Rabu, 07 Januari 2009

DAKWAH : SURAT YAASIIN 71 - 76

Dina tulisan nu ieu ge, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 71 nepi ka 76

71. Jeung naha maranehna teh tara merhatikeun yen Kami geus ngayuga ingon-ingon sabagian tina usaha leungeun Kami pikeun maranehna, nya saterusna dipibanda kumaranehna ?

Aidiinaa, hartina leungeun Kami, tapi ari sacara majazi mah kakawasaan Kami, Aidin jama’ tina yadun, dina basa Sunda leungeun, dina basa Indonesia tangan, dina basa Inggris hands jeung dina basa Walanda handen, geus biasa dipake dina harti majazi, contona :
a. Asa pingges leungeun katuhu. Hartina : ngarasa beurat sabab ditinggalkeun ku jelema nu sok ngabantu dina pagawean sapopoe.
b. Di bawah tangan orang. Hartina : Dina kakawasaan nu sejen.
c. A dictator rules with an iron hand. Hartina : Diktaor marentah make kakerasan.
d. In ’s vijands handen vallen. Hartina : sabagian amal nu dihasilkeun ku kakawasaan Kami.
Di antara ingon-ingon nu dicipta ku Nu Maha Kawasa nu saterusna dipibanda jeung aya dina kakawasaan manusa teh nya eta embe. Mun ku urang dititenan kalawan anteb, embe teh gede kacida manfaatna, cisusuna pikeun inumeun, kokotorna pikeun gemuk, jeung buluna pikeun pakean. Upama dipeuncit, dagingnapikeun dahareun, tulang jeung tandukna dipake bahan pikeun kancing, sisir jste, jeung kulitna pikeun bahan sapatu, kantong jeung rea-rea deui. Kakarek embe, geus sakitu gede manfaatna, encan munding, sapi, kuda, onta jeung kalde.
Lamun urang leukeun ngalenyepan mah piraku sugan teu hayang mulang tarima ka Nu Maha Welas Asih.

72. Jeung Kami meruhkeun ingon-ingon pikeun maranehna, nya sabagian ti antarana dipake tutumpakan maranehna, jeung sabagian deui didalahar kumaranehna.

Ku pangersa Nu Maha Kawasa sabagian tina sasatoan teh aya nu lindeuk nepi ka bisa dipakihi ( diutuh-etah ) ku manusa. Kajeun teuing gede waruga gede tanaga, saperti gajah, onta, kuda, sapi jeung munding, dikuah-kieuh ku budak leutik ge teu weleh nurut. Kai pulukan sagede-gede beuteung munding meunang nuaran di leuweung, lamun henteu dipalidkeun sok digusuran ku gajah. Padati jeung wuluku atawa singkal, sok ditarik ku sapi jeung munding. Delman, sado atawa kahar, jeung andong sok ditarik ku kuda. Salian ti ata, gajah, onta, kuda jeung kalde sok dijadikeun tutumpakan.
Nu geus ilahar dipeuncit di lembur urang mah sapi, munding jeung embe, ditanah Arab mah onta ge sok dipeuncit. Malar bisa dililakeun,daging peupeuncitan teh sok didengdeng, dikere, jeung dijieun abon, malah aya nu dikalengan, nu sok disebut kornet tea. Tah sakitu manfaatna ingon-ingon teh.

73. Jeung tina ingon-ingon teh maranehna mareunang rupa-rupa manfaat jeung inuman. Nya naha maranehna teh henteu mulang tarima ?

Rupa-rupa manfaat ingon-ingon geus ditataan dina ayat-ayat di luhur. Urang bisa nyieun wol tina bulu domba pikeun bahan pakean atawa simbut. Lamun urang keur salesma, karasa pisan manfaatna baju haneut jeung halesduk nu dijieun tina wol. Lamun urang make setelan tina wol buatan Inggris, rarasaan teh asa jadi jelema panggindingna, tapi hanjakal lolobana mah sok poho ka Nu Maha Rahman Rahim nu geus mamaprin kani’matan sakitu gedena.Make setelan wol jeung sapatu kulit nu pang-alusna teh lamun rekindit ka tempat ma’siat we, saperti ka tempat disko, ari rarajeunan indit ka masjid mah cukup ku kaos sangsang jeung baju kampret.
Ku naon atuh urang teh teu mulang tarima ka Nu Maha Welas Asih ?

74. Jeung maranehna nyarambat sababaraha pangera salian ti Allah malar maranehna mareunang pitulung.

Lamun di luar ummat Islam sok aya nu nyembah jeung nyambat berhala bari nyuguhkeun hayam ka nu ngageugeuh kawah Gunung Bromo, atawa nyuguhkeun bakakak embe ka Tapekong,ku urang bisa dianggap pantes, da maranehna mah lain ummat Islam. Tapi nu sok matak hemeng mah, tingkah laku sabagian ummat Islam, dina upacara ngadegkeun, sok nyuguhkeun hulu munding, sapi atawa embe, ka nu ngageugeuh lembur, pokna teh malar rahayu salamet, dina hahajatan saperti ngawinkeun jeung sunatan sok aya nu nyuguhkeun sasajen dina ancak, digantungkeun di handapeun jure atawa di juru pakarangan.
Ngaku Islam tapi nyembah jeung muntang ka salian ti Gusti Allah, menta panangtayungan jeung pitulung ka berhala. Padahal surat Yaasiin teh pangrarisna dibaca dipilemburan mah, tapi ari kalakuan tojaiah jeung eusi nu dibacana. Naha lantaran teu ngarti kitu ? atawa lantaran geus kapanguruhan ku kayakinan sejen ? Leuleugeur atuh ari ngaku ngagem agama Islam bari geus dibuder sorban atawa dibendomah, ulah siga nu buta tuli teuing.

75. Berhala-berhala teh teu kawasa mere pitulung ka maranehna, malah maranehna sorangan dijadikeun balatentara kudu hadir ngemitan berhala.
Sanajan ngaku ngagem agama Islam bari tara ninggalkeun nu lima waktu jeung puasa dina bulan Ramadhan, sarta kungsi munggah haji, lamun sok nyembah jeung nyambat ka salian ti Gusti Allah, naha kana jimat, naha ka dewa, naha ka para wali atawa para Nabi, tetp kaasup ka golongan musyrikin, sabab dawuhan Gusti Allah dina ayat ka 74 ; ”wat takhaduu min duunillaahi aalihah” salian ti Allah, sakali deui, salian ti Allah, naon bae atawa saha bae haram disembah jeung disambat. Nu sok disembah jeung disambat salian ti Allah ngaranna berhala, nu teu bogaeun kakawasaan naon-naon pikeun mere rejeki di alam dunya jeung pikeun nyalametkeun para panganutna tina naraka. Malah sabalikna,para panganut berhala bakal karoroncodan, dina pamungkas ayat ieu disebutkeun ”Wa hum lahum jundum muh dharuun” maranehna kudu hadir jadi balatentara ngemitan berhala.

76. Ku kituna hidep teu kudu sedih ku omongan maranehna. Satemenna Kami nyaho naon-naon nu dirahasiahkeun jeung nu deitembrakkeun ku maranehna.

Pamoyok jeung panghina ti kaom kafirinka Rasulullah teh rupa-rupa tur taya mingena. Pikeun panglejar manah anjeunna, Gusti Allah ngalungsurkeun ayat ieu. Lamun indung ka anak mah ngabeberahna teh kieu : ”Keun bae antep Jang, entong didenge entong dilayanan, karo-karo gelo. Ujang teuperlu nyeri hate da teu tuah teu dosa, engke ge tamiang meulit ka bitis. Ema katut batur salembur ge nyaho yen omongan maranehna teh fitnah malulu.” Piraku upama direrema ku Ema saperti kitu henteu kaubaram.Komo deui lamun dililipur ku Nu Maha Agung mah,kanyeri kapeurih tanwande leungit sapadamayan.



Tidak ada komentar: