Rabu, 07 Januari 2009

DAKWAH : SURAT YAASIIN 41 - 47

Dina tulisan nu ieu ge, ngahaja nyutat tina buku ”Ayat Suci Lenyepaneun” karangan Moh. E. Hasim. Sakalian pikeun da’wah.

TAFSIR & TARJAMAH SURAT YAA-SIIN
Ayat 41 nepi ka 47


41. Jeung hiji tanda kakawasaan Kami pikeun maranehna nya eta yen anak incu maranehna ku Kami diakut dina parahu nu pinuh ku muatan.

Bentang jarah nu mangmilyar-milyar di kolong langit alam syahadah, kabeh teu aya nu cicing, tapi teu aya nu diaradu, nu kukurilingan nyaraho jalanna sewang-sewangan, tah ieu teh ngebrehkeun ayana nu ngatur. Pikeun jalma-jalma nu ariman mah tetela naker ieu teh tanda kakawasaan Nu Maha kawasa.
Jalanna kahirupan ummat manusa teh sok ditamsilkeun nu tumpak parahu angkleung-angkleungan meuntas lautan nuju basisir pulo, nu subur ma’mur tur endah taya papadana. Ayeuna dina ayat ieu rundayan Nabi Adam nu beuki lila beuki ngarekahan, nepi ka kota Bandung oge geus heurin ku tangtung, diibaratkeun nu pasedek-sedek tumpak parahu, tapi sanajan kitu teu weleh barisa hirup, sabab moal kapati-pati dihirupan lamun henteu reujeung huripna. Kabeh diakut dina parahu ku Nu Maha Kawasa. Tah ieu oge tanda kakawasaan Manten-na.

42. Jeung pikeun maranehna Kami ngayuga nu saperti kitu nu bisa ditumpakan ku maranehna.

Ku pangersa Nu Maha Kawasa, aya beurang reujeung peuting, beurang pikeun nyiar pangupajiwa ari peuting pikeun leleson. Tapi ari tukang mayang mah, ti peuting angkleung-angkleungan dina parahu nyiar pidahareun di sagara, ti beurang ngareureuhkeun kacape saimahna-saimahna.
Aya deui tutumpakan pikeun nu usahana sok lunta ti imah, salian ti roda jeung kareta nu ditarik ku sapi jeung kuda teh, jaman kiwari mah aya beus, truk jeung kareta api. Malah pikeun ngagampangkeun nyanyabaan ka mancanagara bisa tumpak kapal udara.
Gusti Allah nyayagikeun rupa-rupa bahan kaperluan pikeun sakabeh tutumpakan jeung maparin akal ka urang. Lamun sakabeh kurnia Manten-na ku urang ditarimakeun, daek motekar mekarkeun akal, ngamangfaatkeun kakayaan alamiah, anu loba taya hinggana, Insyaa Allah urang bakal bisa hirup kalawan hurip.

43. Jeung lamun Kami miharep, maranehna tanwande ku Kami diteuleumkeun sarta moal aya nu bisa nyalametkeun maranehna.

Upama Gusti Allah ngersakeun ngabinasa manusa, saperti neuleumkeun nu keur lalayaran di laut, tanwande hamo bisa aya nu nulungan.
Musibah teh aya dua rupa, nya eta la’nat pikeun kaomkafirin, jeung cocoba atawa ujian pikeun kaom mu’minin. Jalma-jalma nu wangkelang ka Manten-na, nu pagaweanana ngayakeun huru-hara, sapantesna dibinasakeun ku Manten-na, atuh kaom mu’minin perlu diuji kaimananana, pikeun ningkatkeun darajat manehna. Ku kituna kade ulah su’uzdzhan, nyangka nu lain-lain ka Nu Maha Rahman Rahim.
Tuh ilikan, jalma-jalma nu nukang nonggong ka Manten-na, nu maratuh di nagara Biruang Merah, kapan sasatna lir parahu tilelep, atawa ibarat sapu nyere pegat simpay, paburisat aing-aingan. Kitu tah, upama Nu Maha Kawasa ngersakeun mintonkeun kakawasaana-Na, geuning ku takabur mah, asa aing lalaki langit lalanang jagat teh, buktina teu mangga pulia.
Ku sabab eta, ulah petot-petot maraqabah, ulah sawenang-wenang, mabok kakawasaan jeung ngacak-ngebur ngalajur nafsu, buru-buru ngaruru, meresihan daki, memeh diteuleumkeun ku Manten-na.

44. Kajaba rahmat jeung kasenangan ti Kami nepi kana mangsana.

Lamun hiji ummat geus ditibanan tunggara ku Nu Maha Kawasa, hamo aya nu bisa nyalametkeun maranehna, kajaba upama Manten-na ngersakeun maparin rahmat jeung kasenangan salila waktu nu geus ditangtukeun.
Inti sari ayat nu ka 41 nepi ka anu 44 ieu, ngebrehkeun kalawan tetela, yen agama Islam teh ngawengku sosiologi atawa urusan kahirupan manusa di masyarakat, jeung teknologi. Sosiologi pikeun widang moral spiritual jeung teknologi pikeun widang fisik material. Pikeun ngawangun manusa nu sampurna, sosiologi jeung teknologi teh teu bisa dipisahkeun, kudu simetris jeung harmonis. Mobil, kareta api, kapal laut jeung kapal udara, hasil para ahli teknologi,upama dimangfaatkeun ku manusa nu mulya akhlakna, Insyaa Allah ummat saantero jagat bakal ginanjar kasenangan tur rahayu salamet. Tapi lamun teu aya teknologi, kumaha bisana ummat Islam ti Priangan ngalaksanakeun niat munggah hajina tanpa tutumpakan. Sabalikna lamun kamajuan teknologi teu dibarengan ku kamajuan sosiologi, nya eta akhlak nu mulya, akibatna parahu bakal kalebuh.
Ku kituna lamun urang miharep rahmat jeung kasenangan paparin manten-na, sadiakeun mobil mulus, supir nu tunduk kana aturan, jeung panumpang nu ta’at ka Pangeran.

45. Jeung lamun dicaritakeun ka maranehna :”Maraneh kudu sieun ku nu aya dihareupeun maraneh jeung nu aya ditukangeun maraneh,malar maraneh mareunang rahmat”

Kudu sieun ku nu aya di hareupeun, nya eta siksaan nu bakal datang, boh siksaan di alam dunya boh siksaan di alam aherat. Kudu sieunku siksaan nu aya di tukangeun atawa siksaan di alam dunya sakumaha nu geus karandapan ku ummat jaman baheula, dina kurun Nabi Noh, Nabi Hud, Nabi Soleh jste.
Ayat nu ka 45 ieu, mangrupa kalimat kondisi atawa conditional clause, nu can anggeus, sabab can disambung ku akibatna. Atawa ngahaja akibatna henteu disebutkeun, lantaran ku urang geus bakal kajudi. Upama ku urang dilengkepkeun mah,kira-kira unggelna :”Jeung lamun dicaritakeun ka maranehna :”Maraneh kudu sieun kunu aya di hareupeun jeung di tukangeun maraneh, malar maraneh mereunang rahmat”, tanwande jalma-jalma nu wangkelang teh bakal ngabalieur”.

46. Jeung henteu datang hiji tanda kakawasaan tina tanda-tanda kakawasaan Pangeran maranehna ka maranehna, kajaba maranehna ngabalieur tina eta tanda kakawasaan.

Tanda-tanda kakawasaan Gusti Allah dina jaman nu geus kaliwat, di antarana banjir nu kaalaman ku ummat Nabi Noh, topan nu ngabinasakeun kaom ’Aad, lini nu ngancurkeun kaom Tsamud jeung rea-rea deui.
Jalma-jalma jaman kiwari, nu agul ku elmu jeung teknologi canggih, tapi nukang nonggong ka Yang Manon, lamun didatangan banjir, urug, topan, lini jeung gunung bitu, sarua jeung ummat jaman baheula, pating balieur arembungeun ngaku kana kakawasaan Nu Maha Kawasa, pokna teh eta mah kahayang alam.
Dibejaan kudu sieun ku siksaan saperti jaman nu geus kaliwat jeung siksaan nu bakal datang engke di alam aherat, kalah pating balieur. Ditembongan siksaan kalawan ’ainal-yaqin tetep pating balieur.

47. Jeung lamun dicaritakeun ka maranehna :”Pek nafkahkeun sabagian tina rejeki nu geus dipaparinkeun ka maraneh ku Allah”, jalma-jalma nu kalafir teh ngaromong ka jalma-jalma nu ariman :”Naha kami kudu mere dahar ka jelema nu lamun seug Allah ngersakeun, tanwande manten-na bakal maparin kadaharan ka manehna ? Maraneh teh taya lian iwal ti kasasar lampah kalawan nyata”.

Di antara kaum kafirin teh, aya golongan kufrun-nifaq atawa kaom munafikin. Lamun kaommu’minin ngabrul ka lapang rek shalat Idul Fitri atawa Idul Adha, jalma-jalma ti golongan kufrun-nifaq oge sanajan teu aya nu ngajak, sok milu sarolat. Tapi upama dititah mayar zakat maal, zakat fitrah, shadaqah jeung qurban domba, maranehna sok godeg. Ari rajeun daek nyumbang, sok aya pangarahan, malar dipuji ku nu dibarendo, atawa malar pamulang.
Kumaha lamun diajak nyumbang dahareun ka fakir-miskin atawa ka nu katunggaraan ? Pokna teh bari baketut :”Naha teu puguh-puguh kudu mere dahar ka jelema kitu ? Mun enya ge kudu dipikarunya, atuh meureun ku Allah dipaparin rejeki, da kapan cenah Manten-na teh nu Maha Welas Asih.Keun bae antep, maraneh mah bener-bener kaliru.
Tah ieu hiji ciri nu mandiri di kalangan kufrun-nifaq. Peditna beak kadaek, bari tara beakeun ekol. Aya anekdot nu kieu unina : ”Nu musapir datang ka gedongkonglomerat koret. Bari nagog deukeut panto, pok manehna nyarita :”Pasihan, juragan”. Konglomerat teh nyampeurkeun :”Euweuh duit leutik” ceuk konglomerat. ”Nu ageung oge sawios” ceuk nu musapir. ”Boro-boro nu gede, nu leutik ge teu boga,” ceuk konglomerat bari mureleng. ”Atuh nyuhunkeun anggean,” ceuk nu musapir. ”Teu boga bubututan,” ceuk konglomerat. ”Upami teu aya nu butut mah sawios nu enggal oge,” ceuk nu musapir. ”Nu butut teu boga komo nu weuteuh mah,” ceuk konglomerat. ”Nyuhunkeun dipasihan tedaeun atuh” ceuk nu musapir. ”Dahareun euweuh, inumeun euweuh,” jawabna teugeug. ”Upami teu kagungan naon-naon mah, atuh mangga ngiring sareng abdi,” ceuk nu musapir. ”Milu kamana ?” ceuk konglomerat. ”Ngider, musapir ka nu balageur,” ceuk nu musapir bari nangtung. ”Kurang ajar siah, mantog ka dituh,” ceuk konglomerat ambekeun naker.

Tidak ada komentar: