Senin, 29 Desember 2008

MUNGKAS TAUN 2008

Mun pausahaan mah dina waktu-waktu ieu teh keur meujeuhna sibuk nutupkeun buku pausahaanana, istilahna Tutup Buku, bari sibuk ngitung untung rugi dina usaha taun ieu, malah mun pausahaan nu masih keneh manual dina sistem akuntansina mah sok aya istilah ”Stock Opname” dina waktu-waktu ieu teh, malah sok jadi bahan gogonjakan kapan, mun karyawan sejen mah akhir taun teh libur panjang, tapi bagian akuntansi jeung pembukuan mah istilahna ge ”lembur panjang” cenah, pedah eta sok kapapancenan ”Stock Opname” tea.
Tapi ari urusan dina Blog ieu mah lain hal nu saperti kitu nu rek ditulis teh, ieu mah ningali jeung merhatikeun deui tulisan-tulisan dina Blog ieu, ti mimiti diajar muka jeung nyieun Blog, bari dituyun keneh ku anak lalaki nu panengah, bari dihatean sangkan bisa nulis di dunya-maya pajar teh, bari adug-adugan ge, jaba masih keneh loba kakuranganana teh, teu burung tepi ari nepi ka mungkas taun 2008 na mah.
Ngan nya kitu, mun ditengetan deui tulisan-tulisanana, masih keneh loba omeaneunana, teu ngabibisani lebah dinyana mah, keur mah kakara, katurug-turug ti awal ge disebutkeun, rada ”gaptek” keneh bae kana nu ngaranna Elmu Tehnik Informasi teh, da eta we mun ningali Blog nu sejen mah, ku aralus naker dina ”tampil”anana oge, sok rada kurang PD lebah dinyana mah, tapi da nya kitu, pedah dihatean tea :”Bade iraha deui atuh Pa, batur mah tos kamana boa.” Ceuk si Cikal mah.
Ku lantaran nu keur mitembeyan tea, ditengetan teh loba keneh nu salah ketikna, salah tulisna, malah salah ejaannana oge masih keneh balatak, ngan ukur boga kahayang lebah dinyana mah, nu matak dina mungkas taun 2008 ieu teh, rek tamada pangpangna mah, bisi tulisan-tulisanana loba keneh omeaneunana, neda tawakupna bae.
Ngan keur iber tutup taun jigana, yen tulisan-tulisan dina Blog ieu teh, boh anu mangrupa ”Carita Pondok”, boh ”Essay”, atawa ”Artikel-Kolom” umumna anu pernah dimuat dina Majalah ”Mangle”, jadi ulah waka digebrag, bisi sawan kuya, mun tea mah, aya nu maca eusi Blog ieu, sarua anu dina majalah ”Mangle”, memang eta tulisan-tulisan kuring baheula.
Oge tulisan-tulisan da’wah Islam, boh anu mangrupa ceramah, atawa mangrupa khutbah Jum’at, sarua eta ge ”Ceramah” atawa ”Khutbah Jum’at” anu pernah ditepikeun ku kuring, di masjid gigireun imah, ngan eusi ceramah, atawa eusi khutbah, aya sababaraha hiji anu meunang nyutat tiditu-tidieu, boh tina buku-buku, atawa tina artikel jeung tulisan-tulisan, anu sakira cocog ditepikeun ka jamaah di lingkungan kuring, kukituna ka anu ngarasa tulisanana kacutat, neda tawakupna.
Cag.

Jumat, 19 Desember 2008

DAKWAH : TALI KADALI NAFSU

Bismillahirrahmaannirraahiim.
Asallamu'alaikum Warhmatullaahi Wabarakaatuh.
Alhamdu lillaahil ladzii anzala ‘alaa ‘ibaadihii kitaabaan kariima wabayana fiihi ahkaamaan ‘amiimaa, walladzii laa tabdiila likalimaatihii dawaamaa. Asyhadu allaa ilaaha illallahu wahdahuu laa syariikalah wa asyhadu anna muhammadaan ‘abduhu warasuuluh. Syahadatan tunjii qaa ilahaa min ahwaali yaumil qiyaamah, wa ushalli wa usallimu ‘alaa sayyidina muhammaddin khairin nabiyyiina, wa ‘alaa aalihi wa ash haa bihii watta bi ‘iina ilaa yaumidiin. Amma ba’du. Fayaa ‘ibaadallah uushikum wanafsii bitaqwallaah faqad faa zal muttaquun.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah.

Puji syukur urang sanggakeun ka Hadirat Illahi Rabbi, Anu Maha Welas tur Maha Asih, anu parantos maparin mangpirang-pirang kani’matan ka urang sadaya, Rahmat miwah salam kawilujengan mugia dilimpahkeun ka Jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, ka para kulawargana, para shahabatna sareng ka sadaya para panganutna anu satia tug dugi poe kiamah jaga.

Ma-asyiral muslimin rahimakumullah.

Pikeun umumna urang salaku manusa, upama nguping kecap nafsu, lelmbeutan teh sok jol bras bae kana hal-hal anu negatif, pikacuaeun tur pikaceuceubeun, kecap nafsu sering pisan dipatalikeun kana kalakuan-kalakuan anu kirang hade, kana tingkah laku anu teu uni, upamana bae, maling, ngabajo, maehan, korupsi, nipu jeung sajabana, sarupaning padamelan anu teu luyu jeung tungtunan agama.

Malah pikeun urang, tampolana nafsu teh sok dipapandekeun jeung ka ambek, teu saeutik nu nganggap, samangsa-mangsa aya jalma keur ambek, eta teh tanda jalma nu keur kaeunteupan ku nafsu, padahal anu saleresna mah henteu kitu, nafsu teh estu hiji hal anu netral, anu mangrupa kakuatan, anu bisa ngajurung laku, naha balukarna bakal jadi laku lampah anu hade atanapi goreng, gumantung ka urang sadaya salaku wadahna.

Mun dipapandekeun mah, nafsu teh lir ibarat mesin mobil, beuki tarik muterna mesin, beuki ngagaur sorana, beuki rosa deui kakuatanana, pikeun ngabelasatkeun kendaraanana.

Ngabelasatkeun kendaraan, mangprung, tur suat-sietna dijalan, gumantung kana katapisan supir, ngatur gas, kupling jeung nyiapkeun eremna.

Sanajan mesin weuteuh, tur hade bari mibanda kakuatan sababaraha rebu sese, tacan karuhan mangfaat tur hade, saupama supirna, teu bisa mawana, moal hanteu, balukarna matak cilaka, matak nimbulkeun kacilakaan.

Sedeng sabalikna, sanajan kakutan mesin, sanggup ngabelastkeun kendaraan, nepi ka ratusan kilometer dina sajam na, tapi ari supirna geus tapis nyekel setir, jeung caringcing nyiapkeun erem katut unak-anikna, kawasna moal pati gede teuing mamalana, malah tangtu bakal karasa mangfaatna. Tempat jugjugeun, bakal kasorang ku waktu anu ngan ukur sakoteap.

Kitu deui nafsu nu aya dina diri urang sadaya, bisa nyalametkeun, tapi oge teu saeutik anu malah nyilakakeun, lamun nafsu dianteur sakarepna, bari henteu disetiran jeung diereman, urang sadaya bakal kagusur kabawa nyasar, tunggul dirarud catang dirumpak, bras na teh mo salah deui, bakal tepi ka tempat anu pisangsaraeun.

Dina hal ieu Allah SWT ngelingan ka urang sadaya dina Al Qur-an Surat An Nisa ayat nu ka 135 : “Poma aranjeun ulah rek nurutkeun hawa nafsu, pikeun milampah pagawean anu teu adil, upama aranjeun ngabalieur tur henteu tumut, saestuna Allah Maha Uninga, kana sagala rupa anu dipilampah ku aranjeun”.
Pikeun jalma-jalma anu ngaberung hawa nafsuna, anu teu bisa nyetir jeung ngerem hawa nafsuna, ku Allah SWT bakal diantepkeun nepi ka nyasarna, jeung moal aya saurang oge anu bisa nulungan ka eta jalma, sakumaha dawuhan Allah dina Al Qur-an surat Al Jaatsiyah ayat nu 23 : “Naha anjeun kungsi ningali jalma-jalma anu ngajadikeun nafsuna jadi pangeran maranehanana ? Jeung Allah bakal ngantepkeun ku elmu pangaweruh-Na, ceuli jeung hate maranehanana ditutup, kitu deui panenjona. Cing, saha anu baris nungtun eta jalma kana bebeneran sanggeus Allah ngantep sina sasar ? Naha aranjeun henteu bisa mikir ?

Anu ngabedakeun manusa ti makhluk sejenna aya opat rupa, nyaeta : Akal, Nafsu, Hate jeung anu kaopat Roh. Ku ayana opat perkara ieu, manusa ngajanggelek jadi makhluk anu sampurna wujudna, jadi makhluk anu hirup sacara jasmaniah jeung rohaniah.

Tapi kumaha dina kanyataannana, langkung seueur manusa, anu ngagunakeun nafsu jeung perasaan manan uteukna, manan akalna. Hiji bukti, tiasa kasaksian ku urang sadaya, langkung seueur keneh manusa anu ngagugulukeun nafsuna manan nu malikirna.

Tadi disebatkeun, umumna jalma sok nyamarutkeun nafsu kana kalakuan-kalakuan anu negatif, cindekna, dianggapna nafsu teh sarua jeung ka “Ambek”, padahal numutkeun ajaran Islam, henteu sakabeh nafsu teh amarah, tapi sabalikna, aya oge nafsu anu hade.

Nafsu anu hade ieu, ku para ulama disebatna “Nafsu Muthma-innah, ditegeskeun ku Allah SWT dina Al Qur-an Surat Al Fajr ayat ka 27 dugi ka 30 : “Yaa ayyatuhan nafsul muthma-innah, irji’ii ilaa rabbiki raadhiyatam mardhiyya, fad khulli fii ‘ibaadii wad khulli jannatii”. He nafsu anu tenang, geura mulang ka Allah, sing ngarasa resep tur dipikaresep, ku sabab kitu pek asup kana golongan hamba Kami.

Malah numutkeun para ulama, nafsu teh nyaeta, organ rohani, anu gede pangaruhna tur panglobana ngaluarkeun parentah, diantara organ rohani sejenna ka jasmani pikeun hiji pagawean.

Para ulama malah milah-milah nafsu jadi dalapan rupa.

Amarah (nafsu nu can bisa ngabedakeun bener jeung salah, atawa nu can meunang pituduh)
Lawwaamah (nafsu nu geus mimiti boga rasa hanjakal mun milampah salah)
Musawwalah (nafsu nu geus bisa ngabedakeun hade jeung goreng, tapi duanana sarua dipajuna)
Muthma’innah (jiwa anu tenang, anu geus meunang tungtunan tur kapiara)
Mulhamah (Nafsu nu geus meunang ilham ti Allah)
Rodiyah (Nu geus ridha ka Allah, qanaah, syukuran)
Mardhiyah (Nu dipikaridha ku Allah, mulya, ikhlas)
Kaamilah ( sampurna tina wujud jeung dasarna )

Tina dalapan tingkatan nafsu nembe, sabenerna lamun diciutkeun deui mah, bisa dibagi dua, nyaeta nafsu anu goreng patut atawa amarah tea, jeung nafsu anu hade, nyaeta Muthma’innah.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah.

Dina Al Qur-an surat Ali Imran ayat nu ka 14, Allah SWT netelakeun : “Zuyyina lin naasi hubbusy syahawaati minan nisaa-i wal baniina wal qanaathiril muqantharati minadz dzahabi wal fidh dhati, wal khailil musawwamati wal an’aami wal harts, dzaalika mataa’ul hayaatid dun-yaa mallaahu ‘indahuu husnul ma-aab”. Geus dipapaeskeun pikeun manusa mikaresep syahwat atawa hawa nafsuna, saperti ke istri, ka anak, kana harta banda anu loba, sabangsa emas jeung perak, kana tutumpakan jeung ingon-ingon, jeung tutuwuhan. Anu kitu teh papaes hirup anu dipikaresep di dunya, jeung disagedengeun Allah aya tempat pangbalikan anu hade.

Nafsu lantaran geus mangrupa fitrah manusa, teu bisa dileungitkeun kitu bae, teu bisa ditumpur ludeskeun, tina diri manusa. Kusabab kitu, tarekah hihij-hijina, iwal ti ngalelempeng eta nafsu, anu saluyu jeung fitrahna. Kamana ngalelempengna ? Kana jalan anu dipikaridha ku Allah SWT, kana jalan anu lempeng, kana agama anu hanif, kana agama anu qayyim.

Hadirin rahimakumullah.

Lantaran nafsu teh papaes hirup, mangka kudu diurus, sangkan nafsu tetep katingali moronyoy, pikabitaeun, pikarsepeun anu ningali.

Kangaranan hiasan, henteu cukup ku dibuni-buni, tapi kudu dipake, sangkan matak resep jeung nimbulkeun rasa bungah kanu makena, ngan anu tangtu, lebah makena, kudu luyu jeung tempatna, teu kudu kaleuleuwihi.

Nafsu, oge pon nya kitu keneh, sanajan mangrupa papaes hirup, hentu kudu dipuhit kabina-bina, nepi ka ngaleuwihan wates wangen. Resep ka istri wajar, tapi ulah kaleuleuwihi, komo bari dijieun jalan pikeun rucah mah, nyaah ka anak henteu hina, nu ulah teh kaleuleuwihina, ulah lantaran nyaah ka anak, lat bae poho kana batal haram.

Mikacinta harta banda jeung kalungguhan oge pantes, ngan ulah tuluy jadi sarakah. Da kabehanana oge, ukur hiasan dunya, anu kudu diurus dihade-hade, dipikacinta tur henteu matak lali kana purwadaksina.

Ulah nepi ka ngabalukarkeun lat poho ka Nu Mere-Na, Poho ka Allah SWT, ulah nepi ka manusa jadi golongan anu rugi, gara-gara mikacinta papaes dunya.

Sakali deui, nafsu bakal mangfaat, lamun manusa bisa ngungkulannana, lamun panceg nyekel setirna, lamun pakem eremna, bari caringcing tur iatna ngalelempengna.

Baarakallaahu lii walakum fil qur-aanil 'adhiim, wanafa'anii wa iyyaakum bimaa fiihi minal aayaati wadz dzikril hakiim, wa taqabbala minnii, wa mingkum tilaa watahu innahu huwal ghafuurur rahiim. Wa qur rabighfir warham, wa anta khairur raahimiin.
KHUTBAH KEDUA

Alhamdulillaahi wakafaa wash shalaatu wasalaamu alannabiyyil musthafaa wa ‘alaa aalihii wa ash haa bihii ahlish sidqi wal wafaa. Asyhadu allaa ilaaha illa;;aahu wahdahu laa syariikalah wa asyhadu anna muhammaddan abduhuu warasuuluh.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’ah rahimakumullah.

Teu aya kasimpulan tina khutbah anu parantos didugikeun dina khutbah anu kahiji tadi, mugia bae urang sadaya tiasa ngalelempeng nafsu muthma’innah, pikeun ngalaksanakeun naon-naon nu janten kawajiban hiji muslim dina nanjeurkeun ka-Islaman katut kaimanan diri urang sadaya.

Pamungkas, mangga urang sami-sami munajat ka Allah SWT, mugi-mugi Anjeun-Na ngabulkeun kana sagala paneja urang sadaya.

Rabbanaa laa tu ‘aakhidnaa in nasiinaa au akh tha’ naa, rabbanaa wa laa tahmil ‘alainaa ishrang kama hamaltahu ‘alal ladziina ming qablinaa. Rabbanaa walaa tuhammilnaa maa laa thaa qata lanaa bih, wa ‘fu ‘annaa waghfir lanaa warhamnaa anta maulaanaa, fanshurnaa ‘alal qaumil kaafiriin.
Rabbisy rahli shadrii wa yassir lii amrii, wahlul ukdatan millisanii yafqahu qauli.
Rabbanaa laa tuzigh quluubanaa ba’da idz hadaitanaa wa hab lanaa min ladunka rahmah. Innaka antal wahhaab.
Allaahumarzuq lanaa rizqan halaalaa, wa tub ‘alainaa taubatan nasuuhaa. Rabbigh fir lanaa wa li waalidainaa wal ikhwaaninaal ladziina sabaquuna bil iimaan, wa laa taj ‘al naa fitnatal lilladziina kafaruu waghfir lanaa, rabbanaa innaka antal ‘aziizul hakiim. Rabbanaa aatinaa mil ladungka rahmah wa hayyi’ lanaa min amrinaa rasyadaa. Rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah wa fil aakhirati hasanah waqinaa adzaa bannar.


'ibaadallah, innallaaha ya'muru bil 'adli wal ihsaan, wa itaa idzil qurbaa wayanhaa 'anil fahsyaa-i wa mungkaari wal bagh, ya 'idhukum la 'allakum tadzak karuun, fadz kurullaahal adhiimal jaliila yadz kurkum, wasy kuruuhu 'alaa ni'amihi yazidkum, walaa dzikrullaahi akbar. Astaghfirullaahal 'adhim, lii walakum.
Wasalam mu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.

DAKWAH : NGABAGEAKEUN SASIH RAMADHAN

Bismillahirrahmaannirraahiim.
Asallamu'alaikum Warhmatullaahi Wabarakaatuh.
Alhamdulillaahil hakamil ‘adli, laa yadhlimunnaasa, misqaala dzarrah, sub-haanahu katabarrahmah, limanittaqaahu wa au ‘ada bisy syaqwah, liman ‘ashaah. Asyhadu alaa ilaaha illallaahu wahdahu laa syarikaalah, wa asyhadu anna muhammadan abduhu warasuluh. Allaahumma shalli wasallim alaa muhammadin, wa alaa aalihi wa ash haabihii afdhala shalaatin, wa ak mala tahiyyah. Amma ba’du. Fa yaa ‘ibaadallaah ittaqullaaha wa saa ri ‘uu ilaa maghfiratihii waridh waan. Qalallaahu ta ‘alaa fii qitabihil kariim. A ‘udzubillaahi minasy syithaanirrajiim, Yaa ayyuhalladziina aamanuu kutiba ‘alaikumush shiyaamu kamaa kutiba ‘alalladziina min qablikum la ‘allakum tattaquun. Al – ayah.

Diawitan ku basmalah, nu jadi sekar pangiring catur, sangkan jadi panghias rasa, tur jadi santun ing kalbu. Tarate hate malati ati, sangkan jadi pangemat aworna omel jeung amal.

Dituturkeun ku hamdalah, kalimah panundung rambu ing takabur, nu ngahunyud dina kalbu, nu sok jadi panghalang, jorelatna teja Al Qur-an kana manah, ngaheumpikkan tembusna cahaya kudus kana kalbu, sangkan ulah aya rasa riya, sum’ah jeung takabur, nu sok pasolengkrah jeroeun dada.

Dipirig ku kalimah kalih, syahadat dua lir sumpah, jangji moal lanca-linci, luncat mulang udar tina tali gadang, mo rek ngijing sila, bengkok sembah, rek khusyu sumujud, tuhu nuturkeun galur ti Rasul.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah.

Dina hiji waktos, sasih Sya’ban, sapertos sasih ayeuna , nanging katompernakeunana, Nabi urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, kantos sasauran panjang lebar, ngeunaan sumpingna sasih Ramadhan, saurna : “He sakabeh manusa, geus ngiuhan anjeun bulan anu agung tur barokah, bulan anu ngandung hiji peuting anu leuwih hade ti batan sarebu bulan. Allah ngajadikeun puasa dina bulan ieu, fardhu, jeung ngadegkeun shalat peutingna, sunat. Sing saha anu ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT, dina ieu bulan ku hiji pagawean anu sunat, sarua jeung geus migawe kafardhuan dina bulan-bulan sejenna. Jeung sing saha anu migawe pagawean fardhu, sarua jeung geus migawe 70 kali tikel fardhu, dina bulan-bulan sejenna.

Bulan Ramadhan teh, bulan anu ngarupakeun bulan shabar, sedengkeun ganjaran kanu shabar, nyaeta Surga. Bulan Ramadhan teh ngarupakeun bulan hiburan sarta ngarupakeun bulan tambahna rizki, pikeun jalma anu iman.

Kusabab kitu lobakeun ku aranjeun opat perkara dina ieu bulan, dua perkara pikeun meunangkeun karidhaan Allah, dua perkara deui, omat ulah diliwatkeun kitu bae ku aranjeun. Anapon dua perkara anu baris ngadatangkeun karidhaan Allah SWT, nyaeta pangakuan, yen teu aya deui Pangeran anu wajib disembah kajaba Allah SWT, jeung anjeun menta pangampura ka Manten-Na, ari dua perkara anu ulah diliwatkeun kitu wae, nyaeta aranjeun kudu menta Surga jeung menta panyalindungan tina seuneu naraka.

Sing saha anu mere nginum kanu keur puasa pikeun buka, mangka Allah baris masihan leueuteun tina hiji talaga, anu moal matak hanaang nepi ka asup ka Surga ( Hadits Riwayat Abusy Syaikh Ibnu Hibban ti Salman Al Farisi )

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah.

Rupi-rupi kaistimewaan dina sasih Ramadhan, anu dipaparkeun ku Rasulullaah SAW, dina hadits anu panjang-lebar nembe, nyaeta : “Sasih Ramadhan teh bulan anu agung tur barokah, kumargi dina ieu sasih, Allah SWT, parantos ngalungsurkeun Al Qur-an, anu janten undang-undang na umat Islam, pikeun ngatur hirup kumbuh miwah kahirupan umat, sangkan aya dina jalan anu lempeng bener, numutkeun Anu Nyiptakeunna-Na.

Al Qur-an mangrupi obor, anu nyaangan hate manusa, pikeun ngaluarkeun manusa tina poekeun bathin kana kahirupan anu caang mabra, sadayana diebrehkeun pikeun manusa, sangkan aya dina jalan kasalametan dunya katut akherat.

Kaagungan sasih Ramadhan, margi dina ieu bulan Allah SWT, parantos ngawajibkeun shaum ka umat Islam salami sasasih campleng. Dina ieu bulan disunatkeun shalat Taraweh, anu teu disunatkeun dina bulan-bulan sanesna.

Bulan Ramadhan disebat bulan barakah, margi dina ieu bulan, ajen amal ditikel-tikel pahalana, anu sunat diajenan fardhu, sedeng anu fardhu, diajenan sami sareng 70 kali tikeleun fardhu, malah langkung diistimewakeun deui, ku ayana hiji wengi, anu ajenna langkung tibatan sarebu bulan, nyaeta ”lailatul qadar”.

Bulan Ramadhan teh Agung tur barakah, kumargi ieu bulan teh, ngarupikeun bulan shabar, Shabar nahan lapar katut hanaang, shabar ngantos waktu buka, sok padahal tuang leueut, mangrupi kabutuhan poko dina kahirupan manusa.

Sagala perkara anu janten hak manusa ti beurang, ditahan kalayan pinuh ku kashabaran. Allah SWT ngajangjikeun Surga pikeun jalma anu shabar tur tahan uji.

Bulan Ramadhan agung tur barakah, margi ngarupikeun bulan hiburan, khususna pikeun golongan “fuqara wal masakin”, margi dina ieu bulan, rasa laparna aya nu maturan, rasa butuhna aya nu marengan, margi golongan “aghniya”, oge sami pada laparna.

Bulan Ramadhan teh barakah, margi dina ieu bulan, rizki umat Islam, rizki mu’min, baris ditambihan ku Allah SWT, ditambihan jumlahna, utamina ditambihan keberkahanana.

Bulan Ramadhan teh bulan du’a, margi dina ieu bulan, du’a mu’min baris dikabul ku Allah SWT, malah aya opat perkara anu dikhususkeun dina du’a Ramadhan, sakumaha hadits anu didugikeun tadi, dua perkara diantawisna, sangkan urang kenging karidhaan Allah SWT, sedengkeun anu dua perkara deui, nyaeta nyuhunkeun Surga miwah nyuhunkeun kasalametan tina seuneu Naraka.

Anu kahiji, ngucapkeun syahadat, pangakuan anu ikhlas, yen ngan Allah Ku Anjeun, Pangeran anu ngancik dina hatena, teu aya deui tempat anu nyesa, pikeun dieusian ku pangeran sejen, salian ti Allah SWT.

Weuteuhkeun iman ka Allah, sangkan Allah mikaridha, ngan ka Allah wungkul nyembah jeung ibadah, sangkan Manten-Na henteu bendu. Seueurkeun istighfar dina ieu bulan, mugia Allah SWT ngahampura kana kalepatan urang sadaya, salami sabelas bulan anu parantos kalangkung.

Dua perkara anu kadua, memang diistimewakeun dina Ramadhan, sok sanaos ibadah teh sanes wungkul miharep Surga, atanapi sanes wungkul sieun ku seuneu Naraka, nanging estu karana Allah, tapi dina bulan Ramadhan mah, dipiwarang ku Rasulullah SAW, sangkan urang sadaya, nyuhunkeun Surga katut nyuhunkeun panyalindungan tina seuneu Naraka.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah.

Rupi-rupi kakhususan sareng kaistimeaan ku Allah SWT dina sasih Ramadhan, sakedahna disambut kalayan pinuh ku rasa suka bungah tur kagumbiraan ku urang sadaya, anu Insyaa Allah dina waktos anu teu sabaraha lami deui, dina waktos anu kinten mimingguan deui, urang sadaya masih keneh dipasihan yuswa miwah kasempetan pikeun patepang deui sareng sasih Ramadhan ieu.

Siapkeun mental katut fisik samaksimal mungkin, sangkan urang sadaya tiasa ngalap rupa-rupa manfaat tina ibadah bulan Ramadhan, bulan suci, bulan agung, bulan mulya, bulan barakah.
Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah.

Sagala rupi aturan, boh aturan tinggalkeuneun, nya kitu deui aturan laksanakeuneun, moal leupas tina tujuan anu tangtu. Ibadah shaum khususna, tangtos mibanda rupa-rupa maksud sareng tujuan.

Tujuan utama tina ibadah shaum, sakumaha pidawuh Allah SWT dina Al Qur-an, surat Al Baqarah ayat nu ka 183 tadi : “A ‘udzubillaahi minasy syithaanirrajiim, Yaa ayyuhalladziina aamanuu kutiba ‘alaikumush shiyaamu kamaa kutiba ‘alalladziina min qablikum la ‘allakum tattaquun”. He jalma nu ariman, diwajibkeun pikeun aranjeun puasa, sakumaha geus diwajibkeun ka umat samemeh aranjeun, sangkan aranjeun taqwa.

Mental taqwa, anu baris ngabina hiji muslim, jadi hamba Allah anu pinuh ku rasa tanggung jawab, anu tetep panceg ngalaksanakeun tugas jeung kawajiban ka Khalikna katut ka sasamana, dina sagala rupi bidang amal, boh enteng atanapi beurat, salami urang hirup di alam dunya ieu.

Muslim anu taqwa, salamina yakin yen sagala ucap, tekad katut lampahna, saeutik oge, moal aya nu tiasa leupas tina balitungan Allah SWT. Mental taqwa ieu, anu kedah tetep aya dina diri muslim, anu tetep panceg marengan dina sagala widang kahirupan.

Taqwa anu sapertos kieu, tiasa dihasilkeun, ku cara ngalaksanakeun shaum anu sabener-benerna.

Baarakallaahu lii walakum fil qur-aanil 'adhiim, wanafa'anii wa iyyaakum bimaa fiihi minal aayaati wadz dzikril hakiim, wa taqabbala minnii, wa mingkum tilaa watahu innahu huwal ghafuurur rahiim. Wa qur rabighfir warham, wa anta khairur raahimiin.

KHUTBAH KEDUA

Alhamdulillaahi wakafaa, wash shalaatu wasalaamu alan nabiyyil musthafaa, wa ‘alaa aalihii wa ash haa bihii ahlish shidqi wal wafaa.
Asyhadu allaa ilaaha illaallaahu wahdahu laa syariikalah wa asyhadu anna muhammadan abduhu warasuuluh. Allaahumma shalli wasallim wabaarik alaa muhammadin wa ‘alaa aalihi wa ash haa bihii ajma’iin. Amma ba’du. Faa uushikum ‘ibaadallah wanafsii bitaqwallah faqad fadzal muttaquun.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah.

Mangga urang sami-sami ngadu’a ka Allah SWT, sangkan urang sadaya, tetp panceg, manteng aya dina Islam, anu tiasa ningkatkeun taqwa ka Allah SWT.

Allaahumma Yaa Allah, sasih ieu abdi sadaya, nuju mayunan parentah Allah, mayunan puasa Ramadhan, mugi Allah masihan taufik sareng hidayah ka abdi sadaya, sangkan abdi sadaya, tiasa ngalaksanakeun ibadah shaum ieu, anu saleres-leresna nurutkeun aturan Allah.

Yaa Allah Yaa Rabbanaa, tebihkeun abdi sadaya, tina sagala rupi godaan anu baris ngirangan kana ajen shaum abdi sadaya.

Hamdan yuwaafi ni ’amahu wa yukaa fii ‘u maziidah, laa tuh shaa tsanaa ‘an alaika ‘anta kamaa ‘atsnaita ‘alaa nasik. Allaahumma shalli ‘alaa Muhammadin, shalaatan tunjinaa min jamii ‘il ma’aa shii wadz dzunuubi.
Allaahummaj ‘al haadzal balada aamina, wajnubni wa baniyya an na’ budal ashnaam. Rabbi inna hunna ad-lalna katsiraa minan naas, fa man tabi ‘anii fa ‘innahuu minnii wa man ‘ashaanii fa innaka ghafuurur rahimm.
Rabbij ‘alnii muqiimash shlaati wamin dzurriyatii, rabbanaa wa taqabbal du’aa.
Rabbana laa tu ‘aakhidznaa in nasiinaa au akh tha’naa. Rabbanaa wa laa tahmil ‘alaina ishran kamaa hamaltahu ‘alal ladziina min qablinaa. Rabbanaa walaa tuhammilnaa maa laa thaaqata lanaa bih, wa’fu ‘annaa waghfir lanaa warhamnaa anta maulaanaa fanshurnaa ‘alal qaumil kaafiriin. Rabbisy rahli shadrii wa yassir lii amrii, wahlul akdatan millisani yafqahu qauli. Rabbanaa laa tuzigh quluubanaa ba’da idz hadaitanaa wa hab lanaa min ladunka rahmah. Innaka antal wahhaab. Allaahumarzuq lanaa rizqan halaalaa, wa tub ‘alainaa taubatan nasuuhaa.
Rabbigh fir lanaa wa li waalidainaa wal ikhwaaninaal ladziina sabaquuna bil iimaan, wa laa taj ‘al fii quluubinaa ghillan lilladzinaa aamanuu rabbanaa innaka ra ‘uufur rahiim. Rabbanaa ‘alaika tawakkalnaa wa ilaika anabnaa wa ilaikal mashir, rabbanaa laa taj ‘alnaa fitnatal lilladziina kafaruu waghfir lanaa, rabbanaa innaka antal ‘aziizul hakiim. Rabbanaa aatinaa mil ladunka rahma, wa hayyi’ lanaa min amrinaa rasyadaa.
Rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah wa fil aakhirti hasanah waqinaa adzaa bannaar.
Walhamdulillaahi rabbil ‘alamiin.

'ibaadallah, innallaaha ya'muru bil 'adli wal ihsaan, wa itaa idzil qurbaa wayanhaa 'anil fahsyaa-i wa mungkaari wal bagh, ya 'idhukum la 'allakum tadzak karuun, fadz kurullaahal adhiimal jaliila yadz kurkum, wasy kuruuhu 'alaa ni'amihi yazidkum, walaa dzikrullaahi akbar.
Astaghfirullaahal 'adhim, lii walakum.
Wasalam mu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.

DAKWAH : AMANAT ALLAH

Bismillaahir rahmaan nirraahiim.
Asalamu 'alaikum warahmatullaahi wabarakaatuh.
Innal hamdal lillaah, nahmaduhu wanasta ‘iinuhu wanastaghfiruh, wana’uudzubillaahi min syuruuri amfusinaa, wamin sayyaati a’maalinaa, may yah dillaahu falaa mudhillalah, wamay yudh lil falaa haa diyalah. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan abduhu warasuuluh. Allaahumma shalli wasallim ‘alaa muhammadin wa ‘alaa aalihi wa ash haabihi ajma’iin. Amma ba’du. Fa uushikum ‘ibaadallah wanafsi bitaqwalla faqad faajal muttaqun.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah.

Puji syukur urang sanggakeun ka hadirat Illahi Rabii anu Maha Welas Tur Maha Asih, anu parantos maparin mangpirang-pirang kani’matan ka urang sadaya, Shalawat miwah salam kawilujengan mugia dilimpahkeun ka Jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, ka para kulawargana, para shahabatna, sareng ka sadaya umatna anu satia satuhu ka anjeunna tug dugi ka poe kiamah jaga.

Khatib umajak, pikeun dirina pribadi khususna, atuh umumna pikeun urang sadaya bae, salaku muslim anu mu’min, sangkan tiasa ningkatkeun kataqwaan urang ka Allah SWT.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’ah rahimakumullah.

Bagilirna siang miwah wengi, anu ngajantenkeun robihna taun, nambihanana umur, ngawarnaan kana rengkak paripolah urang sadaya sadidinten salaku manusa, anu yaktos ari bilangan yuswa mah, urang teh nambihan, sok padahal anu saleresna mah, jatah yuswa urang, dina enggoning nyorang kahirupan ieu, anu ngirangan.

Mokahaan teuing, pedah urang ngaraos betah, icikibung ngojayan kahirupan di alam dunya ieu, dugi ka tampolana mangsa mulang estu kalalaworakeun, margi urang sadaya, teu weleh ngaraos diudag-udag ku saniskara kasusah, diburu-buru kabutuh, teu kalis ngaraos sibuk ku urusan dunyawiah, siangna wengina, mung ukur janten lahan kani’matan mungguh hawa nafsu.

Teu sadar kana dawuhan Allah SWT dina Al Qur-an surat Al Hadiid ayat anu ka 5 dugi ka 6 : “Lahuu mulkus samawaati wal ardhi wa ilallaahi turja’ul umuur, yuulijul laila fin nahaari, wayuulijun nahaara fil laili wa huwa ‘aliimum bidzaatish shuduur”. Kagungan Allah karajaan langit jeung bumi. Jeung nya ka Allah dipulangkeun sagala perkara. Allah nu nyambungkeun peuting jeung beurang sarta nyambungkeun beurang jeung peuting, jeung nya Allah Nu Maha Uninga kana saniskara eusining hate.

Padahal urang sadar, yen urusan dunya, katut harta banda mah relatif, sok komo mun nutur-nuturkeunana pinuh ku hawa nafsu, salamina sok asa teu acan cumpon keneh bae, temahna waktos pikeun urang ibadah, sasadiaan pikeun urang mulang jaga, kacoceng ku paciweuhna kasab dunya, anu antukna urang sadaya salaku manusa, kapacikeuh ku kahirupan sapopoe.

Dina ayat anu nembe Allah SWT netelakeun, kumaha pagaliwotana jalma anu kabarincung ku hawa dunya, ti beurang ti peuting ngan wungkul digunakeun pikeun ngagugulung dunya, teu saeutik nu ngarasa reueus ku ngaleuyana harta, ngarasa diri dipapaesan ku murub-mubyarna kahirupan moderen, anu hurung-herang, padahal eta mah henteu langgeng, estuning ukur kaulinan, mun pareng tepung mangsana, harta, pangkat jeung sajabana baris dicabut, teu manggapulia.

Malah tembres dina surat An Anfal ayat ka 28 : “Wa’ lamuu annamaa amwaalukum wa aulaadukum fitnatuw wa annallaaha ‘indahuu ajrun ‘adziim’. Jeung sing nyaho, yen harta banda aranjeun, jeung anak-anak aranjeun teh ngan ukur cocoba, jeung saestuna Allah, nya di Anjeun-Na aya pahala anu gede teh.

Ku kituna, naon-naon anu ku Allah diamanatkeun ka manusa ngeunaan harta, pangkat kaasup diri sakujur, jeung waktu anu geus dipaparinkeun ka urang sadaya, bisa digunakeun pikeun nyangking tugas di alam dunya ieu, nyaeta “Liya’budun” pikeun ibadah.

Harta banda nu aya di urang ayeuna, eta teh titipan Allah, amanah Allah, anu mungkin diantarana, aya sabagian hartana fakir miskin, minangka cocoba ti Allah SWT, bisa jeung henteuna ngagunakeun harta nu aya di urang ayeuna, dina jalan anu dipikarido ku Manten-Na. Paingan saur Rasulullah SAW : ”Anu pangbeurat-beuratna cocoba pikeun manusa, iwal lamun dibere harta anu loba” .

Sering katiten ku urang sadaya, perbawa hawa dunya, pikeun jalma-jalma anu hatena kosong bolostrong, temahna sok mawa sikep kana kahirupan anu rada nyerempet-nyerempet kana dosa. Teu saeutik manusa, malah mungkin urang diantarana, anu sok hoyong untung ku cara enteng, asal bisa nyaluyukeun jeung pamadegan batur, najan teu akur ceuk ukuran agama, da nganggap agama mah urusan pribadi, hedonisme tea, agama mah bisa dinomor sabarahakeun boa.

Nanging sabalikna, ari hate anu kebek ku kaimanan mah, tinangtu dina ngagunakeun harta anu loba ieu teh, estu ati-ati pisan, cara ngalana katut cara ngabalanjakeunana, estuning dina jalan anu “Thayyibah”.

Harta banda, estu jadi alat pikeun ibadah, jadi sarana nyiar pituduh, dina raraga ngahangkeutkeun kadar kaimanan. Anu akhirna di masyarakat oge, bisa nyiptakeun iklim amal shaleh dina kahirupan sapopoe.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah.

Teu aya deui pilihan, dina raraga ngeusian mangsa hirup kumbuh ieu, anu teu weleh paudag-udag jeung nyerelekna waktu, anu teu karaos tea, kalana urang umumna, sok gaduh raos, ibadah teh tos cumpon, padahal can nyukupan, can cukup bekel pikeun sampeureun hirup di alam baqa jaga, lantaran bekel jaga ka alam baqa mah lain harta sanes dunya, tapi amal shaleh jeung kataqwaan, anu diikhtiaran jeung disiapkeunana ti ayeuna di dunya keneh.

Malah Allah SWT parantos ngelingan, sangkan urang tatan-tatan, bebekelan ti ayeuna keneh, samemeh datang mangsana ajal. “Wa tazawwaduu fa inna khairaz zaadit taqwaa wat taquuni yaa ulil albaab” Jeung prak aranjeun bebekelan, saestuna anu panghade-hadena bekel taya lian anging taqwa. Ku kituna aranjeun kudu taraqwa, hey jalma-jalma anu baroga pikiran.

Mangga urang sami-sami perhatoskeun salah sahiji sunnah Rasulullah SAW, nalika Nabi mepelingan shahabatna Abu Dzar Al Ghifari, saurna : “Omean parahu anjeun, sabab lautan kacida jerona, bawa bekel sing loba, sabab jalanna masih keneh panjang, hampangkeun dosa-dosa anjeun, sabab jalanna lungkawing, jeung ikhlaskeun amalan anjeun, sabab Allah waspada kacida”.

Hadirin Ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah.

Urang kedah ngaraos reueus, ngaraos bagja, lantaran hirup di alam dunya ieu, diatur ku Al Islam, anu ngatur sagala urusan kahirupan sapopoe, kala mangsa ngeusian alam dunya ieu.

Dina Islam aya hiji pangwawadi geusan urang ati-ati nyorang kahirupan, sangkan hirup urang sadaya ieu, henteu ngajadikeun bahan kaduhung jaga. Sanes hirup anu dibarung ku hawa nafsu, tunggul dirarud catang dirumpak, anu akhirna ditungtungan ku rasa kaduhung, tapi salamina urang emut kana naon-naon anu parantos dicawiskeun ku Allah SWT, pikeun urang mangrupa pituduh, nyaeta Al Qur-an, anu mingpin hirup urang ati-ati, salami ngojayan kahirupan di alam dunya ieu, sangkan hirup jadi rahmat, ulah jadi bahan cucuk rungkang, anu temahna di akhir, panyiksa nu katarima.
Salamina kedah tigin, dzikir ka Allah SWT, ti waktu ka waktu salawasna pinuh ku du’a, neneda sangkan urang aya dina panangtayungan Manten-Na.

Pasualan kahirupan mangsa kiwari, jeung mangsa nu bakal datang, estu sanes pasualan gampang, anu bisa dilalaworakeun, urang, anu cenah hirup di abad globalisasi jeung informasi ieu, estu patukang tonggong jeung kahirupan samemehna.

Godaan, cobaan katut sagala rupi rintangan, estu mingkin kompleks, kumargi kitu urang sami-sami ngadu’a ka Allah SWT, mugia urang sadaya sing tiasa tetep aya dina panangtayungan taufiq sareng hidayah Allah Nu Murbeng Alam.

Barakallaahu lii walakum fil qur aanil 'adhiim, wa nafa 'anii wa iyyaa kum bimaa fiihi minal aayaati wadz dzikril hakiim, wa taqabbala minnii wa mingkum tilaa watahuu innahuu huwas samii 'ul 'aliim. Aquulu qaulii haadzaa, wa tagh firullaahal 'adhimaa lii walakum, wa lisaa iril muslimiina wal muslimaat, wal mu' miniina wal mu'minaat, fastagh firuuhuu, innahuu huwal ghafuurur rahiim.



KHUTBAH KEDUA


Alhamdulillaahi wakafaa, wash shalaatu wasalaamu alannabiyyil musthafaa wa ‘alaa aalihii wa ash haa bihii ahlish shidqi wal wafaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahu laa syariikalah wa asyhadu anna muhammadan abduhu warasuuluh.
Allaahumma shalli wasallim wabaarik alaa muhammadin wa ‘alaa aalihii wa ash haa bihii ajma’iin. Amma ba’du, fa uushikum ‘ibaadallah wa nafsii bittaqwallah faqad fadzal muttaquun.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah.
Kasimpulan tina khutbah anu parantos didugikeun dina khutbah anu kahiji tadi, mugia bae urang sadaya, tiasa ngamalkeun naon-naon anu janten kawajiban hiji muslim dina nanjeurkeun kaislaman katut kaimanan diri urang sadaya, utamina dina ngokolakeun haliah dunya.

Pamungkas mangga urang sami-sami munajat ka Allah SWT, mugi-mugi Anjeun-Na ngabulkeun kana sagala paneja urang sadaya.
Amiin Yaa Allah Yaa Rabbal Alamiin.
Rabbana laa tu ‘aakhidznaa in nasiinaa au akh tha’naa. Rabbanaa wa laa tahmil ‘alaina ishran kamaa hamaltahu ‘alal ladziina min qablinaa. Rabbanaa walaa tuhammilnaa maa laa thaaqata lanaa bih, wa’fu ‘annaa waghfir lanaa warhamnaa anta maulaanaa fanshurnaa ‘alal qaumil kaafiriin. Rabbisy rahli shadrii wa yassir lii amrii, wahlul akdatan millisani yafqahu qauli. Rabbanaa laa tuzigh quluubanaa ba’da idz hadaitanaa wa hab lanaa min ladunka rahmah. Innaka antal wahhaab. Allaahumarzuq lanaa rizqan halaalaa, wa tub ‘alainaa taubatan nasuuhaa.
Rabbigh fir lanaa wa li waalidainaa wal ikhwaaninaal ladziina sabaquuna bil iimaan, wa laa taj ‘al fii quluubinaa ghillan lilladzinaa aamanuu rabbanaa innaka ra ‘uufur rahiim. Rabbanaa ‘alaika tawakkalnaa wa ilaika anabnaa wa ilaikal mashir, rabbanaa laa taj ‘alnaa fitnatal lilladziina kafaruu waghfir lanaa, rabbanaa innaka antal ‘aziizul hakiim. Rabbanaa aatinaa mil ladunka rahma, wa hayyi’ lanaa min amrinaa rasyadaa.
Rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah wa fil aakhirti hasanah waqinaa adzaa bannaar.
Walhamdulillaahi rabbil ‘alamiin.

'ibaadallah, innallaaha ya'muru bil 'adli wal ihsaan, wa itaa idzil qurbaa wayanhaa 'anil fahsyaa-i wa mungkaari wal bagh, ya 'idhukum la 'allakum tadzak karuun, fadz kurullaahal adhiimal jaliila yadz kurkum, wasy kuruuhu 'alaa ni'amihi yazidkum, walaa dzikrullaahi akbar.
Astaghfirullaahal 'adhim, lii walakum.
Wasalam mu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.

Senin, 15 Desember 2008

KHUTBAH : NGAREP-NGAREP RIDHA ALLAH SWT

Assalamu 'alaikum warhmatullaahi Wabarakaatuh.
Alhamdulillahilladzii hadaanaa lihaadzaa, wamaa kunnaa linahtadiya laulaa an hadaanaallaah. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahu laa syariikaalah, wa asyhadu anna muhammadaan abduhuu warasuluh.
Allahumma fashalli wasallim ‘alaihi wa ‘alaa aalihii washah bihii wattaabi’iinaa wataa bi’iittabi’iina wataa bi’iihim bi ihsaanin ilaa yaumiddiin. Amma ba’du. Fayaa ‘ibaadallah uushikum wa iyyaa ya bitaqwallahi faqad faazal muttaquun.

Puji syukur, urang sanggakeun ka hadirat Illahi rabbi, anu parantos maparin mangpirang-pirang kani’matan ka urang sadaya, utamina ni’mat iman sareng iman, dugi ka urang sadaya tiasa keneh kempel riung mungpulung, shalat Jum’at dinten ieu. Rahmat miwah salam kawilujengan mugia salamina dilimpahkeun ka Jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW. Ka kulawargana ka para shahabatna sareng ka sadaya umatna anu satia satuhu ka anjeunna tug dugi ka poe kiamah jaga.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’ah rahimakumullah.

Parantos janten sipatning manusa, sok pirajeunan hoyong kenging untung ku cara enteng. Teu dicegah, ari janten mashlahat mah, nanging kaseuseueuranana mah henteu kitu, margi sok kalalanjon, teras nyerempet-nyerempet kana dosa.

Dina sagala widang kituna teh, dina soal dagang upamana, malah teu kireum-kireum dina soal ibadah oge, teu saeutik, jalma nu ngarep-ngarep rahmat ridha Allah SWT, tapi ari kana ibadah, sok kaleked naker, sok komo mun diwuwuh ku laku-lampah anu angger sasar mah, nya wayahna, balikanan kenging rahmat, nu karandapan teh, hate sering pisan nguluwut, hirup teu sirikna titatarajong, teu weleh ngarasa diburu-buru kabutuh, diudag ku saniskara kasusah, marojengja jeung ngarasula.

Tong boro nu model kitu, dalah nu getol ibadah oge, ari masih keneh resep ngukut dosa mah, wayahna, rahmat teh moal kungsi katarima, lampah pidosaeun anu tetep dipilampah, bakal jadi ulon-ulon, kana hese belekena kenging rahmat ti Allah SWT. Naudzubillahi min dzalik.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’ah rahimakumullah.

Padahal anu saleresna, rahmat Allah bakal ngocor ngagolontor, ka sing saha bae oge, asal kersa nyumponan syarat-syaratna, diantarana bae, jalma anu hatena teu weleh kebek ku kaimanan jeung kataqwaan, moal kungsi galideur, sok sanajan kudu ngarandapan adu hareupan jeung saniskara cocoba, anu sakumaha beuratna oge, tah jalma-jalma anu model kieu pisan anu bakal kenging rahmat katut bakal ngarasakeun ni’matna iman teh.

Contona bae, sanajan ngarandapan tipepereket butuh duit upamana, nete semplek nincak semplak, moal deuk ngarasula, sumawonna hate make nganggap teu adil sagala mah ka Nu Maha Kawasa, pikeun jalma-jalam anu tarakwa mah, saniskara cocoba bakal dianggapna hiji ujian, anu kudu ditampa kalayan sadrah, ikhlas, diwuwuh ku ngarasa yakin, yen Allah SWT, baris ngagentosan eta cocoba ku mangrupa-rupa rahmat sareng kani’matan.

Ma-asyiral muslimin rahimakumullah.

Naon bae atuh syarat-syaratna teh ? gampil, asal keyeng bae narekahanan, saur para ahli tasawuf, mun tea mah bener-bener hoyong kenging rahmat, kamulyaan, kani’matan katut bisa ngarasakeun hate anu pinuh ku cahaya Illahi, kedah ngalaman heula proses, atanapi tingkatan-tingkatan ibdah.

Tingkatan anu kahiji, Takhalli, nyaeta tarekah anu enya-enya, pikeun nyingkahan pagawean, anu teu dipikaridha ku Allah SWT, jalma anu keur ngarandapan proses Takhalli ieu, enya-enya nyingkahan pagawean anu teu uni, pagawean anu bakal nimbulkeun dosa, dosa hate, kayaning su’uzhan, sirik pidik, dengki, ujub, riya jeung takabur, atawa dosa-dosa anu loba pakuat-pakaitna jeung pancaindera, kayaning maling, nyolong atawa gasab. Tingkatan takhalli ieu minangka tingkatan munggaran anu jadi dasar pikeun nincak kana tingkatan anu satuluyna.

Tingkatan anu kadua, saparantos tingkatan anu kahiji tadi lulus, nyaeta tingkatan Tahalli, nyaeta tingkatan ibadah anu intina, ngeusian diri anu tas Takhalli ku sifat-sifat muhmudzah, sifat-sifat anu pinuji.

Lamun tea mah, sasarina hate sok ngadon su’uzhan, kiwari robah, diganti ku sikep anu husnuzhan, upama sasarina sok baketut haseum, kiwari diganti ku sikep someah hade ka semah, darehdeh bear marahmay, lambey anu samemehna getol dipake ngomongkeun batur teh, ayeuna mah robah dipake nyaritakeun kecap-kecap nu mangfaat, maslahat, dipake ngalobaan dzikir ka Allah, tara ngobral obrolan anu teu puguh alang ujurna.

Nu kitu teh wajib dipilampah, lamun henteu ? Nya bakal kateug, lantaran hate, saupama hayang enya-enya rek dieusian ku rupa-rupaning sifat pinuji, anu munggaran dipilampah teh meresihan heula hate tina sagala reregedna, tina sagala kasakit bathinna, anu baris ngahalangan, ngocorna kani’matan jeung rahmat ti Allah SWT.

Mun teu kitu, entong heran, sanajan upamana, panon mindeng dipake maca Al Qur-an, beuteung lapar lantaran puasa, tara elat ngalakonan shalat, tara ngoretkeun keur shadaqah, tur dijejegan ku munggah haji ka Baitullah, tapi ari hate, masih keneh nyidem kasakit-kasakit bathin, saperti sirik pidik, dengki, ujub, riya jeung takabur, wayahna, sanajan nepi ka ceurik ngaluarkeun cimata getih upamana, nepi ka iraha bae oge, moal bisa ngarasakeun cahaya Illahi, hirup salawasna jauh tina sesebutan nu ayem tengtrem teh.

Tingkatan anu katilu, nyaeta Tajalli, nu ieu mah leuwih luhur ajenna, tibatan nu dua tadi, tapi prosesna mah tetep kudu ngaliwatan tingkatan anu kahiji jeung anu kadua samemehna tea.

Geus teu dikomando deui, nu geus nincak kana tingkatan tajalli mah moal tipoporose, cara nincak tingkatan-tingkatan samemehna. Biwir baris reflek ngucapkeun kalimah-kalimah thayyibah. Hate estuning wening beresih, nu dipikaingetna ukur Allah, Allah, jeung Allah wungkul.

Moal serab ku perbawa dunya, moal gedag ku ngarandapan cocoba. Estu bakal tetep panceg, pageuh nyekel pamadegan, nyekel bebeneran.

Jalma nu ibadahna parantos nincak kana tingkatan tajalli ieu, tanwande baris digampangkeun sagala urusanana, boh urusan kadunyaan, boh urusan di akheratna jaga. Mutlak eta teh, kaharti ku akal sehat, sakumaha dawuhan Allah SWT dina Al Qur-an, surat Al Ankabut ayat nu ka 69 : ”A’uudzubillahi minasy syaithaannirrajiim, Walladziina jaahaduu fiinaa lanahdiyannahum subulanaa wa innallaaha lama’al muhsiniin”. Jalma-jalma anu keyeng bajuang dina ngahontal hak Kami, saur Allah, tanwande bakal nuyun maranehanana ka jalan Kami, Saenya-enyana Allah baris marengan jalma-jalma nu milampah kahadean.

Baarakallaahu lii walakum fil qur-aanil 'adhiim, wanafa'anii wa iyyaakum bimaa fiihi minal aayaati wadz dzikril hakiim, wa taqabbala minnii, wa mingkum tilaa watahu innahu huwal ghafuurur rahiim. Wa qur rabighfir warham, wa anta khairur raahimiin.






KHUTBAH KEDUA

Alhamdulillaahi 'allamal qur-an, khalaqal insaana 'alamahul bayaan, wash shalaatu wassalaamu 'alaan nabiyyinaa, muhammadin wa 'alaa aalihii wa ash haa bihii ahlish shidqi wal 'irfaan. Asyhadu alla ilaaha illallaahu al malikud dayaan, wa asy hadu anna muhammadan 'abduhu, warasuuluhu sayyidul insaani wal jaan. Fayaa 'ibaadallah, wa' lamuu anna jazaa al ihsaani ilaa bil ihsaan. Qaalallaahu ta'ala fii kitabihil kariim, A'uudzubillahi minasy syaithaanirrajiim. Bismillahirrahmaan nirrahiim. Alhamdulillaahi rabbil 'aalamiin, arrahmaanir rahiim, maaliki yaumiddiin, iyyaa kana' budu wa iyyaa kanas ta iin, ihdinash shiraathal mustaqiim, shiraathal ladziina an 'amta 'alaihim, ghairil magh dhuubi 'alaihim waladh dhaalliin. Alhamdu lillahil ladzii wasalaamun 'alaa 'ibaadihil ladziinash thafaa. Allahumma shalli 'alaa muhammad wa 'alaa aali muhammad, kamaa shalaita 'alaa ibraahiim, wa 'alaa aali ibraahiim, wa baarik 'alaa muhammad, wa 'aalaa aali muhammad, kamaa baarakta 'alaa ibraahim wa 'alaa aali ibraahim, fil 'aalaamina innaka hamiidum majiid. Fasub haanallaahi hiina tum suuna, wa hiina tush bihuun, wa lahul hamdu fis samaawaati wal ardhi wa 'asyiy yaa, wa hiina tudh hiruun. Yukh rijul hayya minal mayyiti wa yukh rijul mayyita minal hayyi wa yuhyil ardha ba'da mautihaa wa kadzaa lika takhrijuun. Rabbi dzal jalaali wal ikraam, laka wajjahtu wajhi faq bil ilayya biwajhikal kariim. Was taqbilnii bimahdhi 'afwika wa karamika wa anta dhaa hikun ilayya wa raadhin 'annii birahmatika yaa arhamar raahimiin, yaa allaah yaa dzal jalaali wal ikraam. Laa ilaaha illaa anta sub haanaka innii kuntu minadh dhaalimiin. Rabighfir warham wa anta khairur raahimiin.
Rabbanaa laa tu-a khidznaa in nasiinaa au akh thanaa, rabbanaa walaa tahmil 'alainaa, ish rang kamaa hamaltahuu 'alal ladziina ming qablinaa, rabbanaa walaa tuhammilnaa maalaa thaa qata lanaa bih, wa'fu 'anna wagh firlanaa warhamnaa anta mau laanaa fan shurnaa 'alal qaumil kaafiriin Rabbanaa wa aatinaa maa wa at tanaa 'alaa rusulika walaa tukhzinaa yaumal qiyaamah, innaka laa tukh liful mii 'aad.
Rabbi au zii'nii an asykura ni'mata 'alayya wa 'alaa waa lidayya wa an -a'mala shaalihan tardhaahu, wa ash lih lii fii dzur riyyatii, innii tubtu ilaika wa innii minal muslimiin. Rabbanaa hablanaa min az waa jinaa wa dzurriy yaa tinaa qur rata -a' yun, waj 'alnaa lil mut taqiina imaamaa. Rabbij 'alnii muqiimash shalaati wa min dzurriyyatii, rabbanaa wa taqabbal du 'aa-a. Rabbanaagh firlii wa liwaa lidayya wa lil mu-miniina yauma yaquumul hisaab. Rabbanaa atmim lanaa nuuranaa wagh fir lanaa innaka ;alaa kulli syaing qadiir. Rabbi an zilnii mun zalaa, mubaa rakaw wa anta khairul munziliin.
Alhamdulillaahil ladzii hadanaa lihaadzaa, wamaa kunnaa linah tadiya lau laa an hadaanallaah. Wasalaamun 'alaal mursaliin, walhamdulillaahi rabbil 'aalamiin.
Allaahumma innii a 'uudzubika min 'ilmi laa yam fa 'u, wa ming qalbi laa yakh sya 'u, wa min nafsii laa tatsba 'u, wa min da'wati laa yustajaabu lahaa. Allaahumma rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah, wa fil aakhirati hasanah, waqinaa 'adzaa ban naar.

'ibaadallah, innallaaha ya'muru bil 'adli wal ihsaan, wa itaa idzil qurbaa wayanhaa 'anil fahsyaa-i wa mungkaari wal bagh, ya 'idhukum la 'allakum tadzak karuun, fadz kurullaahal adhiimal jaliila yadz kurkum, wasy kuruuhu 'alaa ni'amihi yazidkum, walaa dzikrullaahi akbar. Astaghfirullaahal 'adhim, lii walakum.
Wasalam mu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.

KHUTBAH :EUNTEUNG SYAWAL 1.... H

Bismillahirrahmaannirraahiim.
Asallamu'alaikum Warhmatullaahi Wabarakaatuh.
Alhamdulillaah, Alhamdulillaahi narjuuhut taufiiqa limakaarimil akhlaaq, wanastaghfiruhu wa natuubu ilaihi minasy syiqaaqi wan nifaaq.
Wa asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan 'abduhu warasuuluh,. Fashalawaatullaahi wasalaamuhu 'alaih, wa 'alaa aalihii wa shah bihilladziina salaku sabiilahu, war tasamuu thariiqah, fahayuu hayaatan thayyibah, wa 'aasyuu 'ai syatan raadhiyah. Amma ba'du. Fayaa ayyuhal muslimuun rahimakumullah, uushiikum wa iyyaa ya bitaqwallaah, faqad faa zal muttaquun. Ittaqullaaha haqqa tuqaatihii walaa tamuutunna illaa wa antum muslimuun


Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’ah rahimakumullah,
Asa nganteng keneh dina emutan, asa nembe cikeneh, urang saanak bojo, saputra putu, ngiring hempak sareng jamaah sanes, kaum Muslimin, sumujud ka pangkonan Illaahi Rabbi, dina dintenan I’edul Fitri, anu nembe kalangkung. Asa karaos keneh, tapak cisoca nu ngalembereh mapay pipi, asa karaos keneh, geterna hate lir aya nu ngacak-ngacak jeroeun dada. Bet teu karaos, ayeuna sasih Syawal tos kantun satengahna deui.

Rupina, betah teuing urang teh, anteng teuing dina kahirupan dunya, ti waktos ka waktos, nu digugulung teh mung ukur haliyah dunya we wungkul, dug hulu pet nyawa teh, ngan ukur pikeun ngabelaan kapentingan dunya wungkul.

Teu tiasa dipungkir, urang teh saleresna mah parantos kalebet jalma-jalma nu materialistis, kalebet jalma nu mung ukur nyeepkeun waktos, pikeun kapentingan di dunya wungkul. Duka sabaraha prosen boa, kahirupan akherat, anu nyangsang dina agenda emutan urang.
Urang, anu cenah kalebet manusa moderen, sok sering keneh hilap, kana agenda nu paling pasti dina kahirupan, nyaeta maot.

Sok padahal urang ge saleresna mah tos pada terang, tos seueur nu ngawartosan, yen Allah kantos ngadawuh :

”A’udzubillaahi minasy syaithaan nirrajiim. Wabtaghi fiimaa aatakallaahu daarul aakhirati, wa laa nashiibaka minad dun-yaa”

Pek, geura sungsi kahirupan akherat anu dipikaridha ku Allah, ngan omat kade poho, urusan anjeun di dunya.

Hadirin ikhwatul iman rahimakumullah.
Nanging urang mah bet sawalerna, sanes nabung kanggo bekel mayunan hirup langgeng di akherat jaga, tapi dagdag-degdeg, sieun seepeun bekel, sahuap sakopeun di panyabaan, bawaning ku kasieunan, dugi ka angkaribung, sagala rupi disayagikeun.

Padahal nu namina di panyabaan mah, bekel nu diperyogikeun teh, moal patos seueur ieuh, cekap ku gentos sakalieun, tuang sakalieun, da nu langkung peryogi mah, bekel kanggo hirup nu saendeng-endeng tea, jaga.

Anumawi, pantes, urang sadaya disindiran ku Allah SWT dina Al Qur-an :

”A’uudzubillaahi minasy syaithaan nirrajiim. Wal ashr, innal insaana lafii khusr, illal ladziina aamanuu wa ‘amilush shaalihaati, watawaa shaubil haqqi watawaa shaubish shabr”.

Demi waktu, saestuna sakur manusa pinanggih jeung karugian, kajaba jalma-jalma anu ariman jeung milampah amal shaleh, jeung anu silih wasiatan dina haq, jeung anu silih wasiatan dina jalan kashabaran.

Leres, rugi temenan urang teh, da bongan, urang mah mung ukur ngagugulukeun kanggo dinten ieu wungkul, dinten enjing mah kumaha behna, kumaha engke bae, temahna, sagala rupi sok hoyong langsung diseepkeun, disugemakeun saayeunaeun, tara ngemut kana waktos nu bakal kaalaman jaga, sok padahal, apan nembe ge tos jelas, Allah SWT mah mepelingan ka urang, supados meryogikeun bebekelan kanggo akherat, bari ulah hilap kana kaperyogian hirup di dunya, kedah “zuhud”, nanging henteu “fatalis”, henteu kabina-bina ngumpulkeun dunya, namung oge, henteu ninggalkeun dunya, sineger tengah.

Hadirin rahimakumullah.

Urang ge tos pada terang, sakedahna mah sasih Syiam kamari teh, dianggo kasempetan pikeun nabung, margi dina ieu sasih teh, sagala rupi amal kasaean, dipaparin bonus anu mangtikel-tikel ku Allah SWT, nanging duka teh teuing naon margina, cepil urang mah bet sapertos nu torek, henteu nguping kana Panyaur Allah sareng Rasul-Na teh, hate urang mah bet ngabagel, teuas lir batu kali, teu ieuh katodel ku ayat-ayat Allah, sareng panuyun ti Rasulullah teh, panon teh mung ukur garalang-gorolong mata holang, henteu awas kana jalan sorangeun, mana nu sae mana nu tarahal, dugi ka tunggul dirarud catang dirumpak. Astaghfirullaahal adhiim.

Sasih Syiam nu kamari teh, sanes nabung amal, nanging kalah ka nabung dosa, timbangan nu sakedahna mah abot ka palih katuhu, bet dengdek ngenca. Urang teh popohoan teuing nguruskeun dunya, kempal-kempil teh ngan urusan dunya we wungkul, urusan eusi peujit wungkul, urusan teureuyeun wungkul, keukeuh wae dina emutan teh, kabutuh sapopoe janten nu utami, kabutuh Lebaran janten nu nomer hiji.

Urang mah arang langka, jigana, ngemutan, kumaha shaum urang teh, tos beres atanapi teu acan, kumaha zakat urang, tos dibayar atanapi teu acan, kumaha ibadah urang, tos merenah atanapi teu acan, kumaha atikan putra-putu urang, tos leres atanapi teu acan, nu diemutan teh, raksukan weuteuh we, keur Lebaran, goreng suuk we, keur Lebaran, kupat, gule, ancoeun keur Lebaran.
Yaa Allah Yaa Rabbanaa, hapunten Gusti, rumaos abdi teh sasar, nu sunat dianggap wajib, nu wajib kaluli-luli, boa-boa abdi teh kalebet jalma nu dibendon ku Gusti, nu bakal janten eusi naraka Salira, sakumaha pidawuh Salira dina Al Qur-an :
”A’uudzubillaahi minasy syaithaan nirrajiim, Walaqad dara-naa lii jahannama katsiiram minal jinni wal insi, lahum quluubul laa yaf qahuuna bihaa, walahum a’yunul laa yub shiruuna bihaa, walahum aadzaa nul laa yas ma-uuna bihaa, ulaa-ika kal an ‘aami balhum adhal lu, ulaa-ika humul ghaafiluun”.

Jeung saestuna Kami geus netepkeun eusi naraka teh kalolobaanana, tina sabangsaning Jin jeung manusa, maranehanana boga hate, tapi eta hate teh teu dipake neuleuman ayat-ayat Kami, maranehanana boga mata, tapi henteu dipake nenjo, maranehanana boga ceuli, tapi henteu dipake ngadenge, nu saperti kitu teh, lir ibarat sato, malah leuwih hina batan sato, maranehanana kaasup jalma-jalma anu talobeh tur balangah.

Allaahu Akbar Walillaahil Hamd.
Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’ah rahimakumullah.

Dina sasih Syawal nu ngan kantun satengahna deui ieu, urang sasarengan midamel deui eunteung kahirupan anu ageung, urang caangkeun deui, obor-obor kahirupan nu kungsi pareum, urang siapkeun deui pakakas kahirupan, pikeun meresihan hate. Piraku henteu nembrak nonggerak, lampah urang nu kamari, boh nu awonna, pimanaeun nu saena mah.

Lamun tea mah aya nu saena, urang sipuh deui, sangkan langkung ngagurilap, urang pasieup deui, ku elap “Taubatan Nashuuha” bari urang niatan, ti awit ayeuna kapayun mah, ieu hate teh urang rumat, supados henteu keuna ku kekebul nu ngadagleg. Carana taya sanes, kedah di-elap, kedah diberesihan ku tobat saban usik, margi ari dosa mah, lir ibarat kekebul, nu teu patos katingal, terang-terang tos ngadagleg.

Mugia urang sadaya, kalebet jalma-jalma anu kenging kaberkahan sareng kauntungan, sakumaha dawuhan Manten-Na :
”A’uudzubillaahi minasy syaithaan nirrajiim. Qad aflaha man tazakka, wa qad khaba man dassahaa”.

Saestuna untung pikeun jalma-jalma anu nyucikeun bathinna, jeung cilaka keur jalma-jalma anu ngotoran dirina.

Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mugi Gusti ngalimpahkeun rahmat pikeun Nabi Muhammad SAW, rahmat anu tiasa nyalametkeun abdi sadaya tina sagala rupi cocoba sareng ujian, rahmat anu tiasa ngalimpahkeun sagala kabutuh abdi sadaya.

Allaahumma Yaa Allah, tembrakkeun ka abdi sadaya, perkara anu hak teh, dugi ka eces hakna, sangkan abdi sadaya tiasa nuturkeunana, sareng tembrakkeun ka abdi sadaya, perkara anu bathil teh dugi ka jentre bathilna, sangkan abdi sadaya tiasa nebihanana.

Yaa Rabbanaa, limpahkeun ka abdi sadaya ku elmu anu mangfaat, limpahkeun ka abdi sadaya, ku amal shaleh anu ditampi mungguh Allah, limpahkeun ka abdi sadaya rezeki anu halal tur sae mungguh Anjeun, Yaa Rabbanaa.

Yaa Allah, abdi sadaya nyuhunkeun pitulung mung ka Allah wungkul, tina elmu nu teu aya mangfaatna, tina hate nu henteu khusyu, tina du’a nu henteu dugi, sareng tina amal shaleh abdi sadaya nu henteu ditampi.

Yaa Rabbanaa, jantenkeun abdi sadaya, jantenkeun anak-anak abdi sadaya, katut katurunan abdi sadaya kalebet kana ahli elmu sareng kasaean. Mugi Gusti henteu ngajantenkeun abdi sadaya, kana golongan anu mengpar tina agama.

Allaahumma Yaa Allah, mugi Gusti maparin karunia, jalan anu lempeng ka abdi sadaya, sangkan abdi sadaya tiasa nuturkeun ajaran Nabi Muhammad SAW, ti awal dugi ka akhir, lahiriahna sareng bathiniahna, ucapan lisan na katut rengkak paripolah sadidintenna, sareng tina ibadah nu dijalankeun salalawasna.

Yaa Allah Yaa Rabbanaa, jantenkeun kahirupan abdi sadaya, sapertos kahirupanana para Ulama, jantenkeun maot abdi sadaya jaga, sapertos maotna para Syuhada, sareng mugi Gusti nungtun abdi sadaya, di Yaumal Jazaa jaga, kana golongan para Aulia, disarengkeun sareng para Nabi, nu diraksa salalamina ku Salira.

Yaa Allah, mugi Gusti henteu ngajantenkeun hate abdi sadaya, monteng kana kakufuran, saparantos Gusti maparin barakah ka abdi sadaya, sareng mugi Gusti ngalimpahkeun ka abdi sadaya, rahmat miwah karunia, nu dipimilik ku Salira.

Baarakallaahu lii walakum fil qur-aanil 'adhiim, wanafa'anii wa iyyaakum bimaa fiihi minal aayaati wadz dzikril hakiim, wa taqabbala minnii, wa mingkum tilaa watahu innahu huwal ghafuurur rahiim. Wa qur rabighfir warham, wa anta khairur raahimiin.


KHUTBAH KEDUA


Alhamdulillaahi 'allamal qur-an, khalaqal insaana 'alamahul bayaan, wash shalaatu wassalaamu 'alaan nabiyyinaa, muhammadin wa 'alaa aalihii wa ash haa bihii ahlish shidqi wal 'irfaan. Asyhadu alla ilaaha illallaahu al malikud dayaan, wa asy hadu anna muhammadan 'abduhu, warasuuluhu sayyidul insaani wal jaan. Fayaa 'ibaadallah, wa' lamuu anna jazaa al ihsaani ilaa bil ihsaan. Qaalallaahu ta'ala fii kitabihil kariim, A'uudzubillahi minasy syaithaanirrajiim. Bismillahirrahmaan nirrahiim. Alhamdulillaahi rabbil 'aalamiin, arrahmaanir rahiim, maaliki yaumiddiin, iyyaa kana' budu wa iyyaa kanas ta iin, ihdinash shiraathal mustaqiim, shiraathal ladziina an 'amta 'alaihim, ghairil magh dhuubi 'alaihim waladh dhaalliin. Alhamdu lillahil ladzii wasalaamun 'alaa 'ibaadihil ladziinash thafaa. Allahumma shalli 'alaa muhammad wa 'alaa aali muhammad, kamaa shalaita 'alaa ibraahiim, wa 'alaa aali ibraahiim, wa baarik 'alaa muhammad, wa 'aalaa aali muhammad, kamaa baarakta 'alaa ibraahim wa 'alaa aali ibraahim, fil 'aalaamina innaka hamiidum majiid. Fasub haanallaahi hiina tum suuna, wa hiina tush bihuun, wa lahul hamdu fis samaawaati wal ardhi wa 'asyiy yaa, wa hiina tudh hiruun. Yukh rijul hayya minal mayyiti wa yukh rijul mayyita minal hayyi wa yuhyil ardha ba'da mautihaa wa kadzaa lika takhrijuun. Rabbi dzal jalaali wal ikraam, laka wajjahtu wajhi faq bil ilayya biwajhikal kariim. Was taqbilnii bimahdhi 'afwika wa karamika wa anta dhaa hikun ilayya wa raadhin 'annii birahmatika yaa arhamar raahimiin, yaa allaah yaa dzal jalaali wal ikraam. Laa ilaaha illaa anta sub haanaka innii kuntu minadh dhaalimiin. Rabighfir warham wa anta khairur raahimiin.
Rabbanaa laa tu-a khidznaa in nasiinaa au akh thanaa, rabbanaa walaa tahmil 'alainaa, ish rang kamaa hamaltahuu 'alal ladziina ming qablinaa, rabbanaa walaa tuhammilnaa maalaa thaa qata lanaa bih, wa'fu 'anna wagh firlanaa warhamnaa anta mau laanaa fan shurnaa 'alal qaumil kaafiriin Rabbanaa wa aatinaa maa wa at tanaa 'alaa rusulika walaa tukhzinaa yaumal qiyaamah, innaka laa tukh liful mii 'aad.
Rabbi au zii'nii an asykura ni'mata 'alayya wa 'alaa waa lidayya wa an -a'mala shaalihan tardhaahu, wa ash lih lii fii dzur riyyatii, innii tubtu ilaika wa innii minal muslimiin. Rabbanaa hablanaa min az waa jinaa wa dzurriy yaa tinaa qur rata -a' yun, waj 'alnaa lil mut taqiina imaamaa. Rabbij 'alnii muqiimash shalaati wa min dzurriyyatii, rabbanaa wa taqabbal du 'aa-a. Rabbanaagh firlii wa liwaa lidayya wa lil mu-miniina yauma yaquumul hisaab. Rabbanaa atmim lanaa nuuranaa wagh fir lanaa innaka ;alaa kulli syaing qadiir. Rabbi an zilnii mun zalaa, mubaa rakaw wa anta khairul munziliin.
Alhamdulillaahil ladzii hadanaa lihaadzaa, wamaa kunnaa linah tadiya lau laa an hadaanallaah. Wasalaamun 'alaal mursaliin, walhamdulillaahi rabbil 'aalamiin.
Allaahumma innii a 'uudzubika min 'ilmi laa yam fa 'u, wa ming qalbi laa yakh sya 'u, wa min nafsii laa tatsba 'u, wa min da'wati laa yustajaabu lahaa. Allaahumma rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah, wa fil aakhirati hasanah, waqinaa 'adzaa ban naar.
'ibaadallah, innallaaha ya'muru bil 'adli wal ihsaan, wa itaa idzil qurbaa wayanhaa 'anil fahsyaa-i wa mungkaari wal bagh, ya 'idhukum la 'allakum tadzak karuun, fadz kurullaahal adhiimal jaliila yadz kurkum, wasy kuruuhu 'alaa ni'amihi yazidkum, walaa dzikrullaahi akbar. Astaghfirullaahal 'adhim, lii walakum.
Wasalam mu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.


DAKWAH : JIGA NAON ATUH URANG TEH

Aya kalimat tanya dina basa Indonesia, anu jero-jerona mah hiji pananya ka urang saperti kieu : “Apakah kita ini seekor manusia ataukah seorang binatang ?”. kitu tah, henteu, teu salah citak : “Apakah kita ini seekor manusia ataukah seorang binatang ?”. Mun ditarjamahkeun kana basa Sunda ku basa lancaran mah jigana angger hartina teh kieu “Naha urang teh sato atawa manusa ?”.
Anu jadi marga lantaran taya lian lantaran manusa kiwari geus tampa tedeng aling-aling deui ningalikeun kalakuan-kalakuan anu saperti sato, boa leuwih, teu mencog tina Ayat Allah : A'uudzubillaahi minasy syaithaan nirrajiim, Walaqad dara-naa lii jahannama katsiiram minal jinni wal insi, lahum quluubul laa yaf qahuuna bihaa, walahum a'yunul laa yub shiruuna bihaa, walahum aadzaa nul laa yas ma-uuna bihaa, ulaa-ika kal an 'aami balhum adhal lu, ulaa-ika humul ghaafiluun".
Jeung saestuna Kami geus netepkeun eusi naraka teh kalolobaanana, tina sabangsaning Jin jeung manusa, maranehanana boga hate, tapi eta hate teh teu dipake neuleuman ayat-ayat Kami, maranehanana boga mata, tapi henteu dipake nenjo, maranehanana boga ceuli, tapi henteu dipake ngadenge, nu saperti kitu teh, lir ibarat sato, malah leuwih hina batan sato, maranehanana kaasup jalma-jalma anu talobeh tur balangah.
Nu jadi marga lantaran taya deui, pedah nepi ka wanci kiwari marcapada teh masih keneh tetep ngaheruk manghanjakalkeun tingkah laku manusa anu masih tetap angkuh, adigung adiguna, masih keneh mabok kakawasaan, bumi teh muriang jigana nyaksian ngagilirna norma-norma kaagamaan anu geus disingkahkeun teuing kamana, ditempatkeun di nu poek peteng, disieuhkeun ka tempat nu hideung kotor.
Manusa geus taya kaera deui ningalikeun sifat-sifat satona, bitotama di palagaan kahirupan pamustunganana nu nyorang kaunggulan teh kaum licik nu tampa moral, pamadegan nu jujur bakal unggul jurit nyanghareupan nu licik teh, mingkin dieu malah meh luntur kalindes ku kanyataan, nu jahat jeung licik malah jadi nu unggul, nu teu weleh didama-dama, diugung-ugung.
Kakawasaan dijadikeun sagala-galana ku kaum saperti kieu, geus teu paduli deui kana gerentes hate nurani, panggeuing qalbu teuing dimana boa, da hate geus miheulaan paeh, miheulaan paehna jasad.
Nu sumanget merangan nahyi mungkar teh, nyatana mah masih keneh saukur jadi retorika nu teu bisa ngajaul lantaran kalimpudan jeung kasengker ku para pangawasa nu jumawa.
Nyata weh carita mangsa bihari, bakal terus kaalaman deui dina mangsa kiwari sanajan dina babak anu beda, tapi yakin tina bagilirna carita jeung episode kahirupan dunya.
Para mujahid teu weleh nyanghareupan tembok kandel kaum anu ngeukeuweuk kabathilan dina wanda anu taya bedana jeung baheula, para kaum anu nyekel bebeneran teh teu weleh nambag neumbragan tembok kadurjanaan.
Kitu terus, geus jadi sunatullah, manjang ti jaman Nabi Adam mula ngalawan setan laknatullah, Nabi Ibrahim a.s ngalawan Raja Namrud, Nabi Musa a.s ngalawan Raja Fir’aun, sarta nabi pamungkas, Nabi Muhammad SAW ngalawan Abu Jahal jeung kanca mitrana.
Dina lambaran kahirupan urang ge mo jauh bedana, urang bakal terus nyanhareupan rereged dunya, ti mimiti ombak kahirupan nu mingkin ngagalura pinuh ku cobaan jeung tangtangan nepi ka sanghareupaneun anu natrat dina kongkolak mata anu pinuh barebedanana, bari teu teu weleh umpal-umpalan lir ombak banyu dina palagaan kahirupan.
Anu paling loba ngayonan masarakat nu kieu teh taya deui iwal ti para mujahid anu ngabela bebeneran, ngabela risalah Allah, anu mindeng ngagero jeung ngajak manusa kana jalan Allah, kaum anu ngajak kana jalan kahadean, bari risikona bakal adu hareupan jeung kaum anu ngabangkang, kaum anu teu weleh ngeukeuweuk rajawisuna.
Pasualan-pasualan anu saperti nyanghareupan galura kahirupan jiga kieu teh, tangtuna oge bakal ngabutuhkeun kawani anu taya wates wangenna pikeun para mujahid Allah, utamana dina ngalarang kamungkaran. Beda jeung lamun ngajak kana bebeneran, taya reaksi ti masarakat, mun para mujahid Allah ngajak shalat, ngajak neuleuman elmu kaagamaan, ngajak ngaguar risalah Allah, masarakat teh taya nu amarah, estu tenang lir ombak sisi basisir, tapi sabalikna geura mun para mujahid Allah ngalarang ngadu upamana, ngalarang jalma-jalma anu sok ngalakukeun kamaksiatan, ngalarang manusa anu sok ngagugulung kamungkaran, tinangtu bakal nyahareupan galura rekasi anu taya aling-aling ti sisi ti gigir, malah tampolana ti dulur pet ku hinis, riak ombak sisi basisir teh robah jadi ombak banyu nu ngagulidak lir di tengah samudra, malah teu pamohalan nyawa teh jadi tandonna.
Kaayaan kieu teh bakal terus lumangsung langgeng nepi kajaga, nepi ka salah sahiji pihak bobor karahayuan, “Amar ma’ruf” pikeun para mujahid mah jadi hiji perkara dina tugas ngalarang kamungkaran, anu moal jadi galideur, pantang mundur ti pakalangan, moal bencah dina ngalawan kadzaliman, kajaba anu ragu-ragu, maranehanana nu gampang putus asa, bakal ngolesed di tengah jalan, epes meer, lantaran sanubarina pinuh ku kacangcaya, teu weleh was-was dina nanjeurkeun bebeneran, dina tangtangan Ilahi. Anu kieu kaasup jalma-jalma anu masih keneh ipis imanna, saperti anu digambarkeun ku Allah SWT dina Surat Al Hajj, ayat nu ka 11 :
Jeung ti antara manusa aya nyembah Allah bari asa-asa, lamun manehna meunang kasenangan ngarasa tengtrem ngagem agama, tapi lamun manehna ngarandapan musibah tuluy bae miceun beungeut, manehna rugi di dunya jeung di akherat

Kiwari teu saeutik jalma nu ngakukeun dirina pejoang, anu bakal ngamajukaun kapentingan rakyat leutik, dina wanda nu jauh ti gambaran nu keur diperjuangkeunana, lantaran dicitak ku stelan jas jeung dasi nu mewah beak karep, sapatu nu leucir ku semir dina gurilapna mobil anu hargana lain itung-itungeun jalma jore-jore, anu teu weleh ngahiriringkeun lagu-lagu angin surga pikeun mepende rakyat leutik anu memang geus tumamprak ti dituna.