Rabu, 07 Januari 2009

DAKWAH :SURAT YAASIIN 48 - 52

Dina tulisan nu ieu ge, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 48 nepi ka 52


48. Jeung maranehna ngaromong : ”Iraha jangji ieu teh bakal ngajadina lamun seug maraneh jelema bener ?”

Jangji Gusti Allah teh nya eta kiamat dunya jeung kiamat aherat. Dina kiamat aherat diputuskeun wawales ti Nu Maha Kawasa pikeun sakumna ummat manusa nya eta ganjaran pikeun nu ariman jeung siksaan pikeun nu kalafir.
Jalma –jalma nu kalafir lain bae arembungeun ta’at ka Gusti Allah jeung Rasul-Na, malah upama digeuing ku nu ariman supaya babalik pikir samemeh datang kiamat teh kalah sok nangtang : ”Dewek mah bosen ngedenge omongan maraneh teh, majarkeun rek aya kiamat. Ayeuna mah ulah ka bau-bau sungut, coba sebutkeun iraha kiamat teh bakal datangna, ku dewek ditungguan hayang nyaho buktina,lamun maraneh bener-bener lain tukang gedebul.

49. Taya nu didagoan ku maranehna iwal ti sora tarik ngageleger sakali nu tumiba ka maranehna, basa maranehna keur parea-rea omong.

Lamun geus numbuk diwuku ninggang di mangsa, kiamat kubra nu geus dijangjikeun ku Gusti Allah pasti tumiba. Malaikat Israfil ditimbalan niup sangkakala sakali, sorana ngageleger handaruan sajajagat kalawan dadak sakala. Jalma-jalma nu keur parea-rea omong jep jempe sapadamayan, ibarat gaang katincak. Timbul rasa kaget, reuwas, keueung jeung sieun, terus paburisat, rimeuh ku nu rawah-riwih, ribut ku nu pabaliut, maranehna bener-bener kalangkabut. Tah ieu nu ditangtang jeung ditunggu-tunggu ku jalma-jalma nu bahula teh tinangtu cunduk, tapi iraha bakal datangna, hamo aya anu terang, iwal ti Gusti Nu Maha Uninga.

50. Nya maranehna teu boga kasempetan pikeun mere wasiat jeung marulang ka kulawargana.

Kiamat dunya teh aya dua, nya eta kiamat kubra atawa kiamat total saalam dunya, jeung kiamat sughra nya eta maot sorangan-sorangan atawa maot babarengan ku ayana bencana alam, saperti nu kaalaman ku kaom Nabi Noh, kaom ’Aad, Kaom Tsamud, kaom Nabi Lut, kaom Nabi Syueb, jeung nu mindeng kajadian jaman kiwari. Tah ieu mah kiamat lokal atawa kiamat regional.
Ngabeledugna sora gunung nepika eundeur salelembur, atawa ngahiukna angin topan nu ngagelebug dibarung ku brag-brig-brugna sora gedong-gedong nu alambrug, pasti ngageumpeurkeun sakumna pangeusi lembur. Bencana alam nu ngabalukarkeun kiamat sughra kieu teh datangna teu kasangka-sangka, ku sabab eta sing saha nu nyorang tunggara hamo aya kasempetan pikeun wawsiatan ka sanak kulawargana, maranehna moal bisa marulang riung mungpulung deui jeung kaom karabatna.

51. Jeung sangkakala ditiup, nya maranehna ujug-ujug harudang kaluar ti jero kubur, gura-giru nyalampeurkeun Pangeran maranehna.

Upama Malaikat Israfil niup sangkakala kaduakalina, tah eta tandana kiamat aherat. Sakumna ahli kubur, sok sanajan geus ratusan rebu taun, ku pangersa Nu Maha Kawasa, ujug-ujug pating kuniang harudang, ngawujud raga badagna saperti baheula bihari, terus digiring ka Padang Mahsyar, pikeun nepungan Nu Maha Agung.

52. Maranehna ngaromong : ”Aduh urang teh cilaka, saha nu ngahudangkeun urang ti tempat mondok ?” Tah ieu teh nu dijangjikeun ku Nu Maha Welas Asih, jeung para Rasul teh tetela bener.

Lamun nu keur mondok dihudangkeun kalawan ngagentak, manehna bakal kaget kacida jeung siga nu linglung, komo lamun nu ngahudangkeun manehna teh bari ngagorowok atawa ngajerit.
Tah, kaayaan ahli kubur oge, waktu dihudangkeun ku sora nu tarik luar biasa teh, bakal ngarenjag bari lulungu. Sanggeus rada sadar maranehna aringeteun kana dawuhan Gusti Allah, nu didugikeun ku para Rasul, yen sabada kahirupan alam dunya teh, pasti bakal aya kahirupan alam aherat, gebeg maranehna ngagebeg, terus humandeuar : ”Aduh cilaka, naha atuh make dihudangkeun ? Keur ngeunah-ngeunah mondok, saha nu geus wani-wani ngaganggu ?”
Tah ieu teh alam aherat nu geus dijangjikeun ku Gusti Allah waktu maraneh masih rumingkang dipawenangan, nu geus ditepikeun ku para Rasul, nu ku maraneh dianggap tukang ngabohong. Tah ayeuna bukti kalawan nyata, naon-naon nu ditepikeun ku para Rasul teh tetela bener.

Tidak ada komentar: