal incuna ge geus dua“.
„Ari ka abdi teu curigaeun Ceuceuna ?“
„Henteu nyangkaeun jigana mah, pedah jauh kadieu mah jigana teh, kapan kana beus oge sakieu matak pasiksakna saawak-awak“.
„Mun Ceuceuna terang kumaha kinten-kintenna nya Ka?“
„Atuh jadi tea, perang Baratayudha teh“.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar