Tampilkan postingan dengan label ESSAY. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label ESSAY. Tampilkan semua postingan

Senin, 15 Desember 2008

ESSAY : BEDANA JEUNG BAHEULA TEH

“Baheula mah baheula, jaman urang keur diajar ngaji ku Ustadz Hizkil jenatna, di Masjid Al Falah, memeh der ngaji teh sok ngadongeng heula :”Ku adil-adilna Gusti Allah, geura tengetan ku hidep barudak, tara aya nu ngadon maot di tengah jalan, di pasampangan, pek geura tengetan unggal kabejakeun aya nu maot, hih da anehna teh keur di imah we, keur di tempat pangsarean, coba mun Gusti Allah teu adil, meureun nyabut nyawa teh samemena we, lamun supir beus dicabut nyawana keur nyupiran, sakumaha teuing korban matak cilakana, atuh komo meureun kapal udara, mun pilotna dicabut nyawa keur diluhur di awang-awang, kumaha meureun panumpangna nya ?”.
Tapi ayeuna ? 40 taun sanggeus dongeng Ustadz Hizkil, nu maot teh geus teu milih-milih tempat deui”.
“Nya heueuh, geus robah alam teh, geus ngageser kabiasaan baheula teh, geus deukeut kiamah jigana”.
“Na kalah los-los kana kiamah geuning maneh mah ! Ucup !”.
“Puguh enya ketang, baheula dedenge tara, cenah di Bandung, diparapatan, keur bari nungguan lampu beureum, supirna teu pupuguh ujug-ujug nyuuh dina setir, diklaksonan ku mobil tukangeunana teh teu kecet-kecet, terus maot”.
“Asa kaingetan, pernah rek ngadon shalat Lohor di Masjid Agung Bandung, aya nu keur tumpak Vespa, ngadon nyisi, ngadon nyuuh dina tihang, ari dirawu teh ku Satpam Masjid, geus hos manten”.
“Mun kitu mah heueuh, dongeng Ustadz Hizkil baheula teh geus robah, ku majuna zaman meureun kituna teh, nya !”.

ESSAY :MISI & VISI ANGGOTA KPID PROP JABAR

MISI & VISI
ANGGOTA KOMISI PENYIARAN INDONESIA DAERAH
PROPINSI JAWA BARAT

Sok asa ningnang sakapeung mah mun merhatikeun para pajabat birokrasi boh Pusat atawa Daerah nu aya di tatar Sunda, waktu pidato di pilemburan, dina acara naon bae, anu teu weleh mamake basa Indonesia, lain ulah, tapi nu bisa kabuktian, kadangkala, malah kalolobaanana waktu nu pidato dina podium keur ngabuih teh, atawa keur nerangkan hiji pasualan anu aya patula-patalina jeung kamasyarakatan nu keur kaalaman ku eta lembur, atawa ku eta warga, nu ngabarandunganana mah henteu anteng kanu keur mere penjelasan, tapi anteng ngobrol jeung pada baturna nu deukeut, ari diperhatikeun enya-enya, sihoreng nu jadi sabab taya lian, poko bahasan teu katingali jadi narik ati pikeun para wargana, sababna taya lian pedah nepikeunana make Basa Indonesia, anu dirasakeun ku masarakat pilemburan mah teu pati kahartieun, komo deui mun nu pidatona sok mamake gaya basa ilmiah, atawa istilah-istilah asing, anu pikeun pangarti di pilemburan mah matak nambahan kabingung.
Ningali jeung merhatikeun pangalaman eta, mun engke pareng jadi anggota komisi penyiaran Indonesia pikeun daerah di Propinsi Jawa Barat teh, dina nepikeun pasualan-pasualan naon bae anu kudu ditepikeun ka warga masyarakat, rek mamake basa Sunda.
Ari nu jadi marga, pedah ti mimiti Jawa Barat tebeh Kulon, Wetan, Kaler jeung Kidul, masih keneh balatak nu make basa indungna, nyaeta basa Sunda, malah teu saeutik di pilemburan mah, nu masih keneh ngarasa reueus mun mamake basa Sunda teh, hiji eta.
Nu kadua, mun nepikeunana ka urang Sunda, make basa Sunda, asa bakal gampang kahartina pikeun masyarakat, lantaran basa nu dipakena basa sapopoe nu digunakeunana. Hal ieu oge bakal ngurangan kamungkinan, henteu tepina informasi ka pilemburan, cindekna informasi nu bakal ditarima ku warga teu kudu ditarjamahkeun deui, lantaran warga masyarakat pada-pada ngarti kana basana. Jadi istilah “Salah informasi” teh, bakal moal kalaman deui, lantaran mun informasi nu dibikeun teh “Pasagi” upamana, moal bakal katarima Jadi “Buleud” sababna nu tadi tea, informasi nu ditepikeun sarua jeung informasi anu ditarima, lantaran make basa nu sarua.
Memang teu sakabeh warga masyarakat Jawa Barat, ngarti jeung paseh dina ngagunakeun basa Sunda, lantaran aya sababaraha daerah di Jawa Barat anu kudu direumbeuy ku basa daerahna masing-masing, saperti di daerah Basisir, rek basisir kaler atawa basisir kidul sok aya nu dicampuran ku basa Jawa, malah kapan di daerah Cirebon mah khusus deui, make basa Cirebon.
Ditambah ku sababaraha dialek, atawa kecap panganteur anu beda-beda di tiap daerah, upamana bae, mun make basa Indonesia make kecap “Saudara” teh kaasup sopan, saha nu nyaho di wewengkon Ciamis mah teu hayangeun disebut “Saudara” teh, da kahayangna mah disebut “Aang”, ka daerah Garut hayang disebut “Aceng”, atawa ka daerah Sukabumi hayangna make kecap panganteur “Adang” malah kapan disabagian daerah Bogor mah, aya nu nyebut “Eneng” ka budak lalaki ge.
Keur mah eukeur, nyaah kana basa Sunda teh, mun tea mah kapeto jadi anggota penyiaran daerah teh, aya jalan komo meuntas, kahiji cek tadi tea, informasi nu bakal ditepikeun moal geseh teuing tepina ka warga masyarakat, nu kadua sugan jeung sugan jadi hiji dorongan pikeun sakuma seke seler Sunda nu aya di Propinsi Jawa Barat, pikeun ngamumule Basa Sunda, bari jeung ngagunakeunana dina hirup kumbuh sapopoe, komo mun pareng mah, nepi ka undak-usuk basana bisa kaguar deui, urang korehan deui malah, teu pamohalan jigana, mun basa Sunda, leuwih nanjeur deui di satatar Jawa Barat.
Tapi ulah dianggap ngan ukur ngagugulung kadaerahan wungkul, lain, lain kadinya maksud mah, ieu mah kapan misi kahareup tea, sangkan informasi tepina kanu dituju sarua jeung anu dimaksud kunu nepikeunana, bisi aya deui kajadian, nepikeun informasi ka urang Sunda, ditepikeun ku urang Batak, nu make basa Indonesia nu masih keneh medok logat Batak-na, badis we kajadian deui Guru SD nu ngajar basa Sunda, tapi guruna urang Batak, bakal kumaha boa basa Sunda barudakna. Eta teh kajadian enyaan, di dieu, di Bandung.
Aya kainggis, kalimah “Katempuhan buntut maung” tea di tarjamahkeun kana basa Indonesia, jadi “Bertanggung jawab ekor harimau” pan teu uni mun tepi kadinya deui teh.
Moal, jeung teu jadi matak masalah deuih, mun teu kapilih jadi anggota KPID teh, atuh ieu mah susuganan, rarancang nu saperti kieu teh bisa kapaju ku anggota nu kapilih engke, sugan jeung sugan mun mamake basa Sunda mah, informasi gancang kahartina ku masyarakat, atuh basa Sunda anu pada ngahariwangkeun tokoh-tokoh kasundaan teh, hariwang basa Sunda punah di Tatar Jawa Barat, ku cara kieu bisa kapiara deui, da puguh nu ngarumatna, puguh nu ngagunakeunana. Sugan we enya, fardhu kasambut sunat kalampah.