Kamis, 01 Januari 2009

DAKWAH : TAFSIR SURAT YAASIIN 1 - 12

Mitembeyan deui nulis dina taun anyar Hijriah, tapi ari dina ieu Blog mah taun anyarna Masehi, keun wae teu jadi masalah, ngan nu pasti, dina tulisan awal nu ieu mah, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 1 nepi ka 12

Kalayan nyebat jenengan Allah Nu Maha Welas Maha Asih.

1. Yeuh Manusa.
2. Demi Al Qur-an nu ngandung hikmah.
3. Satemenna hidep teh salah saurang ti para Rasul.
4. Dina jalan anu lempeng.
5. Nu dilungsurkeun ku Nu Maha Gagah Perkosa tur Nu Maha Welas Asih.
6. Supaya hidep ngawawadian kaom nu nini-moyangna can kungsi diwawadian, nya maranehna teh lelewodeh.
7. Satemenna geus sapantesna kalolobaan maranehna ditibanan siksaan sabab maranehna teu ariman.
8. Satemenna Kami geus ngabelenggu beuheung maranehna nepi kana gadona, nya kusabab eta maranehna teh taranggah.
9. Jeung Kami ngayakeun pipinding di hareupeun jeung ditukangeun maranehna, geus kitu maranehna ku Kami dipeungpeunan nya maranehna teh teu barisaeun nenjo.
10. Jeung pikeun maranehna mah sarua bae naha maranehna ku hidep dielingan atawa henteu, maranehna moal ariman.

Yeuh manusa, khithab ieu ditujukeun ka Rasulullah, sabab dina ayat nu ka 3 kaunggel : satemenna hidep teh salah saurang ti para Rasul.
Dina ayat anu ka 2 disebutkeun yen Al Qur-an teh ngandung hikmah, nyaeta ngandung kaarifan, kapinteran, kauntungan, kaunggulan, kawijaksanaan jeung kasakten, jadi Al Qur-an teh ngandung akidah jeung sare’at anu ngawengku panggeuing jeung hukum, malar hirup teu kaluar tina jalan anu lempeng. Rasulullah nu geus dipaparin mu’jizat nyaeta Al Qur-an, nu diwahyukeun ku Nu Maha Gagah Perkosa turNu Maha Welas Asih, dina ayat nu ka 4 ditandeskeun yen anjeunna teh aya dina jalan anu lempeng.
Al Qur-an teh lain ngan keur Rasulullah nyalira, tapi kudu disebarkeun ka balarea, ka umat manusa sajagat marcapada, mimitina ka urang Quraesy anu nini-moyangna can kungsi kasumpingan ku Rasul nu masihan pituduh jeung pepeling ka maranehna. Malar sekeselerna teu tuluy-tuluyan aya dina ireug talingeuh, nya anjeunna ditimbalan supaya ngayakeun uar pangajak ka maranehna, sangkan maranehna marilu ngahadiran majlis pangajian.
Tapi, paingan aya paribasa, nu asih dipulang sengit nu nyaah dipulang moha, urang Quraesy teh kalah ka rek ngarogahala Rasulullah. Dina hadits riwayat Abu Na’im ti Ibnu Abbas disebutkeun yen waktu Rasulullah ngaos surat As-Sajdah ditarikkeun, maranehna ngarambek, cenah ngarasa diganggu, terus ngajorag rek nyiksa anjeunna. Tapi, ku pangersa Nu Maha Kawasa, leungeun maranehna teh ujug-ujug diborogod kana pundakna, jeung kabeh ngadak-ngadak lolong. Ambek nu keur ngagudug-gudug teh leungit sapada harita, diganti ku kareuwas nu taya hinggana, pating aratog tidadalagor jeung pada babaturanana, terus pating lalengis sumolondo ka Rasulullah menta ditulungan, basana :”Abdi teh rumaos lepat, mugi keresa ngahampura, kalihna ti eta disuhunkeun sih citeres salira, mugi keresa maparin pitulung, kalayan nyebat jenengan Allah, supados abdi sadaya sae deui sakumaha baheula bihari”. Rasulullah mah da sae manah, teu aya geuneuk maleukmeuk, terus bae ngado’a ka Nu Maha Kawasa. Do’ana dikabul, urang Quraesy kabeh calageur deui. Tapi ari geus cageur kacida nurustunjungna, pating laleos teu daraekeun iman. Ku sabab eta siksaan ti Gusti Allah tanwande tumbia ka maranehna, kitu nu kaunggel dina ayat anu ka 7.
Sanggeus kitu, beuheung maranehna dibelenggu nepa kana gadona, akibatna teu barisaeun tungkul jeung luak-lieuk ka kenca-katuhu. Ku sabab eta maranehna moal barisaeun nenjo kana titincakeun, leumpangna sabulangbentor. Ieu teh ibarat pikeun nu teu ariman, hirupna nurutkeun pangajak napsu, teu nyaho batal jeung haram. Gawena tatanggahanngudag-ngudag kadunyaan malulu, geus boga gedong hiji hayang dua, geus dua hayang tilu jeung saterusna, geus jadi Ketua RW, tipoporose hayang kapilih jadi Lurah, geus jadi Lurah tisuksruk tidungdung hayang jadi Camat, geus jadi Camat dibelaan menta-menta ka kayu ka batu hayang jadi Sekda, jeung saterusna.
Jelema nu hirupna ngaberung ngagugulung nafsu, pamustunganana lir ibarat jelema nu diringkukkeun di kamer tahanan, dikurilingan ku tembok, di hareupeun tembok, di tukangeun tembok, jeung beungeut dipeungpeunan nepi ka poek mongkleng. Sanajan tafsir Al Qur-an jeung rupa-rupa buku agama disodor-sodor ge weleh teu katenjo. Kitu sari patina ayat anu ka 9.
Ana geus lolong jeung torek ditambah pireu, ”Shummun bukmun ’umyun”, lapur, dielingan atawa teu dieleingan ge sarua bae, bakal ngabadaus moal daekeun diajak kana jalan anu lempeng. Kitu unggeling ayat anu ka 10.

11. Satemenna hidep ngan bisa mere panggeuing ka jalma-jalma nu nurut kana pangajaran jeung sieun ku Nu Maha Rahman Rahim dina kayaan teu katenjo. Nya tepikeun warta pikabungaheun ka manehna ku pangampura jeung ganjaran nu mulya.

Jalma-jalma nu ireug talingeuh, nyaeta nu bodo balilu dina urusan agama tur geus dikurung ku bilik tembok kakafiran, sanajan dibere nasehat ungal usik oge, batan ngagugu mah kalah ka ngamusuhan. Yeuh Muhammad, nu ku hidep bisa diajak ruang-riung jeung daekeun dibere panggeuing mah, ngan jelema nu daekeun nurut kana pangajaran nu kaunggel dina Al Qur-an, jalam nu ajrih ku Allah, ssanajan bari teu katenjoeun ku manehna. Ka jalma saperti kitu, pek tepikeun warta pikabungaheun, nyaeta manehna bakal ginuluran pangampura jeung ganjaran anu mulya, nyaeta kani’matan di sawarga.

12. Satemenna kami nu ngahirupkeun nu maot jeung nuliskeun nu dilampahkeun ku maranehna jeung tapak-lacak maranehna. Jeung sagala rupaku Kami dicatet dina Kitab anu jelas.

Allah ngahirupkeun nu maot, nurutkeun harti hakiki, Manten-na ngahirupkeun para ahli kubur engke di alam akherat, jeung sacara majazi, Mantenna maparin taufiq jeung hidayah ka jelema nu maot pikiranana, asal poek pikir jadi caang pikir, asal kafir jadi iman.
Allah nuliskeun nu dilampahkeun ku maranehna, sagala amal manusa di alam dunya, boh nu alus boh nu goreng, boh gede boh leutik, imeut dicatet ku malaikat Raqib jeung Atid.
Allah nuliskeun tapak-lacak maranehna, tapak teh urur nincak atawa lemesna mah patilasan tea, nurutkeun harti majazi mah, nyaeta rupa-rupa usaha nu ditinggalkeun. Lamun urang ngawakafkeun, masjid, rumah sakit, sakola, taman bacaan, atawa milu gotong-royong ngadegkeun rupa-rupa sarana dina jalan fii sabilillah, kabeh bakal ngocorkeun ganjaran ka urang, nu pasti bakal dituliskeun dina Kitab, pikeun dibalitungkeun engke di yaumil-hisab. Nya kitu deui, lamun urang ninggalkeun usaha anu nimbulkeun dosa, saperti nyieun tempat pangaduan atawa organisasi pangaduan, tempat palacuran, pabrik inuman keras, jste, dosana bakal ngocor terus ka urang, jeung pasti dicatet dina Kitab, pikeun dibalitungkeun engke di yaumil-hisab.
Ari nurutkeun harti hakiki mah keiu unggelna, dina Hadits Riwayat At-Tirmidzi ti Abi Sa’id Al-Khudri : banu Salamah imahna di wates kota Madinah, manehna boga maksud rek pindah ka deukeut masjid. Harita turun ayat ieu nu nandeskeun, yen satiap tapak ngalengkah jeung ucap dina waktu indit ka masjid, pasti dicatet ku Gusti Allah. Nya harita Rasulullah masihan nasehat ka Banu Salamah :”Satemenna urut tapak suku hidep waktu indit ka masjid, dicatet kuAllah SWT. Leuwih hade henteu pindah ti tempat ayeuna”.







-----mmd-----

Tidak ada komentar: