Rabu, 21 Januari 2009

ESSAY : TULISAN DINA "MILLIS"

Baheula pisan, keur mimiti karangan dimuat dina majalah, mani sok agul diri teh, da eta we majalah anu ngamuat tulisan Abah harita nepi ka lecek atuh, balas dibeber-beber, ditingalikeun ka unggal nu wawuh yen tulisan Abah dimuat dina majalah, bari eta teh ngan ukur dimuat we wungkul, teu diulas eusi tulisanana mah jiga kumaha, da baheula mah jarang aya mun tulisan dimuat ku majalah bari terus diulas eusina, atawa tulisanana komo make jeung terus kana gaya jeung tata bahasana, ari lain dina majalah sastra mah.
Tapi ku ayeuna mah, mun nulis dina ”millis” sok langsung aya nu ngulas, tinu satuju atawa nu satuju malah sok jadi pamicu pikeun ngoreksi jeung ngungkaban deui tulisan, dimana kakuranganana, lantaran teu kurang-kurang lain wae nu teu satuju, malah teu mustahil anu ngesek-ngesekeun oge balatak, jiga dina waktu nu anyar kaliwat Abah kungsi nulis dina ”millis” make judul saperti dihandap ieu, loba nu ngulas, nu nyarekan malah, tapi teu jadi matak pundung, malah atoh we nu aya, tulisan Abah aya nu merhatikeun, ngan tangtu bae, upama tulisanana di salin kana ieu Blog, matak jadi kaciwit kulit kabawa daging, ti awal keneh Abah tamada neda hampura.
Tulisan Abah harita jiga ieu :

GONJANG-GANJING ARTIKEL IBRAHIM SANG NABI

Aya tungtunan, cenah urang Islam teu kenging diajar kitab Injil teh aya dua alesan, nu kahiji, bilih dina eta kitab Injil aya hal-hal anu memang leres cocok jeung akidah Islam tapi ku urang dilepatkeun, anu kaduana bilih dina eta kitab Injil aya hal anu teu leres atanapi patukang tonggong sareng akidah Islam ku urang dilereskeun. Upami kitu kajantenana, janten duanana oge lepat, sangkan aman pikeun akidah ka Islaman katut kaimananana, urang teu kedah diajar eusi kitab Injil, kitu dina tungtunan teh.
Nanging rupina benten pasualanana, upami para mahasiswa diajar dina mata kuliahna, perkawis ”perbandingan agama”, eta mah tos diluar jejer pasualan ieu, teu kedah janten hemeng.
Angkeuhan urang, utamina urang Sunda, samangsa-mangsa urang Sunda, pasti weh muslim, kapungkur mah memang kitu, nanging ayeuna mah henteu kitu, margi seueur urang Sunda ayeuna, anu agemanana sanes Islam, aya nu Protestan, nu Katholik, nu Sunda Wiwitan, nu Budha Nu Hindu nu Kong Ho Cu ge boa aya, malah kapan teu sakedik nu teu beragama pisan balatak.
Contona bae, di daerah Kuningan, masarakat Sunda anu tadina masyarakat Madrais, kapan dirangkulna teh ku Katholik, da ku urang Islamna harita ngadon dibuburak, atuh lalebet Kristen, malah kapan aya nu janten Pendeta sagala, hotbahna ? nganggo basa Sunda, jaba lemes pisan deuih, ragam hormat, di Bandung TV, sering siaran langsung.
Aya deui di daerah Lembang, sareng di daerah Ciwidey wewengkon Gambung, aya missionaris anu nyepeng daerah operasi didinya, nyebatna ge kapan ”Poros Ciwidey – Gambung” rupina aya panginten urang Sunda nu tos lebet agama maranehna, barudak remaja nu nuju pariknik di Lembang, di Situ Pantengan kapan seueur nu kapincut ku propaganda maranehanana.
Malih di antawis jalan Cimahi dugi ka Cisarua Lembang, aya Wihara anu agreng kacida, nalika aya pembagian beras miskin, kapungkur, langkung santun tah masihkeunana teh, upami nu miskinna teh sepuh komo mun nini-nini mah, ku panitiana teh dipanggul beasna dijajapkeun dugi kana beca, panitia di urang mah kapan boro-boro mangmanggulkeun, masihkeunana ge bari baketut haseum.
Aya deui di daerah Ciranjang, wewengkan Sipon Dua, kapan pagiling-gisik didinya mah antawis masjid sareng gereja teh, teu mustahil tos aya urang sunda nu lebet janten Protestan-na.
Di Cipatujah, kapan ayeuna mah ngajegir Gereja, teu mustahil oge, aya urang Sunda tos biluk ka agama maranehanana, da kabebenjokeun ku Super Mie tea.
Tos kantenan barudak rumaja putri mah, nu tos biasa dijilbab teh kapan ngahaja ditikah ku maranehna, engke satutasna ditikah mah diarajak weh ngagem agama maranehna.
Atuh nu teu nyepeng agama pisan, kapan teu sakedik disabudeureun urang ge balatak.
Wangsul deui kana jejer carios, janten upami tea mah dina ”Millis” aya sakedik nu memper-memper kana propaganda eta, jigana kedah wayahna we, ari nu janten masalah, bongan we Millis na oge kapan keur urang Sunda, sedeng urang Sunda tea, saur tadi ge pan teu sadayana Islam, atuh pantes kacida upami urang Sunda ti luar Islam ge, jigana hoyongeun sakedik mah ngalebetkeun khotbahna, alesanana tiasa wae, naha cenah ari urang Islam kenging ngadugikeun ka-Islamanana, tiasa medar hadits, medar tafsir Al Qur-an, ari nu diluar Islam teu kenging ?
Rupina didieu nu kedah telik mah, nya nu gaduh lalakon, nu janten editor, Teh Roro, Mang Jamal, Kang Sasmita, Kang Haji deuih, boa Abah ge kalebet, upami tea mah aya eusi artikel nu kinten-kinten matak janten hareudang-bayeungyang mah, komo upami matak janten pacogregan mah, teu kedah ditampilkeun.
Sakitu Nun.
Hapunten Abah.

Minggu, 11 Januari 2009

ESSAY ( IBER ) : RE - UNI SABALAD-BALAD

Balad-balad Abah keur budak, dina poe Saptu minggu ieu, tanggal 17 Januari 2009, rek ngayakeun re-uni sabalad-balad, ririungan ngadon silaturahmi, nyacapkeun kasono nu lawas kaluli-luli.
Sok resep, baheula ge taun 2001 pernah re-uni siga kieu, babaturan keur budak kumpul kabeh, nepi ka sababaraha angkatan. Tapi da arapal kabeh ge teu tumpa-tumpa deui, akrab we silih poyokan silih herenganana, da persis we jiga keur budak baheula.
Ayeuna ge kana kitu, pedah nu ayeuna mah rada diciutkeun lingkupna, ondangan ge ukur saratus urangeun, mun sarimbit teh kana duaratus urangeun mah jigana tepi, Abah nu kapapancenan nyieun ondanganana, tapi lucuna diakukeunana mah meunang nyieun Si Kang Machyul ( Urut pamaen Band Rhapsodia tea ) atuh...... ibur....., maenya cenah urang Padang bisa nyieun surat make Basa Sunda. Da saenyana Kang Machyul mah aslina ti Padang, ngan idek liher di Jl. Sitimunigar ti bubudak.
Ngan sedih teh Kang Enuch kabujeng dipundut ku Gusti, dina dinten Jumaah kamari, Kang Enuch mulih ka pangkonan Ilahi, mugia ditampi iman-Islamna, dicaangkeun alam kuburna, ditempatkeun dina tempat anu sae munggul Allah SWT, pernah sakelas teh jeung raina nu istri Nenden, baheula keur di Sakola Rakyat, SR Kopo IV.
Acarana geus diiker-iker ku Kang Uung ( Mansur Ahmad ) nu jadi pribumi, ti jam 10.00 isuk-isuk nepi ka rengse, tiheula ge kapotong teh lamun waktuna shalat we, aya tukang adzanna, si Wawan, rengse shalat berjamaah, acara biasana diteruskeun deui, kaulinan mangsa keur budak baheula ngahaja diulinkeun deui, ti mimiti tarik-tambang, gatrik, bendrong, hujan angin, balap sendok, gampar, nepi ka galah ge ngahaja diayakeun, tapi jigana re-uni nu ayeuna rada ditambahan aya pertandingan billiard sagala, pikeun babaturan nu geus teu kuateun deui lulumpatan jiga baheula, kitu ge diancokeun pikeun nu geus biasa maen, nu tara biasa maen mah kuriak wae alas-mejana saroeh, kasungkal stick-billiard.
Nu kacipta bakal pirame-eun, palila-lila tilem di kolam renang, jiga baheula keur budak, sok palila-lila tilem ari keur ngojay di Cihampelas atawa di Centrum, Abah mah kawentar ”Budah-Citarum” lantaran keur budak baheula pernah palid di Citarum, keur babalapan harita teh, lebah Dayeuhkolot ayeuna, mun teu ditulungan ku tentara Kujang harita, jigana tiwas inya.
Tiap pertandingan, aya hadiahna, ngahaja disiapkeun ku Kang Uung, kayungyun puguh ge babaturan nu hiji ieu mah, Kang Uung, tilu taun sakelas di SMP Pasundan II, ayeuna geus jugala, ku babaturan teh kaseundahan wae, unggal babaturan teu weleh dihiap-hiap, geus karuhan babaturan deukeut, ka nu jauh ge teu weleh ngahiap-hiap.
Wilujeng Re-uni deui, ka seuweu-siwi putra-putri Jl. Sitimunigar.

Sabtu, 10 Januari 2009

Essay : GERING GE COBAAN

Dina sagala rupa hal estu teu weleh papasangan, aya lalaki aya awewe, jalu jeung bikangna, susah jeung senangna, terus kitu, mun ditataan gemet, matak pinuh sakaca polio jigana, awak ge kitu pisan, sakapeung sehat oge aya mangsana gering, teu ngabibisani eta ge, sapuluh poe kamari awak teh gering, rampohpoy taya tangan pangawasa, ngalempreh ukur nyangsaya dina korsi panjang hareupeun televisi, teu diuar-uar kaluar mah yen awak keur gering, komo ka jamaah majlis ta’lim mah, jamaah masjid gigireun imah, angkanan teh lain-lain nanaon, eta ku boga panyakit teh teu bisa masamoan.........
Da ayeuna mah kitu geuning, panyakit teh nepi bisa jadi jejer carita di pasamoan atuh, panyakit bisa jadi barang ”lux”, malah panyakit teh bisa jadi kabanggaan, geura perhatikeun obrolan sapopoe nu pernah diucapkeun :”Puguh tos lami abdi teh jantung, numawi sok maksakeun olahraga ge, bari latihan.” Atawa aya deui nu nanya, misalna :”Darah tinggi panyawat Bapa Anu teh kapungkur mah, numawi ayeuna ”Struk” teh.” akh rupa-rupa panyakit we nu sering diobrolkeun dipasamoan teh, aya nu jantung, darah tinggi, tumor, kangker, asam-urat, malah beh dieu mah sok rada rame didongengkeun teh nu keuna ku Parkinson ge, bisa jadi jejer obrolan.
Ari Abah, ceuk tadi ge, panyakit teh hese dibawana ka pasamoan, atuh da panyakit bawa ti bubudak, nepi ka wanci kieu sok kalan-kalan jadi, malah ari keur sakalieun jadi mah, sok nepi ka ngalempreh teu walakaya, ukur nyangsaya we dina korsi, napas we renghap-ranjug, panyakit asma, malah lain asma disebutna ge baheula mah, ”mengi” aya oge nu nyebut ”mengok”, atawa ”bengek”, aya oge nu ku basa lemes nyaritana teh :”Ampeg Bapa Anu teh nu karaosna mah, tos rada lami”, rarasaan mah teu ”elok” we mun diobrolkeun di pasamoan teh, panyakit proletar eta mah cenah, padahal sok aya eta ge nu nyebut rada katingali intelek, ”penyakit ispa” cenah, tapi da di lembur mah matak pungak-pinguk, naon deui atuh ”penyakit ispa” teh , ku araraheng, cenah, padahal kitu-kitu keneh, nu napasna kawas ucing tea mun keur jadi teh, ngaregeh.
Ari anu kaduana, Abah mah sok rada kaisinan wae diri teh, mun pareng abreg-abregan nu ngalongok teh, sok era ku pada ngeuleuh-ngeuleuh na, da nya kitu tea, sanajan enya ge ngalempreh teu bisa walakaya, da panyakit matuh tea, komo mun merhatikeun pananya dina gunem catur nu keur ngalongok geuning, :”Naon atuh nu karaos Bapa teh ?”, tah mun aya nu nanya kitu, sok karasa kagok ngajawabna, matak mending keneh euweuh nu ngalongok we cekeng teh.
Enya ari sok pada nganaha-naha tea mah, pajar teh :”Yeuh kudu atoh mun pada ngalongok teh, pan pada ngadu’akeun supaya tereh-tereh sehat deui”, tah lebah dieuna, nu sok beda jeung batur teh, sok ngarasa rendah-diri, mani kudu pada ngalongok sagala, kawas ka gegeden bae, cekeng teh. Paling ge nu sok dibejaan teh, sobat medok we wungkul, batur ulin ti bubudak, kitu ge sok embung ari dilongok mah, teu kudu ngalongok lah, engke cageur sorangan. Kitu ge ngadongengnga dina telpon make SMS.
Dina keur nyoranganna kieu, nu ngabaturan teh nya taya deui iwal ti HP, telepon keupeul cenah sawareh mah nyebutna teh, bari mukaan ”e-mail” dina internet, jeung ngarah murah we deuih make HP mah pulsana, macaan ”millis”, bari noongan tulisan batur, resep jiga aya batur ngobrol, kawas nu sehat we, nu ngadongeng bari heureuy, kadangkala bari dibungbuan ku dongeng anu harib-harib cawokah, aya wae nu nulis artikel rada hade, malah ti Paguyuban Warga Sunda Medan mah sok jeung bari ngiriman da’wah Islam sagala dina ”Powerpoint”, ti Makassar oge aya, malah jiga di urang we didieu kana HP teh pan sok rajeun nu rek nipu mah teu kurang-kurang, geuning ujug-ujug jol weh aya SMS ”Selamat Anda dapat hadiah anu, anu, anu...... disebutan, kana ”e-mail” kitu we teu beda, di luar negri ge aya, aya ti Inggris, ti New Zealand, malah ti Afrika teu kurang-kurang, nu ngirim e-mail ”Cangratulation ...... bla...bla...bla, kadituna mah sarua we, rek nipeng, cenah.
Atuh mun aya humor nu rada hade, biasana mah ti Kang Professor Rektor tah sok matak nyakakak teh, sok digeuhgeuykeun sakapeung mah ku si Ambu, nu gering teh masih keneh bisa nyakakak kitu, atuda mun geus kieu asa teu keur gering awak teh, asa sehat we, asa loba batur deuih ongkoh, sanajan ukur noongan wungkul eta teh, sok aya eta milu ngomentaran, tapi nya kitu we, ukur sautak-saeutik, sacukup-cukup tina HP tea, ngarah teu gede teuing mayar pulsana.
Ngan sakali mah aya nu matak ngabiridig kana hate, lain gila, ngan rasa kasundaan hate Abah ieu mah, asa henteu milu sedih kingkin, eta aya wanoja anu dinyenyeri ku lalaki, nembrakkeun kanyeri hate-na make basa Indramayu, mun di urang mah jiga ”Tangis Anjani” meureun, tapi ari make basa Indramayu mah, rarasaan Abah bet asa maskulin pisan, teu asa feminin, teu asa jiga wanoja nu keur dinyeyeri, asa gagah pisan, duka ketang mun wanoja urang Indramayu mah kitu. Enyaan hate Abah mah teu asa milu sedih, asa kitu we, asa digjaya.
Na da ari dina Tangis Anjani mah, kanyenyeriannana teh asa nyebitan hate, malah kadangkala sok matak hareneg kana hulu-angen, dina tikoro teh sok asa aya nu nyedek piceurikeun. Paingan cenah ceuk urang Perancis :”Kawih-kawih Cianjuran mah geus teu kudu diterjemahkeun deui, geus karasa ku hate ge”.
Malikan deui judul tulisan, sanajan enya gering teh cobaan, tapi aya hikmah anu dikandungna, nu karasa ku Abah wae, aya hikmahna, make jeung bisa seuri keneh, bisa ngobrol keneh, malah bisa keneh tukeur pikiran najan ukur noongan wungkul oge, tapi asa kawakilan, gering asa aya nu ngalongok, bari teu kudu padu hareupan, da eta tea, rarasaan Abah mah panyakit ”mengi” mah asa teu pantes dibawa masamoan tea, era ari pada ngeuleuh-ngeuleuhna. ”Naon atuh nu karaos teh Bah ?” Kumaha ngajawabna etah ?
-----mmd-----

Rabu, 07 Januari 2009

ESSAY : BADARAT MUNGKAS SURAT YAASIIN

Rada noron puguh ge dina mitembeyan ngalakonan taun anyar teh, ku nyutat ”Ayat Suci Lenyepaneun” Karangan Moh. E. Hasim, ngahaja deuih, ngasupkeunana kana Blog teh disabelas-kalikeun, alesanana mah teu pira, eta geura mun nengetan urang lembur, barudak leutik teh rea nu geus ditalar atuh Surat Yaasiin teh, ngagorolang, saking ku sering dibaca eta teh.
Tapi da kangaranan jelema, sok aya we nu barang geureuh teh, bari jeung henteu merenah ceuk pangrasa mah ngageunggeureuhkeunana teh, Pok na teh : ”Hayoh-hayohan wae Surat Yaasin nu dibaca teh, da Al Qur-an mah lain Surat Yaasin wungkul, surat sejenna aya keneh 113 surat deui” bari semu nu miceuceub kituna teh, asa aing uyah kidul tea.
Lagu ditanya, :”Dupi Bapa, sok surat naon atuh diaos dina tadarus teh”
”Akh da Bapa mah tara tadarus, ari lain bulan puasa mah”
Jero pikir, mending keneh nu ngaji Surat Yaasiin atuh kitu mah, mun dibandingkeun jeung nu tara pisan ngaji ari lain dina tadarus Ramadhan mah.
Tah, tina ayana kasus kitu, ngahaja hayang bari ngapalkeun surat Yaasiin teh, sugan we dikeureuyeuh dina tahajud, di sabelas-raka’ateun, manawi Allah marengkeun.
Inget baheula, keur di Madinah, encan loba VCD Muratal jiga ayeuna, ba’da Ashar harita teh di Masjid Nabawi, jiga di masjid urang we, barudak santri TPA beberetekan lulumpatan kaditu-kadieu, ngan dina nu sakitu barudak nu keur lulumpatan teh, harita aya budak keur ngengelek Al Qur-an, panasaran di-toel, make basa Tarzan, curuk nunjuk Al Qur-an, bari terus nunjuk kana biwir budak, ngartieun jigana si budak teh, yen kuring hayang ngadenge budak eta ngaji. Na ana sor teh Qur-an anu keur dicekelna teh dibikeun ka kuring, bari nuduhkeun surat nu rek dibacana, kaharti ku kuring ge, sangkan kuring merhatikeun nu rek dibacana, na ana gorolang teh ditalar, kuring nuturkeun bari nyekel Al Qur-an, enyaan apalna teh eta budak, surat nu dibacana An Nabaa mun teu salah mah, kuring mah karek apal eta surat geus aki-aki kieu, bari sakalieun dibaca keur ngimaman mah, jigana ukur sataun sakali boa, da mimindengna mah ari ngimaman teh angger we Surat Al Ikhlas, jeung Surat An-naas we nu dibaca teh. Persis jiga si Bapa nu tadi tea we, sarua lagu ngimaman mah eta we nu dibacana teh. Ngan teu wani ketang mun ku kuring dituluykeun : ”Memang-na ngan Qulhu wungkul surat dina Al Qur-an teh ?” Lain nanaon bisi malikkeun :”Yeuh ! ceuk Sahabat Ali oge, surat Al Ikhlas teh sapertiluna Al Qur-an eta teh.”

DAKWAH : SURAT YAASIIN 77 - 83

Dina tulisan nu ieu ge, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 77 nepi ka 83

77. Jeung naha manusa teh teu merhatikeun yen Kami ngayuga manehna tina cimani, geus kitu ujug-ujug terang-terangan jadi musuh.

Ku pangersa Nu Maha Kawasa sperma ngahiji jeung ovum dina rahim indung, sanggeus 9 bulan gubrag lahir ka alam dunya jadi orok, lengkep make pancadria sarta dipaparin hate jeung pikiran. Direjekian, diaping dijaring beurang peuting ku Manten-na, tapi naha ari geus sawawa nukang nonggong ka manten-na, terus munjung ka kayu ka batu, jadi musuh Manten-na terang-terangan.

78. Jeung Kami diibaratkeun lir mahluk sarta manehna poho kana asal kajadianana. Pokna teh :”Saha nu bakal bisa ngahirupan tulang-taleng nu geus ancur ?”
79. Caritakeun :”Nu ngahirupan manehna teh nu ngajadikeun manehna dina waktu mimiti. Jeung Manten-na teh Maha Uninga kana sakabeh mahluk.”

Sangkan paraning dumadi, ( poho ka asal jeung kanu ngayugana ) ari geus sawawa gede tanaga loba pangabisa mah poho ka asal jeung ka nu geus ngajadikeun, takabur ku kalungguhan, asa aing pangpinterna, asa aing pangbeungharna, nepi ka wani cucungah ka Nu Maha Kawasa.
Dina H.R. Al Hakim ti Ibnu Abbas disebutkeun Al Ash bin Wa’il datang ka Rasulullaah SAW. Manehna mawa tulang nu geus rusak. Bari motong-motongkeun eta tulang, pok manehna ngomong : ”Yeuh Muhammad, naha Allah bakal ngahudangkeun tulang nu geus ancur ieu ?” Diwaler ku anjeunna : ”Allah bakal ngahudangkeun tulang ieu, jeung ngamaotkeun hidep, geus kitu hidep bakal dihudangkeun deui terus diasupkeun kana naraka Jahannam”.
Kaom kafirin jaman kiwari oge sarua teu percayaeun yen Gusti Allah teh aya jeung kawasa. Nurutkeun kayakinan maranehna mah alam teh aya ku maneh. Mimitina kosong molongpong tanpa eusi kajaba sel-sel nu kacida lembutna, nepi ka teu bisa katenjo ku panon biasa. Dina waktu ratusan rebu atawa jutaan taun sel-sel teh ngahiji, terus jadi sababaraha bentang nu panas jeung cahayaan. Tah ieu teh nu disebut panon-poe. Pepetelan tina panon-poe jadi planet jeung satelit, contona marcapada padumukan urang jeung bulan. Sel-sel teh aya nu jadi tutuwuhan jeung sasatoan sarta manusa. Lamun geus paeh mah teu aya naon-naon deui, pokna teh : ”Kalau sudah mati habis perkara.” Tah kitu pamadegan kaum kufrul-inkar atawa atheis jaman kiwari.
80. Nu ngajadikeun seuneu tina kai hejo pikeun maraneh, nya harita maraneh mirun seuneu make kakayon.

Tatangkalan nu harejo, sanggeus dituar jeung garing, bisa dipake nyieun seuneu nu disebut miruha tea. Di urang, jaman baheula memeh aya korek api jeung paneker, lamun rek ngadurukan di huma atawa rekmirun seuneu, sok ngagesrek-gesrekeun dua beulah awi garing, lebah hinisna, nepi ka kaluar seuneu. Tah ieu teh lenyepaneun. Naon sababna kakayon bisa ngaluarkeun seuneu ? Lamun geus kapanggih, pek tanyakeun deui. Naha kakayon aya ku maneh ? Lamun kaom atheis nyebutkeun asal tina sel-sel, terus tengetan, geuning tatangkalan teh dina jero sapuluh taun ge bisa jaradi nepi ka jarangkung pisan, sedeng evolusi sel-sel mah merlukan waktu ratus rebu atawa jutaan taun.
Lamun geus kapanggih rasiahna, Insyaa Allah iman urang bakal tambah kuat.

81. Jeung naha nu ngayuga langit jeung marcapada teh lain kawasa pikeun ngayuga nu sarupa kitu ? Nya tangtu, da Manten-na teh Nu Maha Ngayuga tur Nu Maha Uninga.

Lamun jelema geus bisa nyieun mobil, sasak jeung gedong aya dua tiluna, naha manehna moal bisaeun nyieun deui nu sarupakitu ? Lamun hiji Ibu geus sababaraha kali nyieun rangginang atawa opak, naha manehna moal bisaeun nyieun deui nu sarupa kitu ? Budak leutik ge pasti bakal ngajawab : ”Atuh nya tangtu bisaeunana mah, da manehna geus biasa nyieun mobil, sasak, gedong, rangginang jeung opak. Manehna mah ahlina jeung memang nyahoeun kana sagala unak-anikna.”
Ayeuna ge Gusti Allah teh Nu Maha Ngayuga jeung Nu Maha Uninga kana saniskara. Manten-na geus ngayuga mangpirang-pirang langit jeung mangmilyar-milyar bentang, planet jeung satelit, salah sahiji diantarana nya eta marcapada padumukan urang, naha Manten-na moal kawasa ngadamel deui nu sarupa kitu ? Jawabna : ”Nu geus biasa nyieun mobil moal ngawagu nyieun mobil nu sabangsana, nu sok nyieun rangginang moal ngawagu nyieun rangginang deui, komo atuh Gusti Allah mah da Nu Maha Kawasa. Nu Maha Ngayuga kana saniskara, piraku teu kawasa ngayuga deui langit jeung marcapada nu sarua jeung nu geus aya.

82. Satemenna timbalan Manten-na lamun aya pengersa kana naon-naon, ngan ngadawuh kanu dipikersana :”Jadi” jleg harita jadi.

Taya hesena pikeun Nu Maha Kawasa mah ngayuga naon bae oge. Ulah ngukur kamampuhan urang sorangan, da urang mah sok ranggaek memeh tandukan ( sok loba omong, ujub ), geura dina ngawangun kota ge elekesekeng, luut-leet kesang teh lantaran teu kaur balas pasang-bongkar, ngamonyah-monyah tanaga jeung beaya.
Gusti Allah mah lamun ngersakeun ngayakeun naon-naon cukupku ngadawah ”Kun” jadi ”Fayakun” sakedet netra nu dipikersana teh jleg bae jadi. Hayang sakeudeung bisa hayang dililakeun bisa, sagala rupa gepikeun Manten-na mah gampang.

83. Nya Maha Suci nu kakawasaan kana saniskara aya dina panangan-Na, jeung ka Manten-na geusan mulang maraneh.

Surat Yaasiin ieu dibuka ku Yaasiin ( Yeuh manusa ). Sanggeus maluruh ayat 2 nepi ka ayat 6, nu dimaksud ku kecap manusa teh Nabi Muhammad. Anjeunna ditimbalan ngadugikeun warta yen Gusti Allah teh Maha Suci.Ku kituna urang ulah rek ngudag-ngudag hayang nyaho zat Manten-na, da Manten-na mah Maha Suci tina bisa dibanding-banding jeung zat salian ti Manten-na. Ari rek ngalenyepan sifat-Na mah taya halangan, sanajan Maha Suci tina bisa disaruakeun jeung sifat mahluk, contona Manten-na kawasa ngadamel mahluk tina teu aya jadi aya, saperti ngadamel marcapada pepetelan tina panon-poe, ari panon-poe didamel tina mangpirang-pirang atom nu diwangun ku elektron jeung proton. Atom nu hamo bisa diitung teh mahluk nu didamel ku Manten-na. Tina naon asalna atom ? Upama asalna tina cai, ayeuna cai tina naon ? wallaahu a’lam.
Manusa aya nu kawasa nyieun mobil.Mobil dijieun tina beusi, karet, jeung rupa-rupa bahan. Tukang nyieun mobil teu kawasa nyieun bahan pimobileun. Tah lebah dieu bedana kakawasaan Nu Maha Kawasa jeung kakawasaan manusa. Jadi hakekatna mah boh mobil boh nu nyieun mobil, lamun dicukcruk ka puhuna mah dadamelan Gusti Allah Nu Maha Kawasa.
Sakabeh mahluk didamelku Gusti Allah, diraksa diriksa kuManten-na, terus dipulangkeun deuikaManten-na.Mulangna mahlukka Manten-na teh kacida merenahna da kagungan Manten-na, tapi urang sok koret jeung aku-aku angga,pamajikan dicandak ku Manten-na, salaki ngarasa diteungteuinganan, salaki dipundut ku Manten-na, pamajikan jejeritan nganaha-naha ka Nu Maha Kawasa.
Yeuh manusa, maneh teh meunang nyieun Kami, bakal mulang deui ka Kami.

DAKWAH : SURAT YAASIIN 71 - 76

Dina tulisan nu ieu ge, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 71 nepi ka 76

71. Jeung naha maranehna teh tara merhatikeun yen Kami geus ngayuga ingon-ingon sabagian tina usaha leungeun Kami pikeun maranehna, nya saterusna dipibanda kumaranehna ?

Aidiinaa, hartina leungeun Kami, tapi ari sacara majazi mah kakawasaan Kami, Aidin jama’ tina yadun, dina basa Sunda leungeun, dina basa Indonesia tangan, dina basa Inggris hands jeung dina basa Walanda handen, geus biasa dipake dina harti majazi, contona :
a. Asa pingges leungeun katuhu. Hartina : ngarasa beurat sabab ditinggalkeun ku jelema nu sok ngabantu dina pagawean sapopoe.
b. Di bawah tangan orang. Hartina : Dina kakawasaan nu sejen.
c. A dictator rules with an iron hand. Hartina : Diktaor marentah make kakerasan.
d. In ’s vijands handen vallen. Hartina : sabagian amal nu dihasilkeun ku kakawasaan Kami.
Di antara ingon-ingon nu dicipta ku Nu Maha Kawasa nu saterusna dipibanda jeung aya dina kakawasaan manusa teh nya eta embe. Mun ku urang dititenan kalawan anteb, embe teh gede kacida manfaatna, cisusuna pikeun inumeun, kokotorna pikeun gemuk, jeung buluna pikeun pakean. Upama dipeuncit, dagingnapikeun dahareun, tulang jeung tandukna dipake bahan pikeun kancing, sisir jste, jeung kulitna pikeun bahan sapatu, kantong jeung rea-rea deui. Kakarek embe, geus sakitu gede manfaatna, encan munding, sapi, kuda, onta jeung kalde.
Lamun urang leukeun ngalenyepan mah piraku sugan teu hayang mulang tarima ka Nu Maha Welas Asih.

72. Jeung Kami meruhkeun ingon-ingon pikeun maranehna, nya sabagian ti antarana dipake tutumpakan maranehna, jeung sabagian deui didalahar kumaranehna.

Ku pangersa Nu Maha Kawasa sabagian tina sasatoan teh aya nu lindeuk nepi ka bisa dipakihi ( diutuh-etah ) ku manusa. Kajeun teuing gede waruga gede tanaga, saperti gajah, onta, kuda, sapi jeung munding, dikuah-kieuh ku budak leutik ge teu weleh nurut. Kai pulukan sagede-gede beuteung munding meunang nuaran di leuweung, lamun henteu dipalidkeun sok digusuran ku gajah. Padati jeung wuluku atawa singkal, sok ditarik ku sapi jeung munding. Delman, sado atawa kahar, jeung andong sok ditarik ku kuda. Salian ti ata, gajah, onta, kuda jeung kalde sok dijadikeun tutumpakan.
Nu geus ilahar dipeuncit di lembur urang mah sapi, munding jeung embe, ditanah Arab mah onta ge sok dipeuncit. Malar bisa dililakeun,daging peupeuncitan teh sok didengdeng, dikere, jeung dijieun abon, malah aya nu dikalengan, nu sok disebut kornet tea. Tah sakitu manfaatna ingon-ingon teh.

73. Jeung tina ingon-ingon teh maranehna mareunang rupa-rupa manfaat jeung inuman. Nya naha maranehna teh henteu mulang tarima ?

Rupa-rupa manfaat ingon-ingon geus ditataan dina ayat-ayat di luhur. Urang bisa nyieun wol tina bulu domba pikeun bahan pakean atawa simbut. Lamun urang keur salesma, karasa pisan manfaatna baju haneut jeung halesduk nu dijieun tina wol. Lamun urang make setelan tina wol buatan Inggris, rarasaan teh asa jadi jelema panggindingna, tapi hanjakal lolobana mah sok poho ka Nu Maha Rahman Rahim nu geus mamaprin kani’matan sakitu gedena.Make setelan wol jeung sapatu kulit nu pang-alusna teh lamun rekindit ka tempat ma’siat we, saperti ka tempat disko, ari rarajeunan indit ka masjid mah cukup ku kaos sangsang jeung baju kampret.
Ku naon atuh urang teh teu mulang tarima ka Nu Maha Welas Asih ?

74. Jeung maranehna nyarambat sababaraha pangera salian ti Allah malar maranehna mareunang pitulung.

Lamun di luar ummat Islam sok aya nu nyembah jeung nyambat berhala bari nyuguhkeun hayam ka nu ngageugeuh kawah Gunung Bromo, atawa nyuguhkeun bakakak embe ka Tapekong,ku urang bisa dianggap pantes, da maranehna mah lain ummat Islam. Tapi nu sok matak hemeng mah, tingkah laku sabagian ummat Islam, dina upacara ngadegkeun, sok nyuguhkeun hulu munding, sapi atawa embe, ka nu ngageugeuh lembur, pokna teh malar rahayu salamet, dina hahajatan saperti ngawinkeun jeung sunatan sok aya nu nyuguhkeun sasajen dina ancak, digantungkeun di handapeun jure atawa di juru pakarangan.
Ngaku Islam tapi nyembah jeung muntang ka salian ti Gusti Allah, menta panangtayungan jeung pitulung ka berhala. Padahal surat Yaasiin teh pangrarisna dibaca dipilemburan mah, tapi ari kalakuan tojaiah jeung eusi nu dibacana. Naha lantaran teu ngarti kitu ? atawa lantaran geus kapanguruhan ku kayakinan sejen ? Leuleugeur atuh ari ngaku ngagem agama Islam bari geus dibuder sorban atawa dibendomah, ulah siga nu buta tuli teuing.

75. Berhala-berhala teh teu kawasa mere pitulung ka maranehna, malah maranehna sorangan dijadikeun balatentara kudu hadir ngemitan berhala.
Sanajan ngaku ngagem agama Islam bari tara ninggalkeun nu lima waktu jeung puasa dina bulan Ramadhan, sarta kungsi munggah haji, lamun sok nyembah jeung nyambat ka salian ti Gusti Allah, naha kana jimat, naha ka dewa, naha ka para wali atawa para Nabi, tetp kaasup ka golongan musyrikin, sabab dawuhan Gusti Allah dina ayat ka 74 ; ”wat takhaduu min duunillaahi aalihah” salian ti Allah, sakali deui, salian ti Allah, naon bae atawa saha bae haram disembah jeung disambat. Nu sok disembah jeung disambat salian ti Allah ngaranna berhala, nu teu bogaeun kakawasaan naon-naon pikeun mere rejeki di alam dunya jeung pikeun nyalametkeun para panganutna tina naraka. Malah sabalikna,para panganut berhala bakal karoroncodan, dina pamungkas ayat ieu disebutkeun ”Wa hum lahum jundum muh dharuun” maranehna kudu hadir jadi balatentara ngemitan berhala.

76. Ku kituna hidep teu kudu sedih ku omongan maranehna. Satemenna Kami nyaho naon-naon nu dirahasiahkeun jeung nu deitembrakkeun ku maranehna.

Pamoyok jeung panghina ti kaom kafirinka Rasulullah teh rupa-rupa tur taya mingena. Pikeun panglejar manah anjeunna, Gusti Allah ngalungsurkeun ayat ieu. Lamun indung ka anak mah ngabeberahna teh kieu : ”Keun bae antep Jang, entong didenge entong dilayanan, karo-karo gelo. Ujang teuperlu nyeri hate da teu tuah teu dosa, engke ge tamiang meulit ka bitis. Ema katut batur salembur ge nyaho yen omongan maranehna teh fitnah malulu.” Piraku upama direrema ku Ema saperti kitu henteu kaubaram.Komo deui lamun dililipur ku Nu Maha Agung mah,kanyeri kapeurih tanwande leungit sapadamayan.



DAKWAH : SURAT YAASIIN 67 -70

Dina tulisan nu ieu ge, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 67 nepi ka 70

67. Jeung lamun Kami miharep, pasti Kami ngarobah rupa maranehna di tempat maranehna, nya maranehna teh moal bisa maju jeung moal bisa mundur.

Lamun Gusti Allah ngersakeun ngarobah rupa manusa di tempat maranehna aya ayeuna, tah ieu teh bisa dihartikeun sacara hissiyah jeung sacara ma’nawiyah. Gusti Allah kawasa pikeun ngarobah kaayaan manusa sina saperti arca. Kabeh manusa saanterojagat sina ngadak-ngadak ngajaranteng di tempatna masing-masing, sina teu barisaeun maju atawamundur. Atawa dirobah sina jadi tatangkalan, rajeg di tempatna masing-masing, maju moal bisa mundur moal bisa. Kitu upama dirobah rupa sacara hissiyah.
Upama dirobah sacara ma’nawiyah, uteuk nu encer dijadikeun kentel sangkan teu bisa motekar, mekarkeun panalar akal. Manusa hamo bisa ngahontal kamulyaan jeung kamajuan,oge moal morosot kana kahinaan atawa kamunduran. Moal ngarasa hanjakal lamun nyieun kasalahan, moalngungun lamun aya pikasediheun, jeung moal boga rasa karunya ka nu sangsara, sabab hatena moal bisa kapangaruhan ku naon-naon. Dina kaayaan kieu mah kabebasan manusa teh moal diwatesanan.

68. Jeung sing saha nu ku Kami dipanjangkeun umurna, Kami bakal mulangkeun manehna kana kajadian asalna.Nya naha maranehna teh teu malikir ?

Jalma nu dipanjangkeun umurna nepi ka jadi aki-aki atawa nini-nini, bakal dipulangkeun deui ka asalna. Tah ieu mah lain badanna nu dirobah sina jadi orok deui, tapi ingetanana. Aki jeung nini nu geus lemong, tawehwoh, kundang iteuk, sok pikun, ingetanana balik deui ka budak, akalna jadi kuled, jeung meh teu bisa walakaya, lantaran taya tanaga.
Tah, kuduna mah urang teh mikir nepika dinya. Hirup bebas nurut kanapangajak setan teh, ari geus pikun kitu mah, hamo karasani’matna, ngan kari nunggu-nunggu dawuh, terus engke ngayakeun balitungan dina yaumal-hisab.

69. Jeung Kami henteu ngajarkeun sya’ir ka manehna, sya’ir mah pikeun manehna teu pantes, taya lian eta teh pepeling jeung Al Qur-an (bacaan) nu jelas.
Sastra-kanta hasil karya tulis para sastrawan geus loba kabina-bina, tapi taya hiji oge anu bisa nandingan seni sastra nu kaunggel dina Al Qur-an. Lain sya’ir, sabab sya’ir mah, sapadana kudu matok opat-opat jajar jeung tungtungna murwakanti, katurug-turug sakumaha nu ditegaskeun dina ayat ieu, Gusti Allah henteu aya maksud ngawulang sya’ir ka Nabi Muhammad. Rasul mah teu pantes diajar ngadangding, ngadamel sya’ir. Eusi Al Qur-an teh jelas pisan, nya eta pituduh, hukum nu ngawengku akidah jeung syare’at nu wajib dibaca sing nepi ka kaharti, terus diamalkeun.
Dina salah sahiji hadits disebutkeun, yen aya urang kafir nu nyarita : ”Muhammad teh ahli sya’ir jeung tukang ngadangding. Sya’ir beubeunanganana teh nya eta Al Qur-an”. Nya harita turun ayat ieu, pikeun ngabantah panuding manehna. Memang ayat-ayat Al Qur-an teh tungtungna meh kabeh murwakanti, saperti nu aya dina surat Yaasiin ieu, 12 ayat mada dina sora IM jeung 71 ayat mada dina sora IN jeung UN. Sya’ir mah ngandung hayalan jeung pamohalan meunang nganggit para ahli seni sastra, sedeng Al Qur-an mah ngandung hukum, hikmah, elmu, pituduh, pangajaran jeung i’tibar, dadamelan Nu Maha Kawasa.

70. Malar manehna mere pepeling ka sing saha nu hirup, jeung hukuman teh tanwande tumiba ka jalma-jalma nu kalafir.

Rasulullaah dipaparin Al Qur-anmalar ku anjeunna dianggo mepelingan jalma-jalma nu hirup, nya eta jalma-jalma nu iman sarta motekar akalna, rajin nungtut elmu nyungsi harti. Buah tina iman jeung elmu teh, nya eta akhlak anu mulya, nu dibuktikeun sacara nyata atawa kongkrit dina amal shaleh. Cirina jelema hirup teh, nya eta lamun iman, elmu jeung amalna geus ngajadi hiji.
Al qaulu, timbalan atawa Dawuh Gusti bakal tumiba ka kaomkafirin teh taya lian iwal ti hukuman atawa siksaan. Kecap timbalan atawa dawuh dina basa urang oge sok ngandung harti kiasan, contonan : Nu gering teh ngan kari nunggu-nunggu dawuh, saeutik harepan bosa cageur deui, nunggu-nunggu dawuh hartina nunggu-nunggu timbalan atawa panyaur ti Nu Maha Kawasa alias maot tea.

DAKWAH : SURAT YAASIIN 59 - 66

Dina tulisan nu ieu ge, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 59 nepi ka 66


59. Jeung dina poe ieu maraneh marisah yeuh jalma-jalma nu baroga dosa !

Sanggeus Gusti Allah nigas perkara sakumna ummat manusa, Manten-na maparin pangwilujeng ku dawuhan salaam ka para ahli sawarga, terus nimbalan jalma-jalma nu baroga dosa supaya misah ti nu gunuluran bagja kamanyangan, arindit ka tempat panganjrekan nu kacina hinana, nya eta naraka Jahannam sakumaha nu kaunggel dina ayat ka 63.

60. Naha lain Kami teh geus marentah ka maraneh, yeuh Bani Adam, supaya maraneh henteu nyembah setan, lantaran satemenna setan teh musuh maraneh nu geus tetela!

Timbalan Gusti Allah pikeun sakumna bani Adam supaya henteu nyembah setan, geus didugikeun ku para Rasul jeung waratsatul anbiya’. Di lembur urang ayeuna, para ulama, kiai atawa ajengan jeung para da’i atawa mubaligh, taya kendatna meupeujeuhan sangkan henteu nyembah setan. Upama urang keukeuh peuteukeuh embung digeuing, engke di aherat bakal dinaha-naha ku Nu Maha kawasa saperti nu kaunggel dina ayat ieu.
Nyembah setan teh nyaeta nyembah ka salian ti Gusti Allah, lantaran nurut kana pangajak setan. Aya keris pusaka, ceuk setan teh :”Tuh buru-buru rumat keris tuturunan ti karuhun, pusti-pusti malar bisa ngalapkaramatna. Lamun rek mitembeyan ngagarap sawah kade ulah poho nyungsumheula di sungapan, lamun rek panen kudu make sawen jeung rarakaan, ulah poho ngongkorongan pabeasan ku areuy geureung jeung omat ulah tinggaleun parukuyan pikeun ngalap berekahna Dewi Sri.”
Kitu di antarana harewaos setan nu teu ngajirim. Sakapeung setan teh sok bungkeuleukan, lamun ngagoda lalaki sok katembong geulis jangkung lenggik, kulitna hejo carulang, panon cureuleuk, buluna centik, biwir lir dalima beukah, persis ermawar mekar di tengah patamanan, matak kayungyun, matak gandrung liwung kapirangrung.
Lamun ngagoda awewe sok ngarupakeun jajaka jangkung sampulur, boga awak sampayaneun, perlente bisa make, pertentang pinter nyarita, bari kasaratan ku pangaboga, buncir leuit loba duit, nepi ka nu lenjang gampang kagembang.
Taya nu leuwih bahaya batan setan, lain sakadar baruang kanu ngarora bae, dalah nu geus cueut ka hareup ge, lamun kurang kuat iman mah, gampang kahudang rasa kadudut kalbu. Omat sing iatna,malar engke di aherat teu kaasup ka golongan nu dinaha-naha ku Nu Maha Kawasa, saperti kaunggel dina ayat nu ka 60 ieu.

61. Jeung supaya maraneh nyembah Kami. Ieu teh jalan nu lempeng.

Ulah nyembah setan, tapikudu nyembah Gusti Allah. Tah ieu jalan nu lempeng.Jalan nu lempeng teh lain jalan nu pungka-pengkol. Dina kurun Nabi Muhammad jalan nu lempeng teh nya eta agama Islam. Tapi sanajan jalanna lempeng lamun nu leumpangna sumarimpang, sarua bae jeung nu nutur-nutr jalan nu pungkal-pengkol. Sanajan agamaIslam teh agama nu lempeng, lamun jelema nu ngangken ngagem agamaIslam sumarimpang dina widang akidah jeung ubudiah,kaluar tina Al Qur-an jeung Al Hadits, sarua bae jeung nu ngagem agama nu pungkal-pengkol.

62. Jeung satemenna setan teh nyasabkeun sabagian gede ti antara maraneh. Naha ku naon maraneh henteu ngagunakeun akal pikiran ?

Dina ayat ieu disebutkeun yen manusa teh sabagian gede atawa lolobana biluk ka setan. Jadi, nu ta’at ka Gusti Allah mah sabagian leutik atawa ngan saeutik. Lamun urang nitenan ummat manusa di saantero jagat make kacamata dhahir, nu ngagem agama Islam teh sabagian leutik. Terus kaayaan ummat Islam dipaluruh sing rada telik, sigana mah leuwih loba kaum munafikin batan nu bener-bener iman. Da eta bae sa RW kira-kira kaum muslimin teh aya kana dua rebuna, tapi nu sapopoena daek kamasjid mah teu aya sapersen-sapersen na acan.
Lolobana nu ngaku ngagem agama Islam teh lamun ditanya naon hartina Islam, bakal ngabaigeug. Boloampar golongan nu ireug-talingeuh, nu geus kaasup golongan intelek oge, upama dibejaan teu meunang dahar ku leungeun kenca atawa bari nangtung, sabab nurutkeun hadits kalakuan kitu teh kalakuan setan, pokna teh : ”Dina Islam mah euweuh kabebasan, dahar-dahar bae kudu nurutkeun aturan”. Padahal Islam teh hartina pasrah sumerah ka Nu Maha Kawasa, kakarek dicarek dahar nurutan setan oge geuning geus teu aya kaikhlasan.
Sedeng setan teh dina pamungkas ayat nu ka 60 disebutkeun : ”Innahu lakum ’aduw wum mubiin”, satemenna manehna teh musuh nu geus tetela.
Cik atuh sakalieun nu baroga akal mah ulah hayang diseksek-seksek-keun ”afalam ta kuunuu ta’qiluun” naha kunaon maraneh teu ngagunakeun akal pikiran.

63. Tah ieu teh Jahannam nu geus dijangjikeun ka maraneh.
64. Pek ayeuna geura arasup ka dinya ku lantaran maraneh teh kalafir.

Upama urang ka Gusti Allah nukang nonggong tapi ka setan nyanghareup, wayahna tamaha sorangan, lamun engke di alam akherat Gusti Allah ngadawuh : ”Yeuh, ieu teh naraka Jahannam, nu geus dijangjikeun ka sing saha nu biluk ka setan. Pek geura arasup ka dinya, taur rasa bongan maraneh baredegong, teu daek nurut kana parentah Kami.” Omat ulah ngarasa diteungteuinganan, sabab tiheula ge teu kurang-kurang dipepelingan, ulah ngalajur napsu, nurut kana pangajak setan.

65. Dina poe ieu Kami nutup sungut maranehna, tapi leungeun maranehna ngaromong ka Kami, jeung suku maranehna jadi saksi ngeunaan naon-naon nu geus dilampahkeun ku maranehna.

Engke dina yaumal-hisab, sungut urang dibekem, tapi leungeun urang ngabejer-beaskeun naon-naon anu geus dipigawena, geus dipake nyabak naon, nyokot naon, ngarampaan naon, neunggeul atawa nonjok saha, jeung nuliskeun naon. Nya kitu deui suku, jadi saksi ngeunaan lalampahan urang, geus dipake leumpang kamana, nincak naon jeung najong naon.
Bisa jadi dina jero hate mah urang teh nyarita : ”Naha enya kitu, leungeun jeung suku bakal bisa cumarita ?” Lamun rada mangmang, coba tanyakeun ka pulisi nu sok ngaditeksi pakasaban kaom pancalongok, geuning tapak leungeun jeung tapak suku bangsat teh sok bisa cumarita.

66. Jeung lamun Kami miharep, pasti Kami ngaleungitkeun panenjo maranehna, sanggeus kitu maranehna teh paheula-heula nareangan jalan, tapi kumaha maranehna rek barisaeun nenjo ?

Upama kabebasan ucap jeung lampah manusa teu make wates wangen, maranehna dikumakarepkeun, rek ngomong kumaha bae jeung rek ngalakukeun naon bae, tanwande kaayaan moal saperti ayeuna. Nu kuat bakal ngaraja dewek,kaom dhu’afa bakaljadi korban kasawenang-wenangan. Manusa bakal lolong, moal bisa nenjo mana nu bener jeung mana nu salah, moal nyaho mana nu syah tur halal jeung mana nu bathal tur haram. Moal aya larangan maehan,jinah, mabok, ngadu, ngarampog jeung rupa-rupa kajahatan sarta kama’siatan. Manusa bakal balap paloba-loba harta, pagede-gede kakawasaan ku jalan kabengalan jeung kabiadaban. Maranehna moal barisaeun nenjo jalan kasalametan. Lamun seug Gusti Allah ngersakeun kitu, ngaleungitkeun panenjo ummat manusa..... sauntungna henteu, Alhamdulillaah manusa dipaparin panenjo jeung pituduh.

DAKWAH : SURAT YAASIIN 53 -58

Dina tulisan nu ieu ge, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 53 nepi ka 58


53. Taya lian nu kadenge teh iwal ti sora nu tarik sakali, nya maranehna teh harita ujug-ujug dikumpulkeun kabeh di hareupeun Kami.

Maranehna silih tanya : ”Saha nu geus wani-wani ngahudangkeun urang ?” Ayeuna dijawab dina ayat ieu : ”Taya lian nu ngahudanhkeun maraneh teh sora nu tarik kabina-bina tur ngan sakali-kalina.”
Geus kitu mah teu talangke deui maranehna teh dikumpulkeun dipayuneun Nu Maha Agung pikeun ngabalitungkeun amalna waktu rumingkang dipawenangan.

54. Nya dina poe eta moal aya nu dirugikeun saeutik oge, jeung maraneh moal meunang wawales kajaba pikeun nu geus diamalkeun ku maraneh.

Dina sidang pangadilan nu dipingpin ku Hakim Agung dina yaumiddin moal aya pilih bulu, moal aya saurang oge anu dirugikeun sanajan ngan ukur saeutik, kajeun teuing anak si jambu atah, lamun manehna soleh jeung bener-bener takwa, tanwande bakal ginuluran kabagjaan, ku Malaikat dijajapkeun ka sawarga, taman kani’matan nu endah pilih tanding. Sabalikna, kajeun raja di alam dunya, dipunjung dipuja ku balarea, lamun manehna kafir, Gusti Allah moal asa-asa nibankeun hukuman, nya eta siksa naraka kamanehna.
Ayat ieu negaskeun, yen hade atawa gorang nu bakal kaalaman ku urang di alamaherat teh gumantung kana pepelekan urang di alam dunya. Di nu kapapatenan sok diayakeun tahlilan jeung ngaji Yaa-siin, bari ngaluarkeun rupa-rupa sidekah. Cenah pikeun ngabahanan nu geus maot. Cik ayeuna bandingkeun jeung dawuhan Gusti dina pamungkas ayat ieu. Jeung kumaha ayana paham, yen ahli naraka bisa disalametkeun jadi ahli sawarga, lantaran ayaleleberan ti guru atawa syekh. Naha cocog jeung dawuhan Gusti ?

55. Satemenna dina poe eta pangeusi sawarga saruka-bungah dina pagawean maranehna.

Dina ayat ieu leuwih ditegaskeun deui yen para ahli sawarga teh sukan-sukan dina pagaweanana atawa amalna.

56. Maranehna papasangan jeung pamajikanana dariuk bari nyarande dina dipan di tempat nu iuh.

Pangeusi sawarga mah kabeh rumaja-putra jeung rumaja-putri, sanajan tadina aki-aki geus kundang iteuk, jadi jajaka nu jagjag belejag, dedeg sampe rupa hade, cangker tur sampulur. Nya kitu deui awewe, sanajan geus nini-nini kolot bongkok, bakal balik deui jadi wanoja ngora, nu geulis pilih tanding. Bujang jenglengan lelendean dina dipan nu empuk, rerendengan jeung parawan jekekan dina iuh-iuh tanjung, di tengah-tengah patamanan nu pinuh ku warna-warni kekembangan. Ret ka empang, caina herang ngagenclang, ririakan kagoyang-goyang ku lauk nu pating siriwik. Bener-bener maranehna teh ngahenang-ngahening, ngeunah nyandang ngeunah nyanding, tiis dingin paripurna. Kitu wawales ti Nu Maha Welas Maha Asih pikeun jalmajalma nu tarakwa, nu iman jeung ngamalkeun amal soleh.

57. Pikeun maranehna di sawarga aya bubuahan jeung naon bae nu dipenta ku maranehna

Di sawarga mah moal ngarasa gandrung liwung kapirangrung, sabab salawasna ruang-riung jeung nu jadi panyileukan beurang peuting, moal ngarasa lapar jeung halabhab, rupa-rupa bubuahan nu amis, seger tur seungit, teu kudu ngadagoan usumna, nya kitu deui kadaharan hayang nu kumaha bae aya,nu pelem, nu pulen, nu rangu, nu hipu, jeung nu gahar, harita dipenta harita aya. Moal aya nu bisa ngagambarkeun kasenangan di sawarga da di dinya mah taya bangsana. Sanajan ahli sastra nu geus kaceluk binangkit ngareka basa, moal bisa nataan kasenangan di alam kalangenan nu sabener-benerna.

58. ”Salaam.” Pangbagea ti Pangeran Nu Maha Welas Maha Asih.

Lamun simkuring diondang ka Pakuan, terus dibagekeun ku Pa Gupernur : ”Wilujeng sumping,mangga linggih.” Piraku teu ngarasa bungah amarwatasuta, komo upamaka Isatana, terus dibageakeun ku Bapa Presiden : ”Selamat datang, silakan duduk Pak.” Tanwande bakal ngarasa lir ibarat kagunturan madu karagragan menyan putih.
Tah ayeuna ahli sawarga diwilujengkeun ku Gusti Nu Maha Agung, cik kira-kira bisa kasawang kabungahna ? Pasti bungangang tanpa tanding, sagara upluk-aplak tampa muara tapi leuwih lega hate nu meunang pangwilujeng ti Nu Maha Rahman Rahim.

DAKWAH :SURAT YAASIIN 48 - 52

Dina tulisan nu ieu ge, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 48 nepi ka 52


48. Jeung maranehna ngaromong : ”Iraha jangji ieu teh bakal ngajadina lamun seug maraneh jelema bener ?”

Jangji Gusti Allah teh nya eta kiamat dunya jeung kiamat aherat. Dina kiamat aherat diputuskeun wawales ti Nu Maha Kawasa pikeun sakumna ummat manusa nya eta ganjaran pikeun nu ariman jeung siksaan pikeun nu kalafir.
Jalma –jalma nu kalafir lain bae arembungeun ta’at ka Gusti Allah jeung Rasul-Na, malah upama digeuing ku nu ariman supaya babalik pikir samemeh datang kiamat teh kalah sok nangtang : ”Dewek mah bosen ngedenge omongan maraneh teh, majarkeun rek aya kiamat. Ayeuna mah ulah ka bau-bau sungut, coba sebutkeun iraha kiamat teh bakal datangna, ku dewek ditungguan hayang nyaho buktina,lamun maraneh bener-bener lain tukang gedebul.

49. Taya nu didagoan ku maranehna iwal ti sora tarik ngageleger sakali nu tumiba ka maranehna, basa maranehna keur parea-rea omong.

Lamun geus numbuk diwuku ninggang di mangsa, kiamat kubra nu geus dijangjikeun ku Gusti Allah pasti tumiba. Malaikat Israfil ditimbalan niup sangkakala sakali, sorana ngageleger handaruan sajajagat kalawan dadak sakala. Jalma-jalma nu keur parea-rea omong jep jempe sapadamayan, ibarat gaang katincak. Timbul rasa kaget, reuwas, keueung jeung sieun, terus paburisat, rimeuh ku nu rawah-riwih, ribut ku nu pabaliut, maranehna bener-bener kalangkabut. Tah ieu nu ditangtang jeung ditunggu-tunggu ku jalma-jalma nu bahula teh tinangtu cunduk, tapi iraha bakal datangna, hamo aya anu terang, iwal ti Gusti Nu Maha Uninga.

50. Nya maranehna teu boga kasempetan pikeun mere wasiat jeung marulang ka kulawargana.

Kiamat dunya teh aya dua, nya eta kiamat kubra atawa kiamat total saalam dunya, jeung kiamat sughra nya eta maot sorangan-sorangan atawa maot babarengan ku ayana bencana alam, saperti nu kaalaman ku kaom Nabi Noh, kaom ’Aad, Kaom Tsamud, kaom Nabi Lut, kaom Nabi Syueb, jeung nu mindeng kajadian jaman kiwari. Tah ieu mah kiamat lokal atawa kiamat regional.
Ngabeledugna sora gunung nepika eundeur salelembur, atawa ngahiukna angin topan nu ngagelebug dibarung ku brag-brig-brugna sora gedong-gedong nu alambrug, pasti ngageumpeurkeun sakumna pangeusi lembur. Bencana alam nu ngabalukarkeun kiamat sughra kieu teh datangna teu kasangka-sangka, ku sabab eta sing saha nu nyorang tunggara hamo aya kasempetan pikeun wawsiatan ka sanak kulawargana, maranehna moal bisa marulang riung mungpulung deui jeung kaom karabatna.

51. Jeung sangkakala ditiup, nya maranehna ujug-ujug harudang kaluar ti jero kubur, gura-giru nyalampeurkeun Pangeran maranehna.

Upama Malaikat Israfil niup sangkakala kaduakalina, tah eta tandana kiamat aherat. Sakumna ahli kubur, sok sanajan geus ratusan rebu taun, ku pangersa Nu Maha Kawasa, ujug-ujug pating kuniang harudang, ngawujud raga badagna saperti baheula bihari, terus digiring ka Padang Mahsyar, pikeun nepungan Nu Maha Agung.

52. Maranehna ngaromong : ”Aduh urang teh cilaka, saha nu ngahudangkeun urang ti tempat mondok ?” Tah ieu teh nu dijangjikeun ku Nu Maha Welas Asih, jeung para Rasul teh tetela bener.

Lamun nu keur mondok dihudangkeun kalawan ngagentak, manehna bakal kaget kacida jeung siga nu linglung, komo lamun nu ngahudangkeun manehna teh bari ngagorowok atawa ngajerit.
Tah, kaayaan ahli kubur oge, waktu dihudangkeun ku sora nu tarik luar biasa teh, bakal ngarenjag bari lulungu. Sanggeus rada sadar maranehna aringeteun kana dawuhan Gusti Allah, nu didugikeun ku para Rasul, yen sabada kahirupan alam dunya teh, pasti bakal aya kahirupan alam aherat, gebeg maranehna ngagebeg, terus humandeuar : ”Aduh cilaka, naha atuh make dihudangkeun ? Keur ngeunah-ngeunah mondok, saha nu geus wani-wani ngaganggu ?”
Tah ieu teh alam aherat nu geus dijangjikeun ku Gusti Allah waktu maraneh masih rumingkang dipawenangan, nu geus ditepikeun ku para Rasul, nu ku maraneh dianggap tukang ngabohong. Tah ayeuna bukti kalawan nyata, naon-naon nu ditepikeun ku para Rasul teh tetela bener.

DAKWAH : SURAT YAASIIN 41 - 47

Dina tulisan nu ieu ge, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 41 nepi ka 47


41. Jeung hiji tanda kakawasaan Kami pikeun maranehna nya eta yen anak incu maranehna ku Kami diakut dina parahu nu pinuh ku muatan.

Bentang jarah nu mangmilyar-milyar di kolong langit alam syahadah, kabeh teu aya nu cicing, tapi teu aya nu diaradu, nu kukurilingan nyaraho jalanna sewang-sewangan, tah ieu teh ngebrehkeun ayana nu ngatur. Pikeun jalma-jalma nu ariman mah tetela naker ieu teh tanda kakawasaan Nu Maha kawasa.
Jalanna kahirupan ummat manusa teh sok ditamsilkeun nu tumpak parahu angkleung-angkleungan meuntas lautan nuju basisir pulo, nu subur ma’mur tur endah taya papadana. Ayeuna dina ayat ieu rundayan Nabi Adam nu beuki lila beuki ngarekahan, nepi ka kota Bandung oge geus heurin ku tangtung, diibaratkeun nu pasedek-sedek tumpak parahu, tapi sanajan kitu teu weleh barisa hirup, sabab moal kapati-pati dihirupan lamun henteu reujeung huripna. Kabeh diakut dina parahu ku Nu Maha Kawasa. Tah ieu oge tanda kakawasaan Manten-na.

42. Jeung pikeun maranehna Kami ngayuga nu saperti kitu nu bisa ditumpakan ku maranehna.

Ku pangersa Nu Maha Kawasa, aya beurang reujeung peuting, beurang pikeun nyiar pangupajiwa ari peuting pikeun leleson. Tapi ari tukang mayang mah, ti peuting angkleung-angkleungan dina parahu nyiar pidahareun di sagara, ti beurang ngareureuhkeun kacape saimahna-saimahna.
Aya deui tutumpakan pikeun nu usahana sok lunta ti imah, salian ti roda jeung kareta nu ditarik ku sapi jeung kuda teh, jaman kiwari mah aya beus, truk jeung kareta api. Malah pikeun ngagampangkeun nyanyabaan ka mancanagara bisa tumpak kapal udara.
Gusti Allah nyayagikeun rupa-rupa bahan kaperluan pikeun sakabeh tutumpakan jeung maparin akal ka urang. Lamun sakabeh kurnia Manten-na ku urang ditarimakeun, daek motekar mekarkeun akal, ngamangfaatkeun kakayaan alamiah, anu loba taya hinggana, Insyaa Allah urang bakal bisa hirup kalawan hurip.

43. Jeung lamun Kami miharep, maranehna tanwande ku Kami diteuleumkeun sarta moal aya nu bisa nyalametkeun maranehna.

Upama Gusti Allah ngersakeun ngabinasa manusa, saperti neuleumkeun nu keur lalayaran di laut, tanwande hamo bisa aya nu nulungan.
Musibah teh aya dua rupa, nya eta la’nat pikeun kaomkafirin, jeung cocoba atawa ujian pikeun kaom mu’minin. Jalma-jalma nu wangkelang ka Manten-na, nu pagaweanana ngayakeun huru-hara, sapantesna dibinasakeun ku Manten-na, atuh kaom mu’minin perlu diuji kaimananana, pikeun ningkatkeun darajat manehna. Ku kituna kade ulah su’uzdzhan, nyangka nu lain-lain ka Nu Maha Rahman Rahim.
Tuh ilikan, jalma-jalma nu nukang nonggong ka Manten-na, nu maratuh di nagara Biruang Merah, kapan sasatna lir parahu tilelep, atawa ibarat sapu nyere pegat simpay, paburisat aing-aingan. Kitu tah, upama Nu Maha Kawasa ngersakeun mintonkeun kakawasaana-Na, geuning ku takabur mah, asa aing lalaki langit lalanang jagat teh, buktina teu mangga pulia.
Ku sabab eta, ulah petot-petot maraqabah, ulah sawenang-wenang, mabok kakawasaan jeung ngacak-ngebur ngalajur nafsu, buru-buru ngaruru, meresihan daki, memeh diteuleumkeun ku Manten-na.

44. Kajaba rahmat jeung kasenangan ti Kami nepi kana mangsana.

Lamun hiji ummat geus ditibanan tunggara ku Nu Maha Kawasa, hamo aya nu bisa nyalametkeun maranehna, kajaba upama Manten-na ngersakeun maparin rahmat jeung kasenangan salila waktu nu geus ditangtukeun.
Inti sari ayat nu ka 41 nepi ka anu 44 ieu, ngebrehkeun kalawan tetela, yen agama Islam teh ngawengku sosiologi atawa urusan kahirupan manusa di masyarakat, jeung teknologi. Sosiologi pikeun widang moral spiritual jeung teknologi pikeun widang fisik material. Pikeun ngawangun manusa nu sampurna, sosiologi jeung teknologi teh teu bisa dipisahkeun, kudu simetris jeung harmonis. Mobil, kareta api, kapal laut jeung kapal udara, hasil para ahli teknologi,upama dimangfaatkeun ku manusa nu mulya akhlakna, Insyaa Allah ummat saantero jagat bakal ginanjar kasenangan tur rahayu salamet. Tapi lamun teu aya teknologi, kumaha bisana ummat Islam ti Priangan ngalaksanakeun niat munggah hajina tanpa tutumpakan. Sabalikna lamun kamajuan teknologi teu dibarengan ku kamajuan sosiologi, nya eta akhlak nu mulya, akibatna parahu bakal kalebuh.
Ku kituna lamun urang miharep rahmat jeung kasenangan paparin manten-na, sadiakeun mobil mulus, supir nu tunduk kana aturan, jeung panumpang nu ta’at ka Pangeran.

45. Jeung lamun dicaritakeun ka maranehna :”Maraneh kudu sieun ku nu aya dihareupeun maraneh jeung nu aya ditukangeun maraneh,malar maraneh mareunang rahmat”

Kudu sieun ku nu aya di hareupeun, nya eta siksaan nu bakal datang, boh siksaan di alam dunya boh siksaan di alam aherat. Kudu sieunku siksaan nu aya di tukangeun atawa siksaan di alam dunya sakumaha nu geus karandapan ku ummat jaman baheula, dina kurun Nabi Noh, Nabi Hud, Nabi Soleh jste.
Ayat nu ka 45 ieu, mangrupa kalimat kondisi atawa conditional clause, nu can anggeus, sabab can disambung ku akibatna. Atawa ngahaja akibatna henteu disebutkeun, lantaran ku urang geus bakal kajudi. Upama ku urang dilengkepkeun mah,kira-kira unggelna :”Jeung lamun dicaritakeun ka maranehna :”Maraneh kudu sieun kunu aya di hareupeun jeung di tukangeun maraneh, malar maraneh mereunang rahmat”, tanwande jalma-jalma nu wangkelang teh bakal ngabalieur”.

46. Jeung henteu datang hiji tanda kakawasaan tina tanda-tanda kakawasaan Pangeran maranehna ka maranehna, kajaba maranehna ngabalieur tina eta tanda kakawasaan.

Tanda-tanda kakawasaan Gusti Allah dina jaman nu geus kaliwat, di antarana banjir nu kaalaman ku ummat Nabi Noh, topan nu ngabinasakeun kaom ’Aad, lini nu ngancurkeun kaom Tsamud jeung rea-rea deui.
Jalma-jalma jaman kiwari, nu agul ku elmu jeung teknologi canggih, tapi nukang nonggong ka Yang Manon, lamun didatangan banjir, urug, topan, lini jeung gunung bitu, sarua jeung ummat jaman baheula, pating balieur arembungeun ngaku kana kakawasaan Nu Maha Kawasa, pokna teh eta mah kahayang alam.
Dibejaan kudu sieun ku siksaan saperti jaman nu geus kaliwat jeung siksaan nu bakal datang engke di alam aherat, kalah pating balieur. Ditembongan siksaan kalawan ’ainal-yaqin tetep pating balieur.

47. Jeung lamun dicaritakeun ka maranehna :”Pek nafkahkeun sabagian tina rejeki nu geus dipaparinkeun ka maraneh ku Allah”, jalma-jalma nu kalafir teh ngaromong ka jalma-jalma nu ariman :”Naha kami kudu mere dahar ka jelema nu lamun seug Allah ngersakeun, tanwande manten-na bakal maparin kadaharan ka manehna ? Maraneh teh taya lian iwal ti kasasar lampah kalawan nyata”.

Di antara kaum kafirin teh, aya golongan kufrun-nifaq atawa kaom munafikin. Lamun kaommu’minin ngabrul ka lapang rek shalat Idul Fitri atawa Idul Adha, jalma-jalma ti golongan kufrun-nifaq oge sanajan teu aya nu ngajak, sok milu sarolat. Tapi upama dititah mayar zakat maal, zakat fitrah, shadaqah jeung qurban domba, maranehna sok godeg. Ari rajeun daek nyumbang, sok aya pangarahan, malar dipuji ku nu dibarendo, atawa malar pamulang.
Kumaha lamun diajak nyumbang dahareun ka fakir-miskin atawa ka nu katunggaraan ? Pokna teh bari baketut :”Naha teu puguh-puguh kudu mere dahar ka jelema kitu ? Mun enya ge kudu dipikarunya, atuh meureun ku Allah dipaparin rejeki, da kapan cenah Manten-na teh nu Maha Welas Asih.Keun bae antep, maraneh mah bener-bener kaliru.
Tah ieu hiji ciri nu mandiri di kalangan kufrun-nifaq. Peditna beak kadaek, bari tara beakeun ekol. Aya anekdot nu kieu unina : ”Nu musapir datang ka gedongkonglomerat koret. Bari nagog deukeut panto, pok manehna nyarita :”Pasihan, juragan”. Konglomerat teh nyampeurkeun :”Euweuh duit leutik” ceuk konglomerat. ”Nu ageung oge sawios” ceuk nu musapir. ”Boro-boro nu gede, nu leutik ge teu boga,” ceuk konglomerat bari mureleng. ”Atuh nyuhunkeun anggean,” ceuk nu musapir. ”Teu boga bubututan,” ceuk konglomerat. ”Upami teu aya nu butut mah sawios nu enggal oge,” ceuk nu musapir. ”Nu butut teu boga komo nu weuteuh mah,” ceuk konglomerat. ”Nyuhunkeun dipasihan tedaeun atuh” ceuk nu musapir. ”Dahareun euweuh, inumeun euweuh,” jawabna teugeug. ”Upami teu kagungan naon-naon mah, atuh mangga ngiring sareng abdi,” ceuk nu musapir. ”Milu kamana ?” ceuk konglomerat. ”Ngider, musapir ka nu balageur,” ceuk nu musapir bari nangtung. ”Kurang ajar siah, mantog ka dituh,” ceuk konglomerat ambekeun naker.

Minggu, 04 Januari 2009

DAKWAH : TAFSIR SURAT YAASIIN 33 - 40

Dina tulisan nu ieu ge, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 33 nepi ka 40


33. Jeung hiji tanda kakawasaan pikeun maranehna nya eta marcapada nu paeh. Kami ngahirupkeun manehna, jeung Kami ngaluarkeun sisikian ti dinya, nya tina eta sisikian maranehna dalahar.

Planet-planet jeung satelit-satelit nu aya dina wewengkon hiji tata surya asalna ngahiji jeung panonpoe. Di antara plenet-planet teh nya eta marcapada, padumukan urang ayeuna. Mimitina mah panas, lila-lila kulitna jadi tiis, tapi teus ngabaketrak. Sanggeus digeyer ku cihujan, lapisan luarna jadi riduh, rada beh jero masih keneh teuas, jeung puseurna mah nepi ka ayeuna ge tetep panas, nya eta nu disebut magma tea. Kitu nurutkeun tiori para elmuwan. Ayeuna dina ayat ieu, disebutkeun marcapada teh mimitina paeh, terus ku Gusti Allah dihirupan. Lapisan luar nu tadina teuas ngabaketrak teh, sanggeus digeyer ku cihujan jadi riduh jeung subur, nepi ka lila-lila pinuh ku tutuwuhan, pikeun tatali hurip makhluk hirup, saperti manusa jeung sasatoan. Ieu teh hiji bukti anu nyata ngeunaan kakawasaan Allah Nu Maha Kawasa. Unggeling ayat ieu teh ayeuna geus kakoreh kebeneranana ku tiori para elmuwan, sakumaha nu dipedar di luhur. Kitu cara Gusti Allah ngahirupkeun marcapada nu paeh.

34. Jeung Kami ngajadikeun pirang-pirang kebon korma jeung anggur di marcapada, jeung Kami mancerkeun sababaraha cinyusu di dinya.

Al Qur-an teh diturunkeun di tanah Arab, jadi jalma-jalma nu pangheulana kadatangan ku ayat-ayat Al Qur-an teh pangeusi tanah Arab. Malar gampang kaharti sarta nyerep kana lelembutanana, conto-conto tanda kakawasaan Gusti Allah nu ditonjokeun teh sapantesnanu kasaksi ku maranehna sapopoe. Ku sabab eta, dina ayat ieu nu disebut teh kebon korma jeung kebon anggur, lain kebon kalapa atawa kebon salak nu teu aya di tanah Arab.
Tanda kakawasaan Gusti Allah nu nyata salian ti kebon, oge sababaraha cinyusu nu mancer atawa ngaburial tijero taneuh. Salah sahiji ti antarana, nyaeta nu ayeuna disebut Sumur Zam-zam, nu aya di jero Masjidil-Haram.
Ieu teh salah sahiji kaajaiban dunya, nu nepi kakiwari can bisa dicukcruk nepi kapuhuna. Sakuriling bungking sagara keusik jeung gunung batu, tapi cai sumur Zam-zam teu orot-orot, sanajan digunakeun ku jutaan manusa unggal poe. Upama caina teh rerembesan ti leuweung, di tanah Arab mah boloampar aya leuweung, nu disebut kebon ge tatangkalanana teh patarenggang, teu aya tutuwuhan nu hejo ngemploh kawas di urang. Upama eta cai teh rerembesan ti laut, naha rasana tawar henteu asin ?

35. Supaya maranehna barisaeun dalahar tina buahna, jeung tina nu diusahakeun ku leungeunna. Naha ku naon maranehna teu mulang tarima ?

Kebon korma ngahasilkeun buah korma jeung kebon anggur ngahasilkeun buah anggur. Bubuahan ieu teh taya lian iwal ti dahareun ummat manusa. Ieu teh rejeki ti Nu Maha Rahman Rahim. Tapi ulah salah sangka, kebon korma jeung kebon anggur teh bakal aya ku maneh. Kabeh ge kudu diusahakeun ku leungeun manusa, nu nangtukeun hasil henteuna mah lain manusa tapi Gusti Allah.
Lamun urang ngagarap sawah dihade-hade, urang teu meunang mastikeun bakal mucekil panen pare, sabab usaha manusa mah teu mungguhan, sanajan jadina hejolembok, saha nu nyaho upama katarajang hama, atawa kabanjiran piisukaneun dipibuatan.
Ku kituna urang ulah petot-petot mulang tarima ka Manten-na, nu geus maparin tatali hurip loba tanpa wiwilangan.
Sakali deui, nu maparin rejeki teh Gusti Allah, lain Dewi Sri, lain Bapa Buyut jeung lain Embah Jambrong. Bapa Buyut mah boloampar mere rejeki ka urang, sanajan disambat bari gogorowokan oge moal bisa ngadenge, atawa lamun seug bisaeun ngadenge oge moal bisaeun ngabulkeun pamenta urang. Geura ilikan deui surat Rum ayat nu ka 52 Juz 21, jeung surat Fathir ayat 22 Juz 22.

36. Maha Suci nu geus ngayuga sakabeh pasangan tina nu medal ti marcapada jeung ti dirina sorangan katut tina nu teu dipikanyaho ku maranehna.

Gusti Nu Maha Suci ngayuga makhluk-na teh papasangan, manusa aya awewe jeung aya lalaki, sato aya bikang jeung aya jalu atawa jago, tah ieu makhluk nu nembrak, salian ti eta aya nu teu dipikanyaho ku jalma awam, nya eta ayat-ayat kauniah, nu nyumput dina kakuatan alam,sapertilistrik diwangun ku papasangan positif jeung negatif, atom diwangun ku papasangan potron jeung electron. Malah teu mustahil masih keneh loba papasangan nu can kakoreh ku manusa, da dina panutup ayat ieu oge kaunggel : jeung nu teu dipikanyaho ku maranehna.

37. Jeung tanda kakawasaan Allah pikeun maranehna nya eta peuting. Kami nyokot beurang tina peuting, nya maranehna atuh ujug-ujug paroekeun.

Nyokot beurang tina peuting, maksudna ngaleungitkeun caang tina peuting atawa ngaganti beurang ku peuting, balukarna manusa jeung sasatoan teh paroekeun. Silih gantina beurang jeung peuting nu taya kendatna teh tanda kakawasaan Nu Maha Kawasa,lenyepaneun urang, tapi hanjakal lolobana mah api lain.

38. Jeung panon poe muter dina tempat. Kitu tah katetepan Nu Maha Gagah Perkosa tur Nu Maha Uninga.

Panon-poe teh teu cicing, tapi muih dina tempatna,nu disebut rotasi tea, dikurilingan ku marcapada dina orbitna nu ngawangun elips, nya eta buleud lonjong dina jero 365 poe 5 jam 48 menit 46 sekon, dibuleudkeun jadi 365 ¼ poe atawa sataun.
Ari sacara ’ainal-yaqin mah marcapada nu cicing, jeung panon-poe nu nguriling, isuk-isuk meletek di beulah wetan,lalaunan naek, sanggeus manceran terus lingsir ngulon, ahirna surup di beulah kuon, dina jero waktu kurang leuwih 12 jam. Beurang kasilih ku peuting lilalana sarua, kira-kira 24 jam. Tempat muter jeung waktuna geus ditetepkeunku NuMaha Gagah Perkosa turNu Maha Uninga.

39. Jeung pikeun bulan Kami geus netepkeun tempat-tempatna nepikamanehna balik deui lir langari nu geus kolot.

Langari = langgari, nyaeta gagang ranggeuyan kalapa, atawa jambe.

Upama urang nitenan bulan, tanggal sakitu tempatna teh di handap di beulah wetan, tanggal sakitu tempatna geus rada luhur, ganti poe tempatna teh ganti deuih, ti wetan ngagilir ka beulah kulon. Tanggalopat welas mah moncorong buleud saperti piring, lila-lila ngan katembong dua per tiluna, saparona nepika ahirna lir arit, nu dina pamungkas ayat ieu disebut kal ’urjuunil qadiim.
Kecap ’urjuun, dikotektak dina Kamus Abd. Bin Nuh jeung Oemar Bakry, dina Kamus Prof. H. Mahmud Yunus jeung Kamus Al-Munawir, weleh teu kapanggih. Tapi aya mufasir nu nyebutkeun tangkalkorma, sintung, gagang manggaran kalapa, gagang mayang jambe, gagang caruluk, jeung gagang turuyan cau.

40. Panon-poe teu pantes ngudag bulan, nya kitu deui peuting teu pantes miheulaan beurang. Kabeh gumilinding dina tempatna sewang-sewangan.

Panon-poe muih dina tempatna nu tetep, teu ingkah ka mana-mana, ceuk urang Inggris mah rotating. Marcapada jeung bulan oge muih saperti panon-poe, tapi bulan ngurilingan marcapada, terus duanana ngurilinganpanon-poe, tah ieu mah disebutna teh revolving.
Panon-poe, marcapada, bulan katut sakabeh planet jeung satelit nu sa-tata surya, teu aya nu kaluar ti wewengkon tata surya, oge teu aya nu silih udag atawa nu pateunggar, sabab aya daya tarik ka jero atawa centripetal jeung daya tarik kaluar atawa centrifugal.
Panon-poe teh bentang hirup nu ngabogaan cahaya jeung panas. Panon-poe tata surya urang, panasna kira-kira 6.000 darajat celcius jeung diameterna kira-kira 1.296.000 Km.
Marcapada teh planet nu paling cocog pikeun kahirupan biologis jeung botanis, nya eta manusa, sasatoan jeung tutuwuhan. Marcapada teh diwangun ku daratan 29 % jeung lautan 71 %, legana 500.000.000 Km pasagi. Ari panon-poe mah legana sarua jeung 1.300.000 kalieun marcapada.
Bulan teh satelit nu ngurilingan marcapada, saputeran lilana 29 ½ poe. Planet-planet nu sejen oge barogaeun satelit, saperti Jupiter boga 12 satelit, Saturnus boga 11, Uranus boga 5, Mars boga 2 jeung Neptunus boga 2.Kabeh planet jeung satelit muih di tempat,jeung nguriling dina falakna masing-masing, teu aya nu silih sorobot paheula-heula.
Beurang jeung peuting oge geus ngabogaan waktu sewang-sewangan, isuk-isuk timbang tarima, peuting nyerenkeun tugas ka beurang, pasosore beurang nyerenkeun tugas ka peuting.
Ieu teh sunattullah, nu moal robah jeung moal sumarimpang.



Sabtu, 03 Januari 2009

DAKWAH : SURAT YAASIIN 22 -32

Dina tulisan nu ieu mah, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 22 nepi ka 32


22. Jeung naha kuring teu nyembah Pangeran nu ngayuga kuring, jeung ka Manten-na geusan mulang maraneh.
23. Naha kuring rek nyembah para pangeran salian ti Manten-na ? Padahal upama Nu Maha Welas Asih aya pangersa nibankeun kamadharatan ka kuring, pitulung maranehna teh moal bakal aya manfaatna pikeun kuring saeutik oge, jeung maranehna teh moal bisa nyalametkeun kuring.
24. Satemenna lamun kitu kuring teh bener-bener aya dina kasasar lampah anu tetela.

Jalma nu norojol ti tepiswiring nuluykeun caritana :”Nu ngayuga kuring teh Gusti Allah. Piraku kuring rek nukang nonggong embung nyembah ka Manten-na. Yeuh dulur-dulur, bisi teu terang aranjeun teh engke bakalmaot, nya kaManten-na pisan geusan aranjeun mulang”. Kitu eusina ayat nu ka 22. Sakumna ummat manusa diyuga ku Nu Maha Kawasa, jeung ka Manten-na geusan mulang sarerea, ku kituna atuh sakuduna urang nyembah ka Manten-na, nya eta ngalaksanakeun sagala timbalan Maten-na bari ninggalkeun sagala nu dicegah ku Manten-na.
Maten-na teh Nu Maha Welas Asih jeung Nu Maha Kawasa. Upama Manten-na nibankeun musibah ka manusa, para panembahan nu sok disambat ku kaom musyrikin teh teu daya teu upaya. Ceuk jalma nu di tepiswiring teh :”Sanajan sakabeh panembahan paheuyeuk-heuyeuk leungeun ngetrukkeun tanaga jeung pangabisana pikeun nulungan urang, saeutik oge taya gunana. Maranehna cadu mungkuk bisa mere pitulung pikeun ngahadang tungggara nu ditibankeun ku Nu Maha Kawasa”.
Ieu teh omongan urang pasisian dina jamanNabi ’Isa, ana dilenyepan, terus dibanding-banding jeung rupa-rupa kajadian jaman kiwari, taya mencogna saeutik oge. Bencana alam dimana-mana, lini, gunung bitu, tanah urug, banjir, kahuruan jeung katiga entak-entakan, batan ngurangan mah kalah tambah meuweuh. Berhala-berhala nu dianggap murbawisesa teu daya teu upaya. Para inohong, nu sombong ku tehnologi canggih, teu aya hojah, nu puguh mah saukur paheuras-heuras genggerong. Boh tanaga lemes boh tanaga kasar teu aya nu bisa nyalametkeun ummat manusa tina bencana alam. Lamun seug urang daek biluk ka berhala teh tetela geuning kasasar lampah.

25. Satemenna kuring iman ka Pangeran aranjeun, nya regepkeun kuring.
26. Disebutkeun :”Pek asup ka sawarga”. Ceuk manehna :”Tada teuing alusna lamun seug kaom kuring nyarahoeun”.
27. Yen ku naon Pangeran kuring geus ngahampura kuring sarta ngajadikeun kuring salah saurang ti nu dimulyakeun.

Di hareupeun balarea, jelemanu datang ti tepiswiring teh nyarita ka utusan nu tiluan, pokna :”Sim kuring leres-leres iman ka Pangeran aranjeun, mugi ku aranjeun dikupingkeun”.
Jelema soleh ieu teh ginuluran bagja kamanyangan, manehna jadi jelema nu dimulyakeun ku Nu Maha Welas Asih, dibageakeun ku kani’matan nu mangpirang-pirang, tur endah tanpa tanding di taman kalangenan. Pangwilujeng ti para malaikat :”Haturan bagea sumping, sumangga lenggah di patamanan”.
Bener-bener manehna bungah amarwata-suta lirkagunturan madu karagragan menyan putih, sakuriling bungking pinuh ku rahmat Ilahi Rabbi, patamanan endah taya papadana, warna-warni kekembangan di mana-mana, seungitna angin-anginan. Ras inget ka batur salembur, gerentesing atina ngahelas :”Duh Gusti, tada teuing saena upami maranehna tarerangeun kana kani’matan Gusti nu dipaparinkeun ka abdi. Piraku teu kabitaeun upami maranehna naringal yen abdi kalebet kana golongan jalmi-jalmi nu dimulyakeun ku Gusti”.
Tapi kumaha kanyataanana, jalma-jalma nu hirupna medah-meduh bari nukang-nonggong ka Yang Manon teh ? persis jiga ayat nu ka 28 jeung ka 29.

28. Sabada manehna maot Kami henteu nurunkeun balatentara ti langit ka kaomna, sabab Kami ngarasa teu perlu nurunkeun wadyabala.
29. Taya lian iwal ti sora nu ngageleger sakali, nya maranehna perlaya sapada harita.

Jalma-jalma hubbuddunya, nu hirupna ngalajur nafsu taya kendatna, beuki luhur kadudukanana jeung loba hartana, batan areling nurut ka nu ngageuing mah kalah ka beuki maceuh. Pikeun numpes maranehna, Gusti Allah teu perlu ngalungsurkeun balatentara ti langit, ku sora ngageleger sakali oge, maranehna teh teu aya nu walakaya, kabeh ngadak-ngadak perlaya sapada harita.
Sora nu ngageleger handaruan teh, bisa jadi sora gunung-gunung nu baritu, bisa jadi sora gunung nu urug lantaran aya lini nu kacida rongkahna, atawa lantaran aya angin nu ngagelebug, nepi ka brag-brig-brug gedong-gedong alambruk jeung tatangkalan raruntuh pating dorokdok. Akibatna, sakabeh pangeusi kota kaurugan taneuh, katinggangan ruruntuhan gedong atawa kabuntang-banting kabawa angin, kabeh jadi babatang, saurang taya nu nyesa.

30. Eta jalma-jalma teh ngarasa kaduhung sagede gunung. Teu aya utusan nu datang ka maranehna nu henteu dijadikeun gogojakan ku maranehna.

Jalma-jalma nu gede hulu, agul ku payung butut, sanggeus katorekan ngadenge sora ngabeledug nepi ka eundeur sajajagat, kabeh samar polah, wara-wiri tagiwur teu puguh cabak. Harita maranehna bener-bener ngarasa nalangsa ku polah sorangan. Kitu manahoreng buktina, nafsu nu matak kaduhung badan anu katempuhan. Bareto mah satiap aya Rasul nu sumping masihan panggeuing, sok dijarebian jeung ditaronggengan, malah aya nu diarah-arah rek dirogahala. Ieu teh pieunteungeun pikeun urang nu masih rumingkang di pawenangan, geuning kitu balukarna nu nanduk kapara Rasul teh.

31. Naha teu diperhatikeun ku maranehna, geus sabaraha loba nuk ku Kami dibinasakeun samemeh maranehna, jeung yen nu geus binasa teh taya nu baralik deui ka maranehna ( ka alam dunya ) ?
32. Jeung satemenna masing-masing taya lian sakabehna bakal dijagragkeun di hareupeun Kami.

Ummat manusa nu wangkelang ka Gusti Allah dina sababaraha kurun samemeh kurun Nabi ’Isa, kabeh geus dibinasakeun katut rajakayana. Jeung satiap nu geus binasa, hamo aya nu bisa mulang deui ka alam dunya. Kabeh bakal dijagragkeun dina sidang pangadilan jeung ditigas perkarana, dina yaumiddin, nya eta poe ditibankeunana wawales ka sakumna Bani Adam.
Moal aya manusa nu bisa bulak-balik kaalam dunya, nitis jadi si anu atawajadi sato saperti nurutkeun agama sejen. Kade, upama urang bener-bener ngaku ngagem agama Islam, paham ayana inkarnasi jeung reinkarnasi, nitis jeung balik deui nitis ka itu ka ieu teh kudu buru-buru dipiceun, sabab eta mah lain pangajaran agama Islam. Upama urang ngaku Islam kudu bener-bener Islam-na, lamun rek kaluar tina Islam kudu sing puguh kaluarna, ulah KTP Islam tapi ari hate eusleum.









-----mmd-----

Jumat, 02 Januari 2009

DAKWAH : SURAT YAASIIN 13 - 21

Dina tulisan nu ieu mah, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 13 nepi ka 21

1. Jeung jieun hiji misil pikeun maranehna, nyaeta pangeusi hiji nagara waktu datang para utusan ka maranehna.
2. Basa kami ngutus dua jelema ka maranehna, nya nu duaan teh dituduh tukang bohong ku maranehna, nya ku Kami dikuatan ku nu katilu, terus nu tiluan teh nyarita :”Satemenna kuring sarerea nu diutus ka maraneh”.

Nurutkeun para mufasir, nagri nu dimaksud didieu teh nyaeta Inthakiyah atawa Antiochie, hiji desa atawa kota di beulah kaler Syiria. Ari utusan nu tiluan teh, nyaeta murid-murid Nabi Isa, ngaranna Yahya, Yunus jeung Syam ’un. Maranehna teh nyarita ka pangeusi eta lembur :”Kuring, nu tiluan, diutus ku Allah pikeun ngajak aranjeun nyembah kaManten-na, bari ninggalkeun panembahan aranjeun”. Ceuk maranehna :”Maraneh teh tukang bohong, akon-akon jadi utusan Allah”.

3. Maranehna ngaromong :”Maraneh teh taya lian iwal ti manusa biasa saperti kami, jeung Nu Maha Welas Asih teu ngalungsurkeun naon-naon, maraneh teh taya lian iwal ti tukang ngabarohong”.

Ceuk maranehna :”Yeuh maraneh teh akon-akon jadi utusan Allah, padahal maraneh teh manusa biasa saperti kami, cik ngeunteung, naon bedana ti kami ? Maraneh ngakukeun meunang timbalan pikeun nepikeun dawuhan Manten-na. Bohong, eta mah omongan maraneh sorangan, meunang nyieun-nyieun. Allah mah teu ngalungsurkeun naon-naon. Maraneh teh taya lian iwal tukang ngabohong malulu.

4. Maranehna nyarita :”Pangeran kuring sarerea uninga yen satemenna kuring sarerea teh bener-bener nu diutus ka maraneh”.
5. Jeung kawajiban kuring sarerea mah tayalian iwal ti nepikeun sajelas-jelasna.

Gusti Nu Maha Suci, Pangeran kuring sarerea, bener-bener Maha Uninga yen kuring nu tiluan teh utusan Manten-na pikeun nepikeun uar pangajak ka aranjeun. Wondening aranjeun teu percaya, malah nuduh tukang bohong, eta mah teu naon-naon, da kawajiban kuring mah ngan saukur nepikeun dawuhan Manten-na. Ditampa bae ku aranjeun kalawan ikhlas, pikeun sim kuring mah kacida nuhunna, da eta anu diteda, atuh bade ditolak, pikeun sim kuring mah, moal bade maksa mirusa.

6. Maranehna ngaromong :”Satemenna maraneh teh nyilakakeun kami. Bener-bener lamun maraneh teu eureun da’wah, pasti maraneh bakal dibaledogan batu ku kami, jeung maraneh enya-enya bakal ngarandapan siksaan nu kacida nyerina ti kami”.

Dina ayat ieu diebrehkeun sikep jalma-jalma nu kalafir dina jaman Nabi Isa. Ka para utusan, maranehna nganggap tukang bohong, jeung nu mawa sial picilakaeun. Terus ngancam rek ngarogahala para utusan nu tiluan. Sikep kasaar kaum kafirin ka para da’i kieu teh, masih bisa dianggap pantes, tapi nu aneh mah, jalma-jalma nu ngaku Islam, lamun dinasehatan, ulah ngadu, ulah mabok, ulah korupsi jste, sok ngarambek, saperti kaom kafirin nu kaunggel di luhur. Ku urang kudu dipaluruh, naon nu jadi marga lantaran. Naha para da’i-na nu kurang lemah-lembut, tapi sompral atawa ceplak-pahang ? Atawa memang nu ngabantahna bener-bener munafek, Islam ukur KTP na wungkul atawa bakating ku hubuddunya nepi ka ngukuhan paharaman ?
Tapi, aya nu leuwih nurustunjung mah, ongkoh nyebutkeun haram kana ngadu teh, tapi sok ngahaja namprakkeun leungeun menta bagian, tina hasil ngaduna, ari dipenta tanggung jawab ku babaturan, embungeun ngaku kana kasalahan.

7. Nu tiluan nyarita : ”Aranjeun mareunang musibah lantaran aranjeun sorangan. Naha lamun digeuing matak cilaka ? Malah aranjeun sorangan nu ngarempak wates wangen.

Kalayan teuneung ludeung tapi tetep handap asor, utusan nu tiluan teh ngabantah panuding jalma-jalma nu kalafir.
Upama urang aya nu ngelingan :”Ulah jalan kadinya, laleueur jeung loba beling, bisi cilaka”. Tapi urang teh bedegong, embung ngadenge ka nu ngageuing, akibatna tisoledat, blug labuh nepi ka nagkarak bengkang, tuur bancunur, leungeun baloboran getih, balas kakeset beling. Cik naha pantes, upama urang ngambek ka nu ngageuing :”Gara-gara maneh, geus bae dewek cilaka, kabur kaditu tong aya di dieu. Lamun ngerewih baeku aing dipepeg”. Meureun ku batur ge urang teh pada nyaleungseurikeun, jeung pada nyalahkeun :”Nurustunjung teu boga ka era, nu ha’at dipulang moha.Uyuh kadua nganuhunkeun, ieu mah kalah ngambek jeung ngancam rek nandasa”.
Kajadian sarupa kieu teh, jaman ayeuna ge loba. Laum Kiayi nu ngelingan urang teh nyarita :”Ulah ngalepatkeun abdi, da abdi mah saukur ngelingan. Eta mah lepat anjeun nyalira, da bongan teu keresa digeuing”. Meureun urang teh kalah tambah neuneu. Kitu tah lamu urang geus kausap seta.

8. Jeung aya lalaki nu datang rurusuhan ti tungtung lembur. Manehna nyarita :”Yeuh dulur-dulur, pek turut eta para utusan teh”.
9. Pek turut nu teu menta buruh ka maraneh, turta maranehna teh jalma-jalma nu mareunang pituduh.

Pangeusi kota nu hirupna medah-meduh, umumna geus poho kana purwakdaksina. Maranehna ngalajur nafsu taya kendatna, hawek, sarakah, silih tipu, ngadu,mabok jeung lalacuran. Nu beunghar nindes nu miskin, nu miskin sirikka nu beunghar. Lamun nu heureut pakeun hayang hirup nyaruaan nu beunghar, balukarna nuturkeun pangajak setan, awewenu ngarora jeung boga rupa, ngadagangkeun diri, lalaki nu jagjag waringkas rarampog jeung babadog.
Kitu kaayaan kota Inthakiyah jaman harita. Tilu utusan nu ngahaja ngajak kana jalan lempeng, ku maranehna kalah ka diancam rek ditandasa.
Ari urang pasisian mah, umumna can karacunan ku panyakit hubbuddunya, hirupna masih sauyunan, paheuyeuk-heuyeuk leungeun silih jeujeuhkeun. Salah saurang timaranehna aya nu datang ka kota, bari pok nyarita : Yeuh dulur-dulur, ieu nu tiluan teh jalma-jalma pinilih, nu ginuluran pituduh, kaselir jadi utusanpikeun nyalametkeun urang tina balai, bari teu miharep pamulang tarima naon-naon. Ku kituna hayu urang gugu piwurukna.












-----mmd-----

Kamis, 01 Januari 2009

DAKWAH : TAFSIR SURAT YAASIIN 1 - 12

Mitembeyan deui nulis dina taun anyar Hijriah, tapi ari dina ieu Blog mah taun anyarna Masehi, keun wae teu jadi masalah, ngan nu pasti, dina tulisan awal nu ieu mah, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 1 nepi ka 12

Kalayan nyebat jenengan Allah Nu Maha Welas Maha Asih.

1. Yeuh Manusa.
2. Demi Al Qur-an nu ngandung hikmah.
3. Satemenna hidep teh salah saurang ti para Rasul.
4. Dina jalan anu lempeng.
5. Nu dilungsurkeun ku Nu Maha Gagah Perkosa tur Nu Maha Welas Asih.
6. Supaya hidep ngawawadian kaom nu nini-moyangna can kungsi diwawadian, nya maranehna teh lelewodeh.
7. Satemenna geus sapantesna kalolobaan maranehna ditibanan siksaan sabab maranehna teu ariman.
8. Satemenna Kami geus ngabelenggu beuheung maranehna nepi kana gadona, nya kusabab eta maranehna teh taranggah.
9. Jeung Kami ngayakeun pipinding di hareupeun jeung ditukangeun maranehna, geus kitu maranehna ku Kami dipeungpeunan nya maranehna teh teu barisaeun nenjo.
10. Jeung pikeun maranehna mah sarua bae naha maranehna ku hidep dielingan atawa henteu, maranehna moal ariman.

Yeuh manusa, khithab ieu ditujukeun ka Rasulullah, sabab dina ayat nu ka 3 kaunggel : satemenna hidep teh salah saurang ti para Rasul.
Dina ayat anu ka 2 disebutkeun yen Al Qur-an teh ngandung hikmah, nyaeta ngandung kaarifan, kapinteran, kauntungan, kaunggulan, kawijaksanaan jeung kasakten, jadi Al Qur-an teh ngandung akidah jeung sare’at anu ngawengku panggeuing jeung hukum, malar hirup teu kaluar tina jalan anu lempeng. Rasulullah nu geus dipaparin mu’jizat nyaeta Al Qur-an, nu diwahyukeun ku Nu Maha Gagah Perkosa turNu Maha Welas Asih, dina ayat nu ka 4 ditandeskeun yen anjeunna teh aya dina jalan anu lempeng.
Al Qur-an teh lain ngan keur Rasulullah nyalira, tapi kudu disebarkeun ka balarea, ka umat manusa sajagat marcapada, mimitina ka urang Quraesy anu nini-moyangna can kungsi kasumpingan ku Rasul nu masihan pituduh jeung pepeling ka maranehna. Malar sekeselerna teu tuluy-tuluyan aya dina ireug talingeuh, nya anjeunna ditimbalan supaya ngayakeun uar pangajak ka maranehna, sangkan maranehna marilu ngahadiran majlis pangajian.
Tapi, paingan aya paribasa, nu asih dipulang sengit nu nyaah dipulang moha, urang Quraesy teh kalah ka rek ngarogahala Rasulullah. Dina hadits riwayat Abu Na’im ti Ibnu Abbas disebutkeun yen waktu Rasulullah ngaos surat As-Sajdah ditarikkeun, maranehna ngarambek, cenah ngarasa diganggu, terus ngajorag rek nyiksa anjeunna. Tapi, ku pangersa Nu Maha Kawasa, leungeun maranehna teh ujug-ujug diborogod kana pundakna, jeung kabeh ngadak-ngadak lolong. Ambek nu keur ngagudug-gudug teh leungit sapada harita, diganti ku kareuwas nu taya hinggana, pating aratog tidadalagor jeung pada babaturanana, terus pating lalengis sumolondo ka Rasulullah menta ditulungan, basana :”Abdi teh rumaos lepat, mugi keresa ngahampura, kalihna ti eta disuhunkeun sih citeres salira, mugi keresa maparin pitulung, kalayan nyebat jenengan Allah, supados abdi sadaya sae deui sakumaha baheula bihari”. Rasulullah mah da sae manah, teu aya geuneuk maleukmeuk, terus bae ngado’a ka Nu Maha Kawasa. Do’ana dikabul, urang Quraesy kabeh calageur deui. Tapi ari geus cageur kacida nurustunjungna, pating laleos teu daraekeun iman. Ku sabab eta siksaan ti Gusti Allah tanwande tumbia ka maranehna, kitu nu kaunggel dina ayat anu ka 7.
Sanggeus kitu, beuheung maranehna dibelenggu nepa kana gadona, akibatna teu barisaeun tungkul jeung luak-lieuk ka kenca-katuhu. Ku sabab eta maranehna moal barisaeun nenjo kana titincakeun, leumpangna sabulangbentor. Ieu teh ibarat pikeun nu teu ariman, hirupna nurutkeun pangajak napsu, teu nyaho batal jeung haram. Gawena tatanggahanngudag-ngudag kadunyaan malulu, geus boga gedong hiji hayang dua, geus dua hayang tilu jeung saterusna, geus jadi Ketua RW, tipoporose hayang kapilih jadi Lurah, geus jadi Lurah tisuksruk tidungdung hayang jadi Camat, geus jadi Camat dibelaan menta-menta ka kayu ka batu hayang jadi Sekda, jeung saterusna.
Jelema nu hirupna ngaberung ngagugulung nafsu, pamustunganana lir ibarat jelema nu diringkukkeun di kamer tahanan, dikurilingan ku tembok, di hareupeun tembok, di tukangeun tembok, jeung beungeut dipeungpeunan nepi ka poek mongkleng. Sanajan tafsir Al Qur-an jeung rupa-rupa buku agama disodor-sodor ge weleh teu katenjo. Kitu sari patina ayat anu ka 9.
Ana geus lolong jeung torek ditambah pireu, ”Shummun bukmun ’umyun”, lapur, dielingan atawa teu dieleingan ge sarua bae, bakal ngabadaus moal daekeun diajak kana jalan anu lempeng. Kitu unggeling ayat anu ka 10.

11. Satemenna hidep ngan bisa mere panggeuing ka jalma-jalma nu nurut kana pangajaran jeung sieun ku Nu Maha Rahman Rahim dina kayaan teu katenjo. Nya tepikeun warta pikabungaheun ka manehna ku pangampura jeung ganjaran nu mulya.

Jalma-jalma nu ireug talingeuh, nyaeta nu bodo balilu dina urusan agama tur geus dikurung ku bilik tembok kakafiran, sanajan dibere nasehat ungal usik oge, batan ngagugu mah kalah ka ngamusuhan. Yeuh Muhammad, nu ku hidep bisa diajak ruang-riung jeung daekeun dibere panggeuing mah, ngan jelema nu daekeun nurut kana pangajaran nu kaunggel dina Al Qur-an, jalam nu ajrih ku Allah, ssanajan bari teu katenjoeun ku manehna. Ka jalma saperti kitu, pek tepikeun warta pikabungaheun, nyaeta manehna bakal ginuluran pangampura jeung ganjaran anu mulya, nyaeta kani’matan di sawarga.

12. Satemenna kami nu ngahirupkeun nu maot jeung nuliskeun nu dilampahkeun ku maranehna jeung tapak-lacak maranehna. Jeung sagala rupaku Kami dicatet dina Kitab anu jelas.

Allah ngahirupkeun nu maot, nurutkeun harti hakiki, Manten-na ngahirupkeun para ahli kubur engke di alam akherat, jeung sacara majazi, Mantenna maparin taufiq jeung hidayah ka jelema nu maot pikiranana, asal poek pikir jadi caang pikir, asal kafir jadi iman.
Allah nuliskeun nu dilampahkeun ku maranehna, sagala amal manusa di alam dunya, boh nu alus boh nu goreng, boh gede boh leutik, imeut dicatet ku malaikat Raqib jeung Atid.
Allah nuliskeun tapak-lacak maranehna, tapak teh urur nincak atawa lemesna mah patilasan tea, nurutkeun harti majazi mah, nyaeta rupa-rupa usaha nu ditinggalkeun. Lamun urang ngawakafkeun, masjid, rumah sakit, sakola, taman bacaan, atawa milu gotong-royong ngadegkeun rupa-rupa sarana dina jalan fii sabilillah, kabeh bakal ngocorkeun ganjaran ka urang, nu pasti bakal dituliskeun dina Kitab, pikeun dibalitungkeun engke di yaumil-hisab. Nya kitu deui, lamun urang ninggalkeun usaha anu nimbulkeun dosa, saperti nyieun tempat pangaduan atawa organisasi pangaduan, tempat palacuran, pabrik inuman keras, jste, dosana bakal ngocor terus ka urang, jeung pasti dicatet dina Kitab, pikeun dibalitungkeun engke di yaumil-hisab.
Ari nurutkeun harti hakiki mah keiu unggelna, dina Hadits Riwayat At-Tirmidzi ti Abi Sa’id Al-Khudri : banu Salamah imahna di wates kota Madinah, manehna boga maksud rek pindah ka deukeut masjid. Harita turun ayat ieu nu nandeskeun, yen satiap tapak ngalengkah jeung ucap dina waktu indit ka masjid, pasti dicatet ku Gusti Allah. Nya harita Rasulullah masihan nasehat ka Banu Salamah :”Satemenna urut tapak suku hidep waktu indit ka masjid, dicatet kuAllah SWT. Leuwih hade henteu pindah ti tempat ayeuna”.







-----mmd-----

MUKA LAMBARAN ANYAR DINA TAUN 2009

Libur keneh barudak sakola mah ayeuna teh, tanggal 12 Januari 2009 karek arasupna deui sakola dina semester anyar, akhir Desember teh dibaragi Rapot, sarua jeung mahasiswa samemeh dibagi Rapot teh aya heula UAS, ujian ahir semester, nu matak jadi reueus teh, awalna mah pedah kapapancenan kudu ngajar Basa Sunda disalah sahaji sakola lanjutan, lain pedah pendidikan ti Jurusan Basa Sunda, wuuuh ... jauh tanah ka langit, jigana mah nu ditingalina teh pedah tiheula sok aya tulisan-tulisan anu dimuat dina Majalah ”Mangle”, jeung kasebutna sok mere kuliah, terus weh dipentaan tulung ku tatangga mun aya keneh waktu mah, pangajarkeun Basa Sunda cenah, pondok carita ditarima weh.
Balik deui kanu jadi kareueus tea, dina ujian ahir semester teh, ngahaja nyieun soal anu jawabanana kudu ditulis ku aksara Sunda ”Kaganga” tea, ngan supaya siswa teu heseeun ngajawabna, ngahaja dilampirkeun koncina, ngahaja deuih runtuyan abjad na ge nu geus ku komputer tea, angkanan teh asal siswa bisa nuliskeunana we heulaanan, da ari sina ditalar mah, kacipta ti awal keneh moal pati bisaeun, bubuhan ngajar aksara Sunda teh ukur ku waktu dua minggu beres, inget keur dina Pelatihan Pa Yus Rusyana ngomat-ngomatan, asal siswa resepeun we heulaanan, cenah.
Bubar ujian, para guru anu ngawas ujian, nyalampeurkeun malah aya nu togmol pisan, hayang ningali pelajaran Aksara Sunda leuwih deukeut cenah, pedah baheula arinyana nyaho aksara Sunda teh ”Hanacaraka” we, ”Cacarakan” tea. Diterangkan eta ge ”Hanacaraka” mah Aksara Jawa lain Aksara Sunda, bari dina jero hate mah kuring ge nyeungseurikeun maneh, da sorangan ge karek engeuh teh anyar-anyar ieu we, pedah eta ge pernah milu Penataran Basa Daerah di Lembang.
Reueus teh, barudak katingali daria ngajawab soalna, meureun resepeun nu matak kitu ge, oge ti lingkungan masyarakat, sanajan saeutik aya keneh nu merhatikeunana, ngan jigana ka para tokoh jeung inohong Sunda, kudu leuwih soson-soson deui mekarkeun aksara Sunda, sangkan masyarakat Sunda leuwih apal kana aksara Sunda-na, komo mun dibantu ku Pamarentah Daerah-na mah, da geuning di daerah Jawa mah, ngaran-ngaran jalan ge ditulis ku aksara Jawa, najan handapeunnana. Matak naon di urang ge kitu.
-----mmd-----