SAPEDAH
Sakumaha nyaahna kanu jadi anak, sakumaha deukeutna hiji anak kanu jadi bapa, tetela geus rumah tangga mah, kanyaah budak kanu jadi kolot teh katambahan ku kulawargana, pamajikannana, minantu awewe meureun kuring mah nyebut teh.
Ti heula waktu mimiti rumah tangga, si Cikal ngahaja datang, bebeja meureun ti dituna mah, hayang diajar rumah tangga sorangan, najan teu jauh, tapi hayang misah cenah, hayang diajar macakal sorangan.
Ningali sareat mah, asa reureug ningali kahirupan rumah tangga si Cikal teh, malah baraya nu sejen mah nepi ka pok pisan, kayungyun cenah ningali rumah tangga barudak teh, taya cawadeunana, matak reueus pikeun nu jadi kolotna, komo indungna mah, katambah-tambah ka minantu teh, teu asa-asa mi-anak teh, lantaran kabeneran boga besan teh, urut sobat, baheula jaman keur kuliah, sagala kasuka nu jadi anak, teu weleh bebeja kanu jadi kolot, boh ka kuring indung bapana, boh ka ditu, ka mitohana, kanu jadi besan, nya kitu deui kasusah nu jadi anak, teu weleh kuring jeung pamajikan kabejaan.
Sakalieun sono kanu jadi anak, sok ngajakan besan, ngahaja nelepon ka Padalarang, ka Si Dodi. “Dodi urang geus sono ka barudak, rek ngadon ngendong di Si Adi, mun maneh salse mah, urang bareng, ngadon malem Minggu diditu”. Mun geus kitu, Malem Minggu teh jadi rame di imah si Cikal, da nu ngendong jadi nambahan, henteu kuring wungkul, katambahan kunu jadi besan.
Kanikmatan ningali rumah tangga barudak, estu komplit mun pareng dina poe Minggu-na, shalat Shubuh teh, kabeh berjamaah di masjid gigireun imah, nu jadi imamna si Cikal, ngahaja dijujurung, da budakna mah sok nolak, hoyong diimaman ku Bapa, basana mah, tapi ku kuring sok digedean hate, Bapa jeung mitohana mah, ukur semah, nu jadi Imam di masjid eta mah, kapan manehna, najan bari rada seunggah ge ari dikeukeuhan ku duaan mah, teu burung laju. Di-imaman kunu jadi anak, bari bapa jeung mitoha ngamamum tukangeunana, kanikmat teh asa nambahan, malah sok teu karasa cimata teh sok miheulaan nyurucud, dibarung ku eusi dada lir aya nu ngeundeuk-ngeundeuk, kanikmatan nu hese neangan bandinganana.
Bari silih tungtun jeung Si Dodi, besan, sobat kuring tea baheula :”Bagja Maman euy, urang mah, boga minantu teh, jaba nyantri, ngimaman sakitu tegepna, lagam kitu mah asa ngadenge Imam Masjidil Haram, baheula, basa urang keur ibadah haji tea nya ! Imah atuh sakieu mah teu goreng-goreng teuing, buktina urang ge bisa ngendong sagala rupa, malah si Lia mah peuting tadi ngadongeng, cenah Si Adi naek deui jabatannana di kantorna, muga-muga we urang teh bisa riung mungpulung kieu teh, nepi ka jaga”.
“Amiiin…….. “ Cek kuring bari ngalimba.
-----mmd----
Poe Senen kuring geus balik deui ka imah, nya kitu deui Si Dodi geus ka Padalarang deui jeung pamajikanana.
Jam 3 Sore, masih di masjid tas Shalat Ashar, aya beja ti Si Lia, minantu, nelepon ka imah, cenah salakina kacilakaan, nabrak nu tumpak sapedah di jalan. Teu kungsi lila, kring telepon disada deui, si Dodi ti Padalarang :”Maman !, si Adi nabrak nu tumpak sapedah, cenah cek si Lia bieu, mun maneh rek kaditu, ku urang disampeur”.
“Enya Dod !, bieu ge Si Lia nelepon kadieu, mun rek kaditu mah, sampeur urang”.
Di imah, Si Adi keur shalat keneh, rada lila ngadagoan teh rarasaan mah, kaluar ti kamar Si Adi katingali teu eureun-eureun babacaan, kuring nu teu sabar, buru-buru nanya :”Kumaha mimitina eta teh Aa ?”, kitu biasana ge kuring mah ka Si Cikal teh, nga-Aakeun adi-adina.
“Ari katingalna mah, nu tumpak sapedah bade mengkol ka katuhu, tapi duka kumaha janten geubis, jalmina persis geubis dina ban payun pisan, teu kabujeng ngerem, tos kagiles manten”.
“Ayeuna dimana jalmana, Aa ?”. Besan milu nanya.
“Harita keneh ge teras dibantun ka Boromeus, malihan sapedahna mah aya keneh dina bahasi mobil, sakantenan dirawatan, bilih ical maksad mah”. Cek si Adi. “Mung tadi teh, aya rakana nu tumpak sapedah tea, rada emosi ka Aa teh, mun teu pada ngahalangan ku bapa-bapa ti pulisi mah, da jigana teh hoyong sabek-bek-keun nonjok, malah bari ngancam sagala rupi, bade nuntut ka pangadilan, saurna teh”.
“Ari geus diuruskeun ku pulisi mah, alus, syukur malah, sugan we beres roes, teu aya barebedanana”. Ceuk kuring.
“Muhun, Pa ! Pidu’ana wae ti sadayana, da tadi teh di Kantor Pulisi, diriungkeun sagala rupi, sareng kaleresan deuih nu janten Kapolsek-na teh, rerencangan sakola Aa nuju di SMA 4 kapungkur, janten ngadon re-uni di kantor pulisi, sono tepang sareng rerencangan sakelas”.
“Ari eta, kumaha nu tumpak sapedahna, parna henteu, cek dokter ?”.
“Kana lami, saur Dokter mah di opnamena, tadi teh, da sampean anu kiwa, kageleng pisan ku ban payun nu palih katuhu, keun soal biaya mah, mung nu janten hariwang teh, eta rakana, emosi bae teu liren-liren”. Cek Si Adi.
Sarerea kaluar ti imah, ngadon ningali sapedah nu rek dtkaluarkeun tina bahasi mobil, bari ngangkat sapedah teh, si Adi nyarita :”Sapedah antik ieu mah, Pa, mani sakieu abotna kieu, sapedah kapungkur jigana teh, mung sae nu ngurusna, jigana teh, mani masih harerang keneh kieu”.
“Geuning sapedahna mah teu kua-kieu, Aa?”. Cek Besan.
“Da sapedahna rada tebih ragrag na teh, mung jalmina wungkul, geubisna pas pisan dina ban payun”.
Ningali sapedah nu keur dijungjungkeun ku Si Adi, kuring mah molotot we mata simeuteun, malah bari jeung ngadegdeg sagala rupa, apal…, apal pisan, kana sapedah ieu mah.
Najan geus leuwih ti opat puluh taun ge, moal nepi ka poho asana, kana sapedah ieu mah, sapedah Apa almarhum, sapedah lalaki, nu make palang tea.
-----mmd-----
Baheula teh keur budak diajar tumpak sapedah, dicorok ti beulah kenca, ngaboseh bari dengdek, lantaran awak mah kahalangan ku palang sapedah tea, ari mancal can nepi kana palangna mah, da budak keneh tea, bulak-balik ti tungtung Jalan Siti Munigar beulah Kaler, nepi ka Jalan Siti Munigar beulah Kidul, malah mun pareng poe Saptu atawa Minggu pasosore mah, sapedah teh tara dianggo ku Apa, sok ngahaja ngadon diajar sapedah ka Tegallega, bari lalajo maen bal, lantaran harita di Tegallega, sisieun lapang maen bal teh, sakurilingna sok dipake nu sasapedahan, sok waas palebah sapedah diboseh teh, ngageleserna ban sapedah ngageleng batubara, nu ngampar sakurilingeun lapang maen bal, mun geus cape, ngadon jajan Es Soda, tina teko keramik bodas, di kucurkeunana ku tukang Es nepi ka sadeupa kaluhur, sangkan cai soda nu dikucurkeun kana gelas teh ngabudah, matak nyereng kana irung.
Mun teu kitu jajan es sirop, sirop jeung cai dikana teko kaleng-keun, nu dieusian es batu, memeh dikucurkeun, sok digodeg-godegkeun heula kana papan tanggungan tukang, sangkan siropna karasa leuwih tiis, matak nyecep kana tikoro nu hanaang, lantaran cape tas kukurilingan, ngurilingan lapang bola.
Bari sakapeung mah sok rada nakal tukang es na teh, lain es batu nu digodeg-godegkeun kana papan teh, tapi tutup keler beling, ti luar mah siga es batu, kanyahoan teh waktu diinum, naha es sirop teh teu karasa-karasa tiis, sihoreng es batuna diganti ku tutup keler beling.
Sakali mangsa Apa teh teu damang, biasa harita mah mun Apa teu damang, sok hoyong dipanggodokkeun susu ti Gang Ijan, nepi ka ayeuna tukang susu di Gang Ijan mah aya keneh, ari nu sok dipiwarang ku Apa, nu jadi Emang rai Ema nu bungsu, ti Jalan Siti Munigar ka Gang Ijan teu pati jauh, kabeneran harita kuring keur ulin jeung babaturan, di lebah Gang Wiria, nu jadi Emang ngaliwat kana sapedah bari ngajingjing rantang, dina setang sapedah.
“Mang Undang……, bade kamana ?” Cek kuring harita.
“Ka Gang Ijan meser susu, rek ngiring ?”.
Teu ngadua kalian nu ngajak, kuring ngajleng, mancal kana boncengan tukang, ninggalkeun babaturan, nu keur ucing sumput.
Balik ti Gang Ijan, nu keur ucing sumput masih keneh aya, kuring ngajleng deui bari nukang, maksud mah rek miluan deui ucing sumput jeung nu sejen, tapi barang turun tina sapedah, dina pingping karasa aya nu peurih, ditingali kahandap, dina bitis katuhu getih baloboran. Kuring ngagoak ka nu jadi Emang. Les weh teu inget naon-naon deui.
Inget-inget, Apa nu nuju teu damang teh, keur ngagulang-gaper pingping katuhu diperbanan.
“Tikait kana lampu pengker, jigana si Maman teh, Kang”. Cek Mang Undang ka Apa.
“Omean, geura isuk mah lampu sapedah teh ? Saur Apa.
Saminggu leuwih teu bisa asup ka sakolana ge harita, malah nepi ka ayeuna, opat puluh taun leuwih, urut raheut kana lampu sapedah tukang, aya keneh, ngajepat leuwih ti sapuluh sentimeter, dina pingping beulah katuhu.
Isukna memeh lampu sapedah diomean, rai pisan Apa nu katilu, ngahaja rek nambut sapedah cenah, ka Kosambi ngagaleuh perlengkapan militer.
Keur di Kosambi harita, sapedah aya nu maok, rai Apa nepi ka nikreuh ti Kosambi ka Jalan Siti Munigar, bari jigana sieun diseuseulan ku Apa pedah sapedahna aya nu maok.
Ti harita, kuring teu pernah tumpak sapedah deui kagungan Apa.
-----mmd-----
Ari ayeuna opat puluh taun leuwih, sapedah teh katingali deui keur dijungjungkeun ku Si Adi, tina bahasi mobil, yakin sapedah teh nu Apa baheula, yakin pisan, malah lampu tukangna ge can diganti, masih saperti baheula keneh, lampu tukang nu ngajadikeun pingping katuhu kuring nepi ka ayeuna pitak, leuwih ti sapuluh sentimeterna.
“Adi…… !, ieu mah sapedah Aki, kapungkur”. Cek kuring ka Si Adi, bari dareuda ngomong teh, teu sangka bakal ningali deui sapedah kameumeut baheula, jaman keur budak.
“Akh…….., piraku Bapa mah, maenya sapedah nu Aki, kapan Akina ge tos teu aya”. Cek Si Adi, yakin teu percayaeun.
“Enyaan….. ! yeuh tingali…….”, Cek kuring bari morosotkeun calana, poho dikaera hareupeun besan, ningalikeun pingping tukang nu katuhu. “Yeuh pitak ieu teh, alatan ti kait kana lampu ieu, lampuna ge kieu keneh teu robah ti jaman Bapa budak baheula”.
“Enyaan eta teh Maman ?” Cek Si Dodi bangun nu teu percaya.
“Yakin pisan, Dod, ieu teh sapedah Apa nu ical di Kosambi keur ditambut ku Mang Udin, rai Apa, baheula”. Cek kuring.
“Lamun kitu urang tanyakeun kanu bogana, timana ieu sapedah nepi ka katabrak ku Si Adi”. Cek Si Dodi, bari gogodeg, ngarasa aneh, puluh-puluh taun sapedah leungit, kari-kari ayeuna, aya di hareupeun bari nu makena katabrak ku si Cikal, nepi ka diopname di Rumah sakit Boromeus.
-----mmd----
-
Isukna pasosore, Si Adi balik besuk cenah mah, jeung babaturanana nu jadi Kapolsek tea, daratang kaimah, dituturkeun ku semah teu wawuh samobil, rengse shalat Maghrib, ngariung di kamar tamu, hadena ruang tamu di imah Si Adi rada lega, nepi ka kuring jeung besan ge bisa milu ngariung, matotoskeun nu katabrak ku Si Adi tea, enya we tipoporongosna mah, lanceukna nu katabrak cenah mah, ti kantor pengacara, disebutkeun kantorna, kaasup pengacara senior di kantor eta, manehna teh cenah mah.
Babadamian nepi kana tungtutan materi, nu diajukeun ku si pengacara tea, alesanana Si Adi nyupiran mobilna kurang ati-ati cenah, jumlah tungtutanana, lain bantrak-bantrakeun model kuring, malah si Dodi ngan ngahuleng we, ngadenge Si Adi ditungtut model kitu teh.
Ari kuring ngan ukur bisa neges-neges sepuh nu marengan si pengacara tea, anu ti barang jol tadi, teu pisan ngajak nyarita, atawa teu pisan milu ngobrol, estu ukur ngeluk we tungkul, teu muka sora pisan.
Ras weh inget kana sapedah Apa tea. Panasaran kuring nanya ka si Pengacara tea :”Punten Yi, megat saur, Akang teh, bade tumaros, dupi nu kagungan sapedah nu katabrak ku pun anak teh saha ?”. Ngahaja nyebut Ayi, da yakin sahandapeun kuring umurna mah, boa sapuluh taunan leuwih gesehna jeung kuring mah.
“Nu Bapa abdi, tah ieu pun Bapa, sapedah antik eta teh, cocoan pun Bapa ti baheula, dan ngan ditatap-diusap bae ku pun Bapa, ti abdi keur budak keneh pisan, malah ti keur abdi dikandung keneh saurna teh, tos aya, teu gentos-gentos sapedah eta mah, sapedah buhun, sapedah antik” Cenah bangun nu reueus.
“Leres eta teh Bapa, sapedah kagungan ? Ceuk kuring, bari malik ka Bapana si Pengacara tea.
“Leres, gagaduhan”. Ngajawabna halon pisan.
“Manawi teu kaabotan, abdi tumaros, timana ngagaleuhna kapungkur teh, sapedah antik model kieu ?” Cek kuring.
Teu ngajawab, kalah ngaheruk, beuki tungkul.
“Naha Bapa sagala ditanyakeun, urusan sapedah bae ditatanyakeun, kuring kadieu teh lain urusan sapedahna, tapi urusan nu ditabrakna, itu tuh nu keur diopnamena, nu rek diuruskeun mah, lain urusan sapedahna, da puguh sapedahna teu nanaon, teu cecel teu bocel ieuh sapedahna mah”. Ceuk si Pengacara, basana mimiti kasar.
“Kieu maksad teh, kaleresan Cep Hanafi nu janten Kapolsek nuju kempel, atuh nu gaduh sapedahna oge kaleresan nuju aya, ngariung sareng urang sadaya, ari dongengna mah kieu ieu teh, pedah ningal sapedah eta, sim kuring teh gaduh kayakinan, sapedah eta teh nu gaduhna kapungkur, pun bapa, akina Si Adi, pun anak. Ari nu mawi wantun ngangken, margi yakin pisan sapedah ieu teh cocoan abdi keur budak baheula, malah kantos dugi ka cilaka alatan naek sapedah ieu, dina pingping pengker anu palih katuhu dugi ka ayeuna aya keneh pitak, tapakna, tikait kana lampu pengker, malihan katingalna ge lampu sapedah pengker teh, teu dirobih, teu digomeng-gomeng pisan jigana teh, dugi katingal deui asa baheula. Harita teh nuju di anggo ka Kosambi ku pun paman, payuneun toko peralatan militer, peuntaseun rel kareta api palih Kulon, sapedah teh aya nu ngiwat, aya nu maok, panginten kasarna mah, dugi ka ayeuna, ari kamari katingali deui ku sim kuring, aya dina bahasi mobil pun anak, bet janten ngangres, da biasana ge ari kana barang sorangan mah, masih puluh-puluh taun ge moal hilap…………”.
“Akh…., teu mungkin, ceuk sayah ge tadi, sapedah ieu mah geus aya ti keur kuring dikandung keneh ge”. Si Pengacara motong carita kuring heuras naker.
“Numawi, Akang teh kumawantun, tumaros ka tuang rama, manawi tiasa ngajentrekeun, nalika ngagaleuh kapungkur teh timana, atanapi ti saha. Insyaa Allah, dina hate mah teu aya sangkian awon Akang teh, ieu mah pedah ku kapanasaran wungkul, wireh sapedah eta teh, akang mah apal keneh pisan nepi ka bubuk leutikna, ti awit sadel, sela, nu rada ngajorok kapayun, teu aya baturna harita ge, jaman Akang masih sok sasapedahan di Tegallega, komo ayeuna, atuh komo kana lampu pengkerna mah, rupina teu dirobih-robih ku tuang Rama teh, malah lampu eta pisan nu matak janten malikan deui gambaran baheula kana eta sapedah teh, numawi hoyong terang asal muasalna ti tuang rama, meungpeung kaleresan nuju kempel kieu, sareng kasaksen ku Cep Hanafi nu utami mah”. Cek kuring panjang lebar.
Si Bapa ngan ukur tambah ngeluk, teu lemek teu nyarek, teu sakecap-kecap acan. Nu ngadago-dago jawaban geus silih pelong, Hanafi babaturan si Adi nu nyoara teh : “Mangga Pa, manawi tiasa ngawaler ?” Cenah.
Si Bapa tanggah, sidik cipanonna ngeyembeng, ku sarerea ge katingali, bari ngusap beungeut, nyanghareup ka anakna :”Hampura….. Bapa ! Ujang. Jigana anu didongengkeun ku ramana pribumi teh bener. Harita, enya ujang keur dikandung keneh, malah keur bulan alaeun harita teh, Bapa teh rumasa geus kausap setan, mikiran pamajikan sabrol-broleun, tapi can boga bekel, keur biaya ngalahirkeunana, keur bingung kitu, di sisi Rel Kareta Api, beulah wetaneun Pasar Kosambi, di hareupeun toko perlengkapan militer, ningali sapedah keur distandarkeun dina trotoar, regeyeng we dibawa, kabeneran teu dikonci, dibawa ka Stasion Cikudapateuh. Ari datang ka imah, Ema hidep hariweusweus, dikeupeulan ku Emang maneh cenah ti Tasik, bekel keur ngalahirkeun, teu panggih jeung Bapa mah, ngan Ema hidep nu tatanya, sapedah saha cenah eta teh, dijawab ku Bapa, nu mihape jualeun, nepi ka hidep brol teh, sapedah teu nepi ka dijual, da Bapa ngarasa dosa, rek dibalikkeun, dibalikkeun ka mana, da teu apal kanu bogana ge, rasa dosa teu weleh ngeusian dada, tungtungna sapedah teh dipiara we, ditatap diusap, diberesihan meh unggal usik, dipake ge ari aya perlu we wungkul, teu perlu-perlu teuing mah, Ujang ge apal, tara dipake sapedah teh. Kabeneran ayeuna kumpul jeung ahli warisna, atuh Bapa Pulisi oge aya, mangga Bapa teh nyerenkeun maneh, sugan bisa nebus dosa, lantaran baheula pernah ngarasa kausap setan, sugan teu beurat teuing wawalesna ti Pangeran, ka pribumi, nyanggakeun sapedah teh, jigana leres nu Tuang Rama………sidik bapa nu maok sapedah teh”. Teu kebat, segruk weh ceurik eueuriheun.
Sarerea olohok, komo anakna mah, teu nyangka jigana Bapana baheula ngalaman jiga kitu, kuring ge bareuheudeun, inget ka Apa almarhum, inget kana sapedah, inget keur Apa ngagugulung nu raheut, keur merbanannana, keur ngurus raheut, ku cai haneut, ku “Permanganat”.
Teu karasa jung nangtung, brek sideku hareupan si Bapa, bari dareuda ”Bapa, sawalerna hapunten abdi, tos kumawantun ka Bapa”.
“Ih, henteu kasep, lain…., lain hidep nu salah mah, Bapa nu puguh salah mah, anggur mah hampura Bapa teh ku hidep, ku kulawarga didieu, sugan dosa Bapa ngurangan saeutik-eutikeun”. Bari tetep nginghak
“Bapa, oge ka sadayana bae para tamu, Insyaa Allah, sim kuring ngawakilan pun bapa, ngawakilan pun Aki nu parantos almarhum, kalepatan sareng kaluluputan Bapa tipayun, dihapunten ku sim kuring sakulawarga, sawalerna sim kuring, nyuhunkeun dihapunten rehna putra Bapa nu kadua parantos kenging kamusibatan alatan kendaraan nu nuju dibantun ku abdi, perkawis ongkos opnameu di Rumah Sakit, sapertos nu didugikeun tadi di rumah sakit, Insyaa Allah, abdi nu tanggel waler pikeun mayarna ka Rumah sakit, mugi-mugi bae pangalaman ieu teh sing janten hikmah pikeun urang sadaya, malah mugia sing janten beungkeutan silaturahmi, antawis kulawarga sim kuring sareng kulawarga Bapa………..” Can ge tamat si Adi nyarita, si Pengacara tea geus ngagabrug manten :”Ulah diteruskeun…….., kasep, hampura anggur mah Bapa, basa ge geus garihal tadi mah, sakali deui hampura Bapa, hampura……… kolot bapa”. Bari nyegruk dina taktak Si Cikal.
-----mmd-----
Minggu, 07 September 2008
Langganan:
Postingan (Atom)